Jurumiyah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Al-Ajurrumiyah atawa Jurumiyah (Basa Arab: الآجُرُّومِيَّة‎) nyaéta hiji kitab leutik ngeunaan tata basa Arab ti abad ka-7 H/13 M. Ieu kitab disusun ku ahli basa ti Maroko nu ngaranna Abu Abdillah Sidi Muhammad bin Daud Ash-Shanhaji alias Ibnu Ajurrum (w. 1324 M). Rumus-rumus dasar pelajaran basa Arab klasik ditulis kalawan bentuk pada pikeun ngagampangkeun dina ngapalkeunna. Di lingkungan masyarakat Arab ieu kitab jadi salah sahiji kitab awal nu diapalkeun lian ti Al-Qur'an.[1]

Pedaran[édit | édit sumber]

Di pasantrén salafi, Kitab Matan al-Ajurrumiyyah mangrupa buku téks ngeunaan élmu nahwu (gramatika Basa Arab) nu kacida kawentarna. Méh unggal santri nu ngalap élmu di pasantrén salafi mah mitembeyanna ieu pangajaran ngeunaan basa Arab liwat ieu kitab. Ieu kitab mangrupa kitab standar nu jadi dadasar pangajaran basa Arab. Dina prakténa mah, di dunya pasantrén téh éta kitab sok disebut kalawan ngaran Jurrumiyyah. Éta jujuluk saestu teu pati bener, jeung ngaran aslina éta kitab téh, lantaran judul lengkep éta kitab nyaéta al-Muqaddimah al-Ajurrumiyyah fi Mabadi’ Ilm al-Arabiyyah.

Sanajan al-Ajurrumiyyah sakitu kawentarna di dunya pasantrén, tapi nu nukil éta kitabna mah teu pati dipikawanoh di dunya pasantrén téh. Ieu hal téh alatan dina praktékna mah di pasantrén, santri palebah prak-prakan diajarna ngeunaan hiji kitab ngan ukur dibéré kitabna wé wungkul. Ari diwanohkeun ka nu nukil kitabna mah jarang pisan, malah mah luput, kitu tradisi nu dilakukeun ku para ajengan ka para santrina. Ku kituna wajar baé, dalah ajenganana ogé bisa jadi acan mikawanoh enya-enya ka nu nukit kitabna.

Luyu jeung ngaranna, al-Ajurrumiyyah émang kitab muqaddimah (panganteur) ngeunaan élmu nahwu nu ditulis ku Ibnu Ajurrum mangsa keur di Mekah. Eusina basajan pisan sarta dadasar. Lantaran kitu, ieu kitab téh perlu diwuwuhan ku dadaran nu leuwih jero waktu saurang santri rék neuleuman élmu nahwu. Ku alesan kitu, ieu kitab antukna loba diwuwuhan ku dadaran para ajengan, nepi ka aya tilu puluh buku dadaranna. Éta dadadaran téh baris dijadikeun hiji kitab jeung al-Ajurrumiyyah. Dina kapustakaan basa Arab, kitab-kitab nu eusina dadaran ngeunaan hiji kitab séjén disebut ku istilah kitab sarah.

Lian dibéré dadaran atawa ulasan, kitab al-Ajurrumiyyah ogl diringkes ku ajengan-ajengan lian jadi mangrupa nadom. Teu kurang ti opat kitab nu muat nadom nu seumberna ti kitab al-Ajurrumiyyah. Kitab nadom nu pangkakoncarana nyaéta nu ditukil ku Muhammad bin Abi al-Ghalawi atawa nu dipikawanoh kalawan ngaran Ubaid Rabbih.

Sarah[édit | édit sumber]

Ari kitab-kitab nu ngadadarkeun matan matan ieu Al-Ajurumiyah téh di antarana:

  • Tuhfatus Saniyah syarh Muqoddimah al-Ajurumiyah nu ditulis ku Muhammad Muhyiddin Abdul Hamid Al-Mishri.
  • Al-Mutammimah al-Ajurumiyah nu ditulis ku Muhammad bin Muhammad Ar-Ra'ini.
  • Al-Kawakib ad-Durriyah syarah Mutammimah al-Ajrumiyah nu ditulis ku Muhammad bin Ahmad Al-Ahdal.[2]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Eickelman, D. F. (1992). Knowledge and Power in Morocco: The Education of a Twentieth-Century Notable. Princeton: Princeton University Press, p. 56
  2. http://elib.uum.edu.my/kip/Record/um476677/Details#tabnav

Tutumbu luar[édit | édit sumber]