Saum: Béda antarrépisi
m bot Nambih: ps:روژه |
m r2.7.3) (bot Nambih: min:Puaso |
||
Baris ka-114: | Baris ka-114: | ||
[[lb:Saum]] |
[[lb:Saum]] |
||
[[lbe:Зума дугьаву]] |
[[lbe:Зума дугьаву]] |
||
[[min:Puaso]] |
|||
[[ml:സൗം]] |
[[ml:സൗം]] |
||
[[ms:Ibadat puasa]] |
[[ms:Ibadat puasa]] |
Révisi nurutkeun 9 Pébruari 2013 14.47
Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Saom (Basa Arab: صوم) nyaeta kecap Basa Arab keur puasa nu diatur ku hukum Islam. Patukang tonggong jeung kapercayaan (non-Islam), ibadahna keur Muslim henteu diwatesan ku bulan suci Islam Ramadan wungkul. Dina bulan Romadon mah saum teh mangrupakeun salasiji tina Rukun Islam.
Etimologi
Kecap saom diturunkeun tina Basa Siriak sawmo.[rujukan?]
Sacara literal, saom hartina 'pantrang'. Dina istilah hukum Islam, Saom hartina 'dipantrang tina dahar, nginum jeung sapatemon [1]
Basa sejen
Keur kalolobaan Muslim, Basa Arab lain mangrupakeun basa kahiji, ku kituna, Muslim di tempat eta make kecap sejen keur nyebutkeun Saum gumantung kana perenah jeung basana. Contona, Muslim di Apganistan, India, Iran, Bangladés, jeung Pakistan make kecap rozah nu asalna tina Basa Pérsia. Di Turki, Saom disebut oruç, sedengkeun dina komunitas Malayu di Malaysia, dipake kecap puasa, nu asalna tina Basa Sangsakerta, upvaasa. Puasa dipake oge di Indonésia jeung Sunda.
Definisi
Muslim dipantrang pikeun dahar, nginum, ngaroko, sarta sapatemon ti mimiti medalna fajar (Subuh) nepi ka surupna panonpoé (Magrib). Puasa teh hakekatna dimaksudkeun pikeun maluruh deukeutna urang ka Gusti Alloh sarta nambahan katakwaan ka Mantenna. Salasahiji tujuan tina puasa oge nyaeta keur ngarasakeun kumaha rasana jalma nu henteu untung nu henteu salawasna mibanda dahareun jeung inuman nu nyampak. Oge, urang teh kudu ngajauhan gegelendeng sarta mikir pikiran-pikiran nu datangna ti setan. Puasa oge bisa ditingali minangka hiji jalan keur ngadalikeun hawa napsu (lapar, halabhab, sahwat, amarah) sarta leuwih mokuskeun kana kataatan ka Pangeran.
Kondisi puasa
Niat (Niyyah)
Sangkan sah puasana, dina mangsa munggaran arek ngalakukeun saom, kudu dipiheulaan ku niat (niyyah); hal ieu bisa dianggep minangka ngawangun hiji sumpah.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Wanci nu dipantrang pikeun puasa
Sanajan puasa teh mangrupakeun ibadah nu hade dina Islam, aya sababaraha wanci nu dipantrang puasa keur urang, di antarana:
- 'Idul Adha
- 'Idul Fitri
- Poé Tasrék (tanggal 11, 12 jeung 13 dina bulan Dzulhijjah).
- Puasa teu beunang dina poe Jumaah lian ti bulan Romadon, kajaba lamun dihijikeun jeung poe samemehna atawa sangeusna.
Puasa dina Qur'an
- يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
'Héy jalma-jalma nu ariman, geus diwajibkeun puasa ka aranjeun sakumaha diwajibkeunnana keur jalma-jalma samemeh anjeun, sangkan anjeun tarakwa.' [Surat Al Baqoroh, 183]