Malaria: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
EmausBot (obrolan | kontribusi)
m r2.7.2+) (bot Nambih: tt:Бизгәк авыруы
TjBot (obrolan | kontribusi)
m r2.7.2) (bot Nambih: as:মেলেৰিয়া
Baris ka-115: Baris ka-115:
[[ar:برداء]]
[[ar:برداء]]
[[arz:مالاريا]]
[[arz:مالاريا]]
[[as:মেলেৰিয়া]]
[[ast:Malaria]]
[[ast:Malaria]]
[[az:Malyariya]]
[[az:Malyariya]]

Révisi nurutkeun 20 Pébruari 2013 22.43

Malaria
Klasifikasi jeung sumber luar
Sél getih beureum nu kainféksi ku P.vivax.
ICD-10 B50.
ICD-9 084
OMIM 248310
DBPanyakit 7728
MedlinePlus 000621
eMedicine med/1385  emerg/305 ped/1357
MeSH C03.752.250.552

Malaria (tina basa Italia: "hawa goréng") nyaéta kasakit inféksi nu di manusa ngabalukarkeun 500 yuta inféksi jeung 2 yuta palastra per taun, utamana di wewengkon tropik jeung Afrika sub-Sahara.

Pamuka

Malaria mangrupakeun balukar tina inféksi parasit protozoa, Plasmodium (salasahiji Apikompléksa) jeung véktor panépa reungit Anopheles (pikeun malaria di manusa).

Pikeun papanggihan ngeunaan nu nyababkeun malaria, dokter tentara Prancis Charles Louis Alphonse Laveran dipaparin Hadiah Nobel Fisiologi atawa Kadokteran taun 1907.

Gejala katarajang malaria di antarana muriang, ngadégdég, artralgia (nyeri sandi), utah, jeung konvulsi. Mungkin ogé karasa géték jeung ateul dina kulit, husuna malaria alatan P. falciparum. Komplikasi malaria kaasup koma jeung palastra lamun teu geuwat-geuwat dirawat—terutama budak leutik nu biasana gampang katarajang.

Mamalia séjén (kalong, rodénsia, primata), manuk jeung réptil ogé bisa katarajang malaria.

Mékanisme

Reungit Anopheles bikang nu kainféksi mawa sporozoit Plasmodium dina kelenjar ciduhna. Nalika nyoco manusa, nu biasana wanci pasosoré atawa kapeutingnakeun, sporozoitna asup kana awak ngaliwatan ciduh reungitna, terus kana ati, tempatna baranahan dina sél-sél ati hépatik. Sporozoit ieu lajeng jadi mérozoit nu bakal asup kana sél getih beureum. Dina sél ieu, mérozoit téh baranahan nepi ka ngancurkeun sél getih beureumna.

Parasit malaria kajaga tina serangan sistim imun sabab hirup dina jero sél ati jeung sél getih, najan sabagian sél nu kainféksi bisa diancurkeun dina limpa. Sangkan teu diancurkeun dina limpa, parasit malaria bisa ngahasilkeun protéin nu bisa nyantélkeun sél getih beureum kana pinding saluran getih. Protéin ieu katelah PfEMP1, nu sahanteuna boga 50 varian sahingga teu bisa dijadikeun targét sistim imun. Nalika sistim imun mimiti mikawanoh sarta nyieun antibodi pikeun protéin ieu, parasitna geus ngarobah protéinna, sahingga sistim imun tinggaleun waé.

Kontroversi DDT

Artikel utama: DDT

DDT mangrupakeun inséktisida modéren munggaran nu dijieun dina mangsa awal Perang Dunya II. Mimitina mah ieu bahan kimia téh ditujukeun pikeun merangan reungit nu nyebarkeun malaria, tapi taun 1970-an dicaram di loba nagara alatan pangaruh lingkungan anu goréng. Di lebah dieu kontroversi mucunghul alatan tuduhan pajarkeun ieu panyaram téh ngabalukarkeun lobana korban palastra di wewengkon-wewengkon nu saméméhna geus aman tina bahya malaria.

Anémia sél arit jeung pangaruh genetik lianna

Pamawa gén anémia sél arit kajaga tina malaria kusabab ayana mutasi dina hémoglobinna; ieu ngécéskeun naon pangna anémia sél arit ilahar dipimilik ku jalma nu asalna ti Aprika. Kasus kieu méh sarupa jeung mutasi hémoglobin lianna nu ngabalukarkeun talasémia, nu loba dipimilik ku pangeusi wewengkon tropis éndemik malaria.

Kasakit lianna nu bisa nyegah malaria nyaéta kakurangan dehidrogénase glukosa-6-pospat (glocose-6-phosphate dehydrogenase deficiency, G6PD), sabab dina sél getih beureum énzim ieu teh dipikabutuh pisan ku P. falciparum.

Rujukan

  • Malaria, Wikipédia édisi basa Inggris per 17 Méi 2005
  • Ito J, Ghosh A, Moreira LA, Wimmer EA, Jacobs-Lorena M (2002). Transgenic anopheline mosquitoes impaired in transmission of a malaria parasite. Nature 417: 387-8. PMID 12024215

Tumbu kaluar

Citakan:Link FA Citakan:Link FA Citakan:Link FA