Lodaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Lodaya atawa maung lodaya (basa Latin: Panthera tigris; sok aya ogé nu nyebutna maung hungkul) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora.

Lodaya
Status konservasi: Kaancam punah
Lodaya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mamalia
Ordo: Karnivora
Kulawarga: Felidae
Marga: Panthera
Spésiés: P. tigris
Ngaran binomial
Panthera tigris
(Linnaeus, 1758)

Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun nyamuni/kamuflasena). Ti antara sadaya ucing gedé, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro sorangan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nyaéta dina raraga moro jeung pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupa afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot antukna asup kana daptar spésiés nu kaancam tumpur. Lodaya mangrupa salah sahiji sato nu aya dina punclut ranté dahareun.[1]

Cara maéhan[édit | édit sumber]

Lodaya biasa nalukkeun mangsana ti mana baé, biasana mah dibongohan, ngégél beuheungna nepi ka tikorona mites atawa megatkeun s[rujukan?]

Subspésiés[édit | édit sumber]

Lodaya kabagi kana dalapan subspésiés, tilu di antarana geus dianggap lastari, sarta hiji ampir punah. Lodaya (kungsi) hirup di Rusia, Sibéria, Iran, Afganistan, India, Cina, jeung Asia tenggara, kaasup kapuloan Sunda. Di antara nu aya kénéh, nyaéta:

  • Lodaya Bengal (Panthera tigris tigris) kapanggih di sapanjang leuweung jeung tatar jukut Bangladés, Butan, Cina, India, jeung Népal, nu diaku salaku sato nasional ku Bangladés jeung India. Populasi liarna kira 3000 nepi ka 4600, lolobana aya di India jeung Bangladés. Ieu lodaya kiwari keur kadéséh pisan boh alatan ngurangan habitatna jeung diboro; sababaraha resép kadokteran Cina (hususna pikeun nambaan peluh) merlukeun bagian awak lodaya. Project Tiger, hiji proyék konservasi nu medal taun 1972, saeutikna geus bisa ngabantu pikeun ngajaga subspésiés ieu.[rujukan?]
Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris)
  • Lodaya Indocina (Panthera tigris corbetti), ogé disebut lodaya Corbetts, hirup di Kamboja, Cina, Laos, Malaysia, Myanmar, Muangtai, jeung Viétnam. Populasina antara 1200–1800, tapi sigana mah kurang ti sakitu. Populasi panglobana aya di Malaysia, nu ngontrol pamoroanana kalawan ketat, tapi tetep baé populasina kaancam ku fragmentasi habitat jeung inbreeding. Di Viétnam, ampir sapertilu lodaya ditelasan pikeun masok farmasi Cina, sarta pikeun masarakat miskin dianggap salaku sumber upajiwa.
  • Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae) ukur aya di pulo Sumatra, Indonésia. Populasi liarna kira ukur 400 - 500, nu utamana aya di lima taman nasional. Uji génétik geus hasil ngagali ayana marka génétik unik, nu nandakeun prosés tumuwuhna spésiés anyar (mun teu kaburu punah). Hasil ieu nunjukkeun pentingna ngaheulakeun konservasi Lodaya Sumatra batan subspésiés séjén. Diranjahna habitat jadi sabab utama ancaman kana kahirupan Lodaya Sumatra (ngabalak leuweung, kaasup di taman nasional), najan kabéjakeun aya 66 nu ditémbak/diboro antara taun 1998 jeung 2000—ampir 20% tina populasi total.[rujukan?]
  • Lodaya Sibéria (Panthera tigris altaica), ogé katelah lodaya Amur, Mansuria atawa lodaya Cina Kalér, ampir sagemblengna aya di Rusia wétan nu kiwari dijaga. Kiwari aya kurang ti 400 nu liar, nu sigana populasi-populasina geus teu bisa dipaké sacara génétik, alatan geus lobana inbreeding.
Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae)
  • Lodaya Cina Kidul (Panthera tigris amoyensis), ogé katelah lodaya Amoy atawa Siamén, subspésiés nu paling kaancam punah, malah nu liar mah ti saprak kapanggih terus ditémbak nepi ka paéhna taun 1994, teu kungsi kawénéhan deui di habitat alamina nepi ka kiwari. Taun 1959, Mao Setung ngumumkeun yén lodaya dianggap hama, antukna jumlahna nyirorot pisan, ti 4000-an leuwih jadi 200-an taun 1976. Taun 1977 pamaréntah Cina malikkeun undang-undang ieu, sarta nyaram diborona lodaya liar, tapi kawijakan ieu geus telat teuing pikeun nyalametkeun subspésiés ieu. Kiwari, di Cina aya 59 lodaya Cina inguan, nu borojol ukur ti genep indung. Balukarna, karageman genetik nu dipikabutuh pikeun mertahankeun subspésiésna geus euweuh, antukna kapunahanana geus aya na lawang panto.

Lastari[édit | édit sumber]

Lodaya dina pustaka jeung budaya Sunda[édit | édit sumber]

(kosong kénéh, mangga eusian)

Baca ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Bekti prasetyo D. P, Yun Sugiarti, Lucius (2020). Solusi Sukses Belj.Biologi SMP/MTsBekti prasetyo D. P, Yun Sugiarti. Indonesia: Grasindo. p. 25. ISBN 9789790254695.  Disungsi21 April 2023