Kepoh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Képoh
Sterculia foetida
numutkeun Blanco
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. foetida
Ngaran binomial
Sterculia foetida
Sinonim
  • Clompanus foetida Kuntze
  • Sterculia mexicana var. guianensis Sagot

Kepoh ; koléangka; kelumpang (id) (Sterculia foetida) nyaéta hiji tangkal kai anu asalna tina kulawargga Malvaceae.[2] Baraya leuir jeung tangkal kapuk randu, loba kapanggih hirup di leuweung-leuweung anu perenahna deukeut jeung basisir laut, Di Bali jeung di Jawa, ieu tangkal loba kapanggih hirup di jero pajaratan.[3][2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Ngaran marganya Sterculius ; Sterquilinus, tayalian tina ngaran déwa dina mitologi Romawi hartina déwa gemuk (pupuk (id) ).[4] Kitu deui jeung ngaran spésiésna foetida hartina bau mabek; bau nu teu pikangeunaheun, dina ngaran ilmiahna ogé nujul kana bau nu teu pikaresepeun utamana dihasilkeun tina bau kembangna mangsa sumedeng ligar .[4]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Tangkal kepoh mibanda ngaran daérah (vernakular):

  1. Batak: halumpang
  2. Jawa: kepuh, kepoh, jangkang
  3. Madura: kalompang
  4. Bali: kepuh, kepah, kekepahan
  5. NTT: kepoh, kelompang, kapaka, wuka, wukak
  6. Makasar: bungoro, kalumpang
  7. Bugis: alumpang, alupang, kalupa
  8. Maluku: kailupa furu, kailupa buru ogé sok disebut kabu-kabu, kalupat, lepong, kelumpang jari.[4][3]
  9. Australia: flame tree; bangar nut; bongor nut; java olive; wild almond.[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkalna jangkung leceng ka luhur, bisa nepi ka 40 méter kalawan buleudan tangkalna bisa nepi ka 3 méter.[4] Dahan bijil tina tangkal ngumpul dina palebah jangkungna anu padeukeut, ngawangun undakan anu rapih.[4] Mangsa kembangan, lain seungit ilahar tina kembang, malahan ngaluarkeun bau anu teu pikaresepeun, anu dihasilkeun tina kembangna.[4] Nincak usum halodo, daunna ragrag ngarangrangan nepi ka bulistir euweuh salambar - lambar acan.[2]

Daun képoh

Daun-daun majemuk ngaramo, cupatna 12,5–23 cm, ngumpul dina régang palebah tungtung, anak daun 7-9 lambar, lonyod méncos ka tungtung, panjang 10–17 cm.[4]

Buah geus asak
Sterculia foetida

kembang majemuk bijil dina tungtung régangna, panjang 10–15 cm, héjo aya ogé bungur semu pias; mahkota kembang kabagi-5 kawas mahkota, taju = 1,3 cm, kelirna oranye.

Buah bumbung gedé, gendut lonyod, 7,6–9 x 5 cm; kulit kandel, beureum méncrang; ngagunduk di jero sarangka anu wujudna kawas béntang. Dijero buah aya siki 10-15, kelirna semu hideung, napel kana kana cangkang siki kelir aril kunéng, panjangna 1,5–1,8 cm .[4]

Ékologi[édit | édit sumber]

Tangkal kepoh kapanggih hirup timimiti Afrika wétan , Asia Kidul , Asia Tenggara, Kapuloan Nusantara nepi ka Australia, dipercaya ieu tangkal pituin ti Afrika tropis.[4] Képoh remen kapanggih hirup di leuweung daérah landeuh nepika nonggoh dina palebah 500 m dpl., utamana di wewengkon anu rada garing sarta usum halodo leuwih panjang.[4]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Tangkal képoh anu daunna keur ngarangrangan

Tangkalna ngahasilkeun kai anu mibanda sipat hampang kelirna bodas, ilahar bisa dipaké pikeun nyieun peti, hordéng, hateup, korék api, parahu, jeung parabot séjén, hanjakal teu bisa dipaké bahan bangunan alatan teu mibanda kakuatan dina waktu lila utamana gampang kaserang rinyuh.[3]

