Sanghyang Siksa Kandang Karesian: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Kasenian: Ngarapihkeun éjahan, replaced: di pake → dipaké
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m →‎Kasenian: Ngarapihkeun éjahan, replaced: Tahun → taun (2)
Baris ka-49: Baris ka-49:
Terjemahan ini diambil dari Buku : “ Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632), Transkripsi dan Terjemahan” oleh Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa.
Terjemahan ini diambil dari Buku : “ Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632), Transkripsi dan Terjemahan” oleh Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa.


Diterbitkan oleh Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktirat Jendral Kabudayaan Dep Pendidikan Dan Kebudayaan Bandung Tahun 1987. Naskah ini dibuat pada tahun 1518 M, memakai aksara Sunda kuno.
Diterbitkan oleh Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktirat Jendral Kabudayaan Dep Pendidikan Dan Kebudayaan Bandung taun 1987. Naskah ini dibuat pada taun 1518 M, memakai aksara Sunda kuno.


==Sumber rujukan==
==Sumber rujukan==

Révisi nurutkeun 28 April 2017 10.40

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan mangrupa hiji pustaka Sunda nu ku sawatara ahli digolongkeun kana pustaka énsiklopédik nu ditulis taun 1440 Saka (1518 M). Ditulis ngagunakeun aksara Sunda Kuna jeung basa Sunda Kuna.

Naskah

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan mangrupa naskah nu ditulis dina daun gebang (atawa ceuk para ahli walanda disebut ogé nipah maké mangsi hideung (koléksi Perpustakaan Nasional RI nomer invéntaris L 630 Peti 16).

Eusi

Eusi Sanghyang siksa kanda ng karesyan ngawengku dua bagian. Nu kahiji disebut Dasakreta salaku "kundangeun urang réa" (ajaran ahlak jeung pancén unggal jalma), sedengkeun nu kadua disebut Darma pitutur nu eusina hal-hal ngeunaan pangaweruh nu sawadina dipimilik ku unggal jalma sangkan hirupna mawa guna di dunya.

Najan pustaka ieu nyebut manéh "karesyan", eusina mah teu ukur ngeunaan kahirupan kaom agamawan, malah loba nu patali jeung kaparigelan hirup nurutkeun ajaran darma.

Élmu pangaweruh

Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina "panganteur" di handap,

"kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur... kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya..."

Panganteur ieu tuluy diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawokan, jampé, palintangan, nagara, jsb.

Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.

Kasenian

Najan masarakat Sunda umumna bisa dianggap salaku masarakat huma, ceuk SSKK mah kahirupan karohanian jeung kabudayaan mah tetep tumuwuh: ayana kahirupan karaton, mandala atawa désa, atawa gabungan ti dua éta.

Karya sastra nu disebutkeun dina SSKK némbongkeun ayana pangaruh sastra Jawa jeung India. Nu dianggap pituin Sunda mah nyaéta tradisi lisan carita pantun, kawih, jeung kaulinan barudak nu tumuwuh di masarakat. Saduran *Kitab Sanghyang Siksa Kandang Karesian*

…. Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba : caang jalan panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaoméan, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras, nyewana sama wong sarat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, hejo lembok tumuwuh sarba pala wohwohan, dadi na hujan, landing tahun, tumuwuh daek, ma hurip na ujung reya. Inyaéta sanghyang sasana kreta di lamba ngaranna.

Ini sanghyang dasa kreta nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasa sila, ya maya-maya sanghyang dasa marga ta, ka retyaksaan na dasa indriya. Ini byakta : ceuli ulang barang denge mo sieup didenge kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenggu utama di pangreungeu.

Mata ulah barang deuleu mo ma sieup dideuleu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenguh utama ning deuleu.

Kulit ulah dipaké gulang-gasehan, ku panas ku tiris, kenana dora bancana, sangkan nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti kulit.

Letah ulah salah nu dirasakeun kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti letah.

Irung ulah salah ambeu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti irung.

Sungut ulah barang carek kenana dora bancana na luna papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilnya ti leungeun.

Suku ulah barang tincak keuna dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti suku.

Payu ulah dipaké keter keter kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinegguh utama bijilnya ti payu.

Baga purusa ulah dipaké kancoleh kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti baga lawan purusa.

Ya ta sinanuh dasa kreta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh rampes twahna urang reya. Ma ngun twah sang dewa ratu.

Nihan sinangguh dasa prebakti ngaranna. Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, wado bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasa prebakti ngaranna. Terjemahan ini diambil dari Buku : “ Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632), Transkripsi dan Terjemahan” oleh Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa.

Diterbitkan oleh Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktirat Jendral Kabudayaan Dep Pendidikan Dan Kebudayaan Bandung taun 1987. Naskah ini dibuat pada taun 1518 M, memakai aksara Sunda kuno.

Sumber rujukan

  • Ayatrohaédi & Sri Saadah. 1995. Jatiniskala: kehidupan kerohanian masyarakat Sunda sebelum Islam. Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Pusat, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pedidikan dan Kebudayaan, Jakarta.

Bacaan salajengna

  • Suhamir. 1961. Catetan sajarah Sunda II: hiji énsiklopédi Sunda. Kalawarta Kujang: 290.


Daptar Naskah Sunda Kuno
Amanat Galunggung - Bujangga Manik - Carita Parahiyangan - Carita Purnawijaya - Kawih Pangeuyeukan - Carita Ratu Pakuan - Carita Waruga Guru - Kawih Paningkes - Pantun Ramayana - Sanghyang Hayu - Sanghyang Raga Déwata - Sanghyang Sasana Maha Guru - Sanghyang Siksa Kandang Karesian - Séwaka Darma - Sri Ajnyana - Tutur Bwana - Warugan Lemah