Kampung Mahmud

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gerbang ka Kampung Mahmud

Kampung Mahmud mangrupa salahiji kampung adat nu aya di Kabupatén Bandung perenahna di RW 04 Desa Mekarrahayu Kacamatan Margaasih Kabupatén Bandung Selatan.[1] Kampung budi aya di tengah-tengah Citarum, nu ngabalukarkeun ieu kampung misah ti daérah lianna.[2] Kaayaan géografis ieu teu matak ngabalukarkeun masarakat kampung Mahmud hésé pikeun komunikasi jeung masarakat daérah lainna.[2] Ieu hal lantaran geus aya sarana transportasi jambatan nu nyambunfkeun kampung Mahmud jeung kampung lainna.[2]

Lokasi Géografis[édit | édit sumber]

Kampung Mahmud mangrupa salasahiji kampung adat nu aya di Kabupatén Bandung, perenahna di RW 4 Désa Mekar Rahayu Kacamatan Margaasih Kabupatén Bandung Selatan. Kampung Mahmud kawilang stratégis sabab teu pati jauh jeung Dayeuh Bandung kalawan bisa dijugjug ngagunakeun angkot jurusan Kampung Mahmud ti Terminal Tegal Lega, ngaliwatan jalur Tegal Lega, By Pass, Holis, Cigondéwa anu euruen di terminal Kampung Mahmud. Lokasi Kampung Mahmud padeukeut jeung sisi walungan Citarum. Kampung Mahmud tapel watesna nyaéta:

1) Belah kalér Désa Rahayu jeung Désa Cigondéwa

2) Belah kidul Désa Pameuntasan jeung Désa Daraulin

3) Belah kulon Désa Nanjung

4) Belah wétan Désa Margahayu

Ciri anu béda ti wewengkon lianna, Kampung Mahmud miboga daur hirup jeung sistem réligi anu has. Sanajan aya sistem anu geus kapangaruhan ti luar tapi éta hal masih dina ukuran anu leutik. Ku kituna, masarakat Kampung Mahmud masih kénéh nyekel sarta ngajaga budaya anu hirup di wewengkonna.

Sajarah Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Numutkeun masarakatna, ieu kampung téh diwangun ku Sembah Éyang Abdul Manaf nu mangrupa turunan ti wali Cirebon, Syarif Hidayatullah.[3] Ieu kampung diwangun abad ka 15 Maséhi.[3] Dimimitian ku Éyang Abdul Manaf nu indit ka Mekah ninggalkeun lemburna tur dumuk di Mekah dina waktu nu kaitung lilana.[3] Hiji mangsa Éyang Abdul Manaf ngarasa hayang balik deui ka lemburna, saméméh indit ninggalkeun Mekah, anjeunna ngadu’a di hiji tempat nu dingaranan Gubah Mahmud deukeut Masjidil Haram.[3] Dina du’ana anjeunna meredih sangkan bisa balik deui ka lembur nu teu kacicingan ku penjajah.[3] Sanggeus nepi di lemburna, anjeunna néangan tempat luyu jeung pituduh nu aya di Gubah Mahmud tug nepi ka manggih hiji tempat nyaéta di daérah walungan Citarum.[3] Sanggeus manggih éta tempat, anjeunna ngawangun hiji kampung tina sakeupeul taneuh nu dibawa ti Gubah Mahmud sarta dibéré ngaran kampung Mahmud luyu jeung asal taneuh nu dipaké ngawangunna.[3] Salian ti éta, harti Mahmud di dinya dipercaya miboga harti kampung nu dipuji tur loba hal nu dipantrangna.[2] Sangkan ieu kampung teu kapanggih ku penjajah, anjeunna nempatkeun 40 jin pikeun ngajaga ieu kampung.[2] Tempat munggaran nu dipaké neundeun éta taneuh dingaranan Masjid Paimbaran.[2]

Sistem Réligi[édit | édit sumber]

Dina hal agama nyampak hiji konsép anu utama, nyaéta patali jeung konsép anu diyakinan (iman) sarta hal naon anu kudu dipilampah dumasar kana kayakinan (iman) dina éta agama téh. Masarakat Kampung Mahmud katangen leuwih nyoko kana hal anu diyakinan tibatan kana hal anu kudu dipilampahna.

Konsép anu kuat ngabalukarkeun masarakat Kampung Mahmud taat dina hal agamana, contona katitén leuwih ngutamakeun kahayangna pikeun bisa ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima, nyaéta ibadah haji. Tina éta hal, masarakat Kampung Mahmud loba anu  nepi ka ngorbankeun hartana ngabélaan ngajual tanah jeung sawahna pikeun bisa ngalaksanakeun ibadah haji. Sabab di Kampung Mahmud aya oriéntasi pikeun jalma anu geus ngalaksanakeun ibadah haji, éta darajatna leuwih luhur sarta dipihormat ku saréréa.

