Kholid bin Walid

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Kholid bin Walīd
خالد بن الوليد
Khalid Bin Al-Walid1.png
Born585 M
Mekah, Arab, kiwari Arab Saudi
DiedMéi 642 (umur 57)
Hams, Khulafaur Rasyidin, Bilad as-Syam, kiwari Syiria
Buried
AllegianceKhulafaur Rasyidin
Service/branchTangtara Khulafaur Rasyidin
Years of serviceJuni 632– 638
RankPanglima perang
UnitPangawal kuda
Commands heldPanglima perang (632–634)
Komandan lapangan (634–638)
Komandan Pangawal kuda (634–638)
Gubernur militer Irak (633–634)
Gubernur Kholkis (637–638)
Battles/warsDaptar patempuran


Kholid bin Walid lengkepna Khālid ibn al-Walīd ibn al-Mughīrah al-Makhzūmī (Basa Arab: خالد بن الوليد بن المغيرة المخزومي‎‎; 585–642 M), nyaéta saurang komandan di mangsa pamaréntahan kholifah Abu Bakar jeung Umar bin Khottob.[1] Dina kapamingpinan militérna mah, wewengkon arab pikeun kala munggaranna dina sajarah, dihijikeun dina kasatuan Khulafaur Rasyidin.

Kholid bin Walid (Kholid putrana Walid) nyaéta salah saurang ti sélér Qurésy Mekah, ti klan nu mimitina mah nolak kangjeng nabi Muhammad. Méméhna mah manéhna jadi perang nu ngameunangkeun Mekah basa keur Perang Uhud ngalawan kaum Muslim, da harita mah manéhna acan asup Islam. Manéhna asup Islam sarta bajuang jeung Kangjeng Nabi Muhammad sanggeus Pajangjian Hudaébiah sarta ilubiung dina mangpirang-pirang ékspédisi, kayaning Patempuran Mu'tah, nu mangrupa patempuran munggaran antara Romawi jeung Muslim. Kholid bin Walid ngalaporkeun yén ieu patempuran téh pohara hébatna, sahingga sabot keur perang téh aya kana salapan pedangna nu dipotongkeun ku manéhna. Ti harita manéhna meunang wéh jujuluk ‘Saifullah' (Basa Sunda: saépuloh) nu hartina "Pedang Allah". Kholid ngagantikeun Zaid bin Haritsah, tuluy Jafar bin Abi Tholib, tuluy Abdulloh bin Rowahah nu kamaténi. Sapupusna Kangjeng Nabi, Kholid mibanda peran nu penting dina mingpin pasukan Madinah na mangsa kapamingpinan Abu Bakar basa keur perang Riddah, nalukkeun Arab tengah sarta nalukkeun sélér-sélér Arab. Manéhna mikawasa klien Arab Sasaniyah, Karajaan Hiroh, sarta ngéléhkeun pasukan Pérsia Sasaniyah salila panalukanna di Irak (Mésopotamia). Manéhna tuluy dipindahkeun ka wewengkon kulon pikeun nalukkeun Syiria, Romawi sarta nagara klien Arab Ghossaniyah ti Bizantium.

Sanajan Umar bin Khottob ngalaan jabatanana minangka panglima perang, tapi peran Kholid minangka pamingpin pasukan mah masih kénéh éféktif mangsa ngalawan Bizantium na tahap awal Perang Arab-Bizantium.[1] Dina komandona, Damaskus kapikawasa dina taun 634 sarta jadi konci kasuksésan ngalawan pasukan Bizantium dina Patempuran Yarmouk (636),[1] anu nungtun kana panalukkan Bilad al-Sham (Nagri Syam). Taun 638, Kholid udzur tina kadinasan militér.

Kholid geus makalangan sahenteuna dina 200 patempuran, boh patempuran badag boh patemburan leutik, ogé dina duél hiji lawan hiji. Ku kaparigelanna ieu dina dunya pangperangan, Kholid dianggap ku sawatara sarjana minangka salah sahiji jéndral militér pangnyongcolangna dina sajarah.[2][3][4]

Kahirupan Awal[édit | édit sumber]

Khalid lahir tahun 585-an di Mekah. Bapana nyaéta Walid ibnu al Mughirah, Syéh Bani Makhzum, hiji marga suku Quraish Arab. Walid dikenal di Mekah ku landian al Wahid - "si Nyorangan",[5] Ibuna Khalid nyaéta Lubabah al Sughra binti al Harist, dulur sabapa Maemunah binti al Harist.[6]

Sabrolna, luyu jeung tradisi urang Quraish, Khalid dikirim ka suku Bedouin di padang pasir, dirawat ku hiji indung kawalon sarta dibawa ka hiji daérah nu bersih, garing jeung hawana teu kakeunaan ku polusi padang pasir. Mangsa keur budak, Khalid katarajang ku cacar énténg, Khalid salamet, tapi cacarna ninggalkeun tapak dina pipi kéncana.[7]

Tilu marga nu mingpin Quraish dina mangsa harita nyaéta Bani Hashim, Bani Abd ad Dar jeung Bani Makhzum, marga nu pandeuri nu mere pangaruh dina perkara-perkara perang. Salaku anggota Bani Makhzum, nu di Arab kaasup marga pangpunjulna dina nunggang kuda, Khalid diajar pikeun nunggang bari metakeun pakarang saperti tumbak, lance (pakarang tumbak nu sarupa jeung pedang), gondewa jeung pedang. Lance téh minangka pangdipikaresepna di antara pakarang-pakarang séjén. Keur ngorana Khalid dipuja minangka hiji prajurit sarta pagulat nu kawentar di antara urang-urang Quraish.[8] Khalid téh dulur sabrayna Umar bin Khattab, Khalifah kadua, duanana katinggal sarimbag pisan.[9]

Mangsa Kangjeng Nabi Muhammad SAW (610–632)[édit | édit sumber]

Teu pati loba nu apal ngeunaan Khalid dina mangsa-mangsa awal da'wah Kanjeng Nabi. Bapana kawentar ngamusuhan ka Kanjeng Nabi. Sabada hijrahna Kanjeng Nabi di Mekah ka Madinah, réa perang nu lumangsung antara komunitas muslimin anyar jeung konfederasi Quraish.[10] Khalid teu ngiluan dina Perang Badar - perang munggaran antara Muslimin jeung urang-urang Quraish - tapi dulurna, Walid bin Walid kacerek jeung jadi tahanan. Khalid jeung lanceukna Hasham bin Walid miang ka Mekah pikeun nebus Walid, tapi sanggeus ditebus, Walid, di tengah lalampahan mulang ka Mekah, kabur jeung balik deui ka Kanjeng Nabi sarta asup Islam.[11] Kapamingpinan Khalid téh nu jadi alatan dina malikkeun kaayaan sarta mastikeun kameunangan Mekah dina Perang Uhud (625).[12] Dina taun 627 BM Khalid jadi bagéan dina kampanye Quraish ngalawan Muslim, nu ngahasilkeun Perang Khandak, perang pamungkas Khalid ngalawan kaom Muslimin.[13]

Asup Islam[édit | édit sumber]

Hiji perjangjian damai salila 10 taun dipaheutkeun antara kaom Muslimin jeung Quraish di Mekah dina Perjangjian Hudaibiyah taun 628. Kacatetkeun yen Kanjeng Nabi kantos nyanggeum ka lanceukna Khalid, Walid bin Walid, yén: “Jalma jiga Khalid, moal bisa lila nahan dirina jauh tina Islam.” Walid nulis surat ka Khalid, ngajak asup Islam. Khalid nu mémang teu pati mumuja Kabah, mutuskeun pikeun asup Islam sarta wakca ngeunaan masalah ieu ka Ikrimah bin Abu Jahal, batur ulinna keur budak, nu ngahulagna. Khalid diancam ku Abu Sufyan bin Harb ku hukuman nu pikakeueungeun, tapi dibangbalérkeun ku Ikrimah, nu nyarita:”Kalem, He Abu Sufyan! Amarah anjeun malah mingkin nyieun kuring biluk ka Muhammad ogé. Khalid bébas pikeun ngilu agama mana waé nu ku manéhna dipilih.”[14] Bulan Mei 639, Khalid miang ka Madinah. Di jalan panggih jeung Amru bin Ash sarta Ustman bin Talhah nu sarua rék ka Madinah pikeun asup Islam. Maranéhna nepi ka Madinah tanggal 31 Mei 2019 sarta arasup ka bumi Kanjeng Nabi. Khalid ditarima ku Walid bin Walid, lanceukna, sarta minangka nu munggaran asup Islam di antara nu tiluan.[15]

Kalayan rengkuh Khalid ngahormat Kanjeng Nabi sarta sumpah bakal satia ka anjeunan. Lajeng Kanjeng Nabi bari pinuh ku kawelas asih nyanggeum:

Kula yakin, nilik tina kapinteran, kawijaksanaan jeung panalar anjeun yén hiji mangsa anjeun bakal narima Islam minangka agama anjeun.[16]

—Nabi Muhammad SAW

Réngse ti éta Khalid ménta ka Kanjeng Nabi pikeun ngadua ka Gusti Alloh sangkan dosa-dosana nu tiheula-heula dihampura. Salajengna Kanjeng Nabi ngaduakeun sangkan Alloh ngahapunten sarta mikanyaah ka dirina.

