Wagé Rudolf Soepratman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Wagé Rudolf Soepratman
Wagé Rudolf Soepratman
Gumelar9 Maret 1903
Walanda Jatinegara, Batavia, Hindia Walanda
Tilar dunya17 Agustus 1938
Walanda Kalisosok, Surabaya, Hindia Walanda
PagawéanMusikus, Pulitikus

Wagé Rudolf Soepratman (éjahan anyar: Wagé Rudolf Supratman) ngaranna dipikawanoh minangka W. R. Supratman (gumelar di Jatinegara, Batavia, Hindia Walanda, 9 Maret 1903 – maot di Kalisosok, Surabaya, Hindia Walanda, 17 Agustus 1938 dina umur 35 taun[1][2]) nyaéta pangarang lagu "Indonésia Raya", lagu kabangsaan Indonésia.[1]

Ngaran bapana Jumeno Senen Sastrosuharjo, saurang sersan di Batalion VIII.[1] Taun 1914, Supratman milu jeung Roekijem (Rukiyem), dulurna, ka Makassar. di dinya anjeunna disakolakeun jeung dibiayaan ku salakina Roekijem nu ngaranna Willem van Eldikn saurang Indo-Walanda anu digawé minangka instruktur Batalion XIX di Makassar.[1] Supratman diajar basa Walanda di Europeesse Lagere School, sakola dasar Walanda salila 3 taun.[1] Saméméh diasupkeun ka sakola éta, Wagé Supratman kudu disaruakeun (gelijkgesteld) ku nambahkeun ngaran "Rudolf" dina ngaranna, jadi ngaran lengkepna Wagé Rudolf Supratman.[1]

Nalika dumuk di Makassar, Supratman meunang pangajaran musik ti lanceuk iparna nyaéta Willem van Eldik. Willem calakan dina maén biola jeung bisa ngagubah lagu. Taun 1924, aya parobahan dina diri Wagé Rudolf Supratman.[1] Anjeunna mimitu mokuskeun kana masalah pulitik. Parobahan ieu alatan tina pakawulan jeung para wartawan anu ngasuh surat kabar "Pemberita Makassar" jeung "Pelita Rakyat" anu ngagunakeun basa Malayu.[1] Ilubiungna dina sawatara sawala pulitik, pohara ngahésékeun kanu jadi pilanceukanna minangka tentara pamaréntah Walanda. Ku kituna, anjeunna netepkeun kaputusan pikeun ninggalkeun Makassar sarta bajuang di Pulo Jawa.[1]

Nalika dumuk di Jakarta, dina hiji mangsa anjeunna maca hiji karangan dina majalah Timbul. Panulis karangan ieu nangtang ka ahli-ahli musik Indonésia pikeun nyiptakeun lagu kabangsaan. Supratman katantang, tuluy mimiti ngagubah lagu.[1] Dina taun 1924 medalna lagu Indonésia Raya. Dina bulan Oktober 1928 di Jakarta lumangsung Kongrés Pamuda II.[1] Kongrés ieu ngabijilkeun Sumpah Pemuda.[1] Dina panutupan kongrés, tanggal 28 Oktober 1928, Supratman ngabéwarakeun lagu ciptaanna sacara instruméntal ka para paserta umum.[1] Sacara gancang lagu éta kasohor di lingkung pagerakan nasional.[1]

Sanggeus Indonésia merdéka, lagu Indonésia Raya dijadikeun lagu kabangsaan.[1] Sanajan kitu, Wage Rudolf Supratman teu kaburu ngarasaan kaayaan kamerdékaan.[1] Alatan tina lagu ciptaanna anu pamungkas Matahari Terbit dina awal Agustus 1938, anjeunna ditéwak nalika ngalanglangkeun lagu éta bareng pandu di NIROM jalan Embong Malang –Surabaya jeung ditahan di bui Kalisosok-Surabaya.[1] Anjeunna tilar dunya dina tanggal 17 Agustus 1938 ku sabab kaserang kasakit.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Jasa Terpadu Telematika. 2015 Tirto Adhi Soerjo. Diaksés 17 April 2015.
  2. Mudzakir, Arif. 2006. RPUL (Rangkuman Pengetahuan Umum Lengkap. Aneka Ilmu: Semarang.