Lompat ke isi

Kabupatén Acéh Barat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Kabupatén Aceh Barat)
Kabupaten Aceh Barat

Lambang Kabupaten Aceh Barat

Masjid Agung Baitul Makmur Meulaboh

Peta lokasi Kabupaten Aceh Barat
Motto {{{motto}}}
Propinsi Aceh
Ibukota Meulaboh
Lega Wilayah {{{lega}}}
Kordinat {{{kordinat}}}
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
{{{pangeusi}}}
{{{kapadetan}}} jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
{{{kacamatan}}}
{{{kalurahan}}}
Dasar hukum UU No. 7 Tahun 1956[1]
Tanggal 14 November 1956[1]
{{{kapala daerah}}} {{{nami kapala daerah}}}
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0655
DAU Rp 561.819.533.000,-

Ramatloka: acehbaratkab.go.id

Kabupatén Acéh Barat (Citakan:Lang-ace); Kabupatén Acéh Kulon nyaéta salah sahiji kabupatén anu aya di provinsi Acéh, Indonésia.[2]

Saméméhna dimekarkeun, Acéh Kulon lega wilayahna 10.097,04 km² atawa 1.010.466 Ha sarta mangrupakeun bagéan ti basisir kulon jeung kidul pulo Sumatra anu ngagebat ti kulon ka wétan mimiti ti suku gunung Geurutee (wates jeung Acéh Besar) nepi ka sisi Krueng Seumayam (Wates Acéh Kidul) kalawan panjang basisir 250 km². Sabada dimekarkeun lega wilayahna ngajadi 2.927,95 km²[2] dina ahir taun 2023 loba pangeusina 204.475 jiwa.[3][4]

Acéh Barat tayalian tempat gumelarna pahlawan nasional Teuku Umar anu dijadikeun ngaran tempat di sababaraha daérah contona paguron Luhur nageri Universitas Teuku Umar kitu deui Komando Resor Militer 012/Teuku Umar.

Sajarah

[édit | édit sumber]
Basisir anu aya di Meulaboh

Mangsa kasultanan Acéh

[édit | édit sumber]

Wewengkon beulah kulon Karajaan Acéh Darussalam mimiti dibuka jeung dibangun dina abad ka-16 anu dimimitian ku Sultan Saidil Mukamil (Sultan Acéh anu jumeneng ngawitan tahun 1588-1604), lajengna diteraskeun ku Sultan Iskandar Muda (Sultan Acéh anu jumeneng dina tahun 1607-1636) kalayan mawa urang Acéh Rayeuk jeung Pidie.

Wewengkon anu pangheulana ramé tayalian di ancol/teluk Meulaboh (Pasir Karam) anu diréksabandasapon ku saurang raja anu mibanda gelar Teuku Keujuruen Meulaboh sarta Negeri Daya (Kacamatan Jaya) anu dina ahir abad ka-15 geus ngadeg hiji karajaan anu rajana tayalian Sultan Salatin Alaidin Riayat Syah sarta Poteu Meureuhom Daya.

Kadieunakeun, wewengkon Acéh Barat diakhir abad ka-17 geus ngaronjat ngajadi sababaraha karajaan leutik anu dipingpin ku Uleebalang, tayalian: Kluang; Lamno; Kuala Lambeusoe; Kuala Daya; Kuala Unga; Babah Awe; Krueng No; Cara' Mon; Lhok Kruet; Babah Nipah; Lageun; Lhok Geulumpang; Rameue; Lhok Rigaih; Krueng Sabee; Teunom; Panga; Woyla; Bubon; Lhok Bubon; Meulaboh; Seunagan; Tripa; Seuneu'am; Tungkop; Beutong; Pameue; Teupah (Tapah); Simeulue; Salang; Leukon; Sigulai.

