Lompat ke isi

Kelenténg Talang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kelenténg Talang, Cirebon

Kelenténg Talang mangrupakeun salah sahiji wangunan kelenténg anu perenahna di Jalan Talang No.02, Lemahwungkuk, Kota Cireon. Wangunan ieu papeuntas-peutas jeng wangunan British American Tobacco (BAT). Baheula, kelenténg ieu disebut Sam Po Toa Lang. Kecap "Toa-Lang" miboga harti jelema-jelema anu gedé. Ngaran ieu dipaké keur pangajén ka tilu tokoh gedé muslim anu kungsi ka Cirebon, anu harita diutus ku Dinasti Ming nyaéta, Laksamana Cheng Ho, Laksamana Kung Wu Ping, jeung Laksamana Fa Wan.[1]

Kiwari, wangunan anu miboga unsur sajarah ieu kaabus kana katégori wangunan cagar budaya anu aya di wilayah Kota Cirebon, Jawa Kulon.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]
Gerbang utama Kelenténg Talang

Kelenténg anu diperkirakeun diadegkeun dina abad ka-14 ieu ti heula dipaké jadi tempat reureuh pikeun warga Tionghoa, kaasup para utusan ti Dinasti Ming, lantaran tempatna deukeut ka palabuan.[3]

Salah sahiji rombongan anu kungsi ngalayar ka ditu nya éta pasukan Laksamana Cheng Ho kira-kira taun 1415. Salah saurang anu datang bareng jeung Cheng Ho, ngaranna Kung Wu Ping, tuluy ngadegkeun mercusuar di luhur bukit Gunung Jati, kira-kira genep kilométer ti Talang. Anjeunna ogé ngamekarkeun komunitas Tionghoa Muslim aliran Hanafi di wewengkon Sarindil, Sembung, jeung Talang.[3]

Rohangan jero Kelenténg Talang

Kampung Sembung dipaké pikeun miara mercusuar, sedengkeun Sarindil jadi tempat ngahasilkeun kai jati pikeun ngawangun parahu. Ari warga Talang meunang pancén ngajaga palabuan. Katilu kampung éta ogé nyadiakeun kadaharan pikeun bekel kapal-kapal ti Tiongkok.[3]

Harita mah wangunan Kelenténg Talang téh ngan saukur bilik leutik. Lantaran mayoritas pasukan Cheng Ho mangrupa umat Islam, éta tempat dipaké pikeun masjid. Malah, rohangan utama anu ayeuna jadi altar kelenténg téh baheula jadi tempat imam nyangking solat. Sanggeus harita, komunitas Muslim Hanafi pindah ka wewengkon Gunung Jati.[3]

Sababaraha sumber nyebutkeun yén saurang Muslim Tionghoa anu ngaranna Tan Sam Cai ngadegkeun Kelenténg Talang kira-kira taun 1450. Nurutkeun dokumén anu aya di kelenténg, waktu Tan Sam Cai pupus, warga sabudeureun nyieun upacara pikeun ngahormatan arwahna. Patung Tan Sam Cai nepi ka ayeuna masih kénéh nangtung di salah sahiji altar di éta kelenténg.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Kelenteng Talang Cirebon – Kata "Talang" Berasal dari Kata Toa Lang yang Berarti "Orang Besar" – PERKUMPULAN TRIDHARMA" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
  2. Themefisher. "Data Kebudayaan Kemendikdasmen". referensi.data.kemdikbud.go.id (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-07-26.
  3. 1 2 3 4 5 Kompas, Tim Harian. "Kelenteng Talang Cirebon, dari Masjid hingga Simbol Toleransi". Kompas.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.