Kampanye Militer dina Era Nabi Muhammad SAW[édit | édit sumber]

Taun 629 MU, hiji ékspedisi disiapkeun pikeun ngawarah urang-urang Ghassanid, hiji nagri bawahan kakaisaran Romawi Wétan. Nabi nunjuk Zaid bin Haritsah salaku sénopati pasukan. Dina kajadian Zaid maot, pingpinan bakal ditangkes ku Jafar bin Abi Thalib, jeung lamun Jafar perlaya, pingpinan bakal disérénkeun ka Abdallah bin Rawahah. Lamun kajadian tiluaanna perlaya, pasukan ékspedisi bakal milih hiji sénopati di antara maranéhna.[17]

Bulan September 629 MU, Perang Mu’tah lumangsung antara kaom Muslimin jeung pasukan Kakaisaran Byzantine. Katilu senopati nu disebutkeun di luhur perlaya di médan laga, sarta Khalid kapilih jadi sénopati. Khalid mampu ngariksa 3.000 urang pasukanna nu sakitu éléh jumlah ngalawan 10.000 urang pasukan Kakaisaran Byzantine jeung Arab Ghassanid. Khalid nyekel pingpinan tentara Muslim dina mangsa nu penting, sarta malikkeun naon nu tadina pijadieun pangbantaian pinuh ku getih jadi hiji jalan mundur strategis nu nyalametkeun kaum Muslimin tina kaancuran total.[18]

Wanci peuting, Khalid nyiapkeun sababaraha baris tentara di satukangeun tentara utama, isukna, méméh der perang, maranéhna dititah pikeun ngagabung kana pasukan Muslim dina kelompok-kelompok leutik, hiji demi hiji, nimbulkeun perbawa siga bantuan anyar, nu matak nurunkeun sumanget musuh. Khalid ku kitu kieuna nyaimbangkeun garis perang dina poé éta, sarta peutingna pasukanna mundur balik ka Arab. Ku kayakinan aya pangjiret nunggu maranéhna, pasukan Byzantie teu tuluy ngudag.[19] Khalid dicaritakeun ngamuk ngowak ngawik dina Perang Mu’tah semet ka motongkeun salapan pedang salila perang. Sanggeus Perang Mu’tah, Khalid meunang landian Pedang Alloh (Syaefulloh) ku hasil mawa balik tentarana pikeun perang deui dina poe séjén.[20][21]

Kampanye militer satuluyna[édit | édit sumber]

Sataun ti harita, dina taun 630, kaum Muslimin maju ti Madinah pikeun nalukeun Mekah. Dina Bubuka Mekah Khalid mingpin salah sahiji tina opat pasukan Muslim nu asup ka Mekah ti opat jalur nu béda, sarta ngéléhkeun kavaleri Quraish. Satuluyna dina taun éta kénéh, Khalid ngilu ilibiung dina Perang Hunayn jeung Pangepungan Tho’if. Kacaritakeun dina Perang Hunayn, Khalid kakeunaan tatu jero jeung parna. Najan kitu, sanggeus ngahontal kameunangan, Kanjeng Nabi nyumpingan dirina ngaropéa tatuna jadi gancang cageur.[22]

Khalid jadi bagéan dina ékspedisi ka Tabuk ku piwarangna Nabi, ti dinya dirina dikirim ka Daumatul Jandal di mana dirina perang sarta hasil nyerek Pangeran Arab ti Daumatul Jandal, ngadorong Daumatul Jandal pikeun nyerah.[23]

Taun 631, Khalid ngilu dina haji wada Kanjeng Nabi. Harita, kabéjakeun yén dirina hasil mibanda sababaraha lembar rambut Kanjeng Nabi minangka pusaka suci, pércaya yén éta téh bakal ngabantu dirina meunangkeun pangperangan.[24]

Salaku panglima kampanye militer[édit | édit sumber]

Bulan Januari 630 M (Tahun ka 8 H, bulan ka-9),[25] Khalid bin Walid dikirim pikeun ngancurkeun Brahala Uzza nu disembah ku urang-urang polithéist. Ku Khalid dilaksanakeun,[26][27] ngancurkeun naon nu disebut ku Kanjeng Nabi minangka Uzza.[28]

Khalid bin Walid ogé dikirim pikeun ngondang suku Bani Jadhimah pikeun asup Islam. Maranéhna ngaromong ‘Saba’na, Saba’na’ (kami téh urang-urang Sabian), antukna Khalid nawan maranéhna sarta ngarogahala sawatara jalma di antarana, dumeh permusuhan baheula, méméh akhirna dieureunkeun ku Abdurrhaman bin Auf.[26][27][29][30][31] Sababaraha urang Bani Jadhimah saméméhna geus nandasa Al Fakih bin al Mughirah al Makhzumi, pamanna Khalid, jeung Auf bin Abda Auf, bapana Abdurrahman bin Auf. Nabi ngaraos sedih kacida basa nguping kalakuan Khalid kitu téh; lajeng mayar ku artos ka kulawargana nu maraot, ngagentosan harta bandana nu diancurkeun sareng teras nyarios kalayan harus: “Nun Gusti, sim kuring ti pipilueun kana naon anu dipilampah ku Khalid!”[32][33][34]

Nabi ogé ngirim Khalid dina hiji ékspédisi ka Dumatul Jandal pikeun nyinghareupan Pangéran Karésten Ukaydir nu nyicingan hiji kastil di ditu. Kajadian ieu lumangsung di Bulan Maret 631 M (9 H, bulan ka-11). Dina kampanye ieu, Khalid hasil nyandera si Pangéran jeung ngancam bakal ditandasa lamun gerbang kastil teu dibuka. Nabi salajeungna nukeran Pangéran ku 2.000 onta, 800 domba, 400 parangkat baju zirah, 400 lance jeung jangji mayar jizyah.[35][36][37][38]

April 631 M, Nabi ngirim Khalid dina ékspédisi ka dua ka Dumatul Jandal pikeun ngancurkeun brahala sesembahan, Wadd. Khalid ngancurkeun patung éta katut candi-candina jeung maténi sing saha waé nu ngahalangan.[35][36][37][39]

Mangsa Abu Bakar (632–634)[édit | édit sumber]

̺Panalukan Arab[édit | édit sumber]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's conquest of Arabia.
Peta ngajéntrékeun rute panalukan Arab Khalid bin Walid.

Sadikantuna ku Kanjeng Nabi, loba suku-suku Arab kapecah beulah dina pamungpangan ngalawan pamaréntahan Madinah. Khalifah Abu Bakar ngirim tentarana pikeun nagalawan para pamoha jeung urang-urang murtad.[40] Khalid jadi salah sahiji panaséhat utama Abu Bakar jeung arsiték rencana-rencana strategis dina Perang Riddah. Khalid dipaparin kawenangan mingpin pasukan Muslim pangkuatna sarta dikirim ka Arab tengah, aréa sénsitif pangstratégisna di mana suku-suku paling kuat nyiruruk. Wilayah éta mangrupa pangdeukeutna ka bénténg Muslimin di Madinah sarta mangrupa ancaman panggédéna pikeun kota. Khalid mimiti kaluar ngalawanan suku Tayy jeung Jalida di mana Adi bin Hatim – hiji sahabat nabi nu kasohor ogé saurang ketua suku Tayy- jadi panengah, suku-suku éta antukna tunduk kana kakhalifahan.[41]

Di tengah September 632 M, Khalid ngéléhkeun Tulaiha,[42] hiji pamingpin pamoha nu ngaku-ngaku nabi mingka alat pikeun narik dukungan keur dirina. Kakuatan Tulaiha diancurkeun sanggeus sésa-sésa pangiluna kasoran dina Perang Ghamra. Khalid tuluy ngaleut ka Naqra jeung ngéléhkeun pamingpin pamoha ti Bani Salim dina Perang Naqra. Wilayah Arab tengah antukna kapibanda sanggeus Perang Zafar Bulan Oktober 632 ku éléhna hiji ketua suku wanita, Salma.[43]

Sanggeus wilayah sabudeureun Madinah kapimilik deui, Khalid asup ka Néjad, hiji bénténg milik suku Bani Tamim. Réa marga-marga nu buru-buru nepungan Khalid sarta tunduk kana aturan Khalifah. Tapi suku BaniYarbu, dina pingpinan Syéh Malik bin Nuwairah, milih mundur. Malik nyegah patepung langsung jeung tentara Khalid ku cara maréntahkeun pangiluna sangkan nyebar, manéhna jeung kulawargana sigana kabur ngaliwatan padang pasir.[44] Manéhna gé ngumpulkeun pajak jeung ngirim jalma pikeun nepikeun ka Madinah. Najan kitu, Malik dituduh mumpang ngalawan nagara Madinah sarta dituduh asup kana réongan anti Khalifah bareng Sajjah, hiji jalma nu ngaku-ngaku nabi.[45] Malik ditéwak bareng jeung kumpulan margana,[46] sarta ditanya ku Khalid ngeunaan kajahatanna. Basa ngadéngekeun jawaban Malik: “ceuk dunungan di dinya kitu, ceuk dunungan di dinya kieu” nu maksudna mah Abu Bakar, Khalid nyatakeun yén Malik téh hiji pamoha murtad sarta maréntahkan eksekusina.[47]

Abu Qatada Ansari, hiji sahabat Nabi, nu marengan Khalid ti Madinah ngarasa kagét ku ditandasana Malik ku Khalid hingga gura-giru mulang ka Madinah sarta nyarita ka Abu Bakar yén manéhna nolak ngabdi ka hiji panglima nu geus maéhan saurang Muslim.[48] Maotna Malik katut dipileuleuheungna pamajikanna, Laila, ku Khalid, ngundang piomongeun. Sababaraha pérwira dina tentarana – kaasup Abu Qatadah – yakin yén Khalid nandasa Malik pikeun ngarebut pamajikanna. Sanggeus meunang tekenan ti Umar – misanna Khalid sarta salah saurang panaséhat Khalifah – Abu Bakar manggil Khalid balik ka Madinah pikeun ngajéntrékeun.[49]

Umar nyarankeun Abu Bakar sangkan mecat Khalid sanggeus nemusing patina Malik bin Nuwairah. Umar nyarita, “Pedang Khalid geus kalobaan teuing beban.” Maksudna téh nyaéta énténg, seukeut jeung rompal. Khalifah Abu Bakar ngawalon,

Kaula moal nyarangkaan naon nu ku Alloh geus dipesat pikeun ngalawan jalma-jalma nu teu ariman.[50]

—Abu Bakr As-Siddiq

Khalid tuluy ngancurkeun ancaman paling kuat pikeun nagara Islam Madinah nu karak mekar: Musailamah, hiji nabi palsu, nu geus hasil ngéléhkeun dua pasukan Islam. Dina minggu katilu Désémber 632, Khalid meunang hiji kameunangan nu nangtukeun ngalawan Musailamah dina Perang Yamama. Musailamah maot dina pangperangan, sarta ampir kabéh suku-suku nu marungpang sésana rarugrug.[40]

Serangan ka Kakaésaran Pérsia[édit | édit sumber]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's conquest of Iraq
Peta ngajéntrékeun rute panalukan Mesopotamia handap (Irak) Khalid bin Walid.

