Gunung Sunda: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Baris ka-42: Baris ka-42:
Ceuk para ahli [[geologi]] jeung ahli [[geografi]], di antara gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji [[lengkob]] anu ngarupakeun dasar kaldera anu disebut dasar kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya [[Situ Lembang]], anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti [[Lawangangin]] terus melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera Gunung Sunda (purba).

[[Image:KalderaSunda.jpg|center|[[Gambar ieu meunang ngedit ti gambar rekonstruksi gunung Sunda dina buku Sundalana Seri 6, terbitan taun 2007, Bab Dano Bandung Purba]]]]
[[Image:KalderaSunda.jpg|thumb|Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007]]

Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya [[congcot]] nu dingaranan Gunung Sunda, luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah geulang dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.

[[Image:Gunungsunda.jpg|center|[[Gambar ieu meunang ngedit ti gambar rekonstruksi gunung Sunda dina buku Sundalana Seri 6, terbitan taun 2007, Bab Dano Bandung Purba]]]]
[[Image:Gunungsunda.jpg|thumb|Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007]]

Bisa jadi luhur Gunung Sunda (purba) nu sabenerna leuwih ti taksiran eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan ayeuna congcot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji gunung.

Révisi nurutkeun 31 Oktober 2007 08.36

Gunung Sunda
Luhur 1854m
Perenah Bandung, Jawa Barat

Gunung Sunda nyaeta salasahiji gunung nu kiwari aya di wewengkon Bandung, Jawa Barat, Indonésia. Gunung Sunda nu aya kiwari, babarengan jeung Gunung Tangkubanparahu sarta Gunung Burangrang, mangrupakeun pasesaan Gunung Sunda (purba) nu kungsi bitu dina jaman prasajarah. Bituna Gunung Sunda (purba) oge geus nyababkeun kawangunna kaldera Sunda.

Sajarah

Gunung Sunda jeung carita Sangkuriang

Ayana gunung Sunda henteu bisa dipisahkeun tina Sasakala Sang Kuriang (Sangkuriang). Cutatan sajarah ngeunaan Sakakala Sangkuriang aya dina Naskah Bujangga Manik. Bujangga Manik[1] nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sangkuriang saperti kieu:

Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sakakala Sang Kuriang
Masa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan

Dina sasakala Sangkuriang, dicaritakeun yen Dayang Sumbi nyieun akal supaya Sangkuriang henteu ngawin anjeunna. Dayang Sumbi menta Sangkuriang sangkan manehna nyieun talaga (dano) jeung parahu dina waktu sapeuting. Liwat tengah peuting dano geus jadi sedengkeun parahu ampir jadi. Dayang Sumbi nyieun akal deui; lawon bodas (boeh larang) hasil ninun anjeunna diabar-abar make kakuatan gaib sangkan kaciri beureum siga cahaya panonpoe. Sangkuriang, anu ngarasa kabeurangan, ambek pisan, parahu ditalapung tepi ka nangkub. Parahu nangkub eta jadi gunung Tangkubanparahu. Sesa bahan parahu anu kari tunggul jadi Bukittunggul. Sedengkeun rangrang (ranting) sesa tangkal ngagunung jadi gunung Burangrang.

Sasakala Sangkuriang diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna sacara lisan pikeun ngawartakeun yen di wewengkon sakuliah gunung Tangkuban Parahu kiwari teh baheulana kungsi aya dano, kungsi aya gunung bitu waktu peuting (seuneu tengah peuting anu caangna siga cahaya panon poe waktu isuk) anu disusul ku munculna gunung Tangkubanparahu, Bukittunggul jeung Gunung Burangrang.

Kronologi kajadian dina sasakala Sangkuriang akur pisan jeung hasil panalungtikan para ahli geologi ngeunaan Gunung Sunda, jeung Dano Bandung.

Rekontruksi Gunung Sunda

Ceuk para ahli geologi jeung ahli geografi, di antara gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji lengkob anu ngarupakeun dasar kaldera anu disebut dasar kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya Situ Lembang, anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti Lawangangin terus melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera Gunung Sunda (purba).

Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007

Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya congcot nu dingaranan Gunung Sunda, luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah geulang dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.

Meunang nyeken tina buku Sundalana Seri 6 terbitan 2007

Bisa jadi luhur Gunung Sunda (purba) nu sabenerna leuwih ti taksiran eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan ayeuna congcot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji gunung.

Dina mangsa prasajarah, kira-kira 105.000 – 10.000 taun katukang, Gunung Sunda (purba) kungsi bitu ngaluarkeun gas gunungapi anu pohara kuatna, disebut tipeu plinian. Bitu gunung tipeu ieu mah nyababkeun matrial gunungapi disemburkeun ka wewengkon anu pohara jauhna, nepi ka Citarum kiduleun Rajamandala kasaeur. Matrial gunungapi ieu mendet susukan Citarum Purba, anu ngakibatkeun jadina dano Bandung.

Gunung Sunda bitu kadua kalina dina kira-kira 10.000 - 5000 tahun ka tukang. Matrial gunungapina harita keneh geus ngubur wewengkon anu lega pisan. Leuweung geledegan anu aya mangsa harita, anu kaina sagede-gede dreum, kakubur bareng jeung mahluk hirup nu aya di dinya, sato vertebrata badag siga badak, uncal, jeung hippopotamus (kuda nil) nu keur ngareueum di ranca-ranca kiduleun Rajamandala anu jauhna ± 35 km ti gunung Sunda. Areng kai saukuran dreum kapangih di pangalaan keusik di CiseupanCibeber, Cimahi Kidul. Di dinya pisan aya tangkal kai anu geus jadi areng ngagaloler ngarah datangna awan panas.[2]

Ku sabab loba matrial ti jero gunung anu dikaluarkeun waktu eta gunung bitu, bagian jero gunung jadi kosong. Hal ieu anu nyababkeun ambrugna sabagian gede awak Gunung Sunda, ngawangun kawah anu pohara legana, anu nelah disebut kaldera Gunung Sunda.

Ti sisi wetan kaldera mucunghul gunung anyar, nyaeta Gunung Tangkubanparahu.

Kaayaan alam sabudeureun Gunung Tangkubanparahu kiwari geus mimiti ruksak alatan tingkah pola manusa anu henteu nyaah ka alam. Ku kituna, aya upaya ti Pamarentah pikeun ngabalikkeun deui kaayaan alam ka asalna ku cara ngajadikeun ieu wewengkon Taman Nasional.

Tumbu luar

Rujukan

  1. Three Old Sundanese Poems. KITLV Press. 2007. 
  2. Dano Bandung Purba (Sundalana Seri 6). Sundalana. 2007.