Kabupatén Bogor: Béda antarrépisi
mTidak ada ringkasan suntingan |
mTidak ada ringkasan suntingan |
||
Baris ka-3: | Baris ka-3: | ||
{{dati2|nami='''Kabupatén Bogor''' |
{{dati2|nami='''Kabupatén Bogor''' |
||
|propinsi=[[Jawa |
|propinsi=[[Jawa Kulon]] |
||
|ibukota=[[Cibinong]] |
|ibukota=[[Cibinong]] |
||
|lega= |
|lega= 298.939,30 Ha |
||
|pangeusi= |
|pangeusi=4.771.932 jiwa (2010) |
||
|kapadetan= |
|kapadetan=2.303,93 jalma/km<sup>2</sup> |
||
|kacamatan= |
|kacamatan= 40 |
||
|kalurahan= |
|kalurahan= 411 désa, 17 kalurahan |
||
|kodearea=0251 |
|kodearea= 021 jeung 0251 |
||
|dau=Rp. - |
|dau= Rp. 1.887.770.112.500.-(2013) |
||
|lambang= [[Gambar:Lambang |
|lambang= [[Gambar:Lambang bogor.jpg|80px]] |
||
|peta= [[Gambar:Locator_kabupaten_bogor.png]] |
|peta= [[Gambar:Locator_kabupaten_bogor.png]] |
||
|kordinat= 6o18' 6o47'10" LS jeung 106o23'45"-107o13'30" BT |
|||
|kordinat=- |
|||
|dasar hukum= |
|dasar hukum= Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 1982 |
||
|tanggal= |
|tanggal= 3 Juni 1482 |
||
|motto= Prayoga Tohaga Sayaga Kuta Udaya Wangsa, TEGAR BERIMAN |
|||
|motto=- |
|||
|kapala daerah=[[Bupati]] |
|kapala daerah=[[Bupati]] |
||
|nami kapala daerah= |
|nami kapala daerah= Hj. Nurhayanti, S.H., M.M., M.Si. |
||
|web=[http://www. |
|web=[http://www.bogorkab.go.id http://www.kabupaten-bogor.go.id] |
||
}} |
}} |
||
Baris ka-144: | Baris ka-144: | ||
* Kulon: Kabupatén Lebak (Banten) |
* Kulon: Kabupatén Lebak (Banten) |
||
* Tengah: Kota Bogor |
* Tengah: Kota Bogor |
||
Di Kabupatén Bogor, aya 6 aliran walungan nu disebut Daérah Aliran Sungai (DAS) nya éta DAS Cidurian, DAS Cimanceuri, DAS Cisadané, DAS Ciliwung, |
Di Kabupatén Bogor, aya 6 aliran walungan nu disebut Daérah Aliran Sungai (DAS) nya éta DAS Cidurian, DAS Cimanceuri, DAS Cisadané, DAS Ciliwung, DAS Kali Bekasi jeung DAS Citarum. Walungan di unggal DAS ngabogaan pungsi jeung peran salaku sumber cai pikeun irigasi, imah tangga jeung industri sarta boga pungsi drainaseu utama wilayah. Disagédéngeun éta, Kabupatén Bogor boga 94 sétu kalawan legana 496,28 Ha sarta 63 séké. |
||
Komposisi digunakeuna lahan di Kabupatén Bogor nya éta 42.175 Ha (13,30%) pikeun alas lindung, 56.888 Ha (17,94) pikeun lahan baseuh, 47,756 (15,06%) pikeun lahan garing, 24.797 (7,82%) pikeun kawasan pepelakan taunan, 51.529 Ha (16,25%) pikeun alas produksi, 1.681 Ha (0,53%) kawasan pariwisata, 20.326 Ha (6,41%) kawasan padésaan, 52.036 Ha (16,41%) kawasan pakotaan, 14.527 Ha (4,60%) kawasan pamekaran pakotaan sarta 5.327 Ha (1,68%) kawasan pikeun industri. |
Komposisi digunakeuna lahan di Kabupatén Bogor nya éta 42.175 Ha (13,30%) pikeun alas lindung, 56.888 Ha (17,94) pikeun lahan baseuh, 47,756 (15,06%) pikeun lahan garing, 24.797 (7,82%) pikeun kawasan pepelakan taunan, 51.529 Ha (16,25%) pikeun alas produksi, 1.681 Ha (0,53%) kawasan pariwisata, 20.326 Ha (6,41%) kawasan padésaan, 52.036 Ha (16,41%) kawasan pakotaan, 14.527 Ha (4,60%) kawasan pamekaran pakotaan sarta 5.327 Ha (1,68%) kawasan pikeun industri. |
Révisi nurutkeun 14 April 2015 06.48
- Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Bogor.
