Béda révisi "Kalapati"

Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
3.095 bita ditambahkeun ,  4 tahun yang lalu
Ieu buku téh nyaritakeun rupa-rupa pasualan dina kahirupan jaman kiwari. Dina ieu buku téh aya 12 [[carpon]], nya éta: (1) [[‘Lemah Cai Kulup’]], (2) [[‘Sarah’]], (3) [[‘Basa Lambak Cahayaan’]], (4) [[‘Kala’]], (5) [[‘Kalapati’]], (6) [[‘Kalakay’]], (7) [[‘Kalangkang Bulan’]], (8) [[‘Anaking jeung Bulan’]], (9) [[‘Kembang Pati’]], (10) [[‘Jaid’]], (11) [[‘Lembur Samida’]], jeung (12) [[‘Iraha Patepang Deui’]]<ref name="Kalapati">AKS, Hadi: "Kalapati", kaca viii. PT Kiblat Buku Utama, 2012</ref>.
Éta 12 [[carpon]] téh miboga carita nu béda-béda, nya éta ngaguar pasualan ngeunaan kahirupan manusa jaman kiwari, boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan masarakat<ref name="skripsi">Nastiti, Asih, Dewinda: "Citra Wanoja dina Lima Carpon Karya Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Maca Carpon di SMA Kelas X (Ulikan Strukturalisme jeung Feminisme)", kaca 47. Departement Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2017</ref>. Ieu 12 [[carpon]] téh saupama disalusur leuwih nyosok jero, miboga amanat nu kacida pentingna pikeun jadi eunteung kahirupan nu maca. Sajaba ti ngaguar ngeunaan pasualan kahirupan, aya ogé sababaraha carpon nu ngahirupkeun palaku wanoja dina caritana<ref name="skripsi">Nastiti, Asih, Dewinda: "Citra Wanoja dina Lima Carpon Karya Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Maca Carpon di SMA Kelas X (Ulikan Strukturalisme jeung Feminisme)", kaca 47. Departement Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2017</ref>. Palaku wanoja nu diciptakeun dina [[carpon]] [[Hadi AKS]] téh digambarkeun salaku rupa-rupa palaku wanoja nu miboga karakteristik béda-béda, dina kahirupan anu béda-béda ogé <ref name="skripsi">Nastiti, Asih, Dewinda: "Citra Wanoja dina Lima Carpon Karya Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Maca Carpon di SMA Kelas X (Ulikan Strukturalisme jeung Feminisme)", kaca 47. Departement Pendidikan Bahasa Daerah UPI, 2017</ref>.
 
==Tingkesan==
‘Sarah’ nyaritakeun kaayaan wanoja nu dipergasa ku lanceukna nepi kahirupanna ancur batan runtah. Manéhna indit ka kota nyusul lanceukna dék ngadon néangan pagawéan, tapi hanjakal ku hanjakalna, takdir teu kawas nu dipiharepna. Sarah dipergasa ku lanceukna nepi kakandungan. Ngerem manéh di loténg, nepi ka dina hiji mangsa kaayaan hujan badag, wahangan di gigireun kontrakanna ampul-ampulan caah, Sarah malidkeun manéh sabab geus ngarasa hirupna ancur batan runtah, kudu ngilu palid jeung runtah séjén dina éta caah.
‘Basa Lambak Cahayaa’ nyaritakeun palaku budak nu boga indung téga ka anak. Dina ieu carpon, kalungguhan wanoja salaku indung geus dipupus. Indung nu kudu na mere kanyaah nandonkeun nyawa, dina ieu carpon mah ngan saukur ngajadikeun anakna salaku barang nu bisa dijual jeung dipaké. Ujang salaku anak kadua, teu bisa nuladan ka lanceukna nu puguh lacur, bapana teu kungsi ngayuga, adina nu leutik dijual ku indungna ka luar pulo. Ujang satékah polah néangan jalan pikeun pendak deui jeung nu jadi adi, kulawarga nu ku manéhna dianggap hiji-hiji na nu bisa disalametkeun tina ancurna kahirupan.
‘Kalapati’ nyaritakeun palaku wanoja nu teu bisa walakaya nepi ka palastrana lantaran disangka anak dukun nu kudu dipergasa. Palaku wanoja dina ieu carpon teu bisa walakaya, ngerem sorangan, ngasingkeun manéh tina kahirupan masarakat sabudeureunna. Hiji peuting, lantaran aya kajadian tiwasna sababaraha jalma di éta lembur, manéhna dituding salaku dukun santét. Pakait jeung perkara éta, baheula indung jeung bapana dipaténi, dirogahala ku masarakat didinya lantaran dituduh dukun santét. Kanyataanna, kolotna téh ngan ukur tabib nu bisa ngubaran panyakit. Éta wanoja geus bingung kudu kumaha, embung awakna dipergasa jeung disiksa, ahirna saacan dipaténi ku masarakat nu ngarempugna, manéhna maténi diri sorangan.
‘Anaking jeung Bulan’ nyaritakeun ngeunaan awéwé nu dipergasa ku bapana tuluy téga maténi orok nu karek dilahirkeunna. Ieu carpon nyaritakeun budak awéwé nu teu tuah teu dosa, diperkosa ku bapana. Di kahirupan kota nu poék, jauh tina caangna agama, éta budah awéwé téh mertahankeun orok nu aya dina kandunganna, nepi ka bral ka alam dunya. Hanjakal, naluri indung teu kungsi ngancik dina haténa, éta orok dipiceun ka pamiceunan runtah. Caang bulan jadi saksi palastrana kalungguhan wanoja salaku indung dina éta carita.
‘Kembang Pati’ nyaritakeun indung salaku awéwé anu miboga rupaning pasualan nepi ka dina tungtung hirupna kabaca ku anak-anakna. Kahirupan téh perkara nu teu weléh tuluy ngamunculkeun rupa-rupa pasualan, éta pasualan moal eureun saencan nu ngarandapanna palastra, tapi béda jeung nu dicaritakeun dina ieu carpon. Pasualan mimiti kaungkab waktu indungna keur aya dina napas panungtungan. Loba palaku nu tungtungna mah balaka ngeunaan salah jeung dosa (indung) nu keur nyanghareupan sakaratul maut. Ti dinya, kalungguhan wanoja boh di kulawarga, boh di masarakat geus dianggap goréng, geus teu miboga enas-enasna wanoja Sunda nu hadé ahlak jeung paripolah.
 
==Referensi==

Menu navigasi