Karangtawang, Kuningan, Kuningan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Désa  Karangtawang
Kalurahan/Désa
Nagara Bandéra Indonésia Indonésia
Propinsi Jawa Barat
Kabupatén Kuningan
Kacamatan Kuningan
Pamaréntahan
 • Nami Kuwu Bapa Nana
Pangeusi 3828 jiwa

Karangtawang nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Kuningan, Kabupatén Kuningan, Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Lokasina nyaéta di watés antara kacamatan Kuningan jeung kacamatan Garawangi, asup ka wewengkon Kuningan Wétan.

Sajarah[édit | édit sumber]

Zaman baheula Karangtawang jeung Léngkong téh masih ngahiji kaasup sadésa. Tapi duka kunaon sababna, duka pédah désana lega teuing atawa naon, éta désa téh dibagi jadi dua, bagéan kalér jadi désa Karangtawang bagian wétan tetep ngarana désa Léngkong. Anu misahkeun nyaéta jalan lembur anu motong dua wewengkon éta désaanu terusana ka désa Ancaran. Tapi ku sabab éta aya nu jadi matakna nyaéta aya sasakala jamaah haji ti désa Léngkong nu rék ka kota Kuningan pantrang lamun kudu ngaliwatan désa Karangtawang jeung kudu aya ritual ngaleupaskeun hayam hideung sagala, ngarah salamet di jalan, nu pasti cenah mah sok aya waé akibatna mun ngalanggar ieu pantrangan teh. Karangtawang téh asalna tina dua kecap nyaéta karang (buruan imah) jeung tawang (duka naon hartina, tapi lamun ngarujuk kana pangaruh basa Jawa, bisa jadi hartina langit). euweuh penjelasan kunaon asal muasalna wewengkon ieu dingaranan Karangtawang, cenah mah Karangtawang téh asalna tina karang si tawang. Aya deui carita versi séjén: zaman baheula kungsi aya saurang jalma nu asalna ti daerah Tawang (Ciamis atawa Tasikmalaya ?) nu ngahaja datang ka Désa Lengkong pikeun masantren ka Kyai Hasan Maulani. Pasantren nu diluluguan Kyai Hasan Maulani memang harita mah salah sahiji pasantren terkenal di Jawa Barat. Nu daratang ka dinya lain urang Kuningan bae, malah ti Banten ti mana baé ogé ngajugjug ka Kyai Haji Hasan Maulani keur guguru. Malah kungsi kacaritakeun jawara-jawara ti Banten mah ngahaja datang téh pikeun ngajajal kasaktian Kyai H. Hasan Maulani anu memang kabejakeun boga elmu2 kadigjayaan zaman harita mah, tapi jawara-jawara éta kabéhanana ogé aréléh ku kasakten Kyai H. Hasan Maulani teh. Kaasup harita aya ogé urang Tawang nu seja ka Lengkong teh. Tapi satacan datang kanu dimaksud, éta urang Tawang téh ngadak-ngadak ngudupruk pingsan nepi ka maotna di salah sahiji buruan imah (=karang)saméméh bumina Kyai H. Hasan Maulani. Nya antukna pikeun pangeling-ngeling kana kajian harita tempat di mana maotna urang Tawang éta di hiji Karang imah téa, dilandih we jadi kecap "Karangtawang".

Profil pamaréntahan[édit | édit sumber]

Karangtawang mibanda tilu kampung nyaéta Jatinunggal, Pasawahan jeung Babakan anu masing-masing dipingpin ku saurang rurah atawa pupuhu kampung.

Balé désa Karangtawang ayana di kampung Pasawahan nu mangrupa puseur pamaréntahan. ku sabab statusna kaasup désa, Karangtawang dipingpin ku saurang pupuhu désa nu disebut kuwu. Biasana kuwu dipilih lima taun sakali. Dina prakprakan maréntah désa, kuwu dibantuan ku para rurah nu mangrupa pupuhu kampung jeung para pamong désa. Kuwu, rurah jeung pamong désa biasana digajih ku sawah bengkok, gedéna béda-béda gumantung kana pangkat nu diembana. Tapi ti tilu kampung anu aya di Karangtawang, nu jadi kuwu téh anehna ngan ti kampung Jatinunggal atawa kampung Pasawahan wungkul, can kungsi aya kuwu nu asalna ti kampung Babakan.

