Candrasangkala: Béda antarrépisi
YogiYY (obrolan | kontribusi) Tidak ada ringkasan suntingan |
YogiYY (obrolan | kontribusi) Tidak ada ringkasan suntingan |
||
Baris ka-4: | Baris ka-4: | ||
== Jawa jeung Bali == |
== Jawa jeung Bali == |
||
Saméméh candrasangkala saéstuna mah aya suryasangkala. Ieu dua hal téh pateungteungna lebah acuan kalender jeung kaayaan posisi matahari jeung bulan. Di Jawa nyoko kana kaayaan posisi matahari jeung bulan, lamun di Bali nyoko kana itungan kalénder Saka. Candrasangkala téh dipaké keur nyirian hiji kajadian nu ahéng jeung dianggap gedé ku masarakat, saperti ngadegna hiji karajaan jeung ayana bancang pakéwuh nu ngarugikeun masarakat. |
Saméméh candrasangkala saéstuna mah aya suryasangkala. Ieu dua hal téh pateungteungna lebah acuan kalender jeung kaayaan posisi matahari jeung bulan. Di Jawa nyoko kana kaayaan posisi matahari jeung bulan, lamun di Bali nyoko kana itungan kalénder Saka. Candrasangkala téh dipaké keur nyirian hiji kajadian nu ahéng jeung dianggap gedé ku masarakat, saperti ngadegna hiji karajaan jeung ayana bancang pakéwuh nu ngarugikeun masarakat. <ref>{{Cite news|url=https://engineear.co/2011/09/12/candrasengkala-i-definisi-sejarah-seni-cronogram-jawa/|title=Candrasengkala I : Definisi & Sejarah Seni Cronogram Jawa|date=2011-09-12|newspaper=Engine EAR|language=en-US|access-date=2017-10-11}}</ref> |
||
Dina mangsa karajaan Hindu-Jawa, Suryasangkala leuwih tiheula dipaké nepi ka runtagna Karajaan Majapait. Suryasangkala nyoko kana taun saka nu mangrupa kalender Luni-Solar. Sanggeus Karajaan Demak ngawasa, di Jawa dipaké taun Hijriah nu nyoko kana kaayaan posisi bulan. Ngan, di jaman kakuasaan Mataram nu dipingpin ku Sultan Agung diganti ku Candrasangkala nu nyoko kana taun Jawa (adumanis antara Hijriyah jeung Saka). |
Dina mangsa karajaan Hindu-Jawa, Suryasangkala leuwih tiheula dipaké nepi ka runtagna Karajaan Majapait. Suryasangkala nyoko kana taun saka nu mangrupa kalender Luni-Solar. Sanggeus Karajaan Demak ngawasa, di Jawa dipaké taun Hijriah nu nyoko kana kaayaan posisi bulan. Ngan, di jaman kakuasaan Mataram nu dipingpin ku Sultan Agung diganti ku Candrasangkala nu nyoko kana taun Jawa (adumanis antara Hijriyah jeung Saka).<ref>{{Cite news|url=https://engineear.co/2011/09/14/candrasengkala-ii-watak-bilangan-angka/|title=Candrasengkala II : Watak Bilangan Angka|date=2011-09-14|newspaper=Engine EAR|language=en-US|access-date=2017-10-11}}</ref> |
||
=== Watesan Ma'na Bilangan === |
=== Watesan Ma'na Bilangan === |
||
Baris ka-12: | Baris ka-12: | ||
|'''No.''' |
|'''No.''' |
||
|'''Bilangan''' |
|'''Bilangan''' |
||
|''' |
|'''Watesan Ma'na''' |
||
|''' |
|'''Simbul / Kecap''' |
||
|- |
|- |
||
|1 |
|1 |
Révisi nurutkeun 11 Oktober 2017 05.18
Candrasangkala téh nyaéta titimangsa nu disumbulkeun dina basa atawa ungkara, kecap-kecapna geus maneuh aya pasangan angkana, malah geus dipindahkeun kana angka jeung dibacana téh kudu dibalikeun.[1] Kabiasaan ngagunakeun titimangsa dina wangun candrasangkala geus ti baheula mula, buktina geus dipaké dina naskah jeung prasasti-prasasti kuna[1]. Contona waé dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian[2].
... nora catur sagara wulan; hartina (ditulis dina taun) 0 4 4 1 = 1440 Saka (1518 Maséhi)[2].
Jawa jeung Bali
Saméméh candrasangkala saéstuna mah aya suryasangkala. Ieu dua hal téh pateungteungna lebah acuan kalender jeung kaayaan posisi matahari jeung bulan. Di Jawa nyoko kana kaayaan posisi matahari jeung bulan, lamun di Bali nyoko kana itungan kalénder Saka. Candrasangkala téh dipaké keur nyirian hiji kajadian nu ahéng jeung dianggap gedé ku masarakat, saperti ngadegna hiji karajaan jeung ayana bancang pakéwuh nu ngarugikeun masarakat. [3]
Dina mangsa karajaan Hindu-Jawa, Suryasangkala leuwih tiheula dipaké nepi ka runtagna Karajaan Majapait. Suryasangkala nyoko kana taun saka nu mangrupa kalender Luni-Solar. Sanggeus Karajaan Demak ngawasa, di Jawa dipaké taun Hijriah nu nyoko kana kaayaan posisi bulan. Ngan, di jaman kakuasaan Mataram nu dipingpin ku Sultan Agung diganti ku Candrasangkala nu nyoko kana taun Jawa (adumanis antara Hijriyah jeung Saka).[4]
Watesan Ma'na Bilangan
No. | Bilangan | Watesan Ma'na | Simbul / Kecap |
1 | Hiji |
|
Bumi, Manusa, Candra, Wulan, Nabi, Tunggal, urip |
2 | Dua |
|
Leungeun, Suku, Ceuli, Sembah, Dwi, Karna, Lar |
3 | Tilu |
|
Tri, Geni, Uta, Gebyar |
4 | Opat |
|
Catur, Segara, Samudra, Banyu, Kerta, Warna, Sindu, Toya, Tirta, Suci |
5 | Lima |
|
Panca, Bayu, Pandawa, Wisikan, Raksasa, Buta |
6 | Genep |
|
Pahit, Mangsa, Rasa, Tawon, Kombang, Sarkara, Dura |
7 | Tujuh |
|
Kuda, Sapi, Sapta, Gunung |
8 | Dalapan |
|
Gajah, Naga, Baya, Brahmana, Ula, Bujangga |
9 | Salapan |
|
Ratna, Gapura, Lawang, Rong, Leng, Puspa |
10 | Nol |
|
Ilang , Sirna, Langit, Umbul, Suwung, Pati, Ruksak |
Rujukan
- ↑ a b Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 37.
- ↑ a b Danasasmita, spk., Saleh (1987). Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung. Bandung: Sundanologi. p. 95.
- ↑ "Candrasengkala I : Definisi & Sejarah Seni Cronogram Jawa" (dalam bahasa en-US). Engine EAR. 2011-09-12. https://engineear.co/2011/09/12/candrasengkala-i-definisi-sejarah-seni-cronogram-jawa/. Diakses pada 2017-10-11
- ↑ "Candrasengkala II : Watak Bilangan Angka" (dalam bahasa en-US). Engine EAR. 2011-09-14. https://engineear.co/2011/09/14/candrasengkala-ii-watak-bilangan-angka/. Diakses pada 2017-10-11