Ku rugrugna pamumpangan, jeung Arabia ngahiji dina kawenangan pusat khalifah di Madinah, Abu Bakar mutuskeun pikeun ngalegaan kakawasaanna. Teu jelas naon paniatanna, naha éta téh rencana ékspansi skala pinuh atawa serangan panyegah keur ngamankeun wilayah tambahan pikeun nyieun daerah panyangga antara nagara Islam jeung karajaan-karajaan kuat Sassanid jeung Byzantine.[51] Khalid dikirim ka Karajaan Pérsia mawa pasukan nu eusina 18.000 sukarélawan pikeun nalukkeun provinsi pangbeungharna karajaan Pérsia, wilayah Eufrats Mesopotamia handap, (ayeuna Irak). Khalid asup ka Mesopotamia handap mawa ieu pasukan.[52] Kacatetkeun yén méméh nyanghareupan pasukan Sassanid, Khalid nulis surat nu ngajak maranéhna pikeun asup Islam:

Asup Islam mangka salamet. Atawa panuju kana mayar Jizya (pajak), mangka anjeun jeung rakyat anjeun bakal aya dina panyalindungan kami, lamun heunteu, mangka anjeun bakal kaduhung sorangan kana akibatna, sabab kuring bakal mawa jalma-jalma nu mikacinta maot nu sarua gédéna jeung anjeun mikacinta hirup.[53]

—Khalid bin Walid

Kalayan gancang Khalid meunang noron dina opat peperangan: Perang Salasil, bulan April 633; Perang Bangawan, lumangsung di minggu ka tilu April 633; Perang Walaja, di Bulan Mei 633 (di mana Khalid hasil ngagunakeun manuver pangepungan ganda), jeung Perang Ullais, dina pertengahan Méi 633.[54] Dina akhir Méi 633, al Hira, ibu kota régional Mesopotamia handap, karebut ku Khalid. Pangeusina di sina raharja ku katangtuan mayar jizya (sesembahan) taunan jeung satuju pikeun nyadiakeun intelején pikeun kaom Muslimin.[55] Sanggeus ngistirahatkeun pasukanna, bulan Juni 633, Khalid ngepung kota Anbar, tapi alatan perlawanan nu kuat, dieureunan di bulan Juli 633.[56] Tuluy Khalid maju ngidul, sarta ngarebut Ainul Tamar di tungtung minggu bulan Juli 633.[57]

Harita, ampir kabéh Mesopotamia handap, (kaléreun wilayah Eufrats) aya dina cepengan Khalid. Sawatara éta, Khalid meunang panggilan ti Arabia kalér pikeun pangbébasan di Daumatul Jandal, di mana Jendaral Arab Muslim séjénna, Iyad bin Ghonam dikepung ku suku-suku pamungpang. Bulan Agustus 633, Khalid miang ka Daumatul Jandal, ngéléhkeun para pamungpang dina Perang Daumatul Jandal, sarta ngarebut bénténg kota.[54] Dina lalampahan mulang ka Mesopotamia, Khalid rerencepan miang ka Mekah pikeun munggah Haji.[58]

Dina kapulangan ti Arab, Khalid meunang béja intelején yén diperlukeun antisipasi ku ayana pangumpulan gédé-gédéan Pasukan Pérsia jeung bala bantuan Arab Karésten.[54] Kakuatan ieu ngamarkas di opat kémah nu baréda di wilayah Eufrats nyaéta di Hanafiz, Zumail, Saniy jeung panggédéna di Muzaiyah. Khalid ngahindar tina perang langsung ku alatan kuatna gabungan kakuatan Pérsia sarta mutuskeun pikeun nyerang jeung ngancurkeun tiap-tiap kémah dina serangan malam nu misah ti tilu sisi.[59] Dirina ngabagi pasukan kana tilu unit, nyerang pasukan Pérsia dina rempugan serangan ti tilu arah nu baréda wanci peuting éta, mimiti ti Perang Muzaiyah, tuluh Perang Saniy jeung ahirna Perang Zumail di bulan Nopémber 633 M.[60]

Runtuyan kameunangan kaum Muslimin ieu nyedot tanaga Pérsia pikeun ngarebut deui Mesopotamia handap jeung ninggalkeun ibu kota Pérsia Ctesiphon teu kajaga sarta rawan serangan kaum Muslimin. Méméh nyerang ibu kota, Khalid mutuskeun pikeun ngancurkeun kabéh kakuatan Pérsia di kidul semet ka wétan, ku kituna pasukan Khalid ngabandaleut nyerang kota perbatasan Firaz, di mana Khalid ngéléhkeun gabungan pasukan Pérsia Sassanid, Romawi Byzantin jeung Arab Karésten sarta ngarebut bénténg kota dina Perang Firaz bulan Désémber 633.[61] Ieu téh perang panungtungan dina panalukan Mesopotamia. Sawatara Khalid di tengah jalan pikeun nyerang Qodisiah, hiji bénténg konci dina jalan ka Ctesiphon, dirina meunang surat ti Abu Bakar sarta dikirim ka barisan hareup Byzantine di Syria pikeun nyepeng komando tentara Islam nu boga maksud nalukeun Romawi Syria. Mangsa keur nyicingan Irak, Khalid ogé diistrenan jadi gupernur militer di wilayah-wilayah patalukan.[62]

Serangan ka Kakaésaran Byzantine[édit | édit sumber]

Map detailing Rashidun Caliphates invasion of the Levant
Peta ngajéntrékeun invasi Khulafaur Rasidin ka Levant.

Sabada hasil nyerang Irak, hiji provinsi Pérsia Sassanid, Khalifah Abu Bakar ngirim hiji ékspédisi pikeun nyerang Levant (Syria Roma). Panyerangan bakal dilaksanakeun ku opat korps, nu tiap korps miboga targét sewang-sewangan. Byzantine ngawaler kana ancaman ieu ku ngumpulkeun unit-unitna ti sababaraha garisun di Ajnadain (hiji tempat di Paléstina, mingkin waé al Laijun).[63] Gerakan ieu téh nahan pasukan Muslim di batas wilayah, ku sakitu mokahana kakuatan di satukangeunna, tentara Muslim teu bisa kebat maju ka Syria pusat atawa kalér.[64]  Kakuatan Muslim katempona leutik teuing jumlahna pikeun nyinghareupan ancaman Byzantine, ku kituna Abu Ubaidah bin al Jarrah, pupuhu panglima Muslim di barisan Syria ménta bantuan ti Abu Bakar. Diwalon ku Abu Bakar ku ngirimkeun bantuan pasukan nu dipingpin ku Khalid.[65]

Aya dua rute ti Irak ka Syria, nu hiji ngaliwatan Daumatul Jandal (ayeuna katelah Skaka) jeung nu hiji deui ngaliwatan Mesopotamia nembus ka Raqqa. Ku lantaran pasukan Muslim di Syria merlukeun bantuan sacepetna, Khalid ngahindar rute heubeul ka Syria liwat Daumatul Jandal sabab jauh teuing jeung merlukeun mangminggu-minggu pikeun nepi ka Syria. Dirina ogé nolak rute Mesopotamia ku lantaran hadirna garisun-garisun Romawi di Syria kalér jeung Mesopotamia.[66] Ngaladénan maranéhna sawatara tentara Muslim keur dikepung di Syria geus teu mungkin, sabab ngandung harti kudu perang di dua muka. Khalid leuwih milih rute ka Syria nu leuwih pondok ku jalan nu teu prah nembus Padang Pasir Syria.[65] Dirina ngerahkeun pasukanna nembus padang pasir, ceuk carita turun timurun, pasukanna lumampah salila dua poé bari teu manggih-manggih cai,[63] méméh antukna nepi kanu mangrupaan sumber cai di hiji oasis. Khalid cenah geus mecahkeun masalah kakurangan cai maké metodé urang Bedouin. Onta disina nginum sanggeus dihaja sawatara lila dijauhkeun tina cai, ngakibatkeun onta nginum cai saloba-lobana dina sakali nginum. Onta boga kamampuan pikeun nyimpeun cai dina beuteungna nu ku kituna bisa dipeuncit sawaktu-waktu diperlukeun. Pasukan Muslim kabéhanna narunggang onta sarta metodé ieu jadi metodé nu efektif pikeun pasukan Muslimin.[65]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's invasion of Syria.
Peta ngajéntrékeun rute invasi Khalid bin Walid ka Syria

Khalid asup ka Syria di bulan Juni 634 M sarta kalayan gancang ngarebut bénténg-bénténg pérbatasan di Sawa, Arak, Palmyra, al Sukhnah, al Qoriatain jeung Hawarin. Dua nu pandeuri direbut sanggeus Perang Qoriatain jeung Perang Hawarin. Sanggeus ngawasa bénténg-bénténg padang pasir ieu, Pasukan Khalid gerak ka Basra, hiji kota deukeut batas Syria-Arabia jeung ibu kota karajaan Karésten Arab Ghassanid, hiji bawahan ti Kakaisaran Byzantine timur. Dirina meuntas hiji jalur pagunungan nu ayeuna katelah “Sanital Ukab” (“lintasan Uqab”) maké ngaran panji pasukan Khalid. Dina lalampahan ka Marojar Rahat, Khalid ngabaruntakkeun pasukan Ghassanid dina perang singket Marojar Rahat.[67]

Ku meunang béja kadatangan Khalid, Abu Ubaidah maréntahkeun Shurobil bin Hasana, salah sahiji tina panglima nu opat, pikeun nyerang kota Basra. Shurobil ngepung Basra ku 4.000 tentarana. Garisun Byzantine jeung Arab Karésten nu meunang jumlah ti pasukan Shurobil, nieun serangan sarta katingalina bakal ngancurkeun pasukan Shurobil waktu kavaleri Khalid datang jeung nyerang pasukan Byzantine ti tukang, ngabebaskeun Shurobil.[68] Garisun Byzantine mundur ka bénténg kota. Abu Ubaidah ngagabung ka Khalid di Basra, sarta Khalid, ku paréntahna Khalifah nyekel panglima utama. Bénténg Basra nyerah di pértengahan Juli 634, sacara éféktif namatkeun dinasti Ghassanid.[69] Sanggeus ngarebut Basra, Khalid maréntahkeun sakabéh korpsna pikeun ngagabung di Ajnadain di mana maranéhna tempur dina perang penting ngalawan Byzantine dina 30 Juli 634. Sajarawan-sajarawan modérn nganggap perang ieu téh mangrupa konci pikeun mecahkeun kakuatan Byzantine di Syria.[70]

Kasoran dina Perang Ajnadain ngajadikeun Syria lemah pikeun pasukan Muslim. Khalid mutuskeun pikeun ngarebut Damaskus, bénténg utama Byzantine. Di Damaskus, Thomas, minantuna Kaisar Byzantine Heraclius, jadi pananggung jawab pértahanan kota.[71] Meunang béja intelején yén pasukan Khalid keur ngabandaleut ka Damaskus manéhna nyiapkeun pertahanan kota. Manéhna nulis surat ka Kaésar Heraclius, nu harita keur di Emesa, pikeun ménta bala bantuan. Jaba ti éta, enggoning nunda atawa ngahambat gerak Khalid jeung nyiar waktu keur sasayogian nyanghareupan pangepungan, Thomas ngirim pasukanna maju. Dua pasukanna burantakan, nu mimiti di Yaqusa di pértengahabn Agustus jeung nu kadua di Marojas Safar dina 19 Agustus.[72] Sawatara éta, bantuan Heraclius nepi ka Damaskus. Méméh bantuan séjénna nepi, Khalid geus ngepung kota dina tanggal 20 Agustus. Pikeun nutup Damaskus ti daérah séjénna, Khalid nempatkeun sempalan pasukan di belah kidul di jalan ka Paléstina jeung di kalér di rute Damaskus-Emesa, sarta sababaraha sempalan nu leuwih leutik di rute-rute ka arah Damaskus. Bantuan Heraclius dipapag jeung dibuburak ku Khalid dina Perang Sanital Ukab 30 km ti Damaskus.[73]

Geographical Map detailing the route of Khalid ibn Walid's invasion of Syria.
Peta géografis ngajéntrékeun rute invasi Khalid bin Walid ka Syria.