Sékésélér Raja Meulaboh

[édit | édit sumber]

Raja-raja anu kungsi kumawasa di kehulu-balangan Kaway XVIngan bisa diguar ti T. Tjik Pho Rahman, anu engkéna digantikeun ku anakna anu cikal T. Tjik Masaid, satuluyna diganti ku anakna ogé anu jenenganna T. Tjik Ali sarta digantikeun ku anakna T. Tjik Abah (saheulaanan) sarta kadieunakeun diganti ku T. Tjik Manso anu mibanda tilu urang anakna anu pamgkolotna ngajadi Raja Meulaboh wastana T. Tjik Raja Nagor anu dina tahun 1913 tilar dunia alatan aya anu ngabaruang, sarta kadieunakaeun di gentos ku raina Teuku Tjik Ali Akbar, sedengkeun anak T. Tjik Raja Nagor anu wastana Teuku Raja Neh, masih leutik kénéh.

Nalika Teuku Raja Neh (ramana ti H.T. Rosman. patilasan Bupati Acéh Kulon) putrana ti Teuku Tjik Raja Nagor besar anjeuna boga pamundut sangkan karajaan dipulangkeun deui ka anjeuna, ngan T. Tjik Ali Akbar anu dalit jeung Walanda malah mitnah Teuku Raja Neh jadi owah/gélo, anu ngabalukarkeun T. Raja Neh dibuang/ditundung ka Sabang.

Dina taun 1942 nalika Jepang ngajorag ka Meulaboh, T. Tjik Ali Akbar ditelasan ku Jepang bareng jeung Teuku Ben sarta dina taun 1978, jasadna kakara kapanggih di urut Tangsi Walanda anu kiwari jadi Asrama tangtara Désa Suak Indrapuri, kadieunakaeun Meulaboh diparéntah ku Wadana-wadana ogé Bupati-bupati sarta kadieunakeun dibeulah jadi Acéh Kidul, Simeulue, Nagan Raya, Acéh Jaya. (teuku dadek)

Dina jaman kolonial Walanda, ngaliwatan hiji kapaheutan/perjangjian (Korte Verklaring), Diakuan yén unggal Uleebalang tiasa ngalaksanakeun pamaréntahan sorangan (Zelfsbestuur) atanapi pamaréntahan mandiri (landschap). Ku Walanda kabentuk Karajaan Acéh Gouvernement Atjeh en Onderhorigheden (Gubernemen Acéh jeung Daérah Taklukannya) salajeung diadegkeun Gouvernement Sumatra, Acéh dijadikeun Karesidenan nu dibagi kana sababaraha wewengkon ngaranna afdeeling (provinsi) sarta afdeeling dibagi jadi sababaraha onderafdeeling (kabupatén) sarta onderafdeeling dibagi ngajadi sababaraha landschap (kacamatan).

Kolonisasi Walanda

[édit | édit sumber]

Acéh Barat patali pisan jeung sajarah Meulaboh, Puseur Kabupatén Acéh Kulon anu ngawengku Kacamatan Johan Pahlawan, sawaréh Kaway XVI jeung sababaraha Kacamatan Meureubo tayalian salah sahiji Kota anu pangkolotna di Acéh palebah Kulon jeung Kidul. Numutkeun HM.Zainuddin dina bukuna Tarih Atjeh sarta Nusantara, Meulaboh baheula dipiwanoh salaku Negeri Pasir Karam. Ieu ngaran aya patula-patalina jeung sajarah musibah tsunami di Kota Meulaboh dina waktu katukang, anu dina tanggal 26 Désémber 2004 kajadian deui.

Meulaboh nincak umur 402 tahun ti mimiti naék tahta Sultan Saidil Mukamil (1588-1604), Catetan sajarah nunjukkeun yén Meulaboh geus aya ti saprak Sultan ngadeg jadi anu kumawasa.

Dina mangsa Karajaan Acéh diparéntah ku Sultan Iskandar Muda (1607-1636), Nurutkeun HM Zainuddin, pangwangunan nagara dironjatkeun. Waktu harita dibuka kebon pedes di Meulaboh, tapi nagara ieu teu pati ramé sabab teu bisa nandingan Nagara Singkil anu loba didatangan ku kapal dagang pikeun nyandak muatan menyan jeung kapur barus. Lajeng dina mangsa pamaréntahan Sultan Djamalul Alam, Negeri Pasir Karam konstruksi ieu ditambahkeun kana dibukana hiji perkebunan pedes. Pikeun ngokolakeun kebon-kebon éta didatangkeun jalma-jalma ti Pidie jeung Acéh Besar.

