Lompat ke isi

Istighfar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Istighfar
أَسْتَغْفِرُ اللهَ
Transliterasi Astaghfirullah
Hartosna "Abdi nyuhunkeun ampun ka Allah"
Agama Islam
Jenis Dzikir
Dasar Hukum Al-Qur'an sareng Hadits

Istigfar (Basa Arab: أَسْتَغْفِرُ اللهَ, astaghfirullāh) nyaéta mangrupa panyambat panghampura ti manusa salaku hamba anu miboga sipat kumandel ka Gusti Allah, Dzat anu geus ngayugakeun dirina sarta anu kawasa nangtukeun kumaha nasib dirina salaku mahluk Allah.[1] Ieu panyambat panghampura téh wungkul ditujukeun ka Allah, lain ka nu séjén; sarta éta panyambat panghampura téh sipatna langsung ka Allah tanpa aya cukang lantaran (perantara), sahingga mangrupa panyambat anu kacida murnina.[1]

Hartina, éta panyambat panghampura téh mémang bijil tina lelembutan haténa pikeun ngahontal hubungan anu bersih tur murni sareng Allah, sarta dumasar kana rasa kasieun ku ayana dodoja atawa nasib anu goréng. Hal ieu téh alatan kasadaran yén dirina geus midamel dosa ka Allah, padahal manéhna geus yakin pisan yén bagja jeung cilaka téh aya dina geugeuman Allah.[2]

Istigfar téh mangrupa kurnia anu kacida agungna ti Gusti Allah pikeun urang, lantaran istigfar miboga rupa-rupa kaistiméwaan. Istigfar téh panawar pikeun dosa-dosa anu geus dipilampah ku urang. Istigfar ogé jadi landong pikeun ngupahan jiwa anu keur rugreg tur marudah. Lian ti éta, istigfar téh mangrupa jalan kaluar tina sagala bangbaluh anu karandapan dina lalakon hirup.[1]

Istighfar
ArabLatinHartosna
أَسْتَغْفِرُ اللهَAstaghfirullahAbdi nyuhunkeun ampun ka Allah
أَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَAstaghfirullahal 'adzhimAbdi nyuhunkeun ampun ka Allah Nu Maha Agung

Ieu di handap nyaéta kaahéngan tobat kalayan istigfar:

Lebetna Panghampura Dosa

[édit | édit sumber]

Maca istigfar téh hartina urang sadar kana kakaipan diri, yén urang téh mahluk nu taya daya sarta mindeng tisolédat kana dosa. Sangkan éta dosa-dosa téh teu neuleumkeun urang, kudu dikikis ku istigfar. Istigfar téh bisa ngaleungitkeun sarta ngahapus dosa anu geus dipilampah ku urang.[1]

Al-Qur'an negeskeun:

قُلْ يٰعِبَادِيَ الَّذِيْنَ اَسْرَفُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوْا مِنْ رَّحْمَةِ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ يَغْفِرُ الذُّنُوْبَ جَمِيْعًا ۗاِنَّهٗ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

QS. Az-Zumar [39]: 53

"Pok caritakeun, 'Wahai hamba-hamba-Kuring anu geus ngaliwatan wates tina dirina sorangan! Ulah arandika pegat harepan tina rahmat Allah. Saenyana Allah ngahampura sakabéh dosa. Saenyana Mantena téh Nu Maha Panghampura tur Maha Penyayang.'"

Amanat utama tina ayat di luhur nyaéta geura méménta ampun (istigfar) ka Allah saloba-lobana. Sabab saenyana Allah téh Nu Maha Panghampura tina sagala dosa. Mantena téh nu kagungan jenengan Al-Ghaffaar tina rupa-rupa asmana anu éndah (Asmaul Husna). Jenengan Allah anu éndah ieu pisan anu ku urang disebut-sebut dina lisan istigfar.[1]

Diriksa tina Mamala

[édit | édit sumber]

Saban lampah téh pasti aya balesanana. Lampah hadé bakal méré buah anu hadé, nyaéta ganjaran sarta kurnia. Sabalikna, lampah goreng bakal mawa balukar anu goréng ogé, nyaéta dosa sarta lungsurna mamala (azab).

Pertanyaanna, naon anu kudu dipilampah sangkan mamala Allah teu lungsur balukan tina kedurhakaan urang? Dina hal ieu, istigfar téh bisa jadi taméng pikeun nyegah datangna mamala. Istigfar anu ku urang dizikirkeun kalayan pinuh ku pangharepan bakal ngikis dosa-dosa urang, sahingga mamala Allah moal tulus lungsurna.[1]

Titénan ayat Al-Qur'an di handap ieu:

وَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُعَذِّبَهُمْ وَاَنْتَ فِيْهِمْۚ وَمَا كَانَ اللّٰهُ مُعَذِّبَهُمْ وَهُمْ يَسْتَغْفِرُوْنَ

QS. Al-Anfal [8]: 33

"Nanging Allah moal bakal nyiksa maranéhna, salila anjeun (Muhammad) aya di antara maranéhna. Jeung Allah ogé moal nyiksa maranéhna, salila maranéhna (masih) ménta panghampura (istigfar)."

[1]

Nganteurkeun ka Sawarga

[édit | édit sumber]

Saban jalma tinangtu kungsi midamel dosa. Dina hal ieu, jalma anu hadé téh nyaéta jalma anu nalika midamel dosa, anjeunna énggal sadar, lirén tina éta laku dosa, sarta méménta panghampura (istigfar) ka Gusti Allah. Istigfar anu dipilampah kalayan ihlas sarta handap asor sanés ngan saukur bisa ngahapus dosa, nanging ogé bakal nganteurkeun jalmana ka sawarga.[1]

Simeupan dawuhan Allah SWT ieu di handap:

وَسَارِعُوْٓا اِلٰى مَغْفِرَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُۙ اُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَۙ ...

QS. Ali 'Imran [3]: 133-136

"Pék geura gura-giru maraneh méménta panghampura ti Pangéran maraneh sarta ngahontal sawarga anu legana saukur langit jeung bumi... Maranehna henteu neruskeun laku dosana bari maranehna nyaho. Balesan pikeun maranehna nyaéta panghampura ti Pangéranna sarta sawarga-sawarga anu di handapna ngalir walungan-walungan, maranehna langgeng di jerona. Éta téh pangalus-alusna ganjaran pikeun jalma-jalma anu migawé (amal hadé)."

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 El-Bantanie, Muhammad Syafi'ie (Juni 2010). Tobat Sebelum Terlambat (Édisi Cetakan pertama). Jakarta: QultumMedia. hlm. 3. Diaksés tanggal 12 Maret 2026.
  2. Laksono, Hilmy (Agustus 2005). Keutamaan Istigfar (Édisi Cetakan kelima belas). Depok: Gema Insani. hlm. 19. Diaksés tanggal 12 Maret 2026.