Motto | Prayoga Tohaga Sayaga Kuta Udaya Wangsa, TEGAR BERIMAN |
Propinsi | Jawa Kulon |
Ibukota | Cibinong |
Lega Wilayah | 298.939,30 Ha |
Kordinat | 6o18' 6o47'10" LS jeung 106o23'45"-107o13'30" BT |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
4.771.932 jiwa (2010) 2.303,93 jalma/km2 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
40 411 désa, 17 kalurahan |
Dasar hukum | Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 1982 |
Tanggal | 3 Juni 1482 |
Bupati | Hj. Nurhayanti, S.H., M.M., M.Si. |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 021 jeung 0251 |
DAU | Rp. 1.887.770.112.500.-(2013) |
Ramatloka: http://www.kabupaten-bogor.go.id |
Kabupaten Bogor mangrupa salahsahiji Kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Puseur dayeuhna nya éta Cibinong. Kabupatén ieu diwatesan ku Kabupatén Tangerang (Banten), Kota Dépok, Kota Bekasi, jeung Kabupatén Bekasi di beulah kalér; Kabupatén Karawang di beulah wétan, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Sukabumi di beulah kidul, sarta Kabupatén Lebak (Banten) di beulah kuloneunana. Kabupatén Bogor kawengku ku 40 kacamatan, nu dibagi deui ku désa jeung kalurahan.
Nilik tina wilayahna, Kabupatén ngawengku ogé Kota Bogor nu perenahna di tengah Kabupatén Bogor. Sedengkeun beulah kidul aya Kota Dépok nu harita asup kénéh Kabupatén Bogor minangka kota kecamatan. Kaping 15 April 1991 ngaliwatan kaputusan pamaréntah Dépok ditingkatkeun statusna jadi kota administratif, Kota Dépok sacara resmi misah ti Kabupatén Bogor.
Kabupatén Bogor minangka kawasan pangrojong pangwangunan DKI Jakarta.
Sajarah
Kabupatén Bogor nya éta salasahiji wilayah nu jadi puseur karajaan pangkolotna di Indonésia. Numutkeun catetan Dinasti Sung di Cina jeung prasasti nu kungsi kapanggih di Tempuran walungan Ciaruteun jeung walungan Cisadané yén dina abad ka-5 di daérah ieu geus aya pamaréntahan. Dinasti Sung nyatét taun 430, 433, 437 jeung 452 Karajaan Holotan ngirimkeun utusan ka CIna. Holotan disebut-sebut minangka Karajaan Hindu nu pangkolotna di Pulo Jawa hususna di Jawa Kulon.
Dina sajarahna, Kabupatén Bogor teu bisa leupas tina sajarah Karajaan Tarumanagara, Karajaan Sunda, Karajaan Pajajaran, Karajaan Galuh atawa Kawali. Kabupatén Bogor disawang salaku puseur pamaréntahan karajaan-karajaan éta. Cikal bakal ngadegna Kabupatén Bogor teu leupas tina tokoh Tanuwijaya nu mangsa harita disebut Kepala Kampung Baru dina dokumén kaping 7 Nopémber 1701. Tanuwijaya ngadegkeun kampung nu dibéré ngaran Parung Angsana (Kampung Baru), Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranang Siang, Parung Banténg jeung Cimahpar kalawan Parung Angsana salaku puseur pamaréntahan.