Pola kahirupan agama di masarakat Kampung Mahmud katangen ogé tina hal ngamulyakeun bulan-bulan Islam, misal bulan Mulud, bulan Romadhon, bulan Muharam, jeung Idul Fitri. Dina miéling poé-poé Islam, masarakat Kampung Mahmud sok ngayakeun hajat, mangrupa sangu jeung dengeunna, pikeun disanggakeun ka kolot, dulur-dulur, ogé tatangga. Angot dina Idul Fitri, jalma-jalma pada-pada mawa rantang anu eusina sangu jeung deungeunna nu kualitasna leuwih luhur tibatan kadaharan sapopoé, pikeun ditujukeun ka kolot sarta dulur nu séjénna.

Dina hakékatna, sanajan masarakat Kampung Mahmud taat dina widang agama Islamna, tapi kapercayaan kana karuhunna masih keneh napel dina kahirupanna. Konsep kaimanan ka Gusti Nu Maha Suci, guumulung jeung percaya ka para karuhun. Éta hal mangaruhan masarakat nu aya di saluareun Kampung Mahmud. Katangen loba nu daratang pikeun ziarah, malah aya nu nepi ka mondok sababaraha peuting pikeun kapentingan ngadu’a jeung ngucap sukur, sarta diwuwuhan ku ayana paménta atawa nyambat ka karuhun anu tujuanna pikeun kasalametan jeung katingtriman.

Makam Karuhun di Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Makom Mahmud mangrupa tempat dimakamkeunana éyang-éyang (luluhur) kampung Mahmud.[2] Loba jalma nu ngahajakeun jarah ka ieu makom lantaran dianggap karamat.[2] Biasana nu jarah lolobana datang nalika bulan Mulud, utamana mah malem Jumaah kliwon.[2] Maranéhna percaya yén para karuhun bakal datang sarta ngabulkeun sagala nu dipikahayang ku maranéhanana.[2] Salian ti éta nu jarah percaya yén kampung Mahmud téh kampung ajaib lantaran tara kabanjiran sakitu dikurilingan ku walungan Citarum ogé.[2]

Titinggal mangrupa makam karomah di Kampung Mahmud aya di tilu lokasi, nyaéta:

1) Makam Éyang Abdul Manaf

2) Makam Sembah Eyang Dalem Abdullah Gedug

3)  Makam Sembah Agung Zaenal.

Sing saha waé anu baris ziarah ka éta makam, dirina kudu aya dina kaayaan nu beresih, éstuning kudu boga wudhu, sarta maké pakéan anu rapih jeung nutupan aurat. Anu baris ziarah bakal diaping ku kuncén pikeun mingpin du’a, anu satuluyna masrahkeun ka nu ziarah pikeun ngadu’a sewang-sewangan. Baheula éta makam téh kacida diajénanana, saupamana nu ziarah rék nincak ka makam karomah sapatu jeung sendalna geus dibuka lebah masjid anu kawilang rada jauh ti makamna, tapi kaayeunakeun mah sapatu jeung sendal téh dibuka nalika rék nincak ka wangunan makam karomah.

Masarakat Kampung Mahmud saupama rék ziarah ka para karuhunna tara dilaksanakeun dina unggal poé jumaah, sabab poé jumaah mah poé pikeun ibadah. Unggal wangunan makam karomah miboga kuncén anu béda-béda. Di unggal wangunan geus disadiakeun pikeun wudhu, ngadu’a atawa tafakur nu ziarah. di antara tilu makam anu aya, makam Eyang Abdul Manaf paling gedé wangunanana dibanding nu séjén. Di éta makam aya tempat pikeun ngurilingan makam sarta aya wangunan mangrupa balé pikeun wiridan/ngadu’a.

Refleksi Kahirupan Masarakat Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Ngeunaan tatacara dina kahirupan masarakat Kampung Mahmud, boh anu aya patalina jeung adat istiadat atawa jeung kayakinan kana agama, teu loba nu kapanggih dina hal anu béda jeung masarakat séjén. Salian teu loba kapangaruhan dunya luar, masarakat Kampung Mahmud ogé tuhu kana ajaran agama. Éta hal didadasaran ku sajarah anu kuat, sabab baheulana aya tokoh agama anu kakoncara. Malah nepi ayeuna makamna loba kadatangan jalma anu baris ziarah, boh masarakat sabudeur atawa masarakat luar. Sistem anu hirup di masarakat sabudeur nyaéta ajaran agama Islam. Norma-norma kaislaman anu diangkat sarta dijadikeun tetekon ku masarakat Kampung Mahmud, katitén tina kahirupan sapopoéna.

Sistem kamasarakatan anu lumaku di masarakat, umumna miboga sasaruaan jeung masarakat lianna, tapi aya sawatara hal anu jadi pangbéda di hiji kampung adat. Sistem kamasarakatan anu nyampak di Kampung Mahmud miboga sawatara hal anu béda jeung masarakat dina umumna di Jawa Barat. Anu jadi ciri pangbéda di Kampung Mahmud mangrupa hiji hal anu istiméwa. Anapon kabiasaan anu hirup nu di masarakat Kampung Mahmud sarta can aya nu wani ngareumpak kana éta tetekon nyaéta teu meunang nyieun imah anu permanén (ditémbok), teu meunang maké kaca, teu meunang nabeuh goong, teu meunang ngingu soang, teu meunang nyieun sumur, jeung teu meunang ngingu. Sanajan aya sawatara hal anu euweuh patalina jeung ajaran Islam, tapi tetep masarakat Kampung Mahmud ngayakinan kana éta hal dumasar kana istiadat anu lumaku di masarakatna.

