Masigit: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Shrikarsan (obrolan | kontribusi)
Removing Link FA template as it is now available in wikidata
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
m Uchup19 memindahkan halaman Masjid ke Masigit menimpa pengalihan lama
(taya bédana)

Révisi nurutkeun 4 Agustus 2015 22.54

Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i
Masjid Badshahi di Lahoré, Pakistan kalayan iwan di tengah, tilu kubah, jeung lima manara

Masjid, atanapi mesjid/masigit, nyaéta tempat ibadah keur panganut agama Islam (Muslim). Lian ti pikeun ibadah, masjid oge dijadikeun puseur kahirupan muslim. Muslim sering ngarujuk masjid kana basa Arab, masjid (jamak masajid) (basa Arab: مسجد — dikecapkeun: /ˈmas.ʤid/ atawa /ˈmas.ˈɡʲid/). Kecap Inggrisna nyaéta "mosque" nu nunjukkeun sagala rupa wangunan keur ibadahna umat Islam, sanajan ari dina basa Arab mah aya pangbédaan antara tempat ibadah nu leutik (disebut musola) atawa masjid gedé keur solat berjama'ah (masjid jami) (basa Arab: جامع), nu mibanda komunitas sarta fasilitas nu leuwih loba.

Kagunaan utama masjid nyaéta mangrupakeun tempat solat berjama'ah keur sakumna Muslim. Sanajan kitu, kiwari masjid dipikawanoh minangka pintonan arsitéktur Islami keur komunitas Muslim. Masjid geus mekar ti saprak ayana rohangan tanpa hateup nyaeta Msjid Kuba jeung Masjid Nabawi dina abad ka-7. Kiwari, kalolobaan masjid marake momolo, munara, jeung bale keur solat. Masjid asalna ti Jajirah Arab, tapi kiwari geus aya di sakabeh buana nu dicicingan di sakuliah dunya. Masjid lain ngan saukur tempt keur ibadah jeung ngadoa, tapi ope mangrupakeun tempat keur dijr ngeunaan Islam sarta sakur jalma nu percaya.

Sajarah

Masjid geus didirikan saprak jaman Nabi Muhammad dina warsih 622 waktu hijrah ka dayeuh Madinah. Saterusna, sabot umat Islam meluaskan kakawasaanana nepi ka ka luar wewengkon Arab, mangka tumbuhlah jumlah-jumlah masjid di dunya. Kawas dayeuh Kairo, anu alatan jumlah masjidna anu amat réa, mangka Kairo digelari minangka dayeuh sarébu masjid. Masjid mimiti nangtung di Éropa dina abad 11 Masehi, seiring jeung datangna soldadu Bani Umayyah ka Gibraltar. Tapi, dina abad 15 Masehi, pasukan Conquistador Karajaan Spanyol ngancurkeun masjid-masjid di penjuru Éropa, hususna Spanyol. Sedengkeun, masjid mimiti datang di Cina saprak datangna sahabat Rasulullah saw, nyaéta Saad bin Abi Waqas datang minangka utusan pikeun Raja Dinasti T'ang di Karajaan Cina.

Pamakéan

Pamakéan masjid ialah pikeun beribadah. Luyu kalawan firman Alloh dina surat At-Taubah, yén masjid didirikan ku jalma-jalma anu bertaqwa jeung pamakéan pikeun beribadah sarta nginget ngaran Alloh. Di Masjid, saban poé, diayakeun solat berjamaah. Saméméh solat berjamaah, biasana di Taneuh Pasundan, lolobana muazin ngajak jamaah pikeun solat kalawan pantun-pantun sarta syair, sarta sholawat.

Dina poé Jum'at, jumlah jamaah di masjid baris nambahan réa. Ieu disebabkan ayana ibadah solat Jum'at anu wajib pikeun sakumna lalaki. Aya talari has dina poé Jum'at, nyaéta ayana pasar ngadadak anu aya di kira-kira masjid.

Sajaba ti éta, masjid ogé boga fungsi minangka tempat diajar, utamana diajar élmu ageman. Madrasah Ulugh Beg di Uzbekistan ogé ngajarkeun élmu filsafat sarta astronomi minangka palajaran pikeun siswa-siswa di Madrasah Ulug Beg. Di Masjid Ayasofya ogé aya madrasah, komo laboratorium sarta bengkel gawé.

Sawatara masjid di Amérika Sarikat ngabogaan fasilitas pikeun publik sarta ngaladénan pendaftaran pikeun pemilu. Komo aya masjid anu ngabogaan tempat olahraga.

Tumbu Luar