Taun 1745 salapan kampung éta dihijikeun sarta Kepala Kampungna dibéré gelar Demang ku alpukahna Gubernur Jenderan Baron van Imhoff. Salapan kampung éta dibéré ngaran Regentschap Kampung Baru nu satuluyna disebut Regentschap Buitenzorg. Wilayah ieu jadi wilayah pangirutan disagédéngeun Batavia. Kabuktian taun 1873 dibuka jalur karéta api ti Batavia ka Buitenzorg.
Kaping Milangkala Bogor boh Kabupatén boh Kota nya éta kaping 3 Juni 1482 nyoko kana diistrénana Sri Baduga Maharaja sarta puncak acara Kuwérabakti atawa acara méré upeti karajaan handap ka Pajajaran.
Asal Kecap
Asal kecap Bogor masih jadi padungdengan kusabab lobana pamadegan nu béda alesan. Pamadegan kahiji nya éta ti kecap Buitenzorg. Sedengkeun nu séjén aya nu nyebut ti Bahai nu hartina Sapi nyoko kana patung sapi nu aya di Kebon Raya Bogor. Sedengkeun pamadegan katilu nya éta Bokor nu hartina mangkok tambaga. Iwal ti éta nu disawang bener nya éta ti kecap Bogor nyoko kana pagawéan Pabogoran nu hartina nyadap tunggul kawung. Ti dinya Bogor disawang boga harti tunggul kawung.
Harti Lambang Kabupatén Bogor
Lambang Kabupatén Bogor dibagi ku 6 unsur nya éta:
- Bagéan Inti
- Bagéan Tengah
- Bagéan Luar
- Makna Warna
- Taméng, jeung
- Runtuyan Kecap
Bagéan Inti
- Kujang, nya éta sanjata khas masarakat Sunda idéntik jeung kahadéan sarta kaagungan Sunda bihari. Kujang ngalambangkeun kaperwiraan hartina teu gedag kaanginan dina nanjeurkeun kahadéan.
- Pakujajar, mangrupa lambang kateguhan nu salilana jadi tradisi karajaan Pajajaran.
- Harupat nu dilambangkeun ku gagang kujang nu aya dina beungkeutan pakujajar ngalambangkeun hiji hal nu kuat, simbol kakuatan masarakat Bogor dina mertahankeun jatidirina.
- Budeuran nu eusina kujang, harupat jeung pakujajar disebut ogé boga atawa endog nu ngalambangkeun awal atawa inti kahirupan nu didasaran ku kasucian.
Bagéan Tengah
- Puncak gunung di bagéan tengah nunjukeun Gunung Salak jeung Gunung Pangrango nu sacara géografis duanana mangrupa patok wilayah Kabupatén bogor di beulah kidul, Puncak gunung ngalambangkeun tujuan atawa cita-cita nu luhur. Dua puncak nu luhurna béda ngalambangkeun tangga pikeun ngahontal tujuan.
- Walungan ngalambangkeun walungan Ciliwung jeung Cisadané ngalambangkeun kasuburan.
- Segitilu sarua sisi boga makna kautamaan, ngalambangkeun yén kasuburan jeung kabeungharan alam kudu diolah sarta dimangpaatkeun kalawan dasar niléy kautamaan.
Bagéan Luar
- Budeuran ngalambangkeun kasampurnaan, hartina pajoangan hirup kudu dituluykeun ka arah kasampurnaan lahir tumekaing batin tampa cacad.
Warna
- Hideung jeung Bodas ngalambangkeun perjuangan hirup. Bodas lambang kasucian, kahadéan jeung kabersihan sedengkeun hideung lambang kagoréngan. Dua warna ieu disebut salaku panyaimbang dina laku lampah hirup masarakat Kabupatén Bogor.
- Konéng mangrupa warna emas, lambang kajayaan jeung kaagungan.
- Héjo digunakeun pikeun warna dasar nu ngandung ma'na kasuburan.
- Bulao mangrupa warna kaéndahan.
- Coklat warna taneuh ngalambangkeun lemah cai.
