Jumrah

Jumrah (basa Arab: جمرة, hartosna: karikil atanapi batu leutik) nyaéta salah sahiji ritual wajib dina ibadah Haji dimana jamaah malédogkeun batu-batu leutik kana tilu tihang (tugu) anu aya di kota Mina, beulah wétan Makkah.[1]
Étimologi sarta Maksad
[édit | édit sumber]Sacara basa, jumrah hartosna batu leutik atanapi karikil. Upami ditingali tina jihat istilah, jumrah nyaéta kagiatan malédogkeun karikil kana sasaran (tugu) anu tangtu salaku lambang perlawanan ka sétan. Maksad tina ieu ritual nyaéta pikeun ngingetkeun umat manusa ngeunaan carita Nabi Ibrahim AS anu digoda ku sétan nalika badé ngalaksanakeun paréntah Allah SWT pikeun meuncit putrana, Nabi Ismail AS.[2] Maksad tina ieu ritual nyaéta pikeun ngingetkeun umat manusa ngeunaan sajarah Nabi Ibrahim AS anu digoda ku sétan nalika badé ngalaksanakeun paréntah Allah SWT pikeun meuncit putrana, Nabi Ismail AS.[3]
![]() Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
| Istilah-istilah Islam |
| Rukun Islam |
| Sahadat |
| Solat – Saum |
| Zakat – Haji |
| Kota Penting |
| Mekah – Madinah |
| Yerusalem – Kufah |
| Kajadian |
| Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
| Idul Adha – Maulid |
| Wangunan |
| Masjid – Munara |
| Mihrob – Ka'bah |
| Arsitéktur Islam |
| Rujukan Ajaran |
| Qur'an – Hadits – Sunnah |
| Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
| Madhab |
| Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Dalil sarta Hukum
[édit | édit sumber]Malédog jumrah hukumna nyaéta Wajib Haji. Sing saha jalma anu ninggalkeun ieu ritual, hajina tetep sah nanging anjeunna kedah mayar dam (denda). Dalilna dumasar kana sunnah Rasulullah SAW:
"Candak ku aranjeun tina conto manasik haji sim kuring (Rasulullah SAW), sabab sim kuring teu terang naha sim kuring bakal haji deui saatos taun ieu."
— HR. Muslim no. 1297
Filosofi Malédog Jumrah
[édit | édit sumber]Filosofi utama tina malédog jumrah nyaéta Ragem sarta kateguhan haté dina ngalawan hawa napsu sarta gogoda sétan. Batu-batu anu dibalédogkeun lain sakadar malangkeun barang fisik, nanging simbol tina miceun sipat-sipat awon (majmumah) anu aya dina diri manusa. Ieu ritual ngajarkeun yén iman téh kedah dibarengan ku tindakan nyata dina merangan kabatilan.
Sajarah Nabi Ibrahim as.
[édit | édit sumber]Sajarah malédog jumrah asalna tina kajantenan nalika Nabi Ibrahim as. nuju lumaku pikeun ngalaksanakrun paréntah Allah (meuncit putrana kuanjeun, Nabi Ismail as.). Di tilu tempat anu ayeuna janten tihang jumrah, sétan némbongan pikeun ngagoda Nabi Ibrahim sangkan ngabolaykeun niatna. Nabi Ibrahim teras maléngpéng éta sétan ku tujuh batu leutik di unggal tempatna nepi ka éta sétan nyingkah.[4]
Simbol Perlawanan ka Hawa Nafsu
[édit | édit sumber]Malédog jumrah mangrupikeun perlambang tina Perlawanan manusa ka gogoda sétan sarta hawa nafsu anu jahat. Batu anu dipaléngpéngkeun téh simbol tina tekad anu kuat pikeun miceun sakabéh sifat buruk, panyakit haté, sarta niat jahat tina jero diri. Ieu ritual ngajarkeun urang yén musuh manusa anu sabenerna téh sanés sasama manusa, nanging gogoda anu ngahalangan urang tina jalan Allah.[5]
Kateguhan dina Kataatan
[édit | édit sumber]Ku cara ngalakukeun ritual ieu, jamaah haji keur nandeskeun deui janji sarta Kateguhan dirina pikeun salawasna taat ka Allah SWT, sakumaha Nabi Ibrahim as. anu teu goyah imanna sanajan digoda ku rupa-rupa cara.[6]
Tata Cara Malédog Jumrah
[édit | édit sumber]- Dilaksanakeun dina kaping 10 Dzulhijjah (ngan Jumrah Aqabah wungkul) sarta dina poé-poé Tasyrik (kaping 11, 12, sarta 13 Zulhijjah pikeun katilu jumrah).
- Batu anu dianggo nyaéta batu leutik (kira-kira sagedé kacang suuk) anu dikumpulkeun ti Muzdalifah.
- Malédog saloba tujuh kali pikeun unggal tihang jumrah bari macakeun takbir: Allahu Akbar.
Jinis-jinis Jumrah
[édit | édit sumber]Aya tilu tihang jumrah anu kedah dibaléfog dina poé-poé Tasyrik (11, 12, sarta 13 Zulhijjah):
- Jumrah Ula (Jumrah kahiji): Tihang anu pangdeukeutna ka arah masjid Al-Khaif.
- Jumrah Wustha (Jumrah panengah): Tihang anu aya di tengah-tengah antara Ula sarta Aqabah.
- Jumrah Aqabah (Jumrah pamungkas): Tihang anu pangdeukeutna ka arah Makkah. Dina tanggal 10 Zulhijjah (Poé Raya Idul Adha), ngan ieu tihang anu dibalédog.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Al-Zuhayli, Wahbah. (2011). Fiqih Islam wa Adillatuhu. Jakarta: Gema Insani. ISBN: 9789790772274.
- Ash-Shiddieqy, Teungku Muhammad Hasbi. (2001). Pedoman Haji. Semarang: PT Pustaka Rizki Putra. ISBN: 9799429104.
- Kementrian Agama RI. (2020). Tuntunan Manasik Haji sarta Umrah. Tiasa diakses online[tumbu nonaktif].
- ↑ Ash-Shiddieqy, Teungku Muhammad Hasbi. (2001). Pedoman Haji. Semarang: PT Pustaka Rizki Putra. kc. 112. ISBN: 9799429104.
- ↑ Kementrian Agama RI. (2020). Tuntunan Manasik Haji sarta Umrah. Jakarta: Dirjen PHU. kc. 45. PDF[tumbu nonaktif].
- ↑ Al-Zuhayli, Wahbah. (2011). Fiqih Islam wa Adillatuhu. Jakarta: Gema Insani. Jilid 3, kc. 615. ISBN: 9789790772274.
- ↑ Ibn Katsir. Qisas al-Anbiya (Kisah Nabi Ibrahim).
- ↑ Al-Ghazali. Ihya Ulumuddin: Kitab Rahasia-Rahasia Haji.
- ↑ Shah Waliullah Ad-Dihlawi. Hujjatullah al-Baligha.