Khalid mingpin serangan pikeun nalukkeun Damaskus dina tanggal 18 Séptémber 634 sanggeus 30 poé pangepungan. Numutkeun sawatara sumber, pangepungan cenah mah lumangsung nepi ka opat atawa genep bulanna.[74] Kaésar Heraclius nu nampa béja rubuhna Damaskus, miang ka Antioch ti Emesa. Kavalery Khalid nyerang garisun Byzantine di Damaskus, nu ogé ngarah ka Antioch, panggih jeung maranéhna maké jalan motong nu teu kanyahoan, dina Perang Marojal Daibaj,[75] 150 km kaléren Damaskus. Abu Bakar ngantunkeun dina mangsa pangepungan Damaskus sarta Umar jadi Khalifah anyar. Umar mecat Khalid dina kapanglimaanna sarta nunjuk Abu Ubaidah bin al Jarrah jadi Pupuhu Panglima pasukan Islam di Syria. Abu Ubaidah meunang surat panunjukkanna sarta pamecatan Khalid wanci keur pangepungan kénéh, tapi teu waka dibéwarakeun semet ka kotana ditalukkeun.[76]

Mangsa Umar (634–642)[édit | édit sumber]

Pamecatan Khalid tina kapamingpinan[édit | édit sumber]

Tanggal 22 Agustus 634 Abu Bakar ngantunken, Umar jadi panggantina.[65] Léngkah Umar nu munggaran nyaéta ngabébaskeun Khalid tina posisi panglima utama pasukan muslim sarta nunjuk Abu Ubaidah bin al Jarrah salaku pupuhu panglima anyar.[74] Khalid jadi cobaan kana kateuimanan (ku teu kungsi eleh dina perang) sabab umat Islam ngaitkeun kameunangan-kameunangan ieu kana kapribadian jeung tangtungan Khalid. Umar nyarita: “Kaula mecat Khalid lain karena ambek ka manéhna atawa panghianatan kana amanah atawa tanggung jawab, tapi hiji-hijina alesan téh yén kaula hayang jalma-jalma nyaho yén saéstuna Alloh nu maparin kameunangan.”[76] Hal ieu ngabalukarkeun eureunna Khalid tina panglima utama sarta satuluyna taun 638 tina angkatan bersenjata. Khalid nunjukkeun kasatiaanna ka khalifah anyar sarta tuluy ngabdi salaku panglima biasa sahandapeun Abu Ubaidah. Dirina nyarita: “Ku maotna Abu Bakar sarta Umar jadi Khalifah, mangka kami ngaregepkeun sarta kami naatan.”[77] Operasi militér tangtuna jadi ngalaunan, alatan Abu Ubaidah gerakanna laun jeung tenang, kalayan manéhna mah minangka panglima nu ati-ati. Panalukan Syria dituluykeun dina kapanglimaanna, sarta Abu Ubaidah nu mikasima ka Khalid, ngajadikeun Khalid jadi panglima kavalery jeung panaséhat militér.[76]

Panalukan Levant Tengah[édit | édit sumber]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's invasion of Central Syria.
Peta ngajéntrékeun rute serangan Khalid bin Walid ka Syria Tengah.

Saharita sabada ditunjuk salaku pupuhu panglima, Abu Ubaidah ngirim pasukan leutik ka acara pasar taunan di Abu al Quds, kiwari Abla, deukeut Zahlé 50 km wétaneun Béirut. Nyampak garisun Byazantine jeung Arab Karésten ngawal éta pasar, duka kumaha, mata-mata Muslim salah ngitung badagna garisun éta. Garisun lawan sakolépat geus ngepung pasukan Muslim nu saeutikan. Méméh bener-bener ancur, Abu Ubaidah nu geus nampa béja intelején, ngirim Khalid pikeun nyalametkeun tentara Muslim. Khalid turun tangan tur ngéléhkeun musuh dina Perang Abu al Quds tanggal 15 Oktober 634 sarta mulang bari mawa mangketi-keti harta rampasan ti pasar téa jeung ratusan tawanan Romawi.[78]

Ku karebutna Puseur Syria, kaom Muslimin geus nyieun hanteuman penting ka Byzantine. Komunikasi antara Syria Kalér jeung Paléstina harita kapotong. Abu Ubaidah mutuskeun pikeun ngajorag ka Fahl (Pella), nu kurang leuwih 500 kaki (150 m) sahandapeun beungeut laut, sarta mangrupa tempat nu kuat pikeun garisun Byzantine katut sésa-sésa nu saralamet ti Perang Ajnadain.[79] Tempat ieu téh penting lantaran ti dieu urang-urang Byzantine bisa nyerang ngétan sarta motong garis suplai jeung komunikasi ka Arab.[80] Katambah deui, ku ayana garisun kuat ieu di satukangeun, Paléstina teu bisa diserang. Pasukan Muslim gerak ka Fahl bari Khalid mingpin pasukan hareup, ngan ukur manggihan dataran nu geus dibanjiran cai ku insinyur-insunyur Byzantine nu ngabendung Bangawan Yordan. Pasukan Byzantine antukna mah kaéléhkeun ogé dina Perang Fahl dina peuting tanggal 23 Januari 635.[65]

Perang Emesa jeung Perang Damaskus Kadua[édit | édit sumber]

Ku kameunangan di Fahl, pasukan Muslim ngabagi, Amru bin Ash jeung Shurobil bin Hasana ngidul rék ngarebut Paléstina, sedeng Abu Ubaidah jeung Khalid ngalér pikeun ngarebut Syria Kalér. Sawatara kaum Muslimin nempatan Fahl, Heraclius ngambeu kasempetan, buru-buru ngirim pasukan dina pingpinan Jenderal Theodras pikeun ngarebut deui Damaskus.[81] Teu sawatara lila sanggeus Heraclius ngirim pasukan anyar, kaum Muslimin nu geus ngaréngsékeun urusan-urusanna di Fahl, keur di jajalaneun ka Emesa. Pasukan Byzantine tepung jeung kaum Muslim di tengah jalan ka Emesa, di Marojar Rum. Peutingna Theodras ngirim satengah pasukanna ka Damaskus pikeun ngajalankeun serangan kilat ka garisun Muslim.[82] Mata-mata Khalid ngabéjakeun gerakan éta. Sameunangna ijin ti Abu Ubaidah, Khalid geuwat gerak ka Damaskus bareng jeung pangawal gerak cepetna. Sawatara Abu Ubaidah tempur jeung ngéléhkeun pasukan Romawi dina Perang Marojar Rum, Khalid gerak ka Damaskus katut pangawal gerak cepetna nyerang jeung ngabaruntakkeun Jenderal Theodras dina Perang Damaskus ka-2.[80] Saminggu ti harita, Abu Ubaidah ngarebut Baalbek (Heliopolis), tempat di mana Biara Jupiter ngadeg, sarta ngirim Khalid langsung ka Emesa.[83]

Emesa jeung Chalcis ngajukeun perdamaian salila sataun.[84] Batan nyerang, Abu Ubaidah narima tawaran éta. Dirina nerapkeun aturan-aturanna dina tanah patalukan sarta tuluy ngarebut Hama, Ma’arrah jeung Nu’man. Najan kitu, pasini damai téh sabenerna ku paréntah Heraclius pikeun ngarerepkeun kaum Muslimin jeung ngulur waktu keur nyiapkeun pertahanan Syria Kalér. Sanggeus kukumpul pasukan cukup gedé di Antioch, Heraclius ngirimkeun maranéhna pikeun ngarojong Syria Kalér, aréa nu sacara stratégis penting, nu pangutamana mah bénténg kokoh Chalcis.[85] Ku datangna pasukan Byzantine di kota, pasini damai geus dilanggar. Abu Ubaidah jeung Khalid tuluy ngajorag ka Emesa, Pasukan Byzantine nu ngahalangan pangawal-pangawal Khalid diburantakkeun. Pangepungan Muslim ka Emesa antukna réngsé di bulan Maret 636 sanggeus dua bulan lilana.[86]

Perang Yarmuk[édit | édit sumber]

Muslim and Byzantine Troop Movements before the battle of Yarmouk
Pagérakan Pasukan Muslim jeung Byzantine méméh Perang Yarmuk.