Kabiasaan séjénna nyaéta pikeun jalma anu keur kakandungan jeung orok anu karék dilahirkeun, dina enas-enasna euweuh kabiasaan anu béda jeung masarakat dina umumna. Pamadegan masarakat di Kampung Mahmud pikeun hiji kabiasaan, miboga konsép yén salila éta kabiasaan teu pagedrug jeung ajaran anu diyakinanna éta kabiasaan téh lumrah dilakukeun. Pikeun nu kakandungan dina umur dua bulan atawa tilu bulan, éta téh can disebut kakandungan tapi masih kénéh nyiram. Saupama geus liwat ti tilu bulan karék disebut hamil. Biasana keur anu kakandungan aya adat kabiasaan anu lumaku saupama umur kakandungan geus nincak kana tujuh bulan. Kabiasaan anu lumaku pikeun nu tujuh bulanan disebut ogé upacara tingkeban. Upacara tingkeban biasana dilaksanakeun dina waktu anu geus ditangtukeun nyaéta dina tanggal anu aya angka 7, di antarana tanggal 7, 17, jeung 27. Lian ti éta biasana waktuna ogé isuk-isuk nyaéta jam 07.00. Tingkeban hartina nyaéta tutup, anu miboga ma’na yén ti dinya nepi ka 40 poé sanggeus ngalahirkeun kudu ditutup, teu meunang dibuka nepi ka waktuna datang. Jadi tingkeban téh minangka pangéling-éling pikeun salaki pamajikan yén dina waktu éta teu meunang campur gaul nepi ka 40 poé sanggeus ngalahirkeun.

Upacara nyukuran orok dilaksanakeun saupama umur orok geus 40 poé. Éta hal disebutna marhabaan, tapi aya ogé anu nyebut asrakat. Sanggeus tamu karumpul, mitembeyan acara dibuka. Orok dipangku kalawan dibarengan jeung nu babawaan, di antarana jajambaran anu eusina cai, duit logam, gunting, jeung perhiasan emas. Anu munggaran ngagunting buuk orok téh anu dikolotkeun tina sémah anu ngahadiran. Sabada geus bérés nyukuran, dituluykeun ku acara parasmanan.

Luyu jeung patokan anu jadi dadasar dina kahirupan masarakat Kampung Mahmud nyaéta Al-Qur’an jeung Sunah Rosul, cara méré ngaran ka budak anu karék lahir teu leupas tina hal kaislaman. Kabiasaan méré ngaran dumasar kana hukum palintangan teu pati dipercaya sabab lain kabiasaan anu lumrah, sok sanajan aya sawatara masarakat anu nyokot dadasar tina éta hal. Tapi lolobana, masarakat dina méré ngaran orok nu kakara lahir nyoko kana kaislaman, misal Amin, Zainal, jste. Tapi aya ogé ngaran-ngaran anu idéntik jeung kasundaan, saperti Dadang, Asép, tapi disatukangeunna ditambahan ngaran anu aya patalina jeung kasilaman.

Dina hal panganténan di Kampung Mahmud mémang rada béda jeung daérah nu lianna. Sabab pipanganténeun téh asalna ti éta kampung, tapi ieu ogé lain mangrupa kabiasaan anu lumrah, ngan dina umumna saperti kitu. Dina nyorang panganténan saacanna aya waktu pikeun silih wanoh atawa téténjoan. Tapi éta hal tara lila, sabab pikeun nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang sarta ngajauhan hal anu pagedrug jeung ajaran Islam.

Nalika lalaki jeung awéwé geus silih kenal sarta dina waktu anu cukup lila. Biasana ti kulawarga lalaki neundeun omong ka kulawarga awéwé. Sanggeus kitu kulawarga lalaki indit ngalamar awéwé nu dipimaksud pikeun mileuleuheung. Saupama ditarima biasana dituluykeun pikeun nangtukeun tanggal nikah anu geus disapukan ku dua kulawarga.

Dina panganténan teu ngawajibkeun pikeun milih papacangan nu sarua asalna ti éta kampung, maksudna masarakat bisa néangan calon ti saluareun kampung adat. Dina milih calon papacangan aya ogé anu dipangnéangankeun ku kolotna, tapi éta hal lain mangrupa hiji kabiasaan anu kudu. Dina hakékatna, panganténan didasaran ku pada-pada bogoh lain sabab pilihan kolot. Anapon adat anu biasa dilakukeun dina panganténan nyaéta ngeuyeuk seureuh, meuleum harupat, nincak endog, sawér jarang dilakukeun ku masarakat Kampung Mahmud.

