Saroja: Béda antarrépisi
Ngarapihkeun kategori |
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: mangrupakeun → mangrupa (2) using AWB |
||
Baris ka-16: | Baris ka-16: | ||
}} |
}} |
||
'''Saroja''' (''Nelumbo nucifera'' Gaertn.) nyaéta spesies [[tutuwuhan cai]] ti genus ''[[Nelumbo]]'' (taraté) anu asalna ti [[India]]. Di Indonésia, tutuwuhan ieu ogé mindeng disebut '''[[taraté]]''' anu sabenerna |
'''Saroja''' (''Nelumbo nucifera'' Gaertn.) nyaéta spesies [[tutuwuhan cai]] ti genus ''[[Nelumbo]]'' (taraté) anu asalna ti [[India]]. Di Indonésia, tutuwuhan ieu ogé mindeng disebut '''[[taraté]]''' anu sabenerna mangrupa genus ''Nymphaea.'' Saroja kungsi dipikawanoh kalawan ngaran binomial ''Nelumbium speciosum'' (Willd.) atawa ''Nymphaea nelumbo.'' |
||
Gagangna ngawangun [[silinder]] anu kosong di tengahna pikeun jalan ngaliwat [[hawa]]. Daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina [[akar]] anu aya dina jero [[leutak]] atawa dadampar balong, walungan atawa ranca. Luhur ieu tutuwuhan kira-kira hiji méter nepi ka hiji satengah méter. |
Gagangna ngawangun [[silinder]] anu kosong di tengahna pikeun jalan ngaliwat [[hawa]]. Daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina [[akar]] anu aya dina jero [[leutak]] atawa dadampar balong, walungan atawa ranca. Luhur ieu tutuwuhan kira-kira hiji méter nepi ka hiji satengah méter. |
||
Daunna tumuwuh ka luhur, luhureun beungeutcai. Daun ngawangun [[bunderan]] tanpa potongan, rérégéan di bagian sisi, kalawan urat daun nu ngariung ka tengah daun. [[Garis tengah]] daun bisa ngahontal 60 |
Daunna tumuwuh ka luhur, luhureun beungeutcai. Daun ngawangun [[bunderan]] tanpa potongan, rérégéan di bagian sisi, kalawan urat daun nu ngariung ka tengah daun. [[Garis tengah]] daun bisa ngahontal 60 cm. Beungeut daun ngandung lapisan [[lilin]] sahingga cai anu murag kana beungeut daun ngabentuk buleudan cai. |
||
Kembangna boga garis tengah nepi ka 20 |
Kembangna boga garis tengah nepi ka 20 cm, boga [[warna]] [[bodas]] beresih, [[konéng]] atawa [[kayas]], kaluar tina gagang anu kuat nyongcolang di luhureun beungeut cai. Kembang mekar dina bulan [[Juli]] nepi ka [[Agustus]]. |
||
Aya sawatara rupa kultivar pikeun saroja jeung wangun sarta warna kembang anu rupa-rupa. Taraté (genus ''[[Nelumbo]]'') |
Aya sawatara rupa kultivar pikeun saroja jeung wangun sarta warna kembang anu rupa-rupa. Taraté (genus ''[[Nelumbo]]'') mangrupa lambang nagara [[India]]. |
||
== Mangpaat == |
== Mangpaat == |
||
Baris ka-39: | Baris ka-39: | ||
== Sajarah == |
== Sajarah == |
||
Di jaman Mesir kuno, seroja kapanggih tumuwuh babarengan jeung taraté spésiés ''Nymphaea caerulea'' di sisi walungan [[Nil]]. Bangsa [[Mesir]] jaman [[Firaun]] pohara ngamuliakeun tangkal saroja, ku kituna kembang, buah, sarta daunna dijadikeun motif dina arsitektur candi. Ti Mesir, saroja dibawa ka [[Irak|Assiria]] sarta sumebar ka [[Iran|Pérsia]], [[India]], sarta [[Tiongkok]]. Dina taun [[1787]], Sir Joseph Banks mawa saroja ka [[Éropa Kulon]] pikeun dipelak dina jero imah kaca di [[kebon raya]] |
Di jaman Mesir kuno, seroja kapanggih tumuwuh babarengan jeung taraté spésiés ''Nymphaea caerulea'' di sisi walungan [[Nil]]. Bangsa [[Mesir]] jaman [[Firaun]] pohara ngamuliakeun tangkal saroja, ku kituna kembang, buah, sarta daunna dijadikeun motif dina arsitektur candi. Ti Mesir, saroja dibawa ka [[Irak|Assiria]] sarta sumebar ka [[Iran|Pérsia]], [[India]], sarta [[Tiongkok]]. Dina taun [[1787]], Sir Joseph Banks mawa saroja ka [[Éropa Kulon]] pikeun dipelak dina jero imah kaca di [[kebon raya]] |
||
== Tempo ogé == |
== Tempo ogé == |
Révisi nurutkeun 21 Désémber 2016 02.52
Saroja | |
---|---|
Nelumbo nucifera | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | N. nucifera
|
Ngaran binomial | |
Nelumbo nucifera Gaertn.
