Kabupatén Tapanuli Tengah
![]() | |
![]() | |
![]() | |
Motto | Sahata Saoloan Citakan:Lang icon Seia Sekata[1] |
Propinsi | Sumatera Kalér |
Ibukota | Pandan |
Lega Wilayah | 2194,98 |
Kordinat | 1°41′05″N 98°49′39″E / 1.684764°N 98.827495°E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
367798 auto jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
20 59 |
Dasar hukum | UU No. 23 Tahun 2024[2] |
Tanggal | 24 November 1956[2] |
Bupati | Masinton Pasaribu |
Wakil Bupati | Mahmud Efendi Lubis |
Kode aréa | 0631 |
DAU | {{{dau}}} |
Ramatloka: www |
Tapanuli Tengah (Surat Batak: Citakan:Btk) nyaéta hiji kabupatén anu perenahna di provinsi Sumatera Kalér, anu puseur dayeuhna di Pandan anu perenahna di wates jeung Kota Sibolga.[3] Pada pertengahan tahun 2024, jumlah penduduk Tapanuli Tengah sebanyak 367.798 jiwa.[4]
Kabupatén Tapanuli Tengah salaku Daérah Otonom anu ditegeskeun ku Pamaréntah kalayan Undang-undang Nomor 7 taun 1956 ngeunaan ngadegna Daérah Otonom kabupatén-kabupatén sajeroning lingkungan Daérah Provinsi Sumatera Kalér. Dumasar kana Paraturan Daérah Kabupatén Tapanuli Tengah Nomer 19 Taun 2007 kukituna ditetepkeun poé Jadina Kabupatén Tapanuli Tengah tayalian kaping 24 Agustus 1945.[3]
Géografis
[édit | édit sumber]Kabupatén Tapanuli Tengah sacara administraif mangrupakeun salah sahiji daérah di wewengkon basisir kulon Sumatera Kalér. Perenahna aya di palebah kalér Danau Toba.[5] Panjang basisir di Kabupatén Tapanuli Tengah tayalian 200 km jeung wilayahna kalolobaan aya di daratan Pulau Sumatra jeung sawaréhna di pulo-pulo leutik jeung lega wilayahna 2.188 km².
Wates wilayah
[édit | édit sumber]Topografi
[édit | édit sumber]Topografi Kabupatén Tapanuli Tengah kalolobaana pasir–pasir kalawan jangkungna 0 – 1.266 metér di luhureun beungeut cai laut. Ti sakabéh wewengkon Tapanuli Tengah, 43,90% ngawujud pasir jeung tunun naék.
Klimatologi
[édit | édit sumber]Sabagian gedé wewengkon kacamatan di Kabupatén Tapanuli Tengah watesna langsung jeung laut ieu méré pangaruh kana suhu hawa jeung mibanda iklim tropis. Rata-rata suhu hawa di Kabupatén Tapanuli Tengah taun 2005 aya dina 26,09 °C. Sajeroeun bulan Januari – Désémber taun 2006, suhu hawa pang panasna nepi ka 31,53 °C sarta suhu pang tirisna nepi ka 21,72 °C. Dina taun 2006, turuna hujan rata-rata 4.925,9 mm, poé hujan 226,0 poé, gelebugna angin rata-rata 6,7 knot sarta panguapan rata-rata 4,6 mm. Kajemlékan hawa rata-rata 84,58%.
