Lompat ke isi

Kamal

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kamal
Buah kamal dina tangkalna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Tamarindus
Spésiés:
T. indica
Ngaran binomial
Tamarindus indica

Kamal nyaéta pepelakan nu ngahasilkeun buah anu rasana haseum; ilahar dipaké samara dina réa asakan Indonésia minangka panambah rasa haseum dina kadaharan, contona dina sayur haseum. Kecap "kamal" dipaké jadi ngaran patempatan di sawatara wewengkon di Pasundan jeung Jakarta.[1][2]

Ngaran ilmiah ieu tutuwuhan nyaéta Tamarindus indica, kaasup kana sélér (familia) Fabacéae (Leguminosae). Spésiés ieu téh hiji-hijina anggota marga Tamarindus. Ngaran dina basa kosta nyaéta asem (Jawa), tamalaki (Banda),[3] (basa Acéh), asam (basa Indonésia), sampalok (basa Tagalog), ma-kham (basa Thailand), tamarindo (basa Portugis), tamarinde (basa Walanda), sarta tamarind (basa Inggris).[4]

Kamal ogé sarungkun jeung pepelakan samara lain nu rasana sarua haseum, kaasup asem kandis jeung asem galugur. Pepelakan ieu didatangkan ku jalma-jalma ti India.[1]

Ngaran Tamarindus sarta tamarind diturunkeun tina basa Arab تمرهندي tamr hindī nu hartina kurang leuwih: korma India.

Sumebarna sarta ékologina

[édit | édit sumber]

Kamal kaasup tuwuhan tropis. Asal-usulnya dianggap ti savana Afrika wétan di mana jenis liarna kapanggih, salah sahijina di Sudan. Saprak rébuan taun katukang, pepelakan ieu geus sumebar ka Asia tropis, sarta saterusna ogé ka Karibia jeung Amérika Latén. Di réa tempat anu cocog, kaasup di Indonésia, kamal jadina liar, kawas di leuweung-leuweung savana di Afrika.

Tangkal kamal bisa jadi alus nepi ka jangkungna kira-kira 1.000 m di luhur beungeut laut (dpl), dina taneuh nu keusikan atawa taneuh liket, hususna di wewengkon anu usum garingna écés sarta cukup panjang.

Hasil sarta pamakéan

[édit | édit sumber]

Daging buah kamal pohara populér, sarta dipaké dina rupa-rupa bahan asakan atawa samara di saantéro dunya. Buah anu ngora rasana pohara haseum, sarta ilahar dipaké minangka samara sayur haseum atawa campuran rujak. Buah anu geus asak bisa ditunda lila sanggeus dipesék sarta saeutik digaringkeun maké pitulung sinar panonpoé. Sajaba dijadikeun samara, pikeun méré rasa haseum atawa pikeun ngaleungitkeun ambeu hanyir lauk, kamal mindeng dijadikeun bahan sirop, selé, gulali (peremén), sarta jajamu.

Thailand ogé ngahasilkeun kamal anu amis rasana. Buah ieu populer sarta didahar dina kaayaan seger (henteu diasakan; alatan éta diékspor dina wangun peuteuy anu tacan dipesék.[5]

Siki kamal ilahar didahar sanggeus dikeueum sarta dikulub, atawa sanggeus dibeuleum. Sajaba ti éta, siki asam ogé dijadikeun tipung pikeun nyieun kuéh atawa roti.[5]

Sajaba ti daging buah, réa bagian tangkal kamal anu bisa dijadikeun bahan ubar tradisional. Daun ngorana (sinom) dipaké pikeun ngurangan raheut sarta rasa nyeri dina pasendian, di luhureun tatu atawa dina kasakit rematik.[5] Daun ngora anu dikulub pikeun ngubaran batuk sarta panastiris. Kulit kaina anu ditutu dipaké pikeun nyageurkeun tatu, borok, jeung bisul. Kulit kai kamal ogé dipaké minangka ubar kuat. Tipung sikina pikeun ngubaran diséntri sarta diaré.[5]

Siki kamal ogé mindeng dipaké dina kaulinan congklak.

Tangkal kamal ilahar dipelak di sisi jalan minangka pangiuhan, utamana kawentar di sapanjang jalan raya Daendels, ti Anyer nepi ka Panarukan.

Para palaut Bugis dina mangsa baheula dipikanyaho melak tangkal kamal di basisir kalér Australia, di Northern Territory dina waktu maranéhanana ngaso nungguan datangna angin pikeun balik ka wewengkon asal. Tangkal-tangkal kamal ieu jadi pituduh ayanan hubungan antara urang Aborigin jeung jalma ti luar éta buwana saméméh kadatangan urang Éropa.[5]

Bahan bacaan

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. hlm. 1. ISBN 9786028693226. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  2. Damayanti, Dewi (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. hlm. 63. ISBN 9789790061941.
  3. Crawfurd, John (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi. Vol. 1. Ditarjamahkeun ku Zara, Muhammad Yuanda. Yogyakarta: Penerbit Ombak. hlm. 312. ISBN 9786022584698. Pemeliharaan CS1: Status URL (link)
  4. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 23. Diaksés tanggal (disungsi) 11 April 2020. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: details, dir, follow, group, name.
  5. 1 2 3 4 5 Astawan, MS, Prof. Dr. Ir Made (2009). Sehat Dengan Hidangan Kacang Dan Biji-bijian. Jakarta: Niaga Swadaya. hlm. 74. ISBN 9789790023666. Disungsi4 Maret2021

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]