Daun-daunna geus dimangpaatkeun dipercaya pikeun ngubaran galingging, gaganti sampoo dipaké diangir, ogé ngurangan rasanyeri mangsa nyageurkeun cilaka potong tulang.[3]

Kulit kai ogé bisa dimangpaatkeun, kujalan ditinyuh ari hasiatna pikeun ngagugurkeun kandungan (abortivum).[3]

Siki kepoh mibanda kandungan minyak 40%, minyak konéng ngora anu henteu gampang ngagaringan, bisa dimangpaatkeun pikeun minyak lampu, minyak goréng, malam paragi ngabatik, jeung sajabana.[3][5]

Siki-siki ieu disangrai dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun sambel jeung bahan nyieun jajamu.[3][5]

Di Indonésia hususna di Jawa Kulon, minyak siki kepoh geus dimangpaatkeun pikeun bahan industri saperti kosmétik, sabun, sampoo, pelembut/ngaleuleuskeun lawon, cét, jeung plastik.[6] Pikeun kualitét tangkal képoh anu aya di Jawa Kulon leuwih hadé tibatan daérah séjén.[6] Dumasar kana analisa tina hasil panalungtikan anu geus dilakukeun di laboratorium meunang hiji pamanggih, minyak anu dipibanda dina siki kepoh di NTT leuwih loba = 44,36% batan daérah di jawa kulon = 42,6%.[6] Ngan dina palebah kualitas minyak kepoh anu dihasilkeun di jawa kulon leuwih hadé batan minyak ti NTT. [6]

Biodésel[édit | édit sumber]

Panalungtikan geus dilakuken kana tangkal képoh salahsahijina biofuél, anu dina prakna ngaliwatan hiji prosés anu disebut alkoholisis sanajan masih kénéh dina ukuran laboratorium tacan dijieun dina ukuran loba atawa produksi industrii.[6]

Dina pelebah standardisasi pikeun hasil olahan siki kepoh, standar anu dipaké tayalian standar SNI.[7] Sababaraha kaayan anu perlu diperhatikeun saperti viskositas (kuled atawa éncérna) minyak, tangtu ieu baris méré pangaruh kana kaayan mancerna minyak dina mesin diesel, viskositas ogé mangaruhan kana waktu penguapan;ngagaringan, épisiénsi waktu pembakaran sarta faktor ékonomi séjéna.[7]

Satuluyna anu aya patula patalina dénsitas jeung vikositas, ari densitas tayalian volume massa per unit. Dénsitas fluida dianggap kuantitas volumenya massa fluida unggal unitna.[7] Dénsitas tina fluida bakal méré pangaruh sahenteuna pikeun gedéna gaya atawa stress digawé di jero fluida mangsa keur ngocor, sedengkeun viskositas dihartikeun pikeun babanding/rasio tina shear stress pikeun laju deformasi tina shear sapanjang fluida.[7]

Viskositas bakal robah-robah gumantung kana temperatur, alatan kadua paraméter ieu dénsitas jeung viskositas nyepeng pangaru penting dina tingkah laku fluida, ku kituna duanana bisa ditulis dina kalimah kneatik saperti V=μ/ρ.[7] Pihartieuna mingkin leutik niléy viskositas minkin gedé dénsitasna, nya kitu deui lumaku pikeun kayaan sabalikna.[7]

Paraméter ka tilu anu baris méré pangaruh kana standardisasi biodiesel tayalian niléy ngeunaan asam anumana mingkin luhur niléy asam bakal ngabalukarkeun ngagancangan lumangsungna karahaan (korosi), ka dituna baris ngurangan umur tina pamakéan mesin.[8] Sabadana niténan rupa-rupa paraméterna tuluy diakurkeun jeung SNI-04-7182-2006.[7] Niléy asam pang luhurna 0,8 mg KOH/g, dénsitas dina suhu 40oC = 850–890 kg/m3, viskositas dina suhu 400C = 2,3-6,0 cSt, sarta bakal ka duruk dina tempat anu ditutup dina kaayaan panas 100oC.[7]

Kandungan Kimia[édit | édit sumber]

