Panyakit Alzheimer: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Luckas-bot (obrolan | kontribusi)
m r2.7.1) (bot Nambih: az:Alçheimer xəstəliyi
CocuBot (obrolan | kontribusi)
Baris ka-80: Baris ka-80:
[[ja:アルツハイマー型認知症]]
[[ja:アルツハイマー型認知症]]
[[jv:Alzheimer]]
[[jv:Alzheimer]]
[[ka:ალცჰაიმერის დაავადება]]
[[kn:ಆಲ್‌ಝೈಮರ್‌‌ನ ಕಾಯಿಲೆ]]
[[kn:ಆಲ್‌ಝೈಮರ್‌‌ನ ಕಾಯಿಲೆ]]
[[ko:알츠하이머병]]
[[ko:알츠하이머병]]

Révisi nurutkeun 5 Méi 2012 14.32

(Seratan Kang Ilén Kardani ti milis Kisunda)

Panyakit B (belik, boson, budeg, bodo, balelo, balangah, busiat, bedegong, jsb) anu ku urang kulon mah disebut Alzheimer atawa Senile Dementia tea, nyaeta turuna kapinteran jeung fungsi mental kusabab aya perobahan tina jaringan otak, bisa kulantaran sel otak anu murungkut, pambuluh darah otak anu acak-acakan, atawa bisa oge jarak antara sel otak ngaanggangan sabab kurangna substansi anu dipake komunikasi antara sel-sel otak. Panyakit ieu biasana nyerang ka jelema anu geus kolot katompernakeun, babandinganana tina sapuluh rebu urang (nu geus karolot) bakal aya salapan urang anu keuna ku ieu panyakit, lolobana mah karandapan ku awewe.

Jaringan otak merlukeun zat anu disebut acetylcholine, somatostatin, P substance, jeung eropinephrine. Kakurangan zat kasebut bakal ngakibatkeun nuruna fungsi mental atawa timbulna panyakit B. Pangaruh luar saperti kadaharan anu loba ngandung alumunium jeung mangan, atawa infeksi tina sumsum tulang belakang, bisa oge ngalantarankeun timbulna ieu panyakit.

Ciri-ciri panyakit B:

  • Kapinteran mimiti turun (bodo - intellectual decline).
  • Panca indra kurang sensitif (budeg jsb)
  • Hese neangan kecap keur nyarita (balelo - anomia).
  • Teu bisa migawe pagawean sapopoe (belegug - apraxia).
  • Poho kana kaparigelan anu kungsi kacangking (boloho).
  • Teu bisa konsentrasi (balangah).
  • Paroman bingung (bengong)
  • Kurang ingetan, biasana teu bisa ngingetkeun anu can lila kajadian.
  • Embung campur gaul jeung batur.
  • Leungiteun karikatan (boyot - slow movement).
  • Gampang aral (belikan - agitation).
  • Teu bisa ngandali palawangan (boson - incontinence).

Kumaha mariksana?

Lamun aya nu gering sarupa kitu, biasana sirahna dipariksa make: CT Scan, sinar-X, MRI (Magnetic Resonance Imaging) atawa ku EEG (Electroencephalography). Tina hasil pamariksaan bakal kapanggih karusakan naon anu karandapan ku otakna.

Kumaha ngubaranana?

Nya teuing atuh, da tepi ka kiwari oge can aya obat anu tokcer keur ngilangkeun panyakit B. Aya oge obat iwal ukur ngajaga efek samping tina panyakit B, sarupaning: Tacrine phosphatidyl choline, anti-psychotics, serotonin, carbamazepine, anticonvulsant jsb.

Kumaha ngurus jalma anu boga panyakit B?

  • Ulah diantep sosoranganan, utamana lamun ka jalan.
  • Ulah mercayakeun ka budak sina ngurus manehna.
  • Lamun teu bisa nalingakeun, leuwih hade dititipkeun ka panti jompo.
  • Amankeun barang-barang anu matak pibahayaeun.

Citakan:Link FA