Taméng
- Tilu sudut dina taméng ngalambangkeun tilu komponén nangtukeun kasejahteraan umat dina hiji kawasan atawa nagara anu sok disebut ogé Tri Tangtu di Bumi nya éta Rama, Resi, Ratu atawa dina hal ieu nya éta masarakat, ulama jeung pamaréntah. Tilu garis sisi ngawangun taméng ngalambangkeun iman, ilmu jeung amal nu mangrupa bénténg kahirupan umat.
Runtuyan Kecap
- Prayoga hartina utama, Tohaga hartina kuat atawa kokoh jeung Sayaga hartina siap siaga. Runtuyan kecap éta ngabogaan maksud pamadegan jeung pajuangan masarakat. Pamadegan jeung pajuangan masarakat Kabupatén Bogor kudu dimimitian jeung dijiwaan kalawan kautamaan sangkan beuki kokoh, kuat jeung siap dina nyanghareupan tantangan pikeun ngahontal cita-cita.
- Kuta hartina kota, Udaya hartina fajar, bangkit sarta Wangsa hartina bangsa. Tilu kecap éta boga maksud yén Bogor mangrupa asal mimitina lahirna bangsa di buana sarta dipiharep salaku puseur kabangkitan pajuangan pangwangunan pikeun ngahontal kamajuan jeung kamakmuran
- TEGAR BERIMAN nya éta ungkara tina Tertib, Segar, Bersih, Indah, Mandiri, Aman jeung Nyaman. Dipiharep sangkan masarakat Kabupatvn Bogor bisa ngahontal kana jargon éta.
Babagian Administratif
Kabupatén Bogor kawengku ku 40 Kacamatan, anu kabagi deui ku 411 désa jeung 17 kalurahan. Ngawengku 3.639 RW jeung 14.403 RT. Puser pamaréntahana nya éta di Cibinong.
Daptar Wewengkon
Di handap ieu mangrupa daptar kacamatan anu aya di Kabupatén Bogor dumasar kana Peraturan Daérah No 3 taun 2003 ngeunaan Pembentukan jeung Perda No 40 taun 2004 ngeunaan OTK Kecamatan Kabupatén Bogor:
Ngaran Kecamatan | Ngaran Kecamatan | Ngaran Kecamatan | Ngaran Kecamatan |
---|---|---|---|
|
|
|
|
Topografi jeung Géografis
Kalawan lega 298.939,30 hektar, Kabupatén Bogor boga topografi jeung géografis nu rupa-rupa. Beulah kalér Kabupatén Bogor mangrupa dataran handap (lembah Walungan Ciliwung jeung Walungan Cisadané), sedengkeun beulah kidulna mangrupa pagunungan, nu puncakna nyaéta: Gunung Halimun (1.764 m), Gunung Salak (2.211 m), sarta Gunung Pangrangro (3.019 m), mangrupa gunung kadua pangluhurna di Jawa Barat sanggeus Gunung Ciremai di Majalengka. Kabupatén Bogor perenahna aya di koordinat 6o18' 6o47'10" LS jeung 106o23'45"-107o13'30" BT nu diwatesan ku:
- Kalér: Kabupatén Tangerang (Banten), Kabupatén Bekasi, Kota Bekasi jeung Kota Dépok (Jawa Kulon)
- Wétan: Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Karawang
- Kidul: Kabupatén Sukabumi jeung Kabupatén Cianjur
- Kulon: Kabupatén Lebak (Banten)
- Tengah: Kota Bogor
Di Kabupatén Bogor, aya 6 aliran walungan nu disebut Daérah Aliran Sungai (DAS) nya éta DAS Cidurian, DAS Cimanceuri, DAS Cisadané, DAS Ciliwung, DAS Kali Bekasi jeung DAS Citarum. Walungan di unggal DAS ngabogaan pungsi jeung peran salaku sumber cai pikeun irigasi, imah tangga jeung industri sarta boga pungsi drainaseu utama wilayah. Disagédéngeun éta, Kabupatén Bogor boga 94 sétu kalawan legana 496,28 Ha sarta 63 séké.
