James Peace

Kenneth James Peace dibabarkeun di Paisley, 28 Séptémber 1963. Anjeunna mangrupikeun saurang komposer, pianis konsér, sareng seniman visual asal Skotlandia.
Biografi
[édit | édit sumber]James Peace dibabarkeun di Paisley, Skotlandia, dina tanggal 28 Séptémber 1963. Anjeunna nyéépkeun sabagian ageung waktos alitna di Helensburgh, hiji résor sisi laut di beulah kulon Skotlandia.[1][2][3] Kulawargina ngawengku seueur seniman (contona John McGhie), sareng anjeunna ogé masih kénéh wargi Felix Burns, saurang komposer musik dansa anu kasohor dina paruh kahiji abad ka-20.[1][4]
Anjeunna nampi atikan piano ti yuswa dalapan dalapan taun sareng pidangan publik munggaranna lumangsung dina yuswa opat belas taun, mawakeun musik karya Scott Joplin.[3] Dina yuswa genep belas taun, anjeunna katampi di Royal Scottish Academy of Music and Drama (ayeuna disebat Royal Conservatoire of Scotland) salaku mahasiswa full-time anu pangngorana.[1][2][4][5] Dina taun 1983, anjeunna lulus ti Universitas Glasgow kalayan gelar B.A. dina widang pangajaran piano. Taun salajengna, anjeunna nampi diploma dina widang pidangan musik (music performance) saatos maénkeun Piano Concerto No.1 karya Mendelssohn sareng orkéstra RSAMD.[4][5] Saatos ngaréngsékeun atikan formalna, anjeunna damél salaku pianis sareng linggih di Edinburgh ti taun 1988 dugi ka 1991.[1][6]
James Peace linggih di Bad Nauheim, Jérman (basa Jérman: Bundesrepublik Deutschland), ti taun 1991 dugi ka 2009.[7][8] Ti taun 1998, anjeunna neuleuman tango, ngahasilkeun CD Tango escocés (Tango Skotlandia) anu mangrupa komposisi piano nu kainspirasi ku tango karyana nyalira.[9][10][11] Dina taun 2002, anjeunna janten anggota kahormatan Victoria College of Music.[4][9][10][11][12] Dina taun anu sami, anjeunna ngalaksanakeun tur konsér solo di Jérman kalér dina bulan Séptémber/Oktober sareng ka Wétan Jauh dina bulan Nopémber, midangkeun Tango XVII karyana pikeun mimiti di Hong Kong.[9][10][11][12][13][14]
Dina taun-taun salajengna, pidanganana langkung dipuseurkeun di Éropa. Anjeunna parantos midangkeun tango karyana di sababaraha ibu kota, diantawisna: Amsterdam, Athéna,[15] Bérlin,[16] Brussels, Hélsinki,[17] Lisbon,[3][18] London, Madrid,[3][19] Oslo,[20] Réykjavík[21] jeung Wina.[22]
Dina taun 2008, anjeunna janten anggota kahormatan London College of Music salaku pangakuan kana jasana kana musik tango.[23][24][25]
Saatos sakedap di Edinburgh, anjeunna mulih deui ka Jérman dina bulan Pébruari 2010 kanggo linggih di Wiesbaden.[1][2] Hal ieu nyababkeun impuls kréatif anyar, sareng anjeunna ngadamel pilem-pilem pondok tina sababaraha komposisi karyana nyalira. Pilem dokuméntér James Peace in Wiesbaden mangrupikeun salah sahiji karyana dina genre ieu.[23][24][25]
Pangajén sareng Penghargaan
[édit | édit sumber]
● Juara Kahiji, Kompetiti Agnes Millar. Glasgow, 1983[5]
● Juara Kahiji, Kompetisi Dunbartonshire EIS. Glasgow, 1984[5]
● Juara Kahiji, Kompetisi Sibelius Essay. Glasgow, 1985[5]
● Diploma Kahormatan, Kompetisi TIM. Roma, 2000[1][2][6]
● Diploma Kahormatan, IBLA Foundation. New York, 2000[1][2][6]
● Medali Pangéling-ngéling (Kelas Hiji), International Piano Duo Association. Tokyo, 2002[26]