Sanggeus ngarebut Emesa, pasukan Muslim maju ngalér pikeun ngarebut kasaluruhan Syria Kalér. Sawatara éta Heraclius geus ngumpulkeun sajumlah pasukan gedé di Antioch pikeun ngarebut deui Syria. Khalid meunang béja éta ti tawanan Romawi di Syria Kalér. Sanggeus pangalaman katukang-tukang, Heraclius nyegah perang langsung ngalawan pasukan Muslim. Manéhna niat mengker korps-korps Muslim hiji jeung nu lainna, jeung sacara kapisah-pisah ngepung jeung ngacurkeun pasukan Muslim. Lima serangan gedé-gedéan dipentangkeun ti rute-rute nu baréda di Juni 636 pikeun ngarebut Syria deui.[87] Khalid, ngambeu rencana Heraclius, ngarasa melang bisi pasukan Muslim kabengker jeung kaancurkeun. Dina hiji rencana déwan perang dirina nyarankeun Abu Ubaidah sangkan narik sakabéh terntara Muslim di satempatkeun pikeun hiji perang panangtuan ngalawan Byzantine. Ku saran ti Khalid kitu, Abu Ubaidah maréntahkan sakabéh tentara di Syria pikeun kaluar ti tanah-tanah panalukan sarta ngumpul di Jabiya.[88] Manuper ieu méré hanteman penting keur rencana Heraclius, sabab Heraclius teu hayang pasukanna adu hareupan langsung jeung pasukan Muslim, di mana kavaleri muslim nu arénténg bisa sacara éféktif digunakeun keur ngalawanan kavaleri Byzantine nu bareurat jeung rareuged. Ku saran ti Khalid, Abu Ubaidah maréntahkeun pasukanna pikeun pindah ka tegalan di deukeut Leuwi Yarmuk, nu ngabogaan suplai cai jeung tegal jukut nu alus sarta ti dinya kavaleri bisa digunakeun kalayan leuwih éféktif.[89] Dina hiji rempugan déwan perang, Abu Ubaidah nyérénken kapamingpinan panglima perang ka Khalid, nu lumaku minangka panglima lapangan jeung jadi pangrancang utama tina pangancuran pasukan Byzantine.[90]

Tanggal 15 Agustus, Perang Yarmuk lumangsung, méakkeun genep poé sarta ditungtungan ku ancur-ancuranna Byzantine. Perang Yarmuk dianggap minangka salah sahiji perang nu paling nangtukeun dina sajarah.[91] Éta téh mangrupa kaéléhen nu ngandung harti sajarah nu nyégel nasib Byzantium di Levant. Akibat tina éléhna éta sakitu gedé hingga pasukan Byzantine teu bisa pulih deui pikeun sawatara lila. Tumibana, kasaluruhan Kakaisaran Byzantine jadi lemah pikeun pasukan Arab Muslim. Perang éta minangka perang panggedé-gedéna nu pernah lumangsung di tanah Syria wanci harita, sarta dipercaya minangka hanteman taktis ti Khalid.[92]

Ngarebut Yerusalem[édit | édit sumber]

Ku dihantem jeung diburantakkeuna pasukan Byzantine, pasukan Muslim gancang ngarebut deui wilayah-wilayah nu geus ditalukkeun méméh Yarmuk. Pasukan Muslim maju ngidul ka bénténg pamungkas Byzantine, Yerusalem, di mana réa sésa-sésa pasukan Byzantine nu saralamet ti Yarmuk nyaralindung.[93] Pangepungan Yerusalem lumangsung opat bulan semet ka kota éta satuju pikeun sumerah tapi kudu ka khalifah ku anjeun sacara pribadi. Amru bin Ash, salah sahiji ti opat panglima, nyarankeun sangkan Khalid dikirim salaku khalifah, sabab Khalid sarimbag pisan jeung Khalifah Umar. Tapi Khalid kanyahoan, antukna Umar sumping sarta Yerusalem sumerah dina bulan April 637.[94] Réngsé ti Yerusalem, pasukan Muslim kapecah deui. Korps Yazid datang ka Damaskus jeung ngarebut Béirut. Korps Amru jeung Shurobil miang pikeun nalukkeun sésa-sésa Paléstina, sedeng Abu Ubaidah jeung Khalid, mingpin 17.000 pasukan tohaga laju ngalér keur nalukkeun sakabéh Syria Kalér.[95]

Panalukan Syria Kalér jeung Levant[édit | édit sumber]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's invasion of Northern Syria
Peta ngajéntrékeun rute invasi Khalid bin Walid ka Syria Kaler.

Sanggeus Emesa aya na leungeun, Abu Ubaidah jeung Khalid maju ka Chalcis, nu ngabogaan harti paling stratégis pikeun Byzantine. Ngaliwatan Chalcis, Byzantine bisa ngajaga Anatolia, Armenia, tanah asalna Heraclius, sarta puseur zona Asia Antioch. Abu Ubaidah ngirim Khalid jeung pangawal gerak cepet elitna ka Chalcis.[96] Bénténgna dijagaan ku pasukan Yunani dina kapamingpinan Menas, nu kabéjakan boga posisi luhur, jalma kadua sanggeus kaisar ku anjeun. Menas nyinglarkeun taktik heubeul Byzantine, mutuskeun pikeun nyanghareupan Khalid jeung ngancurkeun élemén pamandu dina pasukan Muslim di Hazir, 5 km wétaneun Chalcis, saméméh pasukan utamana bisa ngagabung. Pasukan Romawi bener-bener ancur dina Perang Hazir, nu ngajurung sanajan Umar ogé  pikeun muji Khalid minangka jénius militér.[97] Umar kacaritakeun nyarios: “Khalid téh hiji panglima sajati, mugia Alloh ngabarokahan ka Abu Bakar. Anjeuna leuwih hadé dina nganilai jalma tibatan kuring.”

Abu Ubaidah tuluy ngagabung ka Khalid di bénténg Chalcis nu katempona siga moal bisa diéléhkeun, tapi antukna sumerah di bulan Juni 637.[98] Ku kameunangan stratégis ieu, wilayah Chalcis kalér ngaboléklak pikeun pasukan Muslimin. Khalid jeung Abu Ubaidah satuluyna ngarebut Aleppo ti pasukan Byzantine nu geus peunggas hareupan di bulan Oktober 637. Tujuan satuluyna nyaéta kota éndah Antioch, puseur kota zona Asia tina Kakaisaran Byzantine. Méméh ngajorag ka Antioch, Khalid jeung Abu Ubaidah mutuskeun pikeun nutup kota ti Anatolia; hal ieu karéngsékeun ku ngarebut sakabéh bénténg nu méré pertahanan stratégis keur Antioch, utamana A’zaz di timur laut Antioch. Dina raraga nyalametkeun kakaisaran tina kaancuran, hiji perang nu tanpa harepan dijalankeun ngalawan pasukan Muslim ku para ponggawa Antioch di luar kota deukeut leuwi Orontes, populer ku sebutan Perang Jambatan Beusi.[99] Sanggeus diéléhkeun, urang-urang Byzantien malundur ka Antioch sarta pasukan Muslim ngepung kota. Ku leutikna pangharepan bakal meunang pitulung ti kaésar, Antioch nyerah dina tanggal 30 Oktober 637 ku prasarat yén sakabéh pasukan Byzantine dibéré jalur aman ka Konstantinopel.

Abu Ubaidah ngirim Khalid ngalér, sedeng dirina ngangkeuy ngidul sarta ngarebut Lazkia, Jabla, Tartus jeung aréa-aréa basisir kulon ti pagunugan Libanon Wétan. Khalid maju ngalér jeung nyerang wilayah ka luhur ka Leuwi Kizil (Kizilirmak) di Anatolia. Kaésar Heraclius geus ninggalkeun Antioch ka Edessa saméméh kadatangan kaum Muslimin. Manéhna nyusun kaperluan-kaperluan pertahanan di Jazira jeung Armenia sarta miang deui ka puseur dayeuh Konstatinopel. Dina lalampahan ka Konstantinopel manéhna méh-méhan teu bisa lolos waktu Khalid, sanggeus ngarebut Marash, keur ngidul nuju ka Manbij.[100] Heraclius buru-buru nyokot jalur pagunungan sarta ngaliwatan ka Gerbang Cilician, kabéjakeun nyarita:

Pileuleuyan, paturay tineung Syria, propinsi kuring nu éndah. Anjeun ayeuna milik urang-urang kafir (musuh). Katengtremean pikeun anjeun, Oh Syiria – pisukamahaeun teuing éndahna anjeun pikeun leungeun-leungeun musuh..[101]

—Kaésar Heraclius

Ku ancur-ancuranna dina Perang Yarmuk, kakaisaranna bener-bener rangu pikeun serangan kaum Muslimin. Ku ngan sawatara leutik sumber-sumber militér nu nyésa manéhna heunteu aya deui dina posisi pikeun usaha-usaha militér balik ka Syria. Keur meunangkeun waktu pikeun persiapan pertahanan sésa-sésa kakaisaranna, Heraclius néang bantuan ka Arabs Karésten di Jazirah nu ngumpulkeun hiji pasukan gedé sarta ngajorag ka Emesa, markas Abu Ubaidah. Abu Ubaidah narik kabéh pasukanna ti Syria Kalér ka Emesa. Arab Karésten ngepung wakul Emesa.[102] Khalid geus dina posisi pikeun perang kabuka di saluareun bénténg, tapi Abu Ubaidah milih nyérénkeun masalah ieu ka Umar, nu sacara cerdas méréskeun ieu. Umar ngirim pasukan Muslim ti Irak pikeun nyerang Jazirah, lemah cai Arab Karésten, ti tilu rute nu béda. Katambah deui pasukan séjénna dikirim ka Emesa ti Irak dina pingpinan Qa’qa bin Amru,[103] saurang véteran Yarmuk nu dikirim ti Irak keur Perang al Qodisiyah. Umar ku anjeun miang ti Madinah mingpin 1.000 urang. Urang-urang Arab Karésten, meunang respon gegedéan kieu, ngabatalkeun pangepungan sarta gura-giru mulang ka Jazirah. Dina nalika éta Khalid katut ponggawa gerak cepetna kaluar ti Emesa sarta ngancurkeun pasukan musuh, nyerang ti satukangeun.[104] Ieu téh minangka usaha ahir Heraclius pikeun balik deui ka garis Syria.

Kampanye di Armenia jeung Anatolia[édit | édit sumber]

Map detailing the route of Khalid ibn Walid's invasion of Anatolia and Armenia
Peta ngajéntrékeun rute invasi Khalid bin Walid ka Anatolia jeung Armenia.

