Antropologi: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
MerlIwBot (obrolan | kontribusi)
Jotterbot (obrolan | kontribusi)
m r2.7.3) (Robot: Mengubah fa:مردم‌شناسی menjadi fa:انسان‌شناسی
Baris ka-71: Baris ka-71:
[[et:Antropoloogia]]
[[et:Antropoloogia]]
[[eu:Antropologia]]
[[eu:Antropologia]]
[[fa:مردم‌شناسی]]
[[fa:انسان‌شناسی]]
[[fi:Antropologia]]
[[fi:Antropologia]]
[[fiu-vro:Antropoloogia]]
[[fiu-vro:Antropoloogia]]

Révisi nurutkeun 16 Januari 2013 13.05

Gambar:Anak sepeda.JPG
Gambar Jelema

Antropologi asalna tina basa Yunani, nya éta anthropos 'manusa', jeung logos 'élmu pangaweruh'. Jadi, antropologi tèh 'èlmu pangaweruh'(sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa. [1] Objek dina antropologi nya éta manusa di masarakat suku bangsa, kabudayaan katut paripolahna.[2] Budaya asalna tina basasangsekerta nya ringkesan tina dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, jeung parasaan jelema. [3] Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kanimatan jelema ku rupa rupa akal jelema.[3] Kabèhélmu sosial budaya nalungtik kahirupan manusa. [1] Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum,sastra,sajarah,pulitik, komunikasi,ekonomi, arkeologi, jeung linguistik)boga pokus kajian séwang-séwangan. [1] Antropologi boga pokus kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat. [1] Hubungan antaramanusa jeung lingkunganana dijembatanan ku kabudayaan nu dipibogana. [4] Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara merenahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, merenahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna. [4] Nyatana lobana kabudayaan anu aya kénéh malah mekar nunjukkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu dimekarkeun ku hiji masarakat, disaruakeun jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana. [4]

Tokoh-Tokoh Antropologi

William A. Havilan

Antropologi nya éta studi ngeunaan umatmanusa, usaha pikeun nyusun generalisasi nu mangpaat ngeunaan manusa jeung perilakuna sarta pikeun meunangkeun wangenan anu lengkep ogé ngeunaan kaanékaragaman manusa.[5]

David Hunter

Antropologi nya éta élmu anu lahir tina rasa hayang nyaho anu teu kawatesanan ngeunaan manusa.[5]

Koentjaraningrat

Antropologi nya éta élmu anu maluruh manusa sacara umum jeung maluruh anéka warna, wangun pisik masarakat sartakabudayaan anu dihasilkeunana.[5]

Rupa-Rupa Jinis Cabang Disiplin Élmu Anak Turunan Antropologi

Antropologi Pisik

  1. Paléoantrologi nya éta élmu anu maluruh asal-usul manusa jeung épolusi manusa ku cara nalungtik posil-posil.[2]
  2. Somatologi nya éta élmu anu maluruh rupa-rupa ras manusa ku cara ditaliti ciri-ciri pisikna.[2]

Antropologi Budaya

  1. Préhistori nya éta élmu anu maluruh sajarah nyebar jeung mekarna budaya manusa wanoh kana tulisan.[2]
  2. Étnolinguistik antrologi nya éta élmu anu maluruh suku-suku bangsa nu aya di dunya / bumi.[2]
  3. Étnologi nya éta élmu anu maluruh asaskabudayaan manusa dina kahirupan masarakat suku bangsa di sakwéh alam dunya.[2]
  4. Étnopsikologi nya éta élmu anu maluruh kapribadian bangsa sarta peranan indipidu ka bangsa dina prosés parobahan adat jeung ajén unipersal ku cara nyoko kana konsép psikologi.[2]


Galeri

David Hunter_Tokoh Antropologi
David Hunter




Referensi

  1. a b c d (id) Trisnu Brata, Nugroho.2007.Antropologi untuk SMA dan MA kelas XI.Jakarta:Esis hal.3
  2. a b c d e f g http://organisasi.org/definisi-pengertian-antropologi-objek-tujuan-dan-cabang-ilmu-antropologi Antropologi (Diakses ping 25 September 2011)
  3. a b Danadibrata, R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat hal.108
  4. a b c (id) Depdiknas,Direktorat Jendral Kabudayaan.2000.Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupatén Lebak Jawa Barat.Bandung:C.V Manfada Utama hal.1
  5. a b c (id) http://www.scribd.com/doc/23997160/ANTROPOLOGI Tokoh-tokoh Antropologi (diakses ping 11 Oktober 2011)