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]Bupati katut Wakil
[édit | édit sumber]Bupati Tapanuli Tengah téh pamingpin pang luhurna di lingkungan pamarétahan Kabupatén Tapanuli Tengah. Bupati Tapanuli Tengah tanggung jawabna ka gubernur propinsi Sumatera Utara. ‘’Pemilihan umum Bupati Tapanuli Tengah 2017’’, dimeunangkeun ku pasangan Bakhtiar Ahmad Sibarani jeung Darwin Sitompul. Duanana diistrénan ku gubernur Sumatera Kalér, Tengku Erry Nuradi, dina 22 Méi 2017 di Kota Médan, pikeun masa jabatan 2017-2022.[6]
Sabada masa tugas réngsé dina taun 22 Mei 2022, pangjabat bupati Tapanuli Tengah dipasrahkeun ka Yetty Sembiring, anu saméméhna sekretaris daérah Tapanuli Tengah. Anjeuna tugas tisaprak 24 Méi 2022 nepika 14 Novémber 2022. Salajengna, posisi pangjabat bupati digantikeun ku Elfin Elyas Nainggolan. Elfin diistrénan ku gubernur Sumatera Kalér, Edy Rahmayadi, dina kaping 14 Novémber 2022 di Aula Tengku Rizal Nurdin, Kota Médan.[7] Salajengna, Sugeng Riyanta diistrenan ngajadi pajabat bupati Tapanuli Tengah, tisaprak 15 Novémber 2023.[8]
No | Bupati | Mulai jabatan | Akhir jabatan | Wakil Bupati | |
---|---|---|---|---|---|
Pj | ![]() |
Sugeng Riyanta (Penjabat) |
15 November 2023 | Petahana | Lowong |
Déwan Perwakilan
[édit | édit sumber]Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupaten Tapanuli Tengah
Kacamatan
[édit | édit sumber]
Wilayah administrasi Kabupatén Tapanuli Tengah dibagi menjadi 20 kacamatan, perenahna disapanjang basisir Barat propinsi Sumtara Kalér;
Démografi
[édit | édit sumber]
Penduduk
[édit | édit sumber]Masarakat Tapanuli Tengah taun 2010 masarakatna kurang leuwih 311.232 jiwa kalawan kapadetan masarakat 136 jiwa unggal km². ‘’Laju pertumbuhan penduduk’’ période taun 2005-2010 gedena 1,86% unggal taun. Jeung dina taun 2021 pangeusi Tapanuli Tengah lobana 365.177 jiwa, kalwan ‘’komposisi’’ pangeusina téh lalaki lobana 183.814 jeung awéwé 181.365 jiwa (49,80%).[3]
Suku Bangsa
[édit | édit sumber]Tapanuli Tengah téh kabupatén anu perenahna di basisir kulon Sumatera Kalér. Mayoritas pangeusina teh tina ‘’suku’’ Batak, hususna Batak Toba, jeung ‘’suku’’ Basisir anu nepi ka poé ieu masih kénéh make basa Minangkabau dialék Pasisi. Aya ogé sawaréh déui Batak Mandailing, Batak Angkola, Batak Simalungun, Batak Karo, jeung Batak Dairi. Suku anu mumbara séjéna nyicingan Tapanuli Tengah cukup loba rupana Minangkabau, Nias, Jawa, Aceh, Singkil, Tionghoa, sarta ‘’suku’’ séjéna.
Agama
[édit | édit sumber]
Dumasar kana data ‘’Badan Pusat Statistik’’ Kabupatén Tapanuli Tengah taun 2021, kalolobaan masarakat Kabupatén Tapanuli Tengah muhit Agama Kekristenan tayalian 57,32%, anumana pang lobana muhit Protéstan 44,91%, dan selebihnya Katolik sebanyak 12,41%.[3] Pemeluk agama Islam juga cukup signifikan yakni 42,53% yang banyak dianut etnis Melayu pesisir dan sebagian dari suku Batak. Sebagian kecil memeluk Parmalim 0,10%, kemudian Buddha 0,05% yang umumnya dianut oleh etnis Tionghoa, dan Hindu dianut kurang dari 0,01%.[3][9] Agama Kristen Protéstan jeung Katolik loba dipuhit ku Suku Batak Toba, Suku Batak Karo, Batak Dairi, Batak Simalungun, sarta Nias, ogé sawaréh étnis Batak Angkola atawa Mandailing, jeung Tionghoa. Sagigireun éta agama Islam di Tapanuli Tengah ilaharna dipuhit ku Suku Batak Angkola, Batak Mandailing, sawaréh Batak Toba, sabagéan Suku Batak Dairi (Pakpak), Minangkabau, jeung Suku Melayu.
Organisasi/Komunitas/Film
[édit | édit sumber]
Tapanuli Tengah téh kabupatén anu euyeub ku kaunggulan mimiti ti éndahna alam, Cagar budaya, jeung réa-réa deui. Tapanuli Tengah ogé kungsi jadi ‘’lokasi syuting film’’ Hollywood tayalian King Kong tur jadi tempat ‘’lokasi syuting’’ Film Mursala anu ieu sakaligus ‘’memperkenalkan’’ Tapanuli Tengah. Di Tapanuli Tengah loba kapanggih organisasi, naha itu Partai Pulitik, Karang Taruna, ‘’Forum Anak Horas Tapteng’’, KNPI jeung réa-réa deui.
