Lompat ke isi

Kadaka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kadaka

Kadaka atawa Asplenium scolopendrium, atawa aya gogé anu nyebut pakis lidah rusa, mangrupa tutuwuhan héjo dina kulawarga Aspleniaceae anu asalna di beulah kalér.

Karakteristik

[édit | édit sumber]

Asplenium scolopendrium, umumna disebut pakis létah, nyaéta pakis rimpang, warnana héjo, sarta ngahasilkeun rungkun anu wangunna siga létah, kasar, héjo caang, sarta ajeg melengkung (panjang 12-18”). Ieu tutuwuhan asal utamana ti Éropa, sanajan aya variétas Amérika nu langka (Asplenium scolopendrium var. americanum) nu dilaporkeun bisa kapanggih di sababaraha tempat anu kawatesanan di Alabama, Tennessee, Michigan, New York, jeung Ontario. Variétas Amérika ieu ayeuna diklasifikasikeun salaku tatangkalan anu kaancam di sakabéh daérah sebaranana. Tutuwuhan anu dijual di pasar nyaéta variétas Éropa. Sinonimna nyaéta Phyllitis.[1]

Asplenium scolopendrium mangrupa pakis héjo anu bisa tumuwuh nepi ka jangkungna 0,6 meter kalayan rubakna 0,5 meter (8 inci), tapi laju tumuwuhna lalaunan. Pakis ieu tahan kana kaayaan iklim di zona 5 Inggris sarta henteu gampang beku. Tutuwuhan ieu daunan sapanjang taun, sedengkeun siki-sikina mimiti asak dina bulan Juli nepi ka Agustus.[2]

Pakis ieu cocog pikeun taneuh anu hampang (keusik) jeung sedeng (lempung), komo bisa hirup dina taneuh liat anu beurat. Bisa tumuwuh dina taneuh anu rada asam, netral, atawa rada basa, komo dina taneuh anu pisan basa ogé bisa hirup. Pakis ieu bisa hirup dina tempat anu teduh pisan (leuweung rapet) atawa semi-teduh (leuweung hampang). Leuwih resep hirup dina taneuh anu kering atawa baseuh.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Asplenium scolopendrium - Plant Finder". www.missouribotanicalgarden.org. Diaksés tanggal 2025-02-15.
  2. 1 2 "Asplenium scolopendrium Hart's Tongue Fern PFAF Plant Database". pfaf.org. Diaksés tanggal 2025-02-18.