Adat nu lianna nyaéta dina kapapaitan atawa dina nu maot. Upacara anu dilaksanakeun nalika salah saurang masarakat kapapaténan téh ku cara mulasara sacara Islam. Dina ieu upacara, aya tata cara anu dilakukeun pikeun mulasara layon, ngurebkeun, sarta sabada dikurebkeun. Dina tata cara mulasara layon nu mimiti nyaéta ngamandian layon ku salah saurang tokoh masarakat, satuluyna dikafanan, tuluy disolatkeun sarta dikurebkeun dumasar kana aturan Islam. Sabada dikurebkeun, peutingna biasa diayakeun tahlil nepi ka tujuh poéna. Dina tahlil biasana aya istilah husus nyaéta tileman atawa poé katiluna, tujuhna nyaéta poé katujuh, matang puluh nyaéta kaopat puluh, jeung natus atawa poé kasaratus.

Sakumaha anu geus dijelaskeun saacanna, masarakat di Kampung Mahmud ngabogaan adat kabiasaan (adat istiadat) anu béda jeung wewengkon séjénna, hususna mah dina hal nyieun imah. Hal ieu dilantarankeun masarakat Kampung Mahmud miboga dadasar tradisi anu raket patalina jeung sikep atawa prilaku dina kahirupan sapopoé, ku kituna dina sagala aspék kahirupan dikaitkeun kana adat istiadat jeung kaperacayaan (sistem religi) anu dianut jeung dipercaya ku masarakatna. Bentuk imah masarakat Kampung Mahmud ngabogaan ciri has anu béda ti wewengkon séjén. Aya ogé anu ngabédakeun téh bisa ditilik tina bahan anu dipaké nyieun imah jeung cara dina nyieun imah. Cara anu jiga kitu di mumulé pisan ku masarakat Kampung Mahmud, lantaran lamun nepi ka ngarumpak adat dina ngadegkeun imah, boh dina tata cara nyieun imah boh dina ngagunakeun bahan pikeun imah bisa jadi mamala pikeun anu nyieun imah atawa kulawarga anu nyieun imah. Salasahiji conto lamun ngarumpak éta hal bakal ngabalukarkeun masalah dikulawarga atawa bakal aya musibah anu ngarandapan éta kulawarga.

Tapi lamun ku urang ditalungtik tina struktur taneuh anu aya di Kampung Mahmud, mangrupa hiji daérah anu asalna tina ranca walungan citarum. Ku kituna, masarakat Kampung Mahmud boga kapercayaan teu meunang nyieun imah anu pageuh, ku sabab kondisi taneuh di daérah éta téh bisa ngabalukarkeun hiji musibah. Saacanna masarakat di dinya geus ngahubungkeun jeung mitos anu geus sumebar di daérahna, sakabéh imah anu aya di lingkungan masarakat Kampung Mahmud  mangrupa imah panggung. Ieu hal, dijalankeun ku masarakat Kampung Mahmud ti mimiti nu ngadegkeun Kampung Mahmud, nyaéta Embah Dalem Haji Abdul Manaf. Tapi lima taun katukang sesepuh Kampung Mahmud, Bapak H. Amin rék nyieun wangunan masjid tina témbok (permanén), ngayakeun listrik ka daérahna, mawa alat éléktronik saperti radio, jeung TV, salian ti éta rék nyieun sumur ogé jang kahirupan sapopoé.

Tawasul jang karuhun mangrupa hal anu biasa dilakukeun ku masarakat Kampung Mahmud. Ieu tawasul ogé bisa dilaksanakeun nalika nyieun imah. Tujuan tawasul téh keur mundut izin jeung berkah ka karuhun anu geus ngabangun di wewengkon Kampung Mahmud sangkan dibéré kasalametan dina ngalakonan pagawéanana, ku kituna boh nu digawé boh kulawarga anu bakal nyicingan imah bakal dibéré berkah jeung kasalametan. Biasana tawasulan dilaksanakeun di tanah anu rék dibangun imah nalika mimiti mondasi. Tawasulan dilakukeun ku kulawarga anu rék ngabangun imah. Keluaraga anu rék ngabangun imah ngondang tatangga disabudeureunana jeung anu digarawé pikeun ngadu’a jeung munut kasalametan. Tawasulan dipimpin ku sesepuh kampung, bérés ngadu’a, acara dipungkas ku motong tumpeng babarengan anu disadiakeun ku tuan rumah.

Upacara ritual nalika keur lumangsungna nyieun imah biasana dina waktu nyieun suhunan imah. Biasana diayakeun jiga upacara leutik, biasana nyadiakeun tumpeng atawa meuncit hayam. Terus ditambahan ogé bandéra beureum bodas anu engkena dipasang di tengah-tengah suhunan imah. Maksudna keur ngamerdékakeun imah téa. Carana, nalika suhunan bakal dipasang karék ngayakeun tawasulan ku cara meuncit hayam terus getih hayamna di usapkeun ka sakabéh tiang suhunan. Maranéhna boga kapercayaan ku cara kitu si imah bakal kuat jeung meuncit hayam dianggap sabagé hal jang ngajauhkeun musibah.