Ékonomi
[édit | édit sumber]Pangwangunan Kabupatén Tapanuli Tengah dilaksanakeun kalawan konsép pangwangunan Tapanuli Growth tayalian sinérgi kabupatén/kota ngalimpudan Wewengkon Kulon Sumatera Kalér, Acéh Singkil jeung Simeulue (propinsi Acéh) pikeun ngawangun hiji pola ngaronjatna wewengkon anu ‘’kompetitif’’ kalawan Wewengkon ‘’Industri Terpadu’’ Labuan Angin. Kabupatén Tapanuli Tengah kiwari jadi puseur koléksi (hub) ‘’komoditas’’ unggulan daérah.
Pasoalan anu disingareupan masarakat Tapanuli Tengah, kawas wewengkon sejen di kulon Sumatera Kalér sacara ékonomi salila ieu tayalian kamiskinan jeung kurangna lapangan pagawéan/pangangguran. Aya ogé kakurangan anu dirandapan ieu henteu lésot tina kaayaan topografi wewengkon Tapanuli Tengah anu pasir-pasir sebut waé (Bukit Barisan), sumber daya manusa, ngokolakeun sumber daya alam, ‘’infrastruktur’’, aksés ‘’informasi’’ jeung golontorna modal. Pameréntah Kabupatén Tapanuli Tengah satékah polah pikeun nyingareupan pasualan anu bieu disebut ngayakeun ‘’akselerasi’’ pangwangunan jeung ngaronjatkeun ékonomi daérah utamana ngaliwatan invéstasi, naha invéstasi pamaréntah anapon swasta kalayan konsép pangwangunan Tapanuli Growth.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ "Kondisi Demografi". Diarsipkeun ti asli tanggal 2022-09-20. Diaksés tanggal 18 September 2022.
- ↑ a b "Undang-Undang Nomor 23 Tahun 2024 tentang Kabupaten Tapanuli Tengah di Provinsi Sumatera Utara" (PDF). Lembaran Negara Republik Indonesia. 2024-07-02. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2024-07-15. Diaksés tanggal 2024-07-15. Archived 2024-07-15 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e "Kabupaten Tapanuli Tengah Dalam Angka 2022" (pdf). www.tapanulitengahkab.bps.go.id. hlm. 85, 180-190. Diaksés tanggal 18 September 2022.
- ↑ "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2024" (visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diaksés tanggal 23 November 2024. Archived 5 Juli 2022 di Wayback Machine
- ↑ Koestoro, L. P., dkk. (Juni 2001). Berita Penelitian Arkeologi Nomor 06: Penelitian Arkeologi di Kotamadia Sibolga dan Kabupaten Tapanuli Tengah, Provinsi Sumatera Utara (PDF). Medan: Balai Arkeologi Medan. hlm. 3. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Status URL (link)
- ↑ "Bupati Tapteng dan Walikota Tebing Tinggi Dilantik". www.diskominfo.sumutprov.go.id. 23 Mei 2017. Diarsipkeun ti asli tanggal 2022-01-16. Diaksés tanggal 15 Januari 2022. ; Archived 2022-01-16 di Wayback Machine
- ↑ "Pj Bupati Tapanuli Tengah Dicopot Diganti Pejabat Kemendagri". www.viva.co.id. Diaksés tanggal 1 September 2023.
- ↑ Siregar, Wahyudi Aulia (15 November 2023). "Sugeng Riyanta Resmi Dilantik Jadi Pj Bupati Tapanuli Tengah". daerah.sindonews.com. Diaksés tanggal 19 Desember 2023.
- ↑ "Sensus Penduduk 2010". Diarsipkeun ti asli tanggal 2019-05-09. Diaksés tanggal 2014-11-09.
Pranala luar
[édit | édit sumber]Citakan:Kabupaten Tapanuli Tengah Citakan:Sumatera Utara Citakan:Mayoritas Kristen Indonesia