Lompat ke isi

Jumrah Wustha

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jumrah Wustha

Pilar Jumrah Wustha (tengah) di Mina
Jinis Wajib Haji
Lokasi Mina, Saudi Arabia
Waktos 11, 12, 13 Dzulhijjah
Jumlah Batu 7 krikil per dinten
Urutan Kadua (Tengah)
Rujukan Utama HR. Muslim (1218)

Jumrah Wustha (Basa Arab: الجمرة الوسطى) nyaéta pilar kadua atawa pilar tengah anu dibalédog ku jamaah haji dina ritual malédog jumrah di Mina.[1] Sacara basa, Wustha hartosna "pertengahan" atanapi "tengah".[2] Ritual ieu dilaksanakeun saatos jamaah bérés ngalémpar Jumrah Ula sarta sateuacan nuju ka Jumrah Aqabah.[3]

Dasar Hukum sarta Ayat Al-Qur'an

[édit | édit sumber]

Malédog Jumrah Wustha mangrupikeun bagian tina paréntah ngalakukeun dzikir dina dinten-dinten anu parantos ditangtukeun.[4] Allah SWT ngandika dina Al-Qur'an:

وَاذْكُرُوا اللَّهَ فِي أَيَّامٍ مَعْدُودَاتٍ

"Sarta kudu dzikir ka Allah dina poé nu geus ditangtukeun (poé Tasyrik)..." (Surat Al-Baqarah: 203).[5]

Rasulullah SAW maparin conto yén unggal pilar jumrah, kalebet Jumrah Wustha, kedah dibalédog salaku bagian tina kasampurnaan ibadah haji.[6]

Tata Cara Ibadah

[édit | édit sumber]

Dina ngalaksanakeunana, jamaah haji kedah merhatoskeun sababaraha katangtuan dumasar kana sunnah Nabi:[7]

  1. Runtuyan: Malédog Jumrah Wustha ngan sah upami dilakukeun saatos malédog Jumrah Ula.[3] Upami urutanna pahili, maka kedah dibalikan deui malédogna.[1]
  2. Jumlah Batu: Dibalédogkeun ku 7 siki krikil sacara silih turuy (hiji-hiji).[1]
  3. Takbir: Disunnahkeun maca takbir (Allahu Akbar) dina unggal balédogan krikilna.[6]
  4. Ngadu'a saatosna: Saatos bérés malédog Jumrah Wustha, jamaah disunnahkeun eureun sakedap, nyanghareup ka Kiblat, sarta ngadu'a kalayan lami bari ngangkat panangan utamina néda dibersihkeun haté tina sipat égo atanapi asa aing.[3] Hal ieu sami sareng anu dilakukeun saatos Jumrah Ula.[7]

Ma'na Spiritual

[édit | édit sumber]

Malédog Jumrah Wustha ngalambangkeun perlawanan anu terus-terusan ngalawan gogoda sétan.[4] Upami Jumrah Ula nyaéta simbol perlawanan munggaran utamana kana sikep [[pamrih]] (miharep lian ti Allah), Jumrah Wustha mangrupikeun simbol kateguhan iman manusa nalika sétan nyobian ngagoda deui pikeun kadua kalina.[8] Ieu ritual ngajarkeun urang sangkan tetep waspada sarta ulah galider tina sagala rupa gogoda nafsu hususna égo/asa aing kawas [[korun]].[7]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Kamenterian Agama RI. (2023). Buku Panduan Manasik Haji. Jakarta.
  2. Kamus Istilah Haji & Umrah.
  3. 1 2 3 Hadits Riwayat Muslim Nomer 1218.
  4. 1 2 Tafsir Al-Azhar, Jilid 1, Penjelasan Surat Al-Baqarah.
  5. QS. Al-Baqarah ayat 203.
  6. 1 2 Hadits Riwayat Bukhari Nomer 1745.
  7. 1 2 3 As-Sayyid Sabiq. Fikih Sunnah. Jilid 1.
  8. Sajarah Tilu Jumrah, Kemenag.