|
Saroja (Nelumbo nucifera Gaertn.) nyaéta spesies tutuwuhan cai ti genus Nelumbo (taraté) anu asalna ti India. Di Indonésia, tutuwuhan ieu ogé mindeng disebut taraté anu sabenerna mangrupa genus Nymphaea. Saroja kungsi dipikawanoh kalawan ngaran binomial Nelumbium speciosum (Willd.) atawa Nymphaea nelumbo.
Gagangna ngawangun silinder anu kosong di tengahna pikeun jalan ngaliwat hawa. Daunna aya dina beungeut cai, kaluar tina gagang anu asalna tina akar anu aya dina jero leutak atawa dadampar balong, walungan atawa ranca. Luhur ieu tutuwuhan kira-kira hiji méter nepi ka hiji satengah méter.
Daunna tumuwuh ka luhur, luhureun beungeutcai. Daun ngawangun bunderan tanpa potongan, rérégéan di bagian sisi, kalawan urat daun nu ngariung ka tengah daun. Garis tengah daun bisa ngahontal 60 cm. Beungeut daun ngandung lapisan lilin sahingga cai anu murag kana beungeut daun ngabentuk buleudan cai.
Kembangna boga garis tengah nepi ka 20 cm, boga warna bodas beresih, konéng atawa kayas, kaluar tina gagang anu kuat nyongcolang di luhureun beungeut cai. Kembang mekar dina bulan Juli nepi ka Agustus.
Aya sawatara rupa kultivar pikeun saroja jeung wangun sarta warna kembang anu rupa-rupa. Taraté (genus Nelumbo) mangrupa lambang nagara India.
Mangpaat
Kembang saroja éndah ditempo sahingga réa dipaké minangka panghias balong di taman-taman. Akarna ngeunah didahar sarta réa dipaké dina asakan Jepang, asakan Tionghoa, sarta asakan India. Akar anu didahar atah bisa jadi sumber népana parasit Trematoda.
Sikina beunghar ku tipung sahingga bisa didahar atawa dikokolakeun jadi bahan kadaharan. Siki anu dikulub, dilemeskeun sarta dicampur gula jadi eusi kuéh bulan anu didahar dina Festival Pertengahan Musim Gugur (Mooncake festival). Di Tiongkok, siki anu masih ngora diinum minangka gaganti entéh. Bongkol anu barolong kawas kandang nyiruan dijual dina bentuk garing minangka palengkep dina seni ngararangkén kembang garing.
Daunna rubak sahingga mindeng dipaké minangka pamungkus, utamana pamungkus lauk di pasar tradisional saméméh pamakéan kantong palastik jadi populer.
Téknik melak
Pepelakan bisa tmuwuh tina siki anu geus kolot atawa akar. Saroja bisa dipelak dina pot nu eusina taneuh leutak anu caian.
Sajarah
Di jaman Mesir kuno, seroja kapanggih tumuwuh babarengan jeung taraté spésiés Nymphaea caerulea di sisi walungan Nil. Bangsa Mesir jaman Firaun pohara ngamuliakeun tangkal saroja, ku kituna kembang, buah, sarta daunna dijadikeun motif dina arsitektur candi. Ti Mesir, saroja dibawa ka Assiria sarta sumebar ka Pérsia, India, sarta Tiongkok. Dina taun 1787, Sir Joseph Banks mawa saroja ka Éropa Kulon pikeun dipelak dina jero imah kaca di kebon raya
Tempo ogé
Rujukan
- (en) The Sacred Lotus (Nelumbo nucifera)
- (en) Plant Cultures: botany, history and uses of sacred lotus
- (en) Lotus: From a Pond to a Palace Dome ku Prof. P.C. Jain sarta Dr Daljeet.
- (en) Pacific Island Ecosystems: Nelumbo nucifera