Sanggeus bérés ngabangun imah, diayakeun upacara deui anu disebut salametan, acara ieu diayakeun ku sabab imah anu dibangun geus bérés jeung salamet tina hal anu teu dipikahayang. Dina upacara salametan biasana sok disadiakeun sangu tumpeng jeung kadaharan anu séjénna. Jalan jeung tata cara upacara salametan sarua jeung tawasulan saacan ngadegkeun imah. Dina upacara ieu téh dipingpin ku sesepuh atawa kuncén Kampung Mahmud.

Pakasaban Masarakat[édit | édit sumber]

Pakasaban masarakat Kampung Mahmud téh nyaéta tani, dagang, guru ngaji di Pasantrén, jeung mébel (nyieun korsi). Anu mahabu ayeuna nyaéta kana dagang jeung nyieun korsi. Dagang ku sabab loba sémah anu datang unggal poé keur ziarah ka makom anu aya di dinya. Ari mébel atawa nyieun korsi mah ti baheula gé geus dilaksanakeun, malah lolobana bisa dijual ka luar Bandung jeung luar nagri. Tani ayeuna geus teu loba deui ku sabab dijualan sawahna, kabita ku pangbibita duit. Aya anu dijual keur dijarieun pabrik jeung lolobana sawah jeung taneuh keur tani téh dijual keur pangwangunan tol Pasirkoja. Ieu hal geus jadi bukti yén masarakat Kampung Mahmud geus keuna ku pangbibita harta, najan aya kénéh anu tani tapi teu saloba jaman baheula saacan aya pangwangunan pabrik jeung nu séjénna.

Arsitéktur Imah[édit | édit sumber]

Dina ngabangun imah masarakat kudu nataharkeun heula bahan wangunan saperti kai, awi, jeung bilik. Barang-barang anu dipilih contona waé kai kudu dipilih sangkan meunang anu kuat, salian ti éta aya ogé kapercayaan yén kai bakal ngaluarkeun kakuatan magis. Nalika dipaluruh imah anu aya di Kampung Mahmud wangun imahna manjang atawa suhunanana panjang, ieu hal disababkeun ku hiji kulawarga anu anggota loba. Lamun ditilik tina legana, imah anu aya diKampung Mahmud rata-rata gararédé ti mimiti anu leutik ukuran 4X8 m nepi ka ukuran 10X20 m katambah boga buruan anu lega.

Kabiasaan nyieun imah nu lega jeung gedé geus mangrupa tradisi masarakat Kampung Mahmud. Imah nu gedé jeung lega bisa méré kalaluasaan pikeun nu nyicinganana. Sirkulasi hawa ogé alus jeung jandéla-jandéla dipasang maké ukuran nu proporsional. Disagédéngeun ti éta, imah ogé kasorot pisan ku panonpoé ku sabab tempat jandéla nu ngajajar manjang méré rohangan cahaya leuwih loba asupna. Tapi, buruan ukur di pager ku paseuk-paseuk tina awi, wates buruan nu hiji jeung nu séjéna padeukeut. Panyawéran ogé bisa dijadikeun salaku wates buruan imah nu hiji jeung nu séjéna. Wates imah nu kitu, aya dina kelompok imah nu deukeut jeung kolot, sedengkeun pikeun imah-imah nu aya di luar éta kelompok diwatesanan ku kebon.

wangunan di Kampung Mahmud miboga ciri has anu béda jeung imah-imah séjén nyaéta dénah wangunan imah anu bentukna L.  Bentuk hateupna suhunan jolopong (suhunan lempeng atawa hateup pelana) nyaéta bentuk hateupna aya dua widang. Dua widang hateup ieu dipisahkeun ku leunjeuran kai lebah tengah wangunan imah. Bentuk hateup suhunan jolopong ieu kaayeunakeun di Kampung Mahmud loba anu geus diganti ku bentuk hateup juré atawa limasan (suhunan pondok) boh keur imah ku arsitektur tradisional atawa wangunan anu permanén.

Ieu wangunan ditilik tina panto hareup imahna, kasohor ku istilah imah buka pongpok nyaéta imah anu ngabogaan panto arah asupna sajajar jeung salah sahiji tungtung watang suhunan. Mun dititénan ti bagian hareup imaha, anu kaciri téh nyaéta widang hateup segitigana.

Salian ti imah keur dicicingan ogé aya wangunan masjid anu diwangun ku konstruksi imah panggung jeung balé wangunan anyar anu diwangun kira-kira bulan Agustus 2001, tapi boh konstruksi atawa bentukna nuturkeun imah anu aya di Kampung Mahmud nyaéta imah panggung jeung dénah anu bentukna L.

Bahan wangunana lolobana tina awi anu mangrupa bahan konstruksi imah tradisional, hususna di Kampung Mahmud. Ku ayana kamekaran jaman, kai ogé bisa dijadikeun bahan pikeun nyieun wangunan, nepi ka dina pangaweruh tradisional, rupa-rupa kai bisa dianggap ngabogaan kakuatan goib.