Karesidénan Acéh

[édit | édit sumber]

Sakabéh wewengkon Karesidénan Acéh dibagi jadi 4 (opat) afdeeling salah sahijina nyaéta Afdeeling Westkust van Atjeh atawa Acéh Barat puseur kotana Meulaboh. Afdeeling Westkust van Atjeh (Acéh Barat) mangrupa wewengkon administratif anu ngalimpudan wewengkon sapanjang basisir kulon Acéh, ti gunung Geurutee nepi ka daérah Singkil sarta kapuloan Simeulue sarta dibagi ngajadi 6 (genep) onderafdeeling, tayalian:

  1. Meulaboh kalawan puseur dayeuhna Meulaboh kalawan Landschappen Kaway XVI, Woyla, Bubon, Lhok Bubon, Seunagan, Seuneu'am, Beutong, Tungkop jeung Pameue;
  2. Tjalang puseur dayeuhna Tjalang (jeung samemeh tahun 1910 puseur dayeuhna téh Lhok Kruet) kalawan Landschappennya Keluang, Kuala Daya, Lambeusoi, Kuala Unga, Lhok Kruet, Patek, Lageun, Rigaih, Krueng Sabee sarta Teunom;
  3. Tapaktuan kalawan puseur dayeuhna Tapak Tuan;
  4. Simeulue klawan puseur dayeuhna Sinabang jeung Landschappenna Teupah, Simalur, Salang, Leukon sarta Sigulai;
  5. Zuid Atjeh kalawan puseur dayeuhna Bakongan;
  6. Singkil kalayan puseur dayeuhna Singkil.

Kolonisasi Jepang

[édit | édit sumber]

Di zaman dijajah Jepang (1942–1945) struktur wewengkon administratif ieu teu loba robah kajaba robah ngaran dina basa Jepang, saperti Afdeeling ngajadi Bunsyu anu dipingpin ku Bunsyucho, Onderafdeeling janten Gun anu dipingpin ku Guncho jeung Landschap janten Putra, dipingpin ku Soncho.

Jaman Kamerdikaan

[édit | édit sumber]

Sanggeus proklamasi kamerdikaan RI, dumasar Undang-undang Nomor 7 (Drt) Taun 1956 ngeunaan formasi Daérah Otonom kabupatén-kabupatén di jero lingungan Propinsi Sumatera Kaler, wewengkon Acéh Kulon dimekarkeun ngajadi 2 (dua) Kabupatén tayalian Kabupaten Acéh Kulon jeung Kabupatén Acéh Kidul. Kabupatén Acéh Kulon kalayan puseur dayeuhna Meulaboh diwangun ku tilu wewengkon, nyaéta: Meulaboh, Calang sarta Simeulue, kalayan loba kacamatan anu aya 19 (slapan belas) kacamatan tayalian Kaway XVI; Johan Pahlwan; Seunagan; Kuala; Beutong; Darul Makmur; Samatiga; Woyla; Sungai Mas; Teunom; Krueng Sabee; Setia Bakti; Sampoi Niet; Jaya; Simeulue Timur; Simeulue Tengah; Simeulue Barat; Teupah Selatan jeung Salang. Sedengkeun Kabupatén Acéh Kidul, ngalimpudan wewengkon Tapak Tuan, Bakongan sarta Singkil anu puseur dayeuna Tapak Tuan.

Dina taun 1996 Kabupatén Acéh Kulon dimekarkeun deui jadi 2 (dua) Kabupatén, tayalian Kabupatén Acéh Kulon ngawengku kacamatan Kaway XVI; Johan Pahlwan; Seunagan; Kuala; Beutong; Darul Makmur; Samatiga; Woyla; Sungai Mas; Teunom; Krueng Sabee; Setia Bakti; Sampoi Niet; Jaya kalayan puseur dayeuhna Meulaboh sarta Kabupatén Adminstrtif Simeulue ngalimpudan kacamatan Simeulue Wétan; Simeulue Tengah; Simeulue Kulon; Teupah Kidul sarta Salang anu puseur dayeuhna Sinabang.

Satuluyna dina taun 2000 dumasar kana paraturan Daérah Nomer 5, Kabupatén Acéh Barat dimekarkeun kujalan nambah 6 (genep) kacamatan anyar tayalian Kacamatan Panga; Arongan Lambalek; Bubon; Pantee Ceureumen; Meureubo jeung Seunagan Timur. Ayana kameraran ieu Kabupatén Acéh Kulon mibanda 20 (dua puluh) Kacamatan, 7 (tujuh) Kalurahan sarta 207 Désa.

Satuluyna dina taun 2002 Kabupatén Acéh Kulon daratan anu legana 1.010.466 Ha, kiwari geus dimekarkeun nganjadi tilu Kabupatén tayalian Kabupatén Acéh Jaya, Kabupatén Nagan Raya jeung Kabupatén Acéh Barat jeung dikeluarkanna Undang-undang No. 4 Tahun 2002.

Géografi

[édit | édit sumber]

Méméh ékspansi, Kabupatén Acéh Kulon mibanda lega wilayah 10.097.04 km² atawa 1.010.466 héktare jeung sacara astronomi perenahna 2°00'-5°16' Lintang Utara jeung 95°10' Bujur Timur sarta mangrupakeun bagéan wewengkon basisir kulon jeung kidul kapuloan Sumatra anu mayakpak ti kulon ka wétan ti mimiti suku Gunung Geurutee (wates jeung Kabupatén Acéh Gedé) nepi ka sisi Krueng Seumayam (wates Acéh Kidul) kalayan panjang basisir nepika 250 Km.

Wates Wilayah

[édit | édit sumber]

Sabada dimekarkeun palebah géografis Kabupatén Acéh Barat sacara astronomi pernahna dina 04°61'-04°47' Lintang Utara jeung 95°00'- 86°30' Bujur Timur kalawan lega wilayahna 2.927,95 km² Kalayan wates-watesna kawas dihandap ieu: Citakan:Batas

Rata-rata Suhu, Hujan jeung Poé Hujan

[édit | édit sumber]
Data iklim pikeun Kabupaten Aceh Barat
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 32.0
(89.6)
32.2
(90)
32.5
(90.5)
32.5
(90.5)
31.8
(89.2)
31.8
(89.2)
31.7
(89.1)
31.6
(88.9)
31.5
(88.7)
30.6
(87.1)
30.6
(87.1)
30.6
(87.1)
31,62
(88,91)
Per poé °C (°F) 27.5
(81.5)
27.1
(80.8)
28.0
(82.4)
27.8
(82)
27.2
(81)
26.9
(80.4)
26.5
(79.7)
26.3
(79.3)
26.4
(79.5)
26.0
(78.8)
26.1
(79)
26.0
(78.8)
26,82
(80,27)
Rarata panghandapna °C (°F) 24.1
(75.4)
23.7
(74.7)
23.0
(73.4)
24.0
(75.2)
24.1
(75.4)
22.2
(72)
22.8
(73)
23.0
(73.4)
22.8
(73)
22.4
(72.3)
22.6
(72.7)
22.3
(72.1)
23,08
(73,55)
Curah hujan mm (inches) 495
(19.49)
261
(10.28)
271
(10.67)
354
(13.94)
653
(25.71)
303
(11.93)
105
(4.13)
566
(22.28)
170
(6.69)
477
(18.78)
523
(20.59)
262
(10.31)
4.440
(174,8)
Kalembaban 90 91 88 89 89 85 85 86 85 89 91 92 88,3
Rarata poé présipitasi 15 10 12 16 21 16 7 14 17 19 23 16 186
Sumber: Stasiun Meteorologi dan Geofisika Cut Nyak Dhien [5]

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Kabupatén ieu dipimpin ku saurang Bupati anu kapilih dina unggal Pilkada.

