Carita rahayat Indonésia: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-7: Baris ka-7:

Papasingan carita rahayat nu sumebar di Indonésia lolobana mangrupa dongéng, aya dongéng sasatoan (fabel), dongéng sasakala (légénda), dongéng mite, dongéng karuhun (sagé) sarta dongéng parabel. Sedengkeun dina pawayangan carita nu mindeng dipintonkeun nyaéta Ramayana jeung Mahabarata. Dua carita ieu geus kakoncara, sarta mangrupa carita anu sumberna ti India, sok sanajan carita Ramayana jeung Mahabarata di nusantara mah jalan caritana geus teu sarua jeung nu vérsi India.

== Daptar carita ==
{{Div col|2}}
*[[Aji Saka]]
*[[Andé Andé Lumut]]
*[[Banyuwangi]]
*[[Bawang Bodas Bawang Beureum]]
*[[Calon Arang]]
*[[Cenderawasih]]
*[[Ciung Wanara]]
*[[Damarwulan]]
*[[Dewi Sri]]
*[[Jaka Tarub]]
*[[Kén Arok jeung Kén Dédés]]
*[[Keong Emas]]
*[[Kuntilanak]]
*[[Lalayang Salaka Domas]]
*[[Leungli]]
*[[Lutung Kasarung]]
*[[Malin Kundang]]
*[[Minangkabau]]
*[[Nyi Roro Kidul]]
*[[Panji Semirang]]
*[[Parahyangan]]
*[[Putri Tangguk]]
*[[Rangda]]
*[[Rara Jonggrang]]
*[[Roro Mendut]]
*[[Sakadang Kuya]]
*[[Sakadang Maung]]
*[[Sakadang Monyét]]
*[[Sakadang Peucang]]
*[[Sangkuriang]]
*[[Si Jampang]]
*[[Si Kabayan]]
*[[Si Pitung]]
*[[Siliwangi]]
*[[Sri Tanjung]]
*[[Sulanjana]]
*[[Sundel Bolong]]
*[[Timun Mas]]
*[[Watu Gunung]]
*[[Wéwé Gombél]]
{{Div col end}}
== Rujukan ==
{{reflist}}

Révisi nurutkeun 13 Januari 2020 12.13

Carita rahayat Indonésia nyaéta wangun tradisi lisan anu sumebar kalawan tatalépa di sakuliah nagara Indonésia. Di Indonésia, carita rahayat téh geus galib disebut dongéng, padahal carita rahayat didieu ngawengku wangun-wangun séjénna nu leuwih lega. Sawatara hal nu jadi ciri utama carita rahayat di Indonésia yén carita rahayat téh mibanda ajén-ajén mitologi, anu satuluyna pikeun sawatara jalma mah dipiyakin pisan mitos-mitosna. Lian ti kitu, carita rahayat téh teu bisa dipikanyaho saha nu ngarangna sarta iraha dikarangna éta carita, kapan ieu carita rahayat mah sumebarna liwat tradisi lisan hungkul. Sok sanajan kitu, kiwari geus loba tarékah nu dilakonan pikeun ngalihkeun carita-carita tina sumber lisan kana wangun tinulis.

Sabab Indonésia mangrupa nagara anu beunghar dina étnis, budaya sarta agemanana, ngajadikeun bangga pikeun ngageneralisasikeun carita rahayat di Indonésia minangka hiji kasatuan mah. Sanajan Indonésia téh nagara kalawan populasi Islam panglobana di sakuliah dunya, tapi carita rahayat nu sumebar di Indonésia mah lolobana ti pangaruh séjén agama. Ieu disababkeun nusantara baheula pernah kapangaruhan ku ageman Hindu-Budha nu kabukti ku ayana karajaan sarta patilasanana nu miwatek karajaan Hindu-Budha. Ku kituna, carita rahayat di Indonésia teu bisa disakompétdaunkeun kana salah sahiji ageman atawa étnis nu nyampak. Malah béh dituna mah carita rahayat nusantara téh sumebar teu saukur di Indonésia hungkul, tapi ogé ngawengku nagara-nagara sagigireun Indonésia kayaning Malaysia, Singapura jeung Filipina. Anu jadi bukti yén carita rahayat Nusantara baheula sumebar leuwih lega batan kiwari salah sahijina nyaéta aya dongéng Si Kancil (Sunda: Sakadang Peucang) anu geus kakoncara di Indonésia tapi ogé geus dipikawanoh ti baheulana di nagara Malaysia. Ogé dongéng Si Kabayan anu geus teu bireuk deui di wewengkon tatar Sunda, sarta istilah Kabayan ogé geus dipikawanoh ti baheulana di nagara Filipina.

Wangun

Wangun awal carita rahayat di Indonésia mangrupa tradisi lisan anu sumebar kalawan tatalépa ti hiji lembur ka séjén lembur, tuluy ngantay cumarita ti kolot ka anakna, ti purah ngadongéng ka para kaum danguna. Kakurangan tina tradisi lisan kieu téh caritana sakapeung sok dikurangan atawa ditambahan caritaanana. Réa pisan cara nepikeun carita pantun téh, aya nu dicaritakeun pikeun dongéng méméh saré, ogé jadi carita pantun, aya anu jadi pupuh, atawa jadi kakawihan barudak. Ngan cara nepikeun anu matak pikatajieun mah taya lian nyaéta liwat seni pintonan wayang, boh wayang golék, wayang kulit atawa wayang jalma.

Papasingan carita rahayat nu sumebar di Indonésia lolobana mangrupa dongéng, aya dongéng sasatoan (fabel), dongéng sasakala (légénda), dongéng mite, dongéng karuhun (sagé) sarta dongéng parabel. Sedengkeun dina pawayangan carita nu mindeng dipintonkeun nyaéta Ramayana jeung Mahabarata. Dua carita ieu geus kakoncara, sarta mangrupa carita anu sumberna ti India, sok sanajan carita Ramayana jeung Mahabarata di nusantara mah jalan caritana geus teu sarua jeung nu vérsi India.

Daptar carita

Rujukan