Karéta api Argo Lawu
| Argo Lawu | |
| Karéta api Argo Lawu nu tos maké rangkaian karéta Stainless Steel New Genaration, 2023 | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api Éksprés |
| Kelas | Éksekutip argo |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 6 Jogja |
| Stasion terminus | Stasion Gambir Stasion Solo Balapan |
| Operasi | |
| Dipiboga ku | PT KAI |
| Operator | Daérah Operasi VI Yogyakarta |
| Lokomotip | CC206 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 80-120 km/jam |
Karéta api Argo Lawu (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮃᮁᮌᮧ ᮜᮝᮥ; Basa Jawa: ꦱꦼꦥꦸꦂꦲꦂꦒꦭꦮꦸ , Sepur Harga Lawu) nyaéta karéta api kelas éksekutip argo anu ngahubungkeun Stasion Gambir (Jakarta) jeung Stasion Solo Balapan (Surakarta).[1] Karéta ieu jeung Karéta api Argo Dwipangga ngalayanan rute Jakarta-Surakarta.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VI Yogyakarta.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Karéta api Argo Lawu dioperasikeun ti taun 1996.[1] Kodena JS-751 anu hartina rute Jakarta-Solo, ngabutuhkeun waktu 7 jam, dioperasikeun pikeun ngaingetkeun HUT RI ka-51.[1]
Asal usul ngaran
[édit | édit sumber]Argo Lawu diwangun ku dua kecap, nyaéta Argo jeung Lawu.[1] Kecap argo mangrupa brand image PT KAI, sedengkeun kecap Lawu asalna tina ngaran gunung Gunung Lawu anu aya na di wates antara Kabupatén Karanganyar jeung Kabupatén Magetan[1]
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]Spésifikasi karéta
[édit | édit sumber]
- Lokomotip CC206
- 8 karéta éksekutip new generation (K1 23 SLO)
- 1 karéta makan (M1 23 SLO)
- 1 karéta pembangkit (P 23 SLO)
- 2 karéta kelas Luxury (K1 23)
Jadwal
[édit | édit sumber]
Karéta api Argo Lawu berangkat ti Solo Balapan isuk-isuk, nepi ka Gambir soré.[2] Diberangkatkeun deui ti Gambir peuting, nepi ka Solo Balapan isuk-isuk.[2] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di luhur.
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 Informasi dan jadwal KA Argo Lawu (id) diakses tanggal 30 Desember 2015
- 1 2 Jadwal KA Argo Lawu Archived 2016-05-09 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 30 Desember 2015
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT KAI Archived 2016-12-07 di Wayback Machine
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |