Walot: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-105: Baris ka-105:


[[Kategori:Simaroubaceae]]
[[Kategori:Simaroubaceae]]
[[Kategori:Tumbuhan tropis ]]
[[Kategori:Tutuwuhan tropis ]]
[[Kategori:Tutuwuhan ubar]]
[[Kategori:Tutuwuhan ubar]]

Révisi nurutkeun 12 Juni 2021 17.32

Citakan:Disambiginfo

Buah makasar
Buah makasar
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
B. javanica
Ngaran binomial
Brucea javanica
Sinonim

Sumber:[1][2]

  • B. amarissima Desv.
  • B. gracilis DC.
  • B. sumatrana Roxb.
  • Gonus amarissima Lour.
  • Lussa amarissima O. Ktze.
  • Rhus javanica L.

Walot; (Brucea javanica) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga simaroubaceae. Sakabéh bagéan tangkalna mibanda rasa pait malahan matak weureu (racunan), sanajan kitu ieu tutuwuhan bisa dimangpaatekun pikeun ubar. Utamana ngubaran malaria, disentri, jeung miceun waé.[3]

Ngaran séjén

Dina basa Indonesia, ieu tutuwuhan disebutna buah makasar; malur (Batak), berul (Lampung), walot (Sunda), kwalot, bom makasar (Jawa), tambara marica (Makassar), jeung nagas (Ambon).[4][5][6]

Ciri mandiri

Tangkalna ngarungkun, jangkungna kurang leuwih 1-2,5 m, baruluan kelirna konéng. Bisa ogé disebut tangkal leutik, tutuwuhan ieu mun diantepkeun jangkungna bisa nepika 10 m.[7] Daunna tunggal, tulang daun kawas cucuk lauk, jumlah anak daunna 5-13, perenahna pasingareup-singareup,[2] kalawan ngéntép kawas spiral.[7] Daun wujudna buleud endog aya ogé anu lonyod, méncos ka tungtungnakeun. Puhuna ngawujud baji, tungtungna rérégéan, palebah luhur daun kelirna héjo, palebah handapna héjo ngora. Panjangna 5-10 cm, sarta rubakna 2–4 cm.[1] Tulang daun kaduana henteu nyagak kalayan tungtungna dina kelenjar daun.[7]

Kembangna bijil tina deukeut cupat daun, buluan, nyagak leutik.[7] kembang jalu jeung bikang ngahiji, perenahna dina pendul/malay anu rékép/padet, mibanda kelir bungur. Buahna teuas wujudna buleud endog, ukuran panjang 8 mm. Dimana geus asak, kelirna jadi hideung, sikina buleud, kelirna bodas.[8] Timimiti kembang nepika, pentil buah, nepika buahna asak méakeun waktu 28, 47, nepika 49 poé.[8] [1][2]

Sebaran jeung habitat

Walot loba kapanggih hirup turnyebar di Sri lanka, India nepika Indochina, Tiongkok kidul, Taiwan, Thailand, Malaysia nepi ka Australia kalér, ieu tutuwuhan jarang katempo hirup di Maluku, Papua,[3] dan Guinea Baru.[2] Baheula, di Kalimantan Tengah jeung Sulawesi Kidul ieu tutuwuhan téh loba kapanggih hirup. Kiwari, ieu tutuwuhan jarang kapanggih. Di sabudeureun Jakarta, Depok,jeung Bekasi, ieu tutuwuhan kapanggih hirup di kebon-kebon anu bogana arusaha dina widang jamu.[9][3]

Di Indonesia, tutuwuhan ieu hirup ngarungkun malahan dijadikeun pager hirup. Tutuwuhanieu bisa direkahkeun ku jalan dipelakeun bijina.[1] Tangkal walot remen katempo hirup di tempatanu negrak, saperti: leuweung sekunder tegalan, malahan di daérah anu taneuhna loba mibanda keusik sarta apu ieu tutuwuhan bisa hirup kalawan subur. Ogé bisa hirup di daérah anu iklimna garing atawa baseuh, muson jeung jemlek,[3] hingga 1-500 mdpl.[1][9]

Mangpaat jeung kagunaan

Sacara émpiris walot mibanda hasiat pikeun nurunkeun kadar gula getih anu ngarandapan gering diabétes melitus. Akarna dimangpaatkeun pikeun ngubaran malaria, weureu kadaharan, jeung galingging. Daunna dimangpaatkun pikeun ngubaran nyeri cangkéng.[7]

==Kandungan kimia == Walot mibanda : brusamarin, kosamin, yatanin, brusealin, glukosa, jeung yatanosida A jeung B.[2] Tutuwuhan ieu ogé mibanda fenol (kayaning brusenol, jeung asam bruseoleat) Dina sikina ibanda brusatol, jeung brusein A,B,C,D,E,G, jeung H. Daging buahna mengandung minyak lemak, asam oleat, asam linoleat, asam stearat, dan asam palmitoleat. Buah dan daunnya mengandung tanin.[1]

Ditalungtik, kosamin dina dosis saeutik hasilna emetokatartik jeung kolagoga. Bisa ngabasmi nematoda jeung taenia anu aya dina anjing. Sarta mibanda sipat antibiotik, jeung yingkahan darah kentel. Ngan baé, dina dosis anu gedé, ieu mangrupakeun racun anu matih tur bahaya. Yatanin ipikanyaho mibanda sipat protozoasidal (pembunuh protozoa) anu henteu aya éfék sampingna. Yatanosida anu diisolasi dina taun 1945 ngabalukarkeun réaksi keracunan parna malahan bisa ngabalukarkeun sato anu jadi uji coba bakal paéh. [2] University of North Carolina (AS) menemukan zat yang bersifat anti-leukemia dari biji buah makasar, seperti bruseosida dan brusein. Universitas London mengisolasi zat sitostatik (bruceolid, seperti bruseolid-A) dari akar, buah, dan pepagan buah makasar yang didapati dari Fiji.[2]

Di Kalimantan, siki buahna didahar pikeun ngubaran nyeri beuteung atawa peujit murilit.[2] Sedangkan, lumatan buah makasar di Masyarakat kampung Gunung Dieng, Wonosobo, sikina ngahaja dibebek tuluy ditinyuh diinum mangrupa gaganti kopi. [10]

Dicutat tina

  1. a b c d e f Dalimartha 2000, pp. 28-33.
  2. a b c d e f g h Dharma 1987, pp. 20-22.
  3. a b c d "Brucea javanica Merr.". Prohati. Diarsipkan dari versi asli tanggal 19 March 2012. Diakses tanggal 19 March 2013. 
  4. "Brucea javanica (L.) Merr." (PDF). Departemen Kesehatan. 19 November 2001. Diakses tanggal 20 Juni 2013. 
  5. Hidayat 2005, p. 316.
  6. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  7. a b c d e "Buah Makassar (Brucea javanica L. Merr)". Balai Besar KSDA Sulawesi Selatan. Diarsipkan dari versi asli tanggal 18 March 2013. Diakses tanggal 18 March 2013. 
  8. a b Utami 2011, pp. 104-105.
  9. a b Utami 2011, p. 102.
  10. Hidayat 2005, p. 29.
Bibliografi

Citakan:Tumbuhan-stub