Keurseus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Tari Keurseus nyaéta kelompok tari anu mangrupa hasil prosés mekarkeun ti gerak-gerak tari ti Tayuban. Tayub éta sorangan nyaéta kecap pagawéan ngigelna lalaki dikebat bari dibendo, dibaju alus nyanghareupan sababaraha urang ronggéng.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Tari Keurseus diciptakeun pikeun kaperluan kursus atawa pembelajaran ku Lurah Rancaekek R. Sambas Wirakusumah, di taun 1920 susunan gerak pokok atawa ragam gerak tari tayub ngalaman kabakuan nepi ka ngalahirkeun sababaraha wangun repertoar tari anu mibanda pola jeung jeung susunan gerak pokok atawa ragam gerak baku, sarta unggal repertoar tarina mibanda karakter anu béda.[2]
Kumpulan tari éta jadi genre atawa rumpun tari Keurseus. Repertoar tari anu kawengku ku tari Keurseus nyaéta tari Lenyepan kalawan karakterna anu lényép atawa lungguh atawa halus, tari Gawil kalawan karakterna anu ladak atawa lanyap atawa nyatria, kéring dua atawa Monggawa kalawan karakter Gagah anteb jeung kéring tilu atawa disebut ogé Totopengan jeung karakter Gagah jigrah (Danawaan).[2]

Ragem Tari Keurseus[édit | édit sumber]

Gawil[édit | édit sumber]

nyaéta tari jenis putra wangun tari tunggal kalawan karakterna nu ladak atawa lanyap atawa biasa disebut ogé nyatria. Biasana, tari Gawil mibanda ciri-ciri:[1]

  • Ngagunakeun gerak stacato (patah-patah),
  • Paténjoan lurus kapayun,
  • Gerak sirah cingeus,
  • Sacara umum gerak awak katémpo hampang,
  • Suasana nu diwangun nyaéta bagja (ceria).

Dina pintonanna unggal narikeun bagéan tari Gawil atawa lalamba bisa dilanjutkeun jeung naék Kéring dua atawa Monggawa.[1]

Kawitan[édit | édit sumber]

nyaéta jenis tari putra tunggal. Di tarian ieu aya sababaraha karakter di antarana lényép atawa lungguh, karakter lanyap atawa ladak jeung karakter gagah lungguh. tTari kawitan mibanda ciri; aya parobahan gerak sacara ngadadak ti halus ka kuat tanagaan atawa ti gerak halus ngalun jadi gancang ngagunakeun gerak-gerak stacato. Dina pintonanna unggal narikeun bagéan tari Kawitan atawa disebut bagéan lalamba bisa dilanjutkeun ku tari anu karakterna gagah atawa disebut naék Kéring dua (monggawa) jeung Kéring tilu (totopéngan).[1]

Lenyepan[édit | édit sumber]

nyaéta tari jenis tunggal putra kalawan karakterna anu lényép atawa lungguh. Umumna gerak tari di tari Lenyepan mibanda ciri:[1]

  • Gerakan ngalun jeung tempona lambat,
  • Paténjoan rada tungkul,
  • Ngagunaan kahalusan rasa.

Di pintonanna sanggeus narikeun bagéan tari Lenyepan atawa disebut lalamba bisa dilanjutkeun jeung naék Kéring dua jeung Kéring tilu.[1]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Rusliana, Iyus.2009.Kompilasi Istilah Tari Sunda.Bandung: Jurusan Tari, STSI Bandung.
  2. a b Soepandi, Atik,; dkk.1994.Ragam Cipta. Cv. Sampurna: Bandung.


Nulis.jpg