Komposisi digunakeuna lahan di Kabupatén Bogor nya éta 42.175 Ha (13,30%) pikeun alas lindung, 56.888 Ha (17,94) pikeun lahan baseuh, 47,756 (15,06%) pikeun lahan garing, 24.797 (7,82%) pikeun kawasan pepelakan taunan, 51.529 Ha (16,25%) pikeun alas produksi, 1.681 Ha (0,53%) kawasan pariwisata, 20.326 Ha (6,41%) kawasan padésaan, 52.036 Ha (16,41%) kawasan pakotaan, 14.527 Ha (4,60%) kawasan pamekaran pakotaan sarta 5.327 Ha (1,68%) kawasan pikeun industri.
Strategi Wilayah Pangwangunan di Kabupatén Bogor
Numutkeun stratégi wilayah pangwangunan nu ditetepkeun dina Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupatén Bogor, Kabupatén Bogor dikelompokeun ku 3 wilayah pangwangunan nya éta:
- stratégi percepatan di wilayah Bogor Barat ngawengku 13 Kecamatan nya éta Kecamatan Nanggung, Leuwiliang, Leuwisadéng, Pamijahan, Cibungbulang, CIampéa, Ténjolaya, Rumpin, Cigudeg, Sukajaya, Jasinga, Ténjo jeung Parungpanjang kalawan total wilayah 128.750 Ha;
- strategi pengendalian di wilayah Bogor Tengah ngawengku 20 Kecamatan nya éta Kecamatan Dramaga, Ciomas, Tamansari, Cijeruk, Cigombong, Caringin, Ciawi, Cisarua, Mégamendung, Sukaraja, Babakan Madang, Citeureup, Cibinong, Bojonggedé, Tajurhalang, Kemang, Rancabungur, Parung, Cisééng, jeung Kecamatan Gunung Sindur kalawan legana 87.552 Ha;
- stratégi pemantapan di wilayah Bogor Timur ngawengku 7 Kecamatan nya éta Kecamatan Sukamakmur, Cariu, Tanjungsari, Jonggol, Cileungsi, Klapanunggal jeung Kecamatan Gunung Putri kalawan total wilayah 100.800 Ha.
Sosial Budaya
Penduduk
Dumasar hasil Éstimasi Penduduk 2013 jumlah pangeusi Kabupatén Bogor nya éta 5.202.097 nu disebut-sebut minangka Kabupatén pangpadetna di Jawa Kulon. ti jumlah éta 2.659.306 lalaki jeung 2.542.791 awéwé kalawan seks rationa 105. Padetna Kabupatén Bogor taun 2013 nya éta 20jalma/Ha. Wilayah pangpadetna nya éta Kecamatan Ciomas kalawan 100jalma/Ha jeung wilayah paling saeutik nya éta Kecamatan Tanjungsari kalawan 4jalma/Ha
Agama
Lamun ditilik tina agama nu diaku ku nagara, pangeusi Kabupatén Bogor kawengku ku Islam panglobana kalawan jumlahna 4.206.687 (97,76%), Katholik 25.818 (0,60%), Protéstan 46.472 (1,08%), Hindu 2.155 (0,05), Buddha 14.199 (0,33%), Kong Hu Chu 6.884 (0.16) jeung séjéna 860 jalma (0,02%).
Sarana jeung Prasarana
Jalan
Panjang jalan di Kabupatén Bogor nya éta 1.758,056 km, kawengku ku jalan Nagara 122,836 km (5 jalur), jalan Propinsi 126,809 km (5 jalur) jeung jalan Kabupatén 1.748,915 km (371 jalur). Iwal ti dinya, aya ogé nu teu boga nomor ruas atawa jalan désa. Nepi ka taun 2006, jalan Kabupatén Bogor aya dina kondisi mantep (kondisi hadé nepi ka sedeng) nya éta 928,2 km atawa 61,61% sedengkeun sésana 578,37 atawa 38,39% kaasup ka jalan rusak.
Jambatan
Jumlah jambatan nu aya di Kabupatén Bogor nya éta 682 jambatan nu kawengku ku jambatan nagara 25 jambatan, propinsi 98 jambatan, jeung jambatan dina jalan Kabupatén nu boga nomor ruas aya 559 jambatan kalawan total panjang 5.784,4 m. Ti 559 jambatan, 392 jambatan (70,13%) dina kondisi hadé, 132 jambatan (23,61%) dina kondisi sedeng jeung 35 jambatan (6,26%) dina kondisi rusak.