 Artikel utama: Daftar Bupati Aceh Barat.
No Bupati Mulai menjabat Akhir menjabat Ket. Wakil Bupati
* 100px Mahdi Efendi
(Penjabat)
11 Oktober 2022 Petahana [6] Lowong

Déwan Perwakilan

[édit | édit sumber]

Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupaten Aceh Barat

Kacamatan

[édit | édit sumber]

Daftar kecamatan dan gampong di Kabupaten Aceh Barat

Lambang daérah

[édit | édit sumber]

Lambang daérah Kabupatén Acéh Kulon ditetepkeun dumasar kana Paraturan Daérah Kabupatén Acéh Kulon No. 12 Tahun 1976 kaping 26 Nopémber 1976 ngeunaan Lambang Daérah Kabupatén Daérah Tingkat II Acéh Barat tur geus meunang pangakuan ti Menteri Dalam Negeri Dumasar Surat Kaputusan Menteri Dalam Negeri Republik Indonesia Nomor Pem./10/32/46-263 kaping 17 Méi 1976 sarta geus diundangkeun dina Lembaran Daerah Tingkat II Aceh Barat Nomor 10 Tahun 1980 Kaping 3 Januari 1980.

Lambang Kabupatén Acéh Kulon mibanda gada/perisai ngawujud kubah masjid anu eusina lukisan lukisan kalawan wujud, kelir jeung bandingan ukuran anu tangtu tur mibanda maksud sarta makna kawas dihandap ieu:

  • Perisai ngawujud kubah masjid, ngalambangkeun katahanan Nasional kalawan karukunan anu dirojong ku sumanget kaagamaan;
  • Bintang parsagi lima, ngalambangkeun falsafah nagara, Pancasila;
  • Kopéah Meukeutop, ngalambangkeun kapamimpinan;
  • Dua tangkai kénca katuhu anu ngahompét Kopéah Meukeutop diwangun tina , kapas, paré, kalapa sareng cengkéh, ngalambangkeun kasuburan tur kamakmuran daérah;
  • Réncong, ngagambarkeun jiwa patriotik/kapahlawanan rakyat;
  • Kitab jeung Kalam, ngagambarkeun élmu pangaweruh jeung budaya;
  • Tulisan "Acéh Kulon" mibanda harti yén sakabéh unsur anu disebutkeun diluhur mibanda di jero Kabupatén Acéh Barat.

Lambang Daérah ieu dimangpaatkeun salaku tanda pikeun kantor pamaréntah Kabupatén Acéh Kulon jeung ;

  • Salaku ciri wates wilayah Kabupatén Acéh kulon jeung Kabupatén liannya.
  • Salaku cap atawa stempel jabatan dines.
  • Salaku lencana anu dimangpaatkeun ku pagawé pamaréntah Kabupatén Acéh Kulon anu masih kénéh ngajalankeun tugasna.
  • Salaku panji atawa bandéra dipaké ku hiji rombongan anu ngawakilan atawa atas nama pamarintah Kabupatén Acéh Kulon jeung bisa dimangpaatkeun dina tempat-tempat upacara resmi, panto gerbang jeung sajabana.

Lambang daérah Kabupatén Acéh Kulon ieu dilarang dipaké lamun seug papalimpang jeung Paraturan Daérah Nomor 12 Tahun 1976 sarta singsaha waé anu kabuktiaan ngalanggar bisa dihukum panglilana 1 bulan atawa didenda saloba-lobana Rp. 10.000.- (sapuluh rabu rupiah).

Acéh Kulon mibanda sababarah kampus negeri Tayalian :


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 8 Desember 2021. 
  2. a b "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli tanggal 29 Desember 2018. Diakses tanggal 3 Oktober 2019. 
  3. "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 28 Januari 2024. 
  4. "Kabupaten Aceh Barat Dalam Angka 2021" (pdf). www.acehbaratkab.bps.go.id. pp. 12, 68, 194. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2021-12-08. Diakses tanggal 8 Desember 2021. 
  5. "Kabupaten Aceh Barat dalam Angka 2017". Badan Pusat Statistik. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2022-01-25. Diakses tanggal 03 Maret 2018. 
  6. "Lantik 4 Pj Bupati, Pj Gubernur Aceh Ingatkan Tingginya Inflasi dan Stunting". humas.acehprov.go.id. 11-10-2022. Diakses tanggal 12-10-2022. 

Tempo Ogé

[édit | édit sumber]

Tutumbu Ka Luar

[édit | édit sumber]

Citakan:Aceh