Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Leuit di Ciptagelar

Kampung Ciptagelar nyaéta kampung adat nu aya di wilayah Kampung Sukamulya Desa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi.[1] Ciri khasna aya dina lokasi sarta wangunan imah nu masih kenéh nyekel kana tradisi.[2] Masarakat nu nempatan Kampung Ciptagelar disebutna kasepuhan.[2] Kecap "Kasepuhan" asalna tina kecap "sepuh" maké rarangken barung "ka-an" nu miboga harti tempat tinggal sesepuh.[2] Ieu hal ngarujuk kana masarakat di dinya nu masih kénéh nyekel kana adat istiadat karuhun.[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kampung Adat Ciptagelar diadegkeun ku pasukan Karajaan Sunda nu tuhu ka Prabu Siliwangi jeung maranéha dibebaskeun lantaran Prabu Siliwangi rék moksa.[3] Prajurit tuluy misahkeun diri jadi tilu kelompok nu ngadegkeun kampung-kampung anyar nu silih pakait.[3]

Salah sahijina nyaéta Kampung Gedé nu fungsina pikeun pusat kasepuhan.[3] Kampung Gedé pernah sababaraha kali pindah pikeun nyingkahan pangaruh imperialis Jepang jeung konflik politik DI/TII.[3]

Sistim réligi[édit | édit sumber]

Warga kasepuhan Ciptagelar mangrupa komunitas adat nu masih kenéh ngajalankeun tatali paranti karuhun sacara turun temurun nu geus jadi cecekelan kahirupan pikeun kasalametan hirup.[4] Numutkeun pamadeganna, karuhun nyaéta jalma nu geus maot nu dianggap miboga kamampuh nu leuwih atawa di luar kamampuh manusa umumna nu dianggap turunan ti karajaan pajajaran.[3] Sistim religi desa Ciptagelar nyaéta agama Islam, tapi masih kenéh kentel unsur animisme jeung dinamisme.[4] Katingali tina upacara-upacara nu sok dilaksanakeun.[5] Saprak taun 2001, Kampung Ciptarasa nu asalna ti Desa Sirnarasa ngalaksanakeun “hijrah wangsit” ka Desa Sirnaresmi nu jarakna belasan kilometer.[6] Di Desa Sirnaresmi, langkung jelasna di Kampung Sukamulya, Abah Anom salaku pupuhu kampung adat meré ngaran Desa Ciptagelar pikeun tempat pindah nu anyar.[6] Ciptagelar miboga harti kabuka atawa pasrah.[6] Pindahna ti Kampung Ciptarasa ka Kampung Ciptagelar lantaran paréntah karuhun nu disebut wangsit.[6] Ieu wangsit ditarima atawa menangkeunnana ku Abah Anom ngaliwatan proses ritual nu hasilna daék teu daék kudu dilaksanakeun.[6]

Sistim Pakasaban[édit | édit sumber]

Umumna pakasaban di Ciptagelar nya patani.[7] Masarakatna ngajungjung luhur budaya lokal sarta lingkungannana nu loba kapangaruhan ku adat istiadat.[8] ku kituna,  di ditu mah tara maké paré unggul pamaréntah lantaran boga anggepan yén paré téh titipan tinu maha kawasa.[8] Salian ti éta nyaéta :

Salah sahiji huma nu aya di Ciptagelar
  • Upacara adat kudu maké paré lokal.[8]
  • Paré nu unggul moal bisa jadi alus hasilna di daerah lembab jeung rada tiis mah.[8]
  • Paré lokal batangna panjang jadi gampang dietem, gampang ngagaringkeunna jeung nyimpenna, tahan nepi ka waktu +5 taun jeung teu rontok.[8]
  • Ngamumulé adat karuhun aya kurang leuwih 43 jenis paré rurukan jeung 100 jenis paré hasil silang ti pare rurukan.[8]
  • Ku cara melak paré sataun sakali ngarah bisa ngereunkeun siklus hama wereng nu biasana dina bulan nu geus ditebak atawa diprediksi.[8]
  • Pikeun nangtukeun mangsa melak dumasar kana itungan béntang.[rujukan?] Tanggal kerti kana beusi jeung tanggal kidang turun kijang (pikeun nyiapkeun alat-alat tatanén).[rujukan?] Kidang ngarangsang ti wetan jeung kerti ngadoredag ka kulon (lahan mulai digarap).[8]

