Langir: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Shrikarsan (obrolan | kontribusi)
Removing Link GA template as it is now available in wikidata
Shrikarsan (obrolan | kontribusi)
Removing Link FA template as it is now available in wikidata
Baris ka-65: Baris ka-65:
[[Category:Langir| ]]
[[Category:Langir| ]]
[[Category:Arachnida]]
[[Category:Arachnida]]


{{Link FA|de}}

Révisi nurutkeun 16 Séptémber 2014 12.38

Langir
Temporal range: Silurian–Recent
Langir leuweung Asia di Taman Nasional Khao Yai, Thailand
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Subkelas:
Ordo:
Scorpiones

Superfamili

Baca klasifikasi pikeun famili.

Langir atawa kala nyaéta arthropoda predator ti ordo Scorpiones di kelas Arachnida. Sukuna aya dalapan, boga ciri utama sapasang cacapit anu badag jeung buntut leutik anu tungtungna boga panyeureud, gedéna antara 9 mm (Typhlochactas mitchelli) nepi ka 20 cm (Hadogenes troglodytes).[1]

Tapak évolusi langir kapanggih nepi ka jaman Siluria 430 juta taun kaliwat, hirup dina rupa-rupa lingkungan di sakuliah buana, iwal Antartika. Anu geus kacatet, aya 1750 spésiés,[2] anu kabagi 13 famili. Tina anu loba ieu, ngan 25-an anu peurahna bisa nelasan manusa.[3]:1.

Fosil

Proscorpius osborni, fosil langir anu mimitina disangka eurypterida

Langir loba tapakna dina catetan fosil, pangkolotna umur 430 juta taun dina periode Siluria. Najan kungsi disangka mimitina hirup di dasar laut tropis anu dé'ét[4], kiwari karuhun langir dipercaya ti mimiti geus hirup di darat.

Morfologi

Anatomi langir:
1 = Cephalothorax atawa Prosoma;
2 = Abdomén atawa Mésosoma;
3 = Buntut atawa Métasoma;
4 = Cacapit atawa Pedipalp
5 = Suku;
6 = Sungut atawa Chelicerae;
7 = pincers or Chelae;
8 = Cacapit gerak atawa Tarsus;
9 = Cacapit cicing atawa Manus;
10 = Panyeureud atawa Aculeus ;
11 = Telson.
Langir nyanghareup
Panyeureud langir Arizona

Awak langir kabagi tilu bagian (tagmata): hulu (cephalothorax), abdomén (mésosoma) jeung buntut (métasoma).[3]:10

Fluoresénsi

Langir disorot cahya hideung.

Lamun kasorot cahya ultrabungur, langir bisa hurung siga lamun kasorot cahya hideung, ku ayana bahan kimia fluoreséns dina cangkangna, di antarana béta-karbolin.[5]

Rujukan

  1. Edward E. Ruppert, Richard S. Fox, Robert D. Barnes (2004). Invertebrate Zoology. Brooks/Cole. ISBN 978-81-315-0104-7. 
  2. František Kovařík (2009). "Illustrated catalog of scorpions, Part I" (PDF). Diakses tanggal January 22, 2011. 
  3. a b Gary A. Polis (1990). The Biology of Scorpions. Stanford University Press. ISBN 978-0-8047-1249-1. 
  4. Andrew Jeram (Citakan:ISO date/en). "When scorpions ruled the world". New Scientist. http://www.newscientist.com/article/mg12617214.200-when-scorpions-ruled-the-world-scorpions-took-the-big-step-onto-solid-ground-about-300-million-years-ago-scottish-fossils-reveal-how-they-evolved-to-leave-the-seas-and-become-the-first-predators-on-land.html 
  5. Shawn J Stachel, Scott A Stockwell and David L Van Vranken (August 1999). "The fluorescence of scorpions and cataractogenesis". Chemistry & Biology 6 (8): 531–539. doi:10.1016/S1074-5521(99)80085-4. PMID 10421760. 

Tutumbu kaluar

Citakan:Arachnida