Transportasi
Nepi ka kiwari Kabupatén Bogor boga 87 trayék kalawan 6.797 unit angkutan. Jaringan transportasi darat ngawengku jaringan jalan, jaringan jalur karéta api, terminal jeung stasion. Kabupatén Bogor ogé diliwatan ku jalan tol Jakarta - Bogor - Ciawi nu sakapeung disebut ogé Jagorawi.
Angkutan Kota
- Angkutan Kabupatén Bogor D64 ka Jonggol
- Angkutan Kabupatén Bogor D121 ka Kampung Rambutan
- Angkutan Kabupatén Bogor D121A Ka Kampung Rambutan
- Angkutan Kabupatén Bogor 44A Ka Sentul City
- Angkot D56 ka UKI
- Angkot P01 ka Gas Alam
- Angkot 02B Trayék Terminal Cileungsi - Pondok Gede Kota Bekasi
- Angkot 02 Trayék Cikeas-Ciawi
- Angkot 01 Trayék Cipaku - Merdéka
- Angkot 02 Trayék Cisarua - Sukasari
- Angkot 02a Trayék Cicurug - Sukasari
- Angkot 03 Trayék Ciapus - Ramayana
- Angkot 04 Trayék Rancamaya - Ramayana
- Angkot 04a Trayék Cihideung - Ramayana
- Angkot 05 Trayék Ciampéa - Terminal Bubulak/Laladon
- Angkot 06 Trayék Parung - Terminal Merdéka
- Angkot 06a Trayék Bantar Kambing - Terminal Merdéka
- Angkot 07 Trayék Bojonggedé - Pasar Anyar
- Angkot 07a Salabenda - Pasar Anyar
- Angkot 08 Trayék Citeureup - Pasar Anyar
- Angkot 32 Trayék Cibinong - Terminal Bubulak
- Angkot 49 Trayék Terminal Cileungsi - Bojong Kulur
- Angkot 64 Trayék Cileungsi - Karadénan
Bus
- Kosub Bersama ka Kampung Rambutan (via Citeureup -Tol Jagorawi)
- Kosub Bersama 3/4 ka Tanjung Priok (via Citeureup-Tol Jagorawi-Cempaka Putih-Plumpang)
- Metromini x1 patas ka Senen (via Cibubur - Tol Jagorawi - Cempaka Putih)
- Metromini x1 patas ka Kampung Melayu (via Citeureup - Tol Jagorawi - Prumpung - St.Jatinegara)
- Mayasari Bakti AC42 patas ka Tanjung Priok (via Cibubur - Tol Jagorawi - Sunter)
- Mayasari Bakti AC42A patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Slipi - Grogol - Daan Mogot)
- Mayasari Bakti AC70A patas ka Tanah Abang (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Sudirman - Thamrin)
- Maya Raya MYR AC patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Slipi - Grogol - Daan Mogot)
Angkutan Perbatasan Terintegrasi Busway (APTB)
Halte 3
- APTB Agra Mas Bubulak - Cililitan
Halte 15
- APTB Sinar Jaya Bubulak - Rawamangun
- APTB Sinar Jaya Sentul City - Rawamangun
Halte 16
- APTB Sinar Jaya Ciawi - Tanah Abang
- APTB Sinar Jaya Rancamaya - Tanah Abang
Halte 17
- APTB Sinar Jaya Bubulak - Blok M
- APTB Sentul City - Blok M
- APTB Mayasari Bakti CIleungsi Blok M
Halte 18
- APTB Mayasari Bakti Cibinong - Grogol
- APTB Agra Mas Ciawi - Grogol
- APTB Sinar Jaya Sentul City - Grogol
- APTB Sinar Jaya Bubulak - Grogol
Halte 20
- APTB Agra Mas Ciawi Senén
DAMRI
- Cibinong - Bandara Internasional Soekarno Hatta