Daur hirup paré ti mimiti melak paré nepi ka panén masarakat Ciptagelar miboga runtuyan aturan adat jeung upacara nu kudu dilaksanakeun,di antarana :

  1. Ngaseuk, melak paré nu dimimitian ku upacara menta kasalametan jeung kaamanan sarta ziarah ka makam karuhun.[5] Biasana sok aya hiburan siga wayang golek, jaipong, topeng, jeung pantun buhun.[8] Dimimitian ku sesepuh girang ziarah ka makam kaluhur nu sumebar di daérah Lebak, Bogor, jeung Sukabumi.[8]
  2. Sapang Jadian Parésaminggu sanggeus melak paré diayakeun ritual menta ijin ka sang ibu (Bumi) rék melak paré sarta menta ijin ka Gusti Allah sangkan hasilna alus.[5]
  3. Paré nyiramo jeung Mapag Paré Beukah, mapag paré beukah, sukuran nalika paré aya kembangan,sarta menta ijin ngarah jauh ti hama.[5]
  4. Sawenan, Ritual nu lumangsungna sanggeus bulir padi mulai kaluar.[9]
  5. Mipit Paré, Ritual nalika motong paré tujuanna pikeun ménta ijin ka karuhun ngarah diberé hasil panén nu leuwih.[9]
  6. Nganyaran atawa Ngabukti,Ritual nalika paré ditutu tuluy dimasak.[9]
  7. Ponggokan, Ritual terahir saméméh seren taun dilaksanakeun.[9] Ponggokan miboga arti tradisi ngariung para karuhun nu biasana dipaké pikeun ngabahas masalah rahayat jeung ngitung pajak unggal jalma.[9] Pajak/jiwa dina taun 1997 nyaéta Rp.150,- jeung imah Rp.250,-.[8] Ponggokan biasana dilaksanakeun saminggu saacan acara Seren Taun.[9] Nalika ponggokan ogé sok ngabahas iraha Seren Taun rék lumangsungna.[9]
  8. Seren Taun. Mangrupa acara puncak kagiatan masarakat Ciptagelar.[rujukan?] Biasana sok dilaksanakeun unggal taun lantaran tradisi pikeun karuhun jeung dewi padi Sang Hyang Pohaci.[5]

Salian upacara nu aya pakaitna jeung paré, aya ogé upacara nu sején nu dilaksanakeun, nyaéta :

  • Salametan 14 bulan purnama.[8]
  • Upacara nyawen-bulan safar (Masangkeun jimat kampung).[8]
  • Salametan rasul.[8]
  • Salametan beberes (nyingkahan masalah kana pelanggaran).[8]
  • Sodakoh maulud jeung rewah (ngirim kadaharan).[8]

Serén taun[édit | édit sumber]

Istilah Seren Taun asalna tina Basa Sunda.[rujukan?] Seren miboga harti serah, seserahan, atawa mikeun jeung kecap taun.[10] Jadi Seren Taun hartina serah terima taun Kamari ka taun nu rék disanghareupan pikeun gagantina.[11]

Numutkeun catetan sajajarah jeung tradisi lokal, Seren Taun diayakeun sacara turun-temurun ti saprak jaman Karajaan Sunda siga Karajaan Pajajaran, malah nepi ka ayeuna masih kenéh lumangsung.[12] Ieu Upacara mimitina tina acara pikeun ngahormatan Nyi Pohaci Sanghyang Asri atawa Dewi Sri mangrupa dewi padi dina kosmologi Sunda Kuno.[12] Sistem kapercayaan masarakat Sunda kapangurahan ku warisan kabudayaan masarakat asli Nusantara nu ngagungkeun kakuatan alam.[12]