Sabada éta perang, Umar maréntahkeun panalukan Jazirah nu réngsé dina sajeroning usum panas 638. Sanggeus nalukkeun Jazirah, Abu Ubaidah ngirim Khalid jeung Iyad bin Ghonam (panakluk Jazirah) pikeun nyerang wilayah Byzantine di kaléreun Jazirah.[105] Maranéhna miang ngabandaleut sewang-sewangan sarta ngarebut Edessa, Amida (Diyarbakir), Malatya jeung nyerbu Armenia Byzantine ka luhur ka daérah Ararat sarta ogé kacaritakeun nyerbu puseur Anatolia.[106] Heraclius geus ti heula ninggalkeun kabéh bénténg antara Antioch jeung Tartus pikeun nyieun zona panyangga atawa daérah tanpa jalma antara aréa nu dikontrol ku Muslim jeung tanah utama Anatolia. Umar harita ngeureunkeun pasukanna tina maju terus ka Anatolia, sarta maréntahkeun Abu Ubaidah, nu geus jadi gupernur Syria, pikeun nerapkeun aturan-aturanna di tanah panalukan Levant. Mangsa harita Umar kabéjakeun nyarita: “Kaula ngaharepkeun aya témbok seuneu antara urang jeung Romawi, hingga maranéhna teu bisa asup ka wilayah urang sarua jeung urang teu bisa asup ka tanah maranéhna.”[107] Lantaran dibébastugaskeunna Khalid tina katentaraan sarta kalaparan jeung wabah di taun hareupna, pasukan Muslim ditahan dina nyerang Anatolia. Ékspédisi ka Anatolia jeung Armenia nandaan ahir karir militér Khalid.[108]

Dibebastugaskeun tina katentaraan[édit | édit sumber]

Khalid, harita, keur aya dina puncak karirna, dirina kasohor jeung dipikacinta ku anak buahna, pikeun komunitas Muslim dirina téh hiji pahlawan nasional,[109] sarta sacara umum katelah minangka Saefulloh (“Pedang Alloh”). Hiji kajadian lumangsung teu lila ti sanggeusna Khalid ngarebut Marash (Karomammarash), di usum dingin taun 638, dirina kenalan jeung Ash’as, hiji panyair jeung tentara barisan Pérsia, mintonkeun hiji puisi nu mumuji Khalid sarta nampa hadiah 10.000 dirham ti Khalid, sigana mah tina bandahara nagara.[110]

expansion of rashidun caliphate.
Ékspansi Khulafaur Rashidin

Umar jeung senatna ngagolongkeun kalakuan éta téh minangka panyalahgunaan harta nagara, sanajan hukumanna teu semet ka kudu lésot jabatan, Khalid geus diingétan ti saméméhna pikeun teu lumaku sorangan, dirina kudu ménta heula ijin ti atasanna atawa Khalipah pikeun kalakuan siga kitu. Umar buru-buru nulis surat ka Abu Ubaidah ménta sangkan mawa Khalid ka hareupeun jamaah, sarta ngudaran sorban jeung kopéahna. Umar ménta sangkan Abu Ubaidah nanya ka Khalid ti mana dana nu dibikeun ka Ash’as téh: tina sakuna sorangan atawa tina harta nagara? Lamun ngaku geus maké harta nu teu sah, dirina dianggap salah ku mikalampah teu bener.[111] Lamun ngaku yén dirina méré tina sakuna sorangan, anggeur dianggap salah lantaran pamonyahan. Dina dua-duana kasus gé dirina bakal tetep dibébastugaskeun, sarta Abu Ubaidah kudu ngajalankeun tugas ieu. Abu Ubaidah sorangan mikasima ka Khalid téh jeung mikanyaah siga ka adi sorangan,[112] ku kituna dirina teu sanggup mun kudu ngajalankeun tugas ieu. Gantina, Bilal bin Rabah ditunjuk pikeun pancén éta sarta manggil Khalid ti Chalcis ka Emessa, di mana Khalid didakwa di hareupeun umum.[113] Khalid ngaku yén dirina méré duit tina sakuna sorangan hingga nyatakeun teu boga salah dina dakwaan éta. Najan kitu, waktu nepungan Abu Ubaidah dirina dibéjaan yén geus dibébastugaskeun ku paréntahna Umar sarta kudu balik ka Madinah pikeun nepungan Umar.[114] Khalid miang ka Chalcis jeung amitan ka pangawal gerak cepetna. Tuluy ngajugjug Madinah pikeun nepungan Umar. Dirina protés kana naon anu dianggapna teu adil. Umar dicaritakeun muji dirina dina kekecapanna: “Anjeun geus anggeus; sarta taya saurang ogé nu bisa ngalakukeun naon nu ku anjeun geus dilakukeun. Tapi éta téh lain hasil lampah jalma; Ieu téh karna Alloh nu ngersakeun...”[115]

Kahareupna Umar ngajelaskeun pangbébastugasanna Khalid:

Kaula lain mecat Khalid ku alatan amarah atawa alatan kateujujuran naon waé dina tugasna, tapi alatan jalma-jalma mumuja teuing dirina jeung ieu téh salah. Kaula lewang yén jalma-jalma bakal ngandelkeun dirina. Kaula hayang maranéhna nyaho yén saéstuna Alloh nu méré kameunangan ka urang; jeung teu meunang aya salah kapamingpinan di ieu lemah.[116]

—Khalifah Umar.

Kitu jalanna ujung karir suksés militér Khalid wekasan.

Tilar Dunya[édit | édit sumber]

image of khalid ibn walid mosque.
Makam Khalid nu aya di Masjid Khalid bin Walid, Homs – Syria.
Makam Khalid

Najan dipercaya yén hubungan Umar jeung dulur sabrayna, Khalid, sok aya dina patojiah, duanana katempona teu nyungkelid haté antara nu hiji jeung nu lainna. Wanci maotna, Kholid ngawasiatkeun harta bandana ka Umar jeung ngajadikeun Umar minangka nu ngajalankeun surat wasiatna jeung banda titinggalna.[117]

Dina jéro kurang ti opat taun tina pangbébastugasanna, Khalid mulih ka jati mulang ka asal sarta  dikureubkeun di Emesa taun 642, di mana dirina netep tumetep si saprak kaluar ti dinas militér. Makamna kiwari jadi bagéan hiji masjid nu disebut Masjid Khalid bin Walid. Dina nisan makam Khalid katuliskeun daptar leuwih ti 50 perang-perang nu dimeunangkeun tur dipingpin ku dirina tanpa pernah éléh (teu kaasup perang laleutik).[118] Dicaritakeun yén dirina hayang maot salaku syuhada dina lapangan perang, sarta katempo kuciwa waktu dirina apal yén dirina bakal maot luhureun balé.[119] Khalid molékérkeun kasedihanna liwat hiji kalimat ahir nu pikasediheun:

Kuring geus tempur dina sakitu lobana pangperangan neneang sangkan mati syuhada hingga taya satitik gé nu nyesa dina awak kuring tanpa gurat atawa tatu balas tumbak atawa pedang. Anggeur kénéh kuring di dieu, sakarat luhuren ranjang siga hiji onta kolot, Moga-moga panon jalma-jalma borangan teu kungsi reureuh.[120]

—Khalid bin Walid

Nempo kasedihna, hiji sobat Khalid nyarita ka dirina:

Sing ngarti anjeun, hé Khalid, yén wanci Rasululloh SAW, ngalandi anjeun ku Saefulloh, anjeuna geus ngabalitungkeun yén anjeun moal kungsi rubuh dina perang. Lamun mah anjeun perlaya ku hiji jalma nu teu iman éta bakal ngandung harti yén pedang Alloh geus kapotongkeun ku musuh Alloh; hal éta téh moal kungsi bisa kajadian.[121]

—sobat dalit Khalid

Dicaritakeun dina poéna Khalid maot, Umar nangis balilihan. Kadieuna, jalma-jalma manggihan yén kasedihna téh lain alatan kaleungitan pribadi, tapi ogé ku leungitna kasempetan ahir pikeun malikkeun deui kapanglimaan ka Khalid. Umar nepikeun paturay tineungna pikeun Khalid ku nyarios:

Mugia Alloh ngaberkahan ka anjeun, Abu Sulaiman (Khalid). Naon nu dipimilik ku anjeun ayeuna jauh leuwih alus batan nu dipimilik nalika hirup, lantaran anjeun ayeuna aya di sisi Alloh. Anjeun dipikahormat wanci hirup, sarta tengtrem wanci maot.[122]

—Umar bin Khattab

Karir militer Khalid bin Walid[édit | édit sumber]

Year Battle Description
23 Maret 625 Perang Uhud Khalid bin Walid minangka hiji panglima Mekkah ngéléhkeun pasukan Muslim nu dipingpin ku Nabi. Rea urang-urang Muslim nu perlaya, malahan Kanjeng Nabi nyalira tatu parna.
629 Perang Mu'tah Hiji pasukan leutik Muslimin nyanghareupan hiji pasukan gabungan nu gedé nu dieusi ku unsur-unsur ti Kakaisaran Byzantine jeung gabungan Arab Karésten. Perang ngabalukarkeun maotna tilu panglima Muslim sarta pasukan Muslim geus ampir-ampiran kasoran. Khalid nyokot komando pasukan Muslim sarta malikkeun kaayaan nu tadina pijadieun banjir getih jadi panglumpatan stratégis. Di abad katilu H (816 M – 913 M) sajarawan Muslim nyatakeun yén Nabi masihan landian ka Khalid ku sebutan ‘Saefulloh’ nu hartina “Pedang Alloh”.[123]
April 633 Perang Salasil Khalid bin Walid ngéléhkeun hiji pasukan Pérsia dina perang munggaranna ngalawan Kakaésaran Pérsia
Méi 633 Perang Walaja Khalid bin Walid sacara mutlak ngéléhkeun pasukan Kakaésaran Pérsia nu rohaka maké manuper tingkeran ganda
Méi 633 Perang Ullais Khalid bin Walid sacara mutlak ngéléhkeun hiji pasukan gedé Kakaésaran Pérsia
Nopémber 633 Perang Zumail Khalid bin Walid sacara mutlak ngéléhkeun pasukan Pérsia, nalukkeun sabagéan gedé Mesopotamia (Irak) ti Kakaésaran Pérsia
Januari 634 Perang Firaz Khalid bin Walid sacara mutlak ngéléhkeun sajumlah gedé pasukan gabungan ti Kakaésaran Pérsia, Kakaésaran Byzantine jeung urang Arab Karésten, ngaréngsékeun panalukan Mesopotamia
Juni-Juli 634 Perang Basra Sajumlah leutik pasukan Muslim dipingpin ku Khalid bin Walid ningker kota Basra, sacara mutlak ngéléhkeun pasukan gedé Byzantine jeung Arab Karésten
Juli 634 Perang Ajnadain Perang langsung munggaran antara Arab Muslim pingpinan Khalid bin Walid ngalawan pasukan Byzantine nu leuwih gedé pingpinan Heraclius nu antukna mawa kana kameunangan mutlak pasukan Muslim
635 Perang Fahl Byzantine nu leuwih gedé pingpinan Heraclius, sarta ngarebut Palestina, Yordan jeung Syria kidul ti Kakaésaran Byzantine
Agustus 636 Perang Yarmuk Pasukan Muslim pingpinan Khalid bin Walid ngancurkeun pasukan Byzantine nu leuwih gedé dina pingpinan Heraclius jeung Konstantin III
637 Perang Jambatan Beusi Khalid bin Walid sacara mutlak ngéléhkeun sajumlah gédé pasukan Byzantine pingpinan Heraclius dina perang pamungkas ngalawan Kakaésaran Byzantine, nalukkeun Syria kalér jeung Turki
637 Perang Hazir Khalid bin Walid ngéléhkeun garisun Qinnasrin pingpinan Meenas di Hazim Syria, nyapu beresih pasukan Byzantine.

