Kecrik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kecrik keur dialungkeun (tebar) Kerala, India

Kecrik, disebut ogé heurap nyaéta hiji pakakas anu dipaké pikeun ngala lauk jeung sato cai séjéna di jero cai.[1] [2] Tungtung kecrik sakurilingna dipasang pangbeubeurat tina timah anu diuntuy silih tumbu kawas ranté sangkan kecrik gancang teuleum kadasar cai tur ngarungkup lauk anu aya sahandapeuna.[3][4]

Supaya buleud jeung nyebar, Kecrik dialungkeun maké cara anu geus ditangtukeun. Lauk anu karungkup ku kecrik teu kaburu kabur tur hésé kaluar ku lantaran kecrik ngerelep kalawan gancang kadasar cai, mangsana kecrik dipulut ka luar lalaunan tina jero cai lauk anu karungkup tadi nyarangsang dina seuweu kecrik beulah handap deuket timah pang beubeuratna.[3]


Utamana kecrik dipaké pikeun ngala lauk anu hésé diuseupan lantaran teu beuki eupan biasana diwahangan, balong, situ, aya ogé sisi basisir, ieu kecrik mangrupa hiji pakakas anu kawilang kolot tur geus lila dipaké dina mangsa rébuan taun katukang.[5]

Ukuran jeung katangtuan[édit | édit sumber]

Kecrik dijieun tina bahan kenur atawa benang nilon sangkan leuwih kuat. Beurat timah anu ngabeungbeuratan kurang leuwih aya kana tilu kilona, ditempatkeun sakuriling tungtung kecrik.[3] ku lantaran ieu kecrik gampang pisang ngerelep ka cai teu méré lolongkrang lauk jeung sato séjéna pikeun lumpat atawa kabur. Ngalungkeun atawa ngarungkupkeun kecrik aya dua katangtuan supaya hasilna mekar jeung ngarungkup sasaran anu geus ditangtukeun. Katangtuan Kahiji cara pendék nyaéta ngalungkeun kecrik pikeun jarak anu deukeut kurang leuwih tilu méter ka hareup, ku jalan satengah kecrik diéntépkeun dina puhu leungeun kénca sawatara éta leungeun katuhu ngaranggeum éntépan kecrik anu séjéna saenggeus tarapti, maké awahan saeutik/ngahamang tuluy alungkeun éta kecrik kana sasaran.[3] Katangtuan kadua pikeun ngalungkeun kecrik ngarah rada jauh jeung ukuran kecrik leuwih badag tur beurat.[3] ku jalan ngentepkeun sawaréh kecrik dina luhureun siku kénca, sawaréhna disangkeh ku leungeun katuhu.[3] saenggeus tarapti maké awahan saeutik/ngahamang tuluy alungkeun éta kecrik kana sasaran.[3]

Rupa-rupa Kecrik[édit | édit sumber]

Kecrik anu kawilang gedé disebut kecrik eder, kecrik tembang, kecrik jui, urang Sulawesi nyebutna jala agung jeung jala juang.[3] ku alatan ukuranna anu kawilang gedé pisan dina prakna dipaké henteu bisa langsung kudua leungeun, tapi maké pakakas séjén pikeun ngamekarkeunna, disebut kecrik eder ku lantaran dina prakna dipaké kudu di mekarkeun heula saméméh diragragkeun dina tempat anu dituju. Disebut kecrik tembang alatan ieu dipaké pikeun nyerek lauk anu sok hiber/jui (Clupea fimbriata).[3]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Rigg, Jonathan. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard1862: De l'imprimerie royale. ISBN 9789790062160. Diakses tanggal 29 Nopémber 2019. 
  2. Heurap
  3. a b c d e f g h i Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. ISBN ,- Check |isbn= value (bantuan). 
  4. http://www.mangyono.com/2014/11/heurap-jaring-lempar-alat-penangkap-ikan-tradisional.html
  5. * Agustus, Roland [1970] (1994). Kekejaman dan Peradaban: The Roman Games . London: Routledge. ISBN 0-415-10452-1.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]