Panaluntikan ngeunaan metabolomik anu geus dilakukeun kana siki buah kepoh, sanyawa antiradikal bébas dina minyak siki kepoh.[7] Sacara umum siki kepoh mibanda sababaraha rupa asam lemak : asam sterkulat, asam oleat, asal linoleate, asam palmitat, asam miristat, sarta asam jenuh séjéna.[7] Pikeun mikanyaho kana kandungan asam lemak anu aya dina siki kepoh bisa ngagunakeun spektroskopi massa. Tina panaluntikan saméméhna sari pati (ekstrak) n-heksana jeung sari pati étanol dikanyahokeun siki kepoh mibanda sanyawa triterpenoid.[7]

Tuluy dipecakan maké réaksi Willstater ogé ngébréhkeun ayana kandungan flavonoid, ieu dua sari pati mun seug dikocok jeung cai ngahasilkeun ayana budah anu tina réaksi sapinin.[7] Geus dilaksanakeun ogé panaluntikan munggaran pikeun mikanyaho kana aktivitas antijamur, antibakteri, uji toksisitas jeung anti radikal bebas kana sari pati n-heksana jeung sari pati étanol n-heksana kitu deui sari pati étanol n-heksana jeung sari pati étanol.[7]

Nalika uji aktivitas antibakteri, henteu ngébréhkeun zona hambat kana n-heksana kitu deui étanol, uji toksisitas kana larva hurang Artemia salina. beunang peunteun LC50 pikeun sari pati n-heksana daging siki kepuh = 380,198 tina hasil sari pati étanol beunang peunteun LC50 = 13,904 ppm. Tapi dumasar kana paper anu dijadikeun contona, hasil ieu masih kénéh nguciwakeun alatan ayana minyak anu dipibanda dina sari pati n-heksana jeung sari pati étanol daging siki kepuh anu nutupan cai nepika larva hurang Artemia salina paéh, alatan kurang oksigén.[7]

Sedengkeun dina uji aktivitas antiradikal bebas, kana sari pati n-heksana daging siki kepuh salila 5 menit meunang peunteun 22,74% sarta 1 jam meunang peunteun 36, 55%. Dina sari pati étanol daging siki kepuh dikanyahokeun aktivitas kana radikal bébas salila 5 menit = 55,07% sarta 1 jam = 85,05%.[7]

Panaluntikan anu dilaksanakeun pikeun mikanyaho kandungan sanyawa dina minyak daging siki kepoh anu aktip anti radikal bebas sarta mikanyaho konséntrasi bébas sarta mikanyaho komponén sanyawa dina minyak daging siki kepoh sacara kualitatif anapon kuantitatif ku kromatografi gas jeung spektrometri massa (GC-MS).[9][7]

Niléy hasil uji coba dipibanda ngagunakeun analisis kualitatif jeung kromatografi Gas-spektrometri Massa lobana 1µL minyak sari pati étanol daging siki kepoh diéncérkeun maké étanol dina wadah ukur 10 ml, minyak tina sari pati étanol anu geus diéncérkeun tuluy hasilna dianalisis maké GC-MS. Hasil spektrum massa tuluy diakurkeun jeung spektrum conto anu geus diprogram dina GC-MS. [8]

Satuluyna analisis kuantitatif GC-MS, kujalan tipung asam palmitat ditimbang lobana 0,1 gram tuluy dileyurkeun maké kloroform di jero wadah ukur 10 ml, dilelempeng nepika konséntrasina ngajadi 1 ppm. Nangtukeun spéktrum standar dilakukeun kujalan nyuntikeun larutan standar 1 ppm kana alat GC lobans 1 µL. Catet waktu retensi katut lega aréana. Tina 1 µL minyak sari pati étanol daging siki kepuh diéncérkeun jeung étanol dina wadah ukur 10 mL, tuluy lobana 0,1 mL larutan standar 100 ppm, asupkeun kana wadah ukur 10 ml. Tuluy tambahkeun minyak sari pati étanol anu geus diéncérkeun nepika tanda watesna. Nangtukeun spektrum minyak sari pati étanol anu geus ditambahkeun standar kana alat GC lobana 1,0 µL. Catet waktu retensi kitu deui lega aréana. Satuluyna kadar sanyawa standar anu aya di jero conto diitung sacara kuantitatif, nepika dikanyahokeun konsentrasi relatif sanyawa-sanyawa anu aya dina minyak sari pati étanol daging siki kepuh.[9][8]