Karéta Api (Commuter Line)
- Stasion Jakarta Kota - Stasion Bogor (JAKARTA KOTA ←→ Jayakarta ←→ Mangga Besar ←→ Sawah Besar ←→ JUANDA ←→ Gambir ←→ GONDANGDIA ←→ Cikini←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK ←→Citayam ←→Bojonggede ←→ Cilebut ←→ BOGOR)
- Stasion Jatinegara - Stasion Bogor (JATINEGARA ←→ Pondok Jati ←→ Kramat ←→ Gang Sentiong←→ PASAR SENEN ←→ KEMAYORAN ←→ Rajawali ←→KAMPUNG BANDAN ←→ Angke ←→ DURI ←→ TANAH ABANG←→ Karet ←→ Sudirman ←→ Mampang ←→ MANGGARAI←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK → Citayam → Bojonggede ←→Cilebut ←→ BOGOR)
- Stasion Duri - Stasion Nambo (DURI ←→ TANAH ABANG ←→ Karet ←→ Sudirman ←→Mampang ←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→DEPOK → Citayam ←→ Pondok Rajeg ←→ Cibinong ←→ Gunung Putri ←→ NAMBO)
Nu kasup ka Stasion nu aya di Kabupatén Bogor nya éta:
- Stasion Citayam
- Stasion Bojonggedé
- Stasion Cilebut
- Stasion Pondok Rajeg
- Stasion CIbinong
- Stasion Gunung Putri
- Stasion Nambo
Pariwisata
Taman Wisata
- Taman Safari
- Taman Wisata Mekarsari
- Taman Wisata Matahari
- Jungleland
- Wisata Désa Kampoeng Bamboe
- Kebon Wisata Pasir Mukti
Curug
- Curug Cilémbér
- Curug Cigaméa
- Curug Seribu
- Curug Nangka
- Curug Ngumpet
- Curug Luhur
- Curug Bidadari
- Curug Panjang
- Curug Naga
- Curug Ciismun
- Curug Cibeureum
Wisata Alam Kawasan Puncak
- Melrimba
- Masjid Attaawun
- Panorama Alam Riung Gunung
- Kawasan Puncak
- Kawah ratu
- Kebon Téh Gunung Mas
- Bukit Gantolé
Sétu, Alam jeung Cai Panas
- Gunung Salak Éndah
- Danau Lido
- Ékowisata Bodogol
- Gunung Bunder
- Wana Wisata Jaya Giri
- Gunung Pancar
- Guha Gudawang
- Cai Panas Cisééng
Museum jeung Sirkuit
- Sirkuit Sentul
- Museum Mobil jeung Keramik
Daptar Bupati Bogor
No | Ngaran | Ngajabat | Ahir Jabatan | Wakil Bupati |
---|---|---|---|---|
1 | Ipik Gandamana | 1948 | 1949 | |
2 | R.E. Abdoellah | 1950 | 1958 | |
3 | Radén Kahfi | 1958 | 1961 | |
4 | Karta Dikaria | 1961 | 1967 | |
5 | Wisatya Sasmita | 1968 | 1973 | |
6 | Radén Mochammad Muchlis | 1973 | 1975 | |
7 | H. Ayip Rughby | 1975 | 1982 | |
8 | Soedrajat Nataatmaja | 30 Désémber 1983 | 30 Désémber 1988 | |
9 | H. Éddie Yoso Martadipura | 30 Désémber 1988 | 30 Désémber 1993 | |
30 Désémber 1993 | 30 Désémber 1998 | |||
10 | Kol. TNI (Purn.) H. Agus Utara Éfféndi | 30 Désémber 1998 | 30 Désémber 2003 | |
30 Désémber 2003 | 30 Désémber 2008 | Laodé Albert Pribadi | ||
11 | Drs. H. Rahmat Yasin, M.M | 30 Désémber 2008 | 30 Désémber 2013 | Karyawan Faturahman |
30 Désémber 2013 | 24 Maret 2015 | Hj. Nurhayati | ||
12 | Hj. Nurhayati | 24 Maret 2015 | Nepi ka ayeuna |
Tumbu Luar
|