Jamuju

Jamuju nyaéta tutuwuhan nu bentukna tangkal, tina kulawarga Podocarpaceae. Tutuwuhan nu boga ngaran ilmiah Dacrycarpus imbricatus ieu asalna tina bioma iklim tropis baseuh, nu sumebar ti China (Guangxi, Yunnan kalér-kulon), Indo-China, nepi ka Pasifik kidul-kulon. Ngaran ilmiah Dacrycarpus imbricatus munggaran diwanohkeun ku Carl Ludwig Blume dina taun 1969.[1] Spesies Dacrycarpus sumebar di Selandia Baru jeung Fiji, di sakuliah Kaledonia Baru, Nugini, Indonesia, Malaysia jeung Filipina nepi kaMyanmar bagian kalér jeung Tiongkok bagian kidul. Karinékaan panggedéna (lima spesies) ayana di Papua.[1]
Karakter Jamuju
[édit | édit sumber]Tangkal Jamuju (Dacrycarpus imbricatus) bisa tumuwuh nepi ka jangkungna 50 meter, kalayan diaméter tangkalna 50-70 cm. Bagian handap tangkalna lempeng sarta teu ngabogaan cabang nepi ka 20 meter. Tajuk tangkal ieu biasana ngabentuk kubah, kalayan cabang nu lobana sumebar.
Kulit tangkal kasar sarta boga léntisél, warnana coklat poék atawa hideung. Sedengkeun kulit bagian jerona boga warna pink nepi ka coklat semu beureum.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "Dacrycarpus imbricatus". plantamor.com. Diaksés tanggal 2025-02-15.
- ↑ "Jamuju atau Kayu Embun | Biodiversity Warriors". biodiversitywarriors.kehati.or.id. Diaksés tanggal 2025-02-18.