Sari pati minyak n-heksan jeung sari pati minyak étanol anu dipibanda dicoba aktivitas antiradikal bebasna dina sababaraha undakan, 0,08 gram conto anu dipibanda diéncérkeun ku étanol dina wadah ukur 10 µL hartina = 8000 ppm. kristal DPPH ditimbang lobana 0,0004 gram baris dileyurkeun dina étanol kalawan ngagunakeun wadah ukur 10 mL hartina = 0,004%(b/v). Larutan blanko yang digunakan adalah metanol. Hasil anu dicatet kana niléy absorbansi dina Panjang gelombabng 497 nm, 517 nm, jeung 537 nm pikeun DPPH. Lobana 1 mL conto anu diéncérkeun diasupkeun kana kuvet tuluy ditambahkeun kana 2mL larutan DPPH 0,004%. Tuluy éta dua campuran téh dikocék nepika rata kalayan ngagunakeun pipet. Larutan blanko dina conto tayalian metanol. Dina menit ka-5 jeung ka-60 sabada lumangsung réaksi, dicatet niléy absorbansi dina Panjang gelombang 497, 517, jeung 537 nm.[9][8]

Tuluy waé nepika hiji kacindekan, minyak tina étanol daging siki kepoh bisa dimekarkeun pikeun agen antiradikal bébas dina waktu menit ka-5 = 55,07% dina menit ka-60 = 85,05%. Kitu deui dina kacindekan panaluntikan kualitét dumasar kana GC-MS ngébréhkeun yén sari pati étanol minyak daging siki kepoh dipercaya mibanda 8 komponén utama tayalian: metil palmitat, asam palmitat, etil palmitat, etil okta deka, metal nonadeka, etil stereatm pentadeka diena, sarta etoksi metoksi oktadeka.[9][8]



Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Linne, C. von. 1753. Caroli Linnaei ... Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus trivialibus, synonymis selectis, locis natalibus, secundum systema sexuale digestas... Tomus II: 1008. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii, 1753.
  2. a b c d Lim, T. K. (2013). Edible Medicinal And Non-Medicinal Plants: Volume 5, Fruits. London: Springer Science & Business Media. p. 381. Diakses tanggal (disungsi) 7 Januari 2021. 
  3. a b c d e f g Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3:1353-1355 Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
  4. a b c d e f g h i j ICRAF Tree Database: Sterculia foetida L. Archived 2012-01-19 di Wayback Machine
  5. a b Njurumana, Gerson ND (2011). "EKOLOGI DAN PEMANFAATAN NITAS (Sterculia foetida L.) DI KABUPATEN TIMOR TENGAH SELATAN, NUSA TENGGARA TIMUR". Jurnal Penelitian Hutan dan Konservasi Alam 8 (1): 35–44. doi:10.20886/jphka.2011.8.1.35-44. ISSN 0216-0439. http://dx.doi.org/10.20886/jphka.2011.8.1.35-44. 
  6. a b c d e "Puslitbang Perkebunan - Pusat Keunggulan Inovasi Teknologi Perkebunan Berkelas Dunia". Puslitbang Perkebunan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-05-23.  Archived 2021-01-20 di Wayback Machine
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p Sudradjat, Raden; S, Yogie; Hendra, Djeni; Setiawan, Dadang (2010-06-30). "PEMBUATAN BIODIESEL BIJI KEPUH DENGAN PROSES TRANSESTERIFIKASI". Jurnal Penelitian Hasil Hutan 28 (2): 145–155. doi:10.20886/jphh.2010.28.2.145-155. ISSN 0216-4329. http://dx.doi.org/10.20886/jphh.2010.28.2.145-155. 
  8. a b c d e Melinda Paz- Alberto, Annie (2004). Handbook on Trees. Pilipina: Rex Bookstore, Inc. p. 164. ISBN 9789712341403. Diakses tanggal (disungsi – 4 Jan 2021). 
  9. a b c d S. Sambamurty, A. V. S. (2010). Taxonomy of Angiosperms. London: I. K. International Pvt Ltd. p. 283. Diakses tanggal (disungsi) 7 Januari 2021. 



Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]