Waktu jeung usum-usuman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Gambar:FAJAR.jpg
wanci carancang tihang (kira-kira tabuh 05.30

Waktu nyaéta hiji bagian tina sistem ukuran pikeun ngabandingkeun lila lumangsungna kajadian-kajadian sarta selang antara kajadian-kajadian anu dimaksud.[1] Urang sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina sapoé sapeuting saméméh ngabogaan arloji atawa béker.[2] Ngaran-ngaran waktu umumna dumasar kana kajadian anu kaalaman ku dirina jeung alam sakurilingna anu méré ciri yén urang sunda mah kacida dalitna jeung alam sakurilingna.[2]

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam[édit | édit sumber]

1. Wanci tumorék nyaéta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.00
3. Wanci janari leutik nyaéta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.00
5. Wanci disada rorongkéng nyaéta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
6. Wanci haliwawar nyaéta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00
8. Wanci balébat nyaéta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
9. Wanci carancang tihang nyaéta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nyaéta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
11. Wanci haneut moyan/laér kanjut nya nyaéta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
12. Wanci rumangsang nyaéta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14. Wanci manceran/tengah poé nyaéta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
15. Wanci lingsir ngulon nyaéta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
16. Wanci panonpoé satungtung nyaéta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
17. Wanci tunggang gunung ny éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
18. Wanci sariak layung nyaéta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
19. Wanci érang-érang nyaéta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
20. Wanci sareupna/harieum beungeut nyaéta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
21. Wanci sareureuh gaang nyaéta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
22. Wanci sareureuh budak nyaéta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
23. Wanci sareureuh kolot nyaéta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.[2]

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah[édit | édit sumber]

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
3. Subuh kira-kira tabuh 04.30-05.00
4. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.00
5. Lohor kira-kira tabuh 12.00
6. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
7. Asar kira-kira tabuh 15.30
8. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.[2]

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé[édit | édit sumber]

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
2. Beurang nyaéta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
5. Peuting nyaéta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
6. Poé ieu nyaéta waktu anu ayeuna keur dilakonan
7. Isukan nyaéta sapoé nu bakal datang
8. Pagéto nyaéta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
9. Pagéto amat nyaéta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
10. Kamari nyaéta poé nu geus kaliwat sapeuting
11. Mangkukna nyaéta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
12. Tilu poé ka tukang nyaéta waktu nu geus kaliwat tilu poé.[2]

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon[édit | édit sumber]

1. Ayeuna nyaéta waktu nu keur dilampahan
2. Bieu nyaéta waktu nu cikénéh karangdapan
3. Cikénéh nyaéta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
4. Tadi nyaéta waktu nu can lila kaliwatna
5. Engké/mangké nyaéta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).[2]

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman[édit | édit sumber]

1. Kiwari nyaéta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nyaéta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nyaéta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nyaéta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nyaéta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nyaéta jaman nu moal lila bakal kasorang
7. Baring supagi nyaéta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.[2]

Sesebutan Waktu Séjénna[édit | édit sumber]

1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh
5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon
6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.[2]

Usum-Usuman[édit | édit sumber]

Usum-usuman nyaéta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu.[2] Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti di handap ieu.[2]

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam[édit | édit sumber]

1. Usum mamaréng nyaéta usum mimiti ngijih
2. Usum ngijih nyaéta waktu mindeng turun hujan
3. Usum dangdarat nyaéta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
4. Usum katiga nyaéta usum halodo, usum teu hujan
5. Usum barat nyaéta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
6. Usum selatan nyaéta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.[2]

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat[édit | édit sumber]

1. Usum ngagebug nyaéta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
2. Usum sasalad nyaéta usum loba panyakit nu babari tépa
3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin
4. Usum paceklik nyaéta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
5. Usum tigerat nyaéta usum paceklik
6. Usum nguyung nyaéta usum paceklik.[2]

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah[édit | édit sumber]

1. Usum nyambut nyaéta mangsa ngagarap sawah
2. Usum tebar nyaéta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
3. Usum tandur nyaéta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
4. Usum ngarambét nyaéta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
5. Usum celetu nyaéta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
6. Usum beukah nyaéta mangsa paré areusian, bareukah
7. Usum rampak nyaéta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
8. Usum beuneur héjo nyaéta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
9. Usum pibuateun nyaéta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
10. Usum panén nyaéta mangsa paré diala (dibuat).[2]

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma[édit | édit sumber]

1. Usum nyacar nyaéta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
2. Usum ngahuru nyaéta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
3. Usum ngaseuk nyaéta mangsa melak paré huma
4. Usum ngoréd/ngoyos nyaéta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
5. Usum dibuat/ngétém nyaéta mangsa ngala paré (maké étém).[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Waktu[tumbu nonaktif](diaksés 16 Juni 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n Hidayat, Rachmat Taufiq, spk.2005.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat