Lompat ke isi

Jennifer Doudna

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jennifer Doudna

Jennifer A. Doudna.
BabarJennifer A. Doudna.
19 Februari 1964
Washington, D.C, AS
Katelah kuAhli Biokimia Amérika
AtikanPomona College, 1984
Harvard University
Ph.D., 1989
PagawéanBiokimiawan

Jennifer A. Doudna (gumelar 19 Pébruari 1964; umur 61 taun) nyaéta salah sahiji ahli biokimia Amérika. Manéhna narima gelar sarjana biokimia ti Pomona College, California. Tuluy dina 1989 manéhna narima gelar Ph.D di Universitas Harvard. Dina taun 1994 manéhna pindah ka Yale sanggeus narima sababaraha posisi postdoctoral. Manéhna mingpin tim anu gawé dina struktur tilu diménsi RNA ribosom.[1] Dina taun 2020, manéhna dilélér Hadiah Nobel Kimia jeung Emmanuelle Charpentier pikeun karyana dina pamekaran jeung metode ngedit génom.[2]

Kasangtukang

[édit | édit sumber]

Jennifer babar di Washington D.C, sedengkeun gedéna di daérah Hilo, Hawaii [3], minangka anak pangheulana tina tilu sadulur awéwé. Bapana nyaéta Martin K. Doudna, mangrupa panulis pidato di Kementerian Pertahanan Amérika Sarikat, sarta Indungna nyaéta Dorothy mangrupa guru di koléj komunitas.[4][5] Dina Agustus 1971 waktu umurna tujuh taun, kulawargana pindah ka Hawaii, lantaran bapana jadi profésor di Universitas Hawaii di Hilo. [2]

Ti leuleutik, Doudna geus nunjukkeun minat kana élmu pangaweruh jeung meunang dukungan ti kolotna. Nalika kelas 6 SD, manéhna maca buku "The Double Helix" karya James D. Watson, nu ngajadikeun manéhna beuki resep kana widang élmu biologi. Manéhna kagum ku cara para élmuwan bisa gawé bareng, taliti, jeung tekun sangkan bisa mecahkeun misteri biologi nu pangsulitna. Salian ti éta, nalika manéhna ogé diajar ngeunaan Rosalind Franklin nu katelah "Dark Lady of DNA", sarta tina gambar kristalografi sinar-X nu dihasilkeun bisa ngungkab bentuk hélik DNA, éta jadi momen anu ngajurung kasadaran Jennifer yén awéwé ogé bisa jadi élmuwan anu hébat.[5][2]

Dina usum panas taun 1981, nalika umurna 17 taun, manéhna daftar jeung katarima di Pomona College, California, milih jurusan kimia, sanajan sempat mikir pikeun pindah jurusan ka basa Perancis. Dina usum panas éta, manéhna balik ka Hilo lanjut migawé di laboratorium Don Hemmes pikeun nalungtik inféksi jamur Phytophthora palmivora dina gedang. Panalungtikanna ngungkab peran penting ion kalsium dina pamekaran jamur, nu jadi pangalaman munggaran anu nguatkeun minatna kana élmu pangaweruh.[2]

Dina usum panas taun 1984, sanggeus dua taun diajar élmu biokimia, manéhna diondang sangkan bisa gawé di laboratorium Sharon Panasenko (pembimbing manéhna) pikeun nalungtik sinyal kimia dina baktéri, nu hasil panalungtikanna diterbitkeun di Journal of Bacteriology. Sarta dina taun 1985 manéhna lulus ti Pomona College salaku mahasiswa pangalusna dina bidang kimia.[2]

Sanggeus lulus ti Pomona College, manéhna didorong ku bapana, sangkan bisa ngalanjutkeun pendidikan doktor. Dina taun 1985, manéhna daftar ka program pascasarjana di Harvard Medical School, sarta ngamimitian kuliah dina usum gugur. Sataun ti harita, manéhna milih ngalakukeun disertasi di laboratorium Jack Szostak, anu harita Jack keur mindahkeun fokus panalungtikanana ti DNA ka RNA, jeung peranna dina asal-usul kahirupan di bumi.[2]

Sanajan harita fokus utama élmuwan dunya aya dina Proyék Genom Manusa, manéhna jeung Jack ningali poténsi gedé dina pamahaman RNA salaku molekul multiguna. Maranéhna ngarékayasa ulang intron RNA jadi énzim RNA anu mampuh réplikasi sorangan, hal ieu ngabuktikeun yén RNA bisa berfungsi salaku polimérase. Hasil panalungtikanna diterbitkeun di Jurnal Nature dina taun 1989, nandaan awal perjalanan manéhna dina widang panalungtikan RNA. Dina taun 1989 manéhna narima gelar Ph.D, sarta ngalanjutkeun panalungtikanna di laboratorium Jack salaku panaliti pascadoktoral pikeun ngulik molekul RNA anu bisa ngaréplikasi sorangan. [2]

Pangajén

[édit | édit sumber]

Jennifer meunang panghargaani ti University of California, Berkeley, CA, AS nyaéta penghargaan Nobel Kimia 2020, pikeun ngembangkeun métode ngedit génom".[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Kavli Prize Laureate Jennifer A. Doudna". www.kavliprize.org. Diaksés tanggal 2025-03-16.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 "Nobel Prize in Chemistry 2020". NobelPrize.org (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-03-16.
  3. "Jennifer Doudna | Biography, Facts, & Nobel Prize | Britannica". www.britannica.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-03-16.
  4. "Nobel Prize in Chemistry 2020". NobelPrize.org (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-03-16.
  5. 1 2 Isaacson, Walter (2022). The code breaker: Jennifer Doudna, gene editing, and the future of the human race (Édisi First Simon & Schuster trade paperback edition). New York London Toronto Sydney New Delhi: Simon & Schuster Paperbacks. ISBN 978-1-9821-1587-6.