Profil Daérah[édit | édit sumber]

Désa Karangtawang mangrupa désa anu katelah désa santri ku sabab masarakatna kasohor taat kana agama jeung loba pasantren anu kasohor utamana di Pasawahan jeung Babakan. Lian ti éta Karangtawang kasohor ku empingna. Industri emping nu kasohor hampir aya di tiap lembur (kampung) tapi nu geus diepak sacara modérn aya di kampung Babakan.

Wates Wilayah[édit | édit sumber]

  1. Wates Kaler: Désa Windusengkahan
  2. Wates Wetan: Désa Lengkong
  3. Wates Kulon: Désa Winduhaji
  4. Wates Kidul: Désa Citangtu

Géografis[édit | édit sumber]

Désa Karangtawang diapit ku dua hawangan gedé nyaéta Cigedé di kidul jeung Surakatiga di kaler nu mangrupa wates alami jeung désa nu séjén. Sabagéan tanahna mangrupa pasir-pasir utamana di kampung Babakan deukeut Salahonje. Tapi lolobana mah dataran rata nu dipaké pikeun pasawahan jeung pilemburan.

Démografi[édit | édit sumber]

Pangeusi Désa Karangtawang aya kurang leuwih 3828 jiwa (1893 urang lalaki, 1935 urang awewe). Lolobana mah jadi patani sekitar 60%, nu séjéna aya nu profesina jadi padagang di Pasar baru, PNS, TNI, wiraswastawan jeung lian-liana. Loba ogé penduduk désa Karangtawang anu ngumbara ka luar kota siga ka Bandung, Jakarta jeung Yogyakarta. Umumna mah nu ngumbara téh keur dagang sarupaning bubur kacang héjo, bungbuahan tiis jeun sajabana. Tapi aya ogé nu ngumbara keur neruskeun pendidikana. Malah aya ogé anu digawe di nagara deungeun kawas Arab Saudi, Malaysia, Korea Kidul jeung Jepang. Lolobana mah digawe dina sektor informal saperti jadi babu, aya ogé anu jadi supir jeung buruh pabrik.

Atikan[édit | édit sumber]

Atikan Formal[édit | édit sumber]

Désa Karangtawang kaasup maju dina widang atikan. Di désa ieu fasilitas atikan lengkep ti mimiti TK nepi ka MA aya. TK aya hiji nyaéta TK YASPIKA (Yayasan Pendidikan Karangtawang) SD di tiap lembur aya nyaéta:

  1. SDN KARANGTAWANG 1 (di Pasawahan)
  2. SDN KARANGTAWANG 2 (di Babakan)
  3. SDN KARANGTAWANG 3 (dI Jatinunggal)

oge aya MDA (Madrasah Diniah Awaliyah) YASPIKA atawa anu leuwih dikenal ku sakola agama MTS aya hiji nyaéta MTS YASPIKA (Yayasan Pendidikan Karangtawang) MA aya hiji nyaéta MA DARUL ULUM

Atikan Non Formal[édit | édit sumber]

Di Désa Karangtawang aya sababaraha pasantren jeung majlis ta'lim. Majlis ta'lim biasana digilir ka unggal tajug atawa di masjid Jami Nurul Islam, ogé tiap peuting Jumaah ibu-ibu biasana ngayakeun pangajian surah Yasin bari arisan digilir di imah para anggotana.

Poténsi[édit | édit sumber]

Perikanan[édit | édit sumber]

Désa Karangtawang mibanda potensi pikeun budi daya perikanan. Di kampung Jatinunggal aya pusat pamijahan lauk Balai Benih Ikan.

Pertanian[édit | édit sumber]

Désa Karangtawang cocog pisan pikeun usaha agribisnis. Hasil utama pertanian di Karangtawang nyaéta pare. Pare kaasup salah saiji komoditas utama salian ti palawija. ku sabab aya di antara aliran dua hawangan gedé jadi teu hese cai. Cai cur cor sapanjang taun di usum hujan atawa usum panas.

Pakebonan[édit | édit sumber]

Hasil utama pakebonan di antarana nyaéta : cau, kalapa, tangkil, buah, rambutan jeung sajabana.

Tumbu Luar[édit | édit sumber]



Gnome-home.svg