Jaarbeurs

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Stand Listrik, salasahiji stand di Jaarbeurs Bandung taun 1924

Jaarbeurs nyaéta pakumpulan pangusaha anu sataun sakali ngayakeun kasempetan pikeun mintonkeun atawa mamérkeun saniskara barang daganganana.[1] Biasana barang anyar, boh buatan di urang boh buatan luar negri.[1] Henteu ngan ukur mangrupa paméran , tapi ogé mangrupa raraméan, lantaran dibarengan ku rupa-rupa tongtonan atawa hiburan anu aranéh, nu langka kapanggih sapopoéna.[1] Malah nu euweuh di urang, ngahaja didatangkeun ti luar negri, dipaké narik publik.[1] Bari jeung sok diayakeun rupa-rupa kongkur deuih, tur unggal taun ganti-ganti, tina rupa-rupa widang: olahraga, kasenian, karajinan, jst.[1] saperti papanahan, langlayangan, patapis-tapis nyetiran mobil, koroncong, ibing, tembang, penca, ogél, jrrd.[1]

Bintang (medali) emas atawa pérak atawa parunggu, jeung diploma biasa dibagikeun ka nu unggul atawa ka nu dianggap punjul bubuatanana, cara barang nu dipintonkeunana mah, boh barang anyaman, boh ukiran atawa tatahan jst.[1] Dalah cara mintonkeun atawa mamérkeun barang-barang ogé milu dipeunteun, nu tétéla punjul ti batur mah dibéré hadiah atawa diploma.[1] Jaarbeurs di Bandung boga tempat nu baku jeung adegan nu tetep.[1]
Jaarbeurs mimiti diayakeun di Bandung ti taun 1920 tepi ka taun 1949 kalawan diprakarsaan ku pakumpulan Bandung Vooruit (Bandung Maju).[2] Ti taun 1920 tepi ka 1924 Jaarbeurs dilaksanakeun di aréa beulah kidul lapangan olahraga NIAU (Nederlandsch Indische Athletiek Unie), anu ayeuna jadi Gelora saparua, dina wangunnan semi permanén.[2]

Kakara dina taun 1925 gedong utama Jaarbeurs di Menadostraat 50 (ayeuna jalan Aceh) diadegkeun ku kontraktor G.J. Bel dumasar kana karya arsiték C.P. Wolff Schoemaker (1882-1949).[2] Gedong Jaarbeurs maké gaya arsitéktur Art Deco kalawan tilu arca torso Atlas sitaranjang di bagian suhunanana jeung tulisan Jaarbeurs di bagian handapna.[2] Dina mangsa harita acara Jaarbeurs dina bulan Juni-Juli mangrupa titik puncak karaméan kota Bandung.[2]

Ti taun 1942 ieu acara tara diayakeun deui.[2] Dina jaman pendudukan Jepang gedong Jaarbeurs dipaké kamp interniran.[2] Dina taun 1945-1949 ieu gedong dijadikeun markas militér Belanda MTD (Motor Technische Dienst).[2] Ti taun 1949 kadieu urut gedong Jaarbeurs dijadikeun markas militér TNI AD. salah saurang komandanna kungsi nutupan tilu arca Atlas ku triplék lantaran dianggap vulgar.[2] Ayeuna gedong Jaarbeurs dijadikeun gedong MAKODIKLAT TNI-AD (Markas Komando Pendidikan dan Latihan).[2] Urut gedong lokét paragi ngajual karcis Jaarbeurs jadi garduh jaga.[2] Ti taun 2005 gedong Jaarbeurs bisa diséwa pikeun tempat résépsi kawin.[2]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i Sjarif Amin. 1964. Lembur Kuring. Bandung: Ganaco.
  2. a b c d e f g h i j k l "Gedung Kologdam, Jaarbeurs Bandoeng 1928 – 2008" dina http://bapusipda.jabarprov.go.id/infusions/galeri/photodesc.php?id=49 diaksés 15 Oktober 2011


Nulis.jpg