Paninggalan[édit | édit sumber]

Militer[édit | édit sumber]

map detailing sites of khalid's campaigns
Peta ngajéntrékeun tempat-tempat kampanye militer Khalid bin Walid.

Khalid dicaritakeun salila karir militérna geus tempur kurang leuwih saratus perang, boh éta perang utama atawa perang leuleutikan ka asup ogé duél saurang lawan saurang. Alatan can pernah kaéléhkeun, dirina disebut ku sawatara jalma minangka salah sahiji jenderal militér pangpunjulna dina sajarah.[2]

Sajaba ti arsiték dina lolobana doktrin-doktrin militér Muslim,[124] Khalid ogé minangka pangrintis ampir kabéh taktik utama Muslim nu dipaké mangsa awal-awal pamekaran Islam. Salah sahiji beubeunangan utama Khalid dina kontéks ieu nyaéta ngamangfaatkeun kamampuan individu prajurit Arab Bedouin pikeun skala nu leuwih gedé. Dirina dipercaya geus mekarkeun kana unit réguler nu disebut Mubarizun (“jawara’), nu sok ngajak tarung patutunggalan ka perwira musuh. Maranéhna téh jago-jago pedang nu bener-bener kalatih jeung mahér nu dimangfaatkeun sacara éféktif ku Khalid pikeun ngababad perwira-perwira musuh saloba-lobana, ngabalukarkeun hanteman psikologis kana moral musuh. Perang Ajnadain mingkin mangrupa conto pangmérénahna keur ieu wanda perang psikologis. Katambah deui, beubeunangan panggedéna téh ngolah doktrin taktis Arab kana hiji sistem stratégis.[124] Méméh Khalid, urang-urang Arab dasarna mah ngan tukang nyerbu jeung tukang tarung campuh. Khalid ngarobah taktik-taktik tarung campuh éta kana naon nu bisa digunakeun di mana waé. Ku kituna dirina bakal narungan musuhna semet ka maot, dirina bakal mawa pasukanna ka hareupeun musuh sarta nunggu sangkan perang gedé ngaleutikan jadi perang-perang laleutik antara unit-unit leutik. Tuluy sanggeus méakkeun tanaga unit-unit musuh, dirina bakal ngabelesatkeun kavalerina ti sisi kénca katuhu musuh nerapkeun taktik Palu jeung Talenan.[125]

Lolobana stratégi Khalid marenahna dina panerapan metode-metode ékstrim. Disebutkeun yén dirina leuwih nekenkeun kana ngancurkeun pasukan musuh daripada ngahontal kameunangan ku ngéléhkeun wungkul. Contona panerapan manuper pangepungan ganda ngalawan pasukan Pérsia nu sacara jumlah leuwih réa dina Perang Walaja,[126] sarta manuperna dina Perang Yarmuk di mana dirina nyata-nyata ngajiret pasukan Byzantine di antara tilu jurang nu lungkawing ku cara rerencepan ngarebut hiji-hijina rute pangbalikan maranéhna, hiji jambatan di satukangeunna.

Khalid ngamangfaatkeun kanyahona nu leuwih hadé ngeunaan keureutan-keureutan bumi ku sagala cara pikeun meunangkeun kaunggulan stratégis tibatan musuhna. Wanci keur kampanye Pérsia, dirina awal-awalna mah can pernah asup ka jero téritori Pérsia sarta salawasna ngajaga sangkan di  satukangeun pasukan Arab teu weléh aya gurun, sangkan gampang lamun saupamana kudu mundur.[127] Kakara sanggeus sakabéh pasukan kuat Pérsia jeung pasukan gabungan sekutuna diancurkeun, dirina abus ka jero nepi ka wilayah Eufrats jeung ngarebut puseur kota regional Irak, al Hira. Sakali deui dina Perang Yarmuk, kondisi daratanna jadi pitulung pikeun dirina dina ngajalankeun stratégi gedé keur ngancurkeun Byzantine.

Ditilik tina pagerakanna, pasukan Khalid teu aya bandinganna kajaba ti gorombolan Mongolia di abad 13.[128] Kanyataanna, taktik gurun Arab jeung tegal jukutna Mongolia kalah kumaha gé sarua. Sakabéh pasukan Khalid naraék onta pas eukeur baris, sedeng urang-urang Mongol maraké kuda, ngan bédana nyaéta urang-urang Arab mah teu maké pamanah-pamanah.[129] Manuper nu paling umum nu digunakeunna nyaéta serangan kilat, siga serangan malam ti tilu sisi nu béda ka kémah-kémah Pérsia di Zumail, Muzaiyah jeung Saniy. Pasukan kilatna geus hasil nga-manuper dina aréa 100 km, sacara kilat ngancurkeun pakémahan urang-urang Pérsia jeung sakutu Arabna. Perang Marojal Daibaz teu jadi pangacualian, di mana sakali deui pasukan kilatna gumerak ngurilingan pasukan Byzantine, kaluar ti opat arah jeung muka sababaraha singhareupan dina sakali waktu, hiji manuper nu engkéna di abad 13 jadi salah sahiji prinsip manuper pasukan Mongol.[130]

Sajarawan Waqidi nuliskeun sabada Perang Marojal Daibaz, Kaisar Heraclius ngirim hiji utusan keur ménta Khalid sangkan mulangkan anak awéwéna. Si utusan mikeun surat Kaésar ka Khalid nu unina kieu:[131]

'Kuring geus nyaho naon nu dipilampah ku anjeun ka pasukan kuring. Anjeun geus nelasan minantu kuring kalayan nawan anak kuring. Anjeun geus meunang jeung indit kalayan aman. Ayeuna kuring meredih anak kuring. Pulangkeun ku cara ditebus atawa bikeun minangka hadiah, sabab kuring apal lamun kamulyaan téh hiji unsur nu kuat dina karakter anjeun.’

Khalid nyarita ka si utusan:

Bawa minangka hadiah, teu perlu tebusan.

Si utusan mawa balik si putrina Heraclius, jeung mulang ka Antiokh.[perlu cutatan]

Manuper pasukan Muslim (beureum) ngalawan konvoi Byzantine (biru) dina Perang Marojal Daibaz

Hiji conto tina kamampuan manuper stratégis Khalid nyaéta waktu maju ka Syria Romawi.[132] Kaésar Herclius geus ngirimkeun sakabéh pasukan garisunna ka Syria, liwat Ajnadain, pikeun nahan pasukan Muslim di wilayah perbatasan Syria Arab. Rute paling mungkin ti unggal bantuan Muslim diharepkeun ngaliwatan jalan Syria Arab nu geus maneuh ti kidul, tapi Khalid nu harita keur di Irak, maké rute nu paling teu disangka-sangka: ngabandaleut nembus gurun Syria nu taya caian, pikeun ngagétkeun pasukan Byzantine. Dirina mucunghul ti wétaneun Syria. Panggih jeung pasukan Byzantine nu teu dijagaan, Khalid sacara kilat ngarebut sababaraha kota, nyata-nyata motong motong jalur komunikasi pasukan Byzantine di Ajnadain jeung patinggina di Emesa, di mana Kaésar Heraclius netep.[133]

Kavaleri kilat khusus Khalid, punggawa gerak cepet, lumaku minangka inti tina kavaleri Muslim wanci nyerang ka Syria. Dieusi ku soldadu-soldadu kadidik jeung kahot, mayoritas nu asup kana bawahan Khalid nalika kampanye Arabia jeung Pérsia.[134] Pasukan kavaleri Muslim mangrupa pasukan kavaleri nu énténg nu disanjataan ku lance nu panjangna 5 meter. Maranéhna bisa narajang dina kacepétan nu luar biasa sarta biasana nerapkeun taktik umum Kar wa far nu sacara harfiah ngandung harti “cokot-tinggalkeun”, atawa dina istilah modérnna : “hit and run”. Maranéhna bakal narajang ti sisi kénca katuhu sarta ti satukangeun, kamampuan usikna ieu ngajadikeun maranéhna bener-bener éféktif ngalawan kavaleri Byzantine nu maké baju zirah beurat jeung pasukan cataphracts Sassanid[125] (pasukan nu maké baju zirah pinuh saawak-awak). Panarajang kénca katuhu Khalid nu kasohor dina poé akhir Perang Yarmuk jadi bukti kumaha hadéna dirina surti kana poténsi jeung kakuatan pasukan panunggangna.

Soldadu Arab maké zirah nu jauh leuwih énténg batan soldadu Romawi jeung Pérsia harita. Hal ieu nyababkeun maranéhna rawan dina bitotama perang leutik sarta rawan tembakan misil ti pasukan panah musuh. Kukituna, Khalid teu kungsi nieun kasalahan dina perang jeung teu wéléh ngandeulkeun laporan intelején ti mata-mata nu diséwa ti pangeusi lokal ku bayaran bébas. Sajarawan Pérsia, al Tabari nyarita:

Manéhna (Khalid) can pernah kasaréan, ogé moal ngantep nu séjénna pikeun saré; taya naon-naon nu bisa disumputkeun ti manéhna.[135]

—Al-Tabari, Sajarah Nabi-Nabi jeung Raja-Raja

Pulitik[édit | édit sumber]

Khalid ogé kungsi jadi Gupernur Militér di Irak di taun 632-633 jeung Gupernur Chalcis, barak militér paling stratégis di Syria Kalér. Sanajan can pernah aktif sacara pulitik, numutkeun rumor cenah kamashuranna geus ngalugaykeun Umar, nu tuluy ngaluarkeun dirina tina katentaraan. Najan kitu, dieureunkeunna Khalid ku Umar téh gegedéna mah dialatankeun ku kayakinan populasi Muslim yén Khalid teu bisa kagantikeun ku sasaha. Pikeun ngabébaskeun tina ieu kayakinan, Umar ngeureunkeun Khalid, nu ku hal éta, Khalid gé panuju.[116]

