I Gusti Ketut Jelantik
| I Gusti Ketut Jelantik | |
|---|---|
Lukisan I Gusti Ketut Jelantik | |
| Gumelar | 1800 Tukadmungga, Buleleng, Bali |
| Tilar dunya | 1849 Perbukitan Bale Pundak, Bali |
| Kabangsaan | Indonésia |
| Pagawéan | Patih Agung Karajaan Buleleng |
| Dipikawanoh salaku/lantaran | Pamingpin Perang Jagaraga |
| Anugrah | Pahlawan Nasional Indonésia |
I Gusti Ketut Jelantik (pupus taun 1849) nyaéta saurang Pahlawan Nasional Indonésia anu asalna ti Karangasem, Bali. Manéhna téh saurang patih ti Karajaan Buleleng. Manéhna miboga peran penting dina Perang Bali I, Perang Jagaraga, jeung Perang Bali III anu lumangsung di Bali dina taun 1849. Manéhna gugur nalika peperangan lekasan dina taun 1849.[1]
Biografi
[édit | édit sumber]I Gusti Ketut Jelantik lahir di Tukadmungga, [Buleleng]], taun 1800. Manéhna asalna ti kulawarga bangsawan Karangasem. Dina taun 1828, manéhna diangkat jadi Patih Agung Karajaan Buleleng ku Raja Buleleng.[2] Salaku patih, manéhna dipikawanoh minangka saurang anu teges jeung wani nolak sagala rupa tekanan ti pihak Walanda.[3]
Perjuangan ngalawan Walanda
[édit | édit sumber]Perlawanan I Gusti Ketut Jelantik dimimitian nalika pamaréntah kolonial Walanda hayang ngahapuskeun hak Tawan Karang. Tawan karang nyaéta hak raja-raja di Bali pikeun ngawasa jeung nyokot kapal-kapal anu kandas di cai wilayah maréhna, kaasup sakabéh eusina.[4]
Walanda nungtut sangkan Karajaan Buleleng ngaku kedaulatan maréhna, tapi Ketut Jelantik nolak pisan. Manéhna kungsi ngucapkeun kalimah anu kawéntar: "Salami kuring hirup, kuring moal ngaku kana kakawasaan Walanda di nagara ieu."[1]
Strategi jeung Taktik Perang
[édit | édit sumber]Dina nyanghareupan pasukan Walanda, I Gusti Ketut Jelantik ngagunakeun siasat pertahanan anu kacida kuatna, salah sahijina nyaéta sistem Bénténg Supit Urang (atawa gelar Makara Wyuha). Strategi ieu ngandelkeun tanaga rahayat pikeun ngawangun gundukan taneuh anu jangkung sarta lombang-lombang pertahanan anu jero di sabudeureun Bénténg Jagaraga.[5] Salian ti éta, manéhna ogé ngagerakkeun konsép perlawanan Puputan, nyaéta tékad perang nepi ka titik getih pamungkas demi ngajaga kahormatan nagara.[4]
Aya tilu peperangan badag anu dipingpin ku manéhna:
- Perang Bali I (1846): Walanda nyerang Buleleng tapi Jelantik terus ngayakeun perlawanan sanajan puseur dayeuh dikawasa.
- Perang Jagaraga (1848): Puseur pertahanan dipindahkeun ka [[Bénténg Jagaraga][. Dina perang ieu, pasukan Bali hasil maéhan kurang leuwih 200 prajurit Walanda sarta maksa maréhna mundur.[4]
- Perang Bali III (1849): Walanda datang deui mawa pasukan anu leuwih loba. Bénténg Jagaraga antukna ragrag sanggeus dikepung ku Walanda.[3]
Pupusna
[édit | édit sumber]Saatos Bénténg Jagaraga ragrag, I Gusti Ketut Jelantik mundur ka arah Gunung Batur, Kintamani. Manéhna gugur dina pertempuran di Perbukitan Bale Pundak nalika ditémbak ku pasukan Walanda anu dibantuan ku pasukan ti Lombok dina taun 1849.[2]
Pangajén
[édit | édit sumber]Dumasar kana jasa-jasana dina ngabela lemah cai, I Gusti Ketut Jelantik ditetepkeun minangka Pahlawan Nasional Indonésia dumasar kana SK Présidén RI No. 077/TK/Tahun 1993 dina tanggal 14 Séptémber 1993.[6]
Réferénsi
[édit | édit sumber]- 1 2 "I Gusti Ketut Jelantik - Wikipedia basa Indonésia". Diaksés tanggal 23 Januari 2026.
- 1 2 "Profil Pahlawan Nasional: I Gusti Ketut Jelantik". Kamenterian Atikan jeung Kabudayaan Républik Indonésia.
- 1 2 Sudarmanto, Y.B. (2007). Jejak-Jejak Pahlawan: Perekat Kesatuan Bangsa Indonesia. Grasindo. ISBN 978-979-759-716-0.
- 1 2 3 Agung, Ide Anak Agung Gde (1989). Bali pada Abad XIX: Perjuangan Rakyat dan Raja-Raja Menentang Kolonialisme Belanda 1808-1908. Gadjah Mada University Press.
- ↑ Kartodirdjo, Sartono (1993). Sejarah Nasional Indonesia IV: Abad XIX. Balai Pustaka.
- ↑ Surat Kaputusan Présidén RI No. 077/TK/Tahun 1993 ngeunaan Pangajén Gelar Pahlawan Nasional.