Bahan-bahan kai kudu diperhatikeun dina nyieun imah. Dina nataharkeun bahan-bahan sok maké hal-hal nu sipatna magis, nyaéta ngalakukeun tawasulan heula. Nalika nyieun imah, masarakat Kampung Mahmud nyayagakeun bahan wangunan nu geus pantes, boh dina segi kakuatan boh dina jenis bahanna, tuluy ditawasulan. Ku ayana tawasulan dipiharep bisa ngadatangkeun kakuatan magis jeung kakuatan séjéna ti alam goib. Ku sabab, awi dijieun bahan nyieun imah saméméh kai nu sipatna lentur jeung kuat. Awi anu pangalusna digunakeun pikeun bagian kontruksi nu sékunder, saperti bahan usuk, réng atawa bagian awi irateun bahan anyaman. Sacara rinci mah bahan wangunan anu aya di Kampung Mahmud nyaéta:

1) Hateup

    Bagian wangunan imah anu guna pikeun nutupan imah bagian luhur jeung hateup téh ditutupna kudu ngagunakeun kenténg taneuh.

2) Plafon/lalangit

    Plafon/lalangitna dijieun tina anyaman awi (bilik)

3)  Tihang

    Dijieunna tina kai, keur pondasi tihang digunakeun batu tatapakan anu jangkungna kira-kira 50 cm.

4)  Bilik

    Bilikna dijieun tina anyaman awi (bilik), salian ti dingding bilik digunakeun ogé dingding papan.

5)  Jandéla

    Panutup jandéla dijieunna tina kai .

Kasenian di Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Patali jeung kahirupan Kampung Adat Mahmud anu raket pisan jeung religiutas, produk kasenianana ogé tinangtu moal jauh tina éta kabiasaan. Kasenian anu mekar di ieu kampung téh nyaéta terbang. Ieu kasenian biasana dipagelarkeun dina raraga miéling poé-poé kaislaman jeung poé anu dianggap penting dumasar kaparcayaan masarakatna. Terbang miboga udagan pikeun nepikeun dakwah jeung ajén-ajén para Waliyullah (wali Alloh). Wangun kasenianana mangrupa adumanis antara musik jeung syair anu eusina qasidahan atawa pupujian. Alat musik anu dipaké dina terbang nyaéta dogdog, kecrék, kalayan dominasi tagoni tina sababaraha ukuran. Tinangtu tina unggal ukuran ngahasilkeun galidengna sora anu has. Pamaén terbang ngahiji dina beungkeutan grup seni anu kabéhdieunakeun bisa minton dina kariaan masarakat, saperti khitanan jeung nikahan. Najan eusina dakwah, nuturkeun kamekaran jaman terbang bisa dipintonkeun minangka hiburan anu Islami.

Pantrangan-pantrangan nu Aya di Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Loba pantrangan nu lumaku di ieu kampung saperti ulah aya gedong atawa imah nu diwangun tina témbok, teu meunang aya kaca, bedug, sumur, kenténg jeung goong gedé.[2] Salian ti éta, di ieu kampung ogé pantrang pisan ngukut soang jeung embé.[2] Kiwari, éta aturan téh loba dirempak ku masarakat anu lain asli turunan Mahmud (pendatang), nepi ka loba mamala anu karandapan ku nu wani ngarempak éta aturan, ti mimiti gering parna nepi ka maotna, ekonomina euweuh kamajuan turta aya nu nepi ka pirak jeung salaki atawa pamajikanana.[2] Ti mimiti taun 1985-an, walungan Citarum geus mimiti kakeunaan ku kokotor ti pabrik, nepi ka cai walungan téh kotor tur teu bisa dipaké pikeun kahirupan sapopoé, balukarna mah sumur nu tadina dipantrang aya bisa dijieun di éta kampung.[2] Pikeun nyieun éta sumur, teu sagawayah kitu waé, tapi kudu meunang heula widi ti para éyang.[2] ku lantaran kitu saméméh nyieun éta sumur, para kuncén (sesepuh) di éta kampung ngalaksanakeun heula tawasul.[2]

Gerbang ka Makom Mahmud
Tugu Mahmud. Wates Balandongan jeung Kampung Mahmud

Lembur Sabudeureun Kampung Mahmud[édit | édit sumber]

Loba lembur nu aya di sabudeureun kampung Mahmud ieu, misalna aya nu disebut Balandongan nu mangrupa buruan atawa panyawéran Mahmud, wates ti Balandongan ka Kampung Mahmud nyaéta Tugu Mahmud.[2] Aya ogé pameuntasan, lembur nu kaliliwatan nalika meuntas walungan Citarum.[2] Salian ti éta, di beulah kuloneun kampung Mahmud, aya nu disebut Cigondéwa.[2] Asal muasal disebut Cigondéwa alatan baheula aya buta anu ngamuk tur teu teurak ku naon waé, nepi ka aya hiji gondéwa sakti anu bisa ngéléhkeun éta buta.[2] Tapi aya salah sahiji jamparing nu keuna kana taneuh nepi ka bijil cai tina éta taneuh. ti saprak harita éta lembur dingaranan Cigondéwa.[2]

