Lompat ke isi

Kacamatan Lakbok

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kacamatan Lakbok nyaéta hiji kacamatan di Kabupatén Ciamis, Jawa Barat, Indonésia.

Étimologi

[édit | édit sumber]

Ngaran "Lakbok" asalna tina basa Sunda Kuno anu hartina "maung nu gede pisan".[1] Ieu ngarujuk kana kajadian perburuan harimau di rawa Lakbok dina taun 1920-an.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina taun 1920-an, wewengkon Lakbok masih mangrupa leuweung lebat jeung rawa-rawa anu jadi habitat sato galak. Dina taun 1926, Bupati Sukapura (Tasikmalaya) R.A.A. Wiratanuningrat muka wewengkon ieu pikeun lahan pertanian. Manéhna méré hak milik tanah ka para patani anu ngagarap, anu katelah "Tanah Cap Singa".[3]

Taun 1936, kajadian angin puting beliung anu ngaruksak wewengkon Lakbok. Saprak harita, Lakbok terus berkembang jadi lumbung padi di Kabupatén Ciamis.

Géografis

[édit | édit sumber]

Kacamatan Lakbok miboga legana kurang leuwih 58 km². Watesna nyaéta:

  • Kalér: Kota Banjar
  • Wétan: Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah
  • Kidul: Kacamatan Banjarsari jeung Kacamatan Padaherang
  • Kulon: Kota Banjar jeung Kacamatan Purwadadi

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Kacamatan Lakbok kabagi jadi 10 désa:[4]

  • Baregbeg
  • Cintajaya
  • Cintaratu
  • Kalapasawit
  • Kertajaya
  • Puloerang
  • Sidaharja
  • Sindangangin
  • Sukanagara
  • Tambakreja

Démografi

[édit | édit sumber]

Dumasar data Kecamatan Lakbok Dalam Angka 2024, jumlah penduduk Kecamatan Lakbok taun 2023 nyaéta 57.016 jiwa, diwangun ku 28.681 jiwa lalaki jeung 28.335 jiwa awéwé.

Sebaran Penduduk per Désa

[édit | édit sumber]

Tabel di handap nembongkeun sebaran penduduk nurutkeun désa/kalurahan di Kacamatan Lakbok taun 2023:

Jumlah Penduduk Menurut Désa/Kalurahan di Kacamatan Lakbok, 2023
Désa/KalurahanLaki-lakiAwéwéJumlahKapadetan (jiwa/km²)
Sindangangin2.3192.3784.697
Puloerang3.0943.0506.144
Kalapasawit2.0382.0034.041
Sukanagara2.4992.4214.920
Kertajaya3.1433.0886.231
Sidaharja4.5954.6559.250
Baregbeg3.1823.0946.276
Cintajaya2.9152.7785.693
Tambakreja1.6041.5843.188
Cintaratu3.2923.2846.576
Lakbok28.68128.33557.016

Sumber: BPS Kabupaten Ciamis, Kecamatan Lakbok Dalam Angka 2024, Tabel 3.1

Ékonomi

[édit | édit sumber]

Kacamatan Lakbok dikenal minangka lumbung padi di Kabupatén Ciamis. Salian ti padi, komoditas unggulan séjénna nyaéta cabai (program GERTAM CABAI) jeung melon.[5]

Dina taun 2025, Bupati Ciamis Herdiat Sunarya ngaoptimalkeun lahan pertanian di Lakbok pikeun ngadukung swasembada pangan.[6]

Kaséhatan

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 12 Méi 2026, diluncurkeun Program Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG) di Désa Sindangangin. Program ieu nyasab ka 727 urang, di antarana siswa SDN 1 Sindangangin (158 siswa), SDN 2 Sindangangin (116 siswa), MI Al Ikhlas Nurhasan (74 siswa), jeung PAUD sabudeureunana.[7]

Kagiatan

[édit | édit sumber]

GERTAM CABAI

[édit | édit sumber]

GERTAM CABAI nyaéta singgetan tina Gerakan Tanam Cabai, hiji program ti Pokja III TP PKK dina kerangka KETAPANG MAS. Kagiatan ieu dilaksanakeun ku TP PKK Kacamatan Lakbok dina 13 Méi 2026 di halaman Kantor Kacamatan Lakbok pikeun nguatkeun ketahanan pangan kulawarga.[8]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. R.A. Danadibrata, Kamus Basa Sunda (2015)
  2. https://jabar.tribunnews.com/2022/09/10/kisah-perburuan-harimau-di-rawa-lakbok-berawal-dari-3-warga-diserang-hutan-cimedang-dikepung
  3. https://www.ciamis.info/2017/06/asal-usul-dan-sejarah-lakbok-hutan-dan.html
  4. "Kecamatan Lakbok, Ciamis". P2K Stekom. Diaksés tanggal 4 Oktober 2025.
  5. https://kabarpriangan.pikiran-rakyat.com/kabar-priangan/pr-1488398068/selain-sentra-padi-lakbok-ciamis-kini-miliki-budidaya-melon-binaan-rumah-zakat
  6. https://fokusjabar.id/2025/07/08/bupati-ciamis-tekankan-optimalisasi-pertanian-wilayah-lakbok-dan-purwadadi/
  7. https://jurnal86.com/polsek-lakbok-polres-ciamis-monitoring-launching-program-pelayanan-pemenuhan-gizi-sppg-di-desa-sindangangin/ Archived 2026-05-19 di Wayback Machine
  8. https://kecamatan-lakbok.ciamiskab.go.id/informasi/berita/detail/gertam-cabai-gerakan-tanam-cabai-tp-pkk-kecamatan-lakbok