Seren taun dilaksanakeun unggal ping 22 Bulan Rayagung numutkeun kalender Sunda Salian ti ritual-ritual nu sipatna sakral, aya ogé kasenian jeung hiburan.[13] Ieu kagiatan mangrupa hubungan manusa jeung nu maha kawasa, jeung ogé sasama mahluk atawa alam ngaliwatan kagiatan kasenian, sosial budaya, jeung atikan.[13] Prosesi upacara pusatna di buruan jeung gedung Paseban Tri Panca Tunggal.[14]

Seren Taun

Upacara Seren Taun dimimitan ku upacara ngajayak ( Ngajemput Paré ), dina ping 18 Rayagung nu dituluykeun ku acara nutu pare jeung puncakna ping 22 Rayagung.[13] Ngajayak dina basa Sunda miboga harti nampa jeung nyambut, sedengkeun angka 18 nu dina basa Sunda diucapkeun dalapan welas  konotasina welas asih nu hartina Allah nu geus mere sagala pikeun lumangsungna kahirupan pikeun sakabéh umat manusa di dunya.[13] Acara ngajayak mangrupa datangna opat rombongan nu mawa paré jeung sagala rupa beubeutian tina opat arah mata angin ka gedung paseban.[14] Puncak acara Seren Taun mangrupa nutu paré dina ping 22 Rayagung ogé miboga ma’na sorangan.[13] Angka 22 nyaéta ti angka 20 jeung 2.[13] Paréna ditutu di puncak acara nyaéta 22kwintal nu 20 jang ditutu tuluy dibagikeun ka masarakat, ari nu 2kwintal mah pikeun binih.[13]

Puncak acara Seren Taun nyaéta upacara Ngadiukeun, atawa ngasupkeun pocong paré ka Leuit Si Jimat ku Pimpinan Adat Kasepuhan Ciptagelar yaitu Abah Ugi Sugriana Rakasiwi (nu ayeuna).[15] Kidung puji-pujian ka Nyi Pohaci Sanghyang Asri dipirig ku kacapi nu intinamah ngedalkeun rasa sukur ka maha kawasa nu geus ngajaga Ciptagelar .[10]

Leuit si jimat[édit | édit sumber]