Kahirupan Masarakat[édit | édit sumber]

Sakumaha anu geus dijelaskeun saacanna, masarakat di kampung Mahmud ngabogaan adat kabiasaan (adat istiadat) anu béda jeung wewengkon séjénna, hususna mah dina hal nyieun imah. Hal ieu dilantarankeun masarakat kampung Mahmud miboga dadasar tradisi anu raket patalina jeung sikep atawa prilaku dina kahirupan sapopoé, ku kituna dina sagala aspék kahirupan dikaitkeun kana adat istiadat jeung kaperacayaan (sistem religi) anu dianut jeung dipercaya ku masarakatna. Bentuk imah masarakat kampung Mahmud ngabogaan ciri has anu béda ti wewengkon séjén. Aya ogé anu ngabédakeun téh bisa ditilik tina bahan anu dipaké nyieun imah jeung cara dina nyieun imah. Cara anu jiga kitu di mumulé pisan ku masarakat kampung Mahmud, lantaran lamun nepi ka ngarumpak adat dina ngadegkeun imah, boh dina tata cara nyieun imah boh dina ngagunakeun bahan pikeun imah bisa jadi mamala pikeun anu nyieun imah atawa keluarga anu nyieun imah. Salasahiji conto lamun ngarumpak hal éta bakal aya masalah dikuluwarga atawa bakal aya musibah anu ngarandapan éta keluarga.

Tapi lamun ku urang ditalungtik tina struktur taneuh anu aya di kampung Mahmud, mangrupa hiji daérah anu asalna tina ranca ti walungan citarum anu ngurililingan éta wewengkon. Ku kituna masarakat kampung Mahmud boga kapercayaan teu meunang nyieun imah anu pageuh, ku sabab kondisi taneuh di daérah éta téh bisa ngabalukarkeun hiji musibah. Saacanna masarakat di dinya geus ngahubungkeun jeung mitos anu geus sumebar di daérah maranéhna, sakabéh imah anu aya di lingkungan masarakat kampung Mahmud mangrupa imah panggung. Hal ieu dijalankeun ku masarakat kampung Mahmud ti mimiti nu ngadegkeun kampung Mahmud, nyaéta Embah Dalem Haji Abdul Manaf. Tapi lima taun katukang sesepuh kampung Mahmud, Bapak H. Amin rék nyieun wangunan masjid tina témbok (permanen), ngasupkeun listrik ka daérahna, ngasupkeun alat éléktronik saperti radio, jeung TV, salian ti éta ek nyieun sumur ogé jang kahirupan sapopoé.

Dina ngabangun imah masarakat kudu nataharkeun heula bahan wangunan saperti kai, awi, jeung bilik. Barang-barang anu dipilih contona waé kai kudu dipilih sangkan meunang anu kuat, salian ti éta téh aya ogé kapercayaan yén kai bakal ngaluarkeun kakuatan magis. Nalika dipaluruh imah anu aya di kampung Mahmud bentuk imahna manjang atawa suhunanana panjang, hal ieu disababkeun jang hiji kaluarga anu anggota loba. Lamun ditilik tina legana, imah anu aya dikampung Mahmud rata-rata gararédé ti mimiti anu leutik ukuran 4X8 m nepi ka ukuran 10X20 m katambah boga buruan anu lega.

Tawasul jang karuhun mangrupa hal anu geus biasa dilakukeun ku masarakat kampung Mahmud. Tawasul ieu ogé bisa dilaksanakeun nalika nyieun imah. Tujuan tawasul ieu munut izin jeung berkah ka karuhun anu geus ngabangun di wewengkon kampung Mahmud sangkan dibéré kasalametan dina ngalakonan pagawéanana, ku kituna boh nu digawé boh keluarga anu bakal nyicingan imah bakal dibéré berkah jeung kasalamtéhn.

Biasana tawasulan dilaksanakeun di tanah anu rék dibangun imah nalika mimiti mondasi. Tawasulan dilakukeun ku keluaraga anu rék ngabangun imah. Keluaraga anu rék ngabangun imah ngondang tatangga disabudeureunana jeung anu digarawé pikeun ngado’a jeung munut kasalametan. Tawasulan dipimpin ku sesepuh kampung, bérés ngado’a, acara dipungkas ku motong tumpeng babarengan anu disadiakeun ku tuan rumah.

Upacara ritual nalika keur lumangsungna nyieun imah biasana dina waktu nyieun suhunan imah. Biasana diayakeun jiga upacara leutik, biasana nyadiakeun tumpeng atawa meuncit hayam. Terus ditambahan ogé bandéra beureum bodas anu engkena dipasang di tengah-tengah suhunan imah. Maksudna nyaéta jang ngamerdekakeun imah téa. Carana nyaéta nalika suhunan bakal dipasang karék ngayakeun tawasulan ku cara meuncit hayam terus getih hayamna di usapkeun ka sakabéh tiang suhunan. Maranéhna boga kapercayaan ku cara kitu si imah bakal kuat jeung meuncit hayam dianggap sabagé hal jang ngajauhkeun musibah.