● Medali emas, Académie Internationale de Lutèce. Paris, 2008[1][2]
Karya Utama
[édit | édit sumber]● The Waterfall (Curug)[27]
● Idylls (Idilis)
● Lento Lacrimoso (Cimata nu geus disingkahan)
● Forgotten Leaves (Daun anu hilap)
● Oboe Sonata (Sonata pikeun oboe sareng piano)
● Ballade (Balada)
● Ceremonial March No.1 (Pawai Upcara nomer 1)
● Ceremonial March No.2 (Pawai Upcara nomer 2)
● Autumn Gold (Warna emas usum gugur)[28]
● Eternal Song (Lagu kahirupan langgeng)[1][29]
● "Kanggo Géorgia" (basa Géorgia: საქართველოსთვის)
Lirik: Tamari Chikvaidze, Zurabi Chikvaidze James Peace
● 24 Tango (pikeun piano solo)[1][9][10][11][23][24][25][30][31][32]
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Birgitta Lamparth. "Keine ‘stacheligen’ Klänge", Wiesbadener Tagblatt (Koran German), 10 Pébrurari 2011
- 1 2 3 4 5 6 Julia Anderton. "Tango wie eine süß-saure Geschichte". Wiesbadener Kurier (Koran Jerman), 24 Maret 2012
- 1 2 3 4 Soledad Carrizo-Araya. "Una entrevista al compositor James Peace". Hoja de Ruta Digital. Désémber 2022[tumbu nonaktif]
- 1 2 3 4 Sabine Klein. "Meine Musik ist wie ich - sehr romantisch". Frankfurter Rundschau (Koran Jerman), 1992, édisi 254, kaca 2
- 1 2 3 4 5 G. Müller. "Die Seele des Klaviers tanzt Tango". Kulturspiegel Wetterau (Majalah Jerman). 17 Maret 2001, kaca 5
- 1 2 3 "James Peace". FRIZZ (Majala Jerman). Januari 2001, kaca 5
- ↑ Manfred Merz. "Virtuose, gefühlsbetonte Welt der Romantik", Wetterauer Zeitung (Koran Jerman), 12 Décémber, 1992, kaca 19
- ↑ "James Peace". The Tango Times (Majalah New York). Édisi 2002/2003 (39). Kaca 1 - 5
- 1 2 3 4 National Library of Scotland. Tango escocés
- 1 2 3 4 Philharmonie de Paris. Tango escocés
- 1 2 3 4 de bibliotheek. Tango escocés
- 1 2 "James Peace". La Cadena (Majalah Walanda). Séptémber 2002, kaca 26
- ↑ TangoTang, Hong Kong (香港). Buletin, 8 Oktober 2002
- ↑ "James Peace". 南華早報 (Koran Hong Kong). 9 Oktober 2002
- ↑ Program konserna {Για σένα Αγγελική}. Aténa, 27 April 2016
- ↑ Tangodanza (Aleman a Magasina). Édisi nomer 1/2002 - 9
- ↑ Poster konsér (tur konsér solo di Finlandia, 2014)
- ↑ Poster konsér (tur konsér solo di Portugal, 2016)
- ↑ Poster konsér (tur konsér solo di Spaniul ¡Feliz Cincuenta Cumpleaños - 2013!)
- ↑ Listen.no. James Peace (flygel). Munch Museet. Oslo, 16 Oktober 2004
- ↑ Ríkarður Ö. Pálsson. "Skozkir Slaghörputangoár". Morgunblaðið (Koran Islandia). 14 Oktober 2004
- ↑ Program konserna (Wina). 23 Januari 2005
- 1 2 3 National Library of Scotland. K. James Peace in Wiesbaden
- 1 2 3 Deutsche Nationalbibliothek. K. James Peace in Wiesbaden
- 1 2 3 Whittaker Live. "Wiesbadener Highlander K. James Peace - New DVD"
- ↑ International Piano Duo Association (東京), Tokio. Daptar para juara, 2002
- ↑ Hessisches Staatstheater. Brosur konsér 12/19 Séptémber 2021
- ↑ "Violine schwebt über das Orchester". Schwäbische Post (Koran Jerman). 4 Juni, 1994
- ↑ National Library of Scotland. Eternal Song Op.32, Peace, K. James
- ↑ Hoja de Ruta Digital, México. "Una corta historia del tango", 22 Maret 2024
- 1 2 British Viola Society Newsletter, Agustus 2023
- ↑ National Library of Scotland. Tangos op.33, Peace, K. James