Umar kacaturkeun tuluyna ngarasa kaduhung ku kaputusanna.[136] Sanggeus munggah haji taun 642, Umar geus mutuskeun pikeun nunjuk deui Khalid asup kana layanan militér, sigana pikeun mingpin panalukan Pérsia nu sakeudeung deui bakal dimimitian. Tapi takdir mutuskeun lain, satepina ka Madinah, béja maotna Khalid nepi ka dirina.[137] Béja maotna Khalid sumebar siga angin topan di Madinah. Para wanita turun ka jalan, dipingpin ku wanita-wanita ti Bani Makhzum (sukuna Khalid), ceurik balilihan bari neunggeulan dadana. Sanajan Umar saméméhna geus méré paréntah sangkan entong nyeungceurikan urang Islam nu mulih ka jati mulang ka asal, sakumaha dilarang ku agama, dina kasus ieu mah Umar nieun pangacualian. Umar nyarita:

Keun baé awéwé-awéwé urang Bani Makhzum nyarita sakahayangna ngeunaan Abu Sulaiman (Khalid), lantaran éta téh lain bohong, pikeun jalma nu siga Abu Sulaiman, nu rék ceurik pék waé ceurik.[138]

—Khalifah Umar

Kacatetkeun ogé yén hiji mangsa Umar keur ngariung saparakanca, salah saurang nyebutken ngaran Khalid, Umar dibéjakeun nyarita: “Demi Alloh, manéhna téh taméng Islam ngalawan musuh-musuh, haténa bersih tina sagala rupa iri dengki.” Numutkeun sababaraha narasi, wanci Umar rék tilar dunya, dirina nyebutkeun ngaran-ngaran jalma nu bakal ditunjuk jadi gaganti Khalifah lamun mah aya dikieuna kénéh, jeung di antara ngaran-ngaran éta kasebutkeun ngaran Khalid.[139]

Agama Islam[édit | édit sumber]

Sunni[édit | édit sumber]

Khalid téh hiji sahabat, hiji fakta nu ngajadikeun dirina figur nu dipikahormat pisan di antara Muslim Sunni. Numutkeun hadis sohéh, dirina dilandi ku “hiji pedang di antara pedang-pedang Alloh” ku Kanjeung Nabi waktos anjeuna nuju ngagambarkeun Perang Mu’tah.[140][141][142]

Syiah[édit | édit sumber]

Umat Syiah teu ngahargaan Kholid, lantaraan maranéhna yakin yén dirina ngabantu Abu Bakar dina neken parojong-parojong Imam Ali, nu numutkeun maranéhna, geus dipilih ku Nabi minangka panggentosna.[143] Khalid nelasan Malik bin Nuwaiyah sarta mibojo pamajikanna nu ditinggal, Laila binti Minhal.[144] Syiah ogé ngeritik sacara tajem gara-gara ngalawan Rasul jeung Ali, contona dina perang Uhud.[145] Saperti disebutkeun dina Sahih Bukhori, Khalid dikirm ku Kanjeung Nabi pikeun urusan jeung urang suku Jadhima Arab. Di dinya Kholid merangan maranéhna sarta nandasa sakabéh tawanan, nu ngalantarankeun protés jeung teu kapanujuan ti umat Muslim séjénna.[146][147]

Budaya populer[édit | édit sumber]

  • Dina seri Umar, hiji tontonan TV ngeunaan taun-taun munggaran agama Islam, karakter Khalid bin Walid diperankeun ku aktor Syria Mehyar Khaddour. Karakter Khalid minangka hiji karaktek utama dina tontonan éta.
  • Taun 1976 film Amérika, The Message, dina vérsi Inggris Khalid diperankeun ku Michael Forest, dina vérsi Arab ku Mahmood Said.
  • Taun 2006-2007 serial drama télévisi Syria Khalid bin Walid, karakter utama Khalid diperankeun ku Bassem Yakhour.
  • Taun 1958 film Mesir Khalid bin Al Walid, karakter Khalid diperankeun ku Hossein Sedki.
  • Réputasi Khalid salaku jenderal nu teges ngalantarankeun dirina kabaud minangka “Great General” dina kaulinan vidéo Civilization V jeung Warlords Expansion ogé dina Civilization IV, nu ngalibatkeun jalma-jalma historis asli dina permaénanna.

Pagawean-pagawean militer jeung sipil[édit | édit sumber]

  • Tank Utama Tentara Pakistan, Al Khalid, maké ngaran Khalid bin Walid
  • Kapal selam Agosta 90B Angkatan Laut Pakistan, PNS/M Khalid (S137)
  • Frigate Angkatan Laut Bangladesh, BNS Khalid Ibni Walid maké ngaran dirina.
  • Kazi Nazrul Islam, nulis hiji puisi popular judulna “Khaled” wanci manéhna keur katarajang malaria, nunjukkeun rasa hormatna ka Khalid jeung kasedihan ku dijajahna batur salemburna.
  • Pasukan nu dikirim ku Angkatan Bersenjata Pakistan dina Operasi Badai Gurun Perang Teluk dingaranan “Kelompok Brigade Baju Beusi Bébas Khalid bin Walid”. Sanggeus teu aktif tuluy tugas di Arab Saudi.
  • UEA ngaranan jeung jalan jeung statsiun kota maké ngaran dirina.[148]

Kulawarga[édit | édit sumber]

Walid kabéjakeun boga sababaraha bojo jeung réa anak ti bojo-bojona éta. Ngan ngaran-ngaran nu di handap ieu nu kacatet dina sajarah:

Anak-anak Walid nyaéta: (dulur-dulur Khalid)

Sabarahiji jumlah anak Khalid bin Walid teu kanyahoan kabéhna, tapi ngaran ti tilu putra jeung hiji putrina kasebutkeun dina sajarah saperti di handap ieu:

  • Sulaiman bin Khalid
  • Abdulrehman bin Khalid
  • Muhajir bin Khalid.[149]

Sulaiman, Khalid's eldest son, was killed during the Muslim conquest of Egypt,[149] although other sources claim he was slain during the Muslim siege of Diyarbakir in 639.[150] Muhajir bin Khalid died in the Battle of Siffin while fighting from Caliph Ali's side and Abdulreman ibn Khalid remained Governor of Emesa during the time of third Caliph Uthman ibn Affan and participated in the Battle of Siffin as one of the generals of Muawiyah I, he was also the part of Umayyad army that besieged Constantinople in 664. Abdulreman ibn Khalid was later to be appointed the successor of Caliph Muawiyah but according to some narrations, he was poisoned by Muawiyah,[149] because Muawiyah wanted to make his son Yazid I to be his successor. The male line of descent from Khalid is believed to have ended with his grandson, Khalid bin Abdur-Rahman bin Khalid.[149]

Sulaiman, anak sulung Khalid, gugur nalika pasukan Muslim nyerang ka Mesir,[149] tapi sumber séjén ngakukeun yang dirina perlaya mangsa pasukan Muslim ningker Diyarbakir di taun 639.[150] Muhajir bin Khalid gugur dina Perang Siffin nalika keur tempur di sisi Khalifah Ali. Sedeng Abdurrahman bin Khalid jadi Gupernur Emesa mangsa pamaréntahan khalifah katilu, Usman bin Affan, sarta ngilu aub dina Perang Siffin minangka salah sahiji jenderal Muawiyah I. Dirina gé minangka bagéan tina pasukan Umayyah nu ngepung Konstantinopel tahun 664. Abdurrahman bin Khalid diancokeun keur ngaganti Khalifah Muawiyah, tapi numutkeun sawatara narasi, dirina diracun ku Muawiayah,[149] lantaran Muawiyah niat ngajadikeun budakna Yazid I jadi panggantina. Garis turunan lalaki ti Khalid dipercaya ngan nepi ka incuna, Khalid bin Abdurrahman bin Khalid.[149]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Citakan:Wikipedia books

Notes[édit | édit sumber]

  1. a b c Khalid ibn al-Walid, Encyclopædia Britannica. Retrieved. 17 October 2006.
  2. a b Akram 2004, p. 499
  3. Alkhateeb, Firas (2017). Lost Islamic History: Reclaiming Muslim Civilisation from the Past. Oxford University Press. p. 43. ISBN 9781849046893. 
  4. Nicolle 1994, p. 19
  5. Akram 2004, p. 2
  6. Muhammad ibn Saad, Tabaqat vol. 8. Translated by Bewley, A. (1995). The Women of Madina pp. 195-196. London: Ta-Ha Publishers.
  7. a b c Akram 2004, p. 3
  8. Akram 2004, p. 5
  9. Akram 2004, p. 4
  10. Akram 2004, p. 9
  11. Akram 2004, p. 14
  12. Weston 2008, p. 41
  13. Akram 2004, p. 70
  14. Al-Waqidi 8th century, p. 321
  15. Walton 2003, p. 208
  16. Ghadanfar, Mahmood Ahmad (2001). The Commanders of Muslim Army. Darussalam Publishers. p. 31. 
  17. Nicolle 2009, p. 22
  18. Akram 2004, p. 80
  19. Akram 2004, p. 90
  20. Al-Waqidi 8th century, p. 322
  21. Ibn Hisham 9th century, p. 382
  22. Ghadanfar, Mahmood Ahmad (2001). The Commanders of Muslim Army. Darussalam Publishers. p. 42. 
  23. Akram 2004, p. 128
  24. Akram 2004, p. 135
  25. "List of Battles of Muhammad". Military.hawarey.org. 2005-10-28. Diarsipkan dari versi asli tanggal 11 June 2011. Diakses tanggal 2011-08-28. 
  26. a b The sealed nectar, By S.R. Al-Mubarakpuri, Pg256. Books.google.co.uk. January 2002. Diakses tanggal 2011-08-28. 
  27. a b ""He sent Khalid bin Al-Waleed in Ramadan 8 A.H", Witness-Pioneer.com". Witness-pioneer.org. 2002-09-16. Diarsipkan dari versi asli tanggal 27 September 2011. Diakses tanggal 2011-08-28. 
  28. The life of Mahomet and history of Islam, Volume 4, By Sir William Muir, Pg 135 See bottom, Notes section
  29. The life of Mahomet and history of Islam, Volume 4, By Sir William Muir, Pg 135. Books.google.co.uk. 1861. Diakses tanggal 2011-08-28. 
  30. Ibn Ishaq, Sirat Rasul Allah (Life of Muhammad), trans. Guillaume, Oxford 1955, pp. 561–562
  31. al-Tabari, Victory of Islam, trans. Fishbein, Albany 1997, pp. 188 ff.
  