Sanggeus bérés ngabangun imah, diayakeun upacara deui anu disebut salametan, acara ieu diayakeun ku sabab imah anu dibangun geus bérés jeung salamet tina hal anu teu dipikahayang. Dina upacara salametan biasana sok disadiakeun sangu tumpeng jeung kadaharan anu séjénna. Jalan jeung tata cara upacara salametan sarua jeung tawasulan saacan ngadegkeun imah. Dina upacara ieu téh dipingpin ku sesepuh atawa kuncén kampung Mahmud.

Robahna cara hirup masarakat

Sacara umum pantrangan dikelompokeun kana lingkup adat istiadat, ngan salian ngabogaan sipat-sipat anu leuwih husus jeung leuwih cocog lamun diasupkeun kana sistem kapercayaan. Tabu anu artina hiji usaha pikeun ngajauhan hiji hal anu rék dipilampah, sabab lamun nepi ka dipilampah bakal ngabalukarkeun hal anu kurang alus. Pantrangan mangrupa hukum sosial anu dipaksakeun sacara sakral, sarta ngabogaan sangsi dina kahirupan masarakat pikeun saha waé anu ngarumpakna. Sangkan pantrangan angger dipaké, ku kituna kudu aya anu di pikahormat jeung dihargaan ku sakabéh masarakat salaku anu nyepeng otoritas. Dikampung Mahmud anu nyekel otoritas téh sesepuh kampung atawa kuncén. Ku kituna pantrangan mangrupa salasahiji sistem religi anu asalana tina sistem kapercayaan masarakat.

Dina pasualan anu mangrupa pantrangan, kampung Mahmud ngabogaan hiji hal anu istiméwa jeung béda ti daérah sejen. Nurutkeun informan, hal ieu teu dikaitkeun jeung ajaran agama, tapi dikaitkeun jeung ucapan anu pernah diucapkeun ku luluhurna baheula, nyaéta Eyang Abdul Manaf. Tina omonganana aya anu asup akal aya ogé anu teu asup akal. Aya ogé sababaraha pantrangan anu husus jang kampung Mahmud dianatarana waé ny éta teu meunang nyieun imah tina témbok, teu meunang nyieun imah maké kaca, teu meunang nabeuh goong, teu meunang ngukut soang, jeung teu meunang nyieun sumur.

Pantrangan kahiji,kadua,jeung kalima teu ngabogaan kasang tukang. Aya ogé pantrangan anu katilu jeung kaopat ngabogaan kasang tukang yén baheula dikampung Mahmud jadi panyumputan Walanda, ku kituna tempat ieu kudu jauh tinu ramé. Lamun nabeuh goong jeung ngukut soang bisa ngaganggu. Ku ayana larangan kitu, kampung Mahmud can pernah kadatangan ku nu ngajajah.

Nepi ka ayeuna amanat anu mangrupa pantrangan ti leluhur dicepeng pisan ku masarakatna. Maranéhna teu wani ngarumpak kabéh aturan jeung pantrangan. Kabuktian tina imah-imahna euweuh anu ditémbok jeung maké kaca, teu ngukut soang, jeung teu pernah nabeuh goong gedé, boh anu mangrupa kasenian degung atawa wayang golék boh anu heunteu ngandung unsure kasenian. Cenah lamun nepi aya anu ngarumpak bakal aya musibah anu ngarandapan masarakat kampung Mahmud. Komo deui saacan taun 1960an barang éléktronik jiga radio jeung tv teu pernah asup. Pernah kajadian nalika ngahurungkeun radio, éta radio téh kalah jadi ancur.

Dina taun 1987, Haji Amin (Alm), nyobaan nyieun masjid tina témbok jeung maké kaca. Saacanna manéhna puasa heula jeung ngadoa salila 40 poé, munut izin ka karuhun. Ku kituna ngabangun masjid lancar jeung keluarga nagé teu ngalaman musibah nanaon. Tapi jang imah pribadi manéhna teu wani ngarumpak amanat karuhun.

Hiji hal anu nyieun anéh masarakat séjén, pamaréntah, jeung ilmuwan nyaéta nalika walungan Citarum banjir gedé anu ngeueum sababaraha wewemgkon wilayah, kampung Mahmud mah teu keuna ku banjir. Padahal lamun ditilik tina posisi daérah jeung luhurna dataran, kampung Mahmud geus pasti kakeueum banjir

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Kampung Adat Mahmud (Diaksés tanggal 15 Oktober 2011)(id)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Rahmat Hidayat.2007.'Réligilitas Masarakat Kampung Mahmud Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung'.Skripsi.Universitas Pendidikan Indonesia
  3. a b c d e f g PERUBAHAN TRADISI ZIARAH KUBUR DI KAMPUNG MAHMUD (Diaksés tanggal 15 Oktober 2011)(id)