Salah sihiji warga Ciptagelar dipoto di hareup Leuit Si Jimat

Leuit biasana sok aya digigir atawa ditukang Imah Gedé, wangunanna leuwih leutik tibatan imah gedé lantaran fungsina pikeun nyimpen paré atawa hasil tatanén.[16] Hampir unggal imah di Ciptagelar miboga leuit, tapi aya nu leuwih kawentar di dinya nyaéta Leuit Si Jimat.[17] Lumbung kolot nu ngajamin ayana pangan keur warga ditempatkeun di gigireun Imah Gedé Ciptagelar.[rujukan?] Warga bisa nginjeum binih paré tina Leuit Si Jimat teu maké Bunga.[18] Kecap Leuit Si Jimat asalna tina kecap “nyimat” nu hartina nginjeum.[19] Kecap nyimat ogé bisa dihartikeun ma’na welas asih.[19] Jadi Leuit Si Jimat emang fungsina pikeun nginjeum ka masarakat kasepuhan salaku wujud welas asih abah ka para incu putuna.[19]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Eksotisme Kasepuhan Ciptagelar Sukabumi - Jelajah Nusa" (dalam bahasa en-US). Jelajah Nusa. http://jelajahnusa.com/2017/07/31/eksotisme-kasepuhan-ciptagelar-sukabumi/. Diakses pada 2018-01-23 
  2. a b c d "Kampung Ciptagelar-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-10-27. 
  3. a b c d e "Kampung Adat Ciptagelar, tak berubah sejak 600 tahun lalu?" (dalam bahasa en-US). 2015-08-30. https://www.pegipegi.com/travel/kampung-adat-ciptagelar-tak-berubah-sejak-600-tahun-lalu/. Diakses pada 2018-01-23 
  4. a b "Kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-27. 
  5. a b c d e "Masyarakat Adat Ciptagelar, Sukabumi". www.wacana.co (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-11-05. 
  6. a b c d e "Badan Penghubung Pemerintah Provinsi Jawa Barat". perwakilan.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-27. 
  7. Kompasiana.com. "Keunikan Perkampungan di Lereng Gunung Halimun oleh Muhamad Iqbal Azhari - Kompasiana.com". www.kompasiana.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-01-28. 
  8. a b c d e f g h i j k l m n o p Untari, Sri (Oktober 2014). "REKAM PERJALANAN KEPALA BKPD JABAR DAN TIM KE DESA BUDAYA CIPTA GELAR". BKPD Jawa Barat. http://bkpd.jabarprov.go.id/wp-content/uploads/2014/10/KAMPUNG-BUDAYA-LUMBUNG-CIPTA-GELAR.pdf. 
  9. a b c d e f g "Menelisik Rangkaian Ritual dalam Acara Seren Taun" (dalam bahasa id-ID). infobudaya.net. 2017-10-10. http://www.infobudaya.net/2017/10/menelisik-rangkaian-ritual-dalam-acara-seren-taun/. Diakses pada 2018-01-23 
  10. a b Media, Kompas Cyber. "Seren Taun, Ritual Ratusan Tahun Silam - Kompas.com" (dalam bahasa en). KOMPAS.com. http://travel.kompas.com/read/2014/08/27/130600527/Seren.Taun.Ritual.Ratusan.Tahun.Silam. Diakses pada 2018-01-23 
  11. Admin (2016-09-07). "Seren Taun, Ritual Sakral Masyarakat Sunda Yang Sarat Makna" (dalam bahasa id-ID). Garuda Citizen. https://www.garudacitizen.com/seren-taun-ritual-sakral-sunda-makna/. Diakses pada 2018-01-23 
  12. a b c "Ritual Upacara Adat Seren Taun dan Leuit Si Jimat". www.tatarsukabumi.id. Diakses tanggal 2018-01-23. 
  13. a b c d e f g "Upacara Seren Taun | Pemerintah Kabupaten Kuningan". www.kuningankab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2018-01-23. 
  14. a b "Mengenal Seren Taun, Ritual Tahunan Masyarakat Adat Sunda Wiwitan Cigugur" (dalam bahasa id). Pikiran Rakyat. 2017-09-14. http://www.pikiran-rakyat.com/jawa-barat/2017/09/14/mengenal-seren-taun-ritual-tahunan-masyarakat-adat-sunda-wiwitan-cigugur. Diakses pada 2018-01-23 
  15. "Seren Taun: Tradisi Syukur Panen Padi Ciptagelar yang Eksis Sejak 644 tahun yang lalu (bagian-1)" (dalam bahasa en-US). Mongabay Environmental News. 2012-09-05. http://www.mongabay.co.id/2012/09/05/seren-taun-tradisi-syukur-panen-padi-ciptagelar-yang-eksis-sejak-644-tahun-yang-lalu-bagian-1/. Diakses pada 2018-01-23 
  16. "“…LEUIT JIMAT Si Lumbung PADI…” BENTENG Ketahanan PANGAN Warga KASEPUHAN Cipta GELAR…”" (dalam bahasa id-ID). NASIONALIS RAKYAT MERDEKA. 2011-12-27. https://nrmnews.com/2011/12/27/lumbung-padi-leuit-jimat-masyarakat-kasepuhan-cipta-gelar/. Diakses pada 2018-01-24 
  17. Darmayana, Hiski. "Leuit Jimat, Simbol Ketahanan Pangan Dari Kasepuhan | JABAR KAHIJI". jabarkahiji.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-01-24. 
  18. "Leuit Si Jimat » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diakses tanggal 2018-01-23. 
  19. a b c Nopianti, Risa (4 Mei 2016). "LEUIT SI JIMAT : WUJUD SOLIDARITAS SOSIAL MASYARAKAT DI KASEPUHAN SINARRESMI". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat. http://ejurnalpatanjala.kemdikbud.go.id/patanjala/index.php/patanjala/article/viewFile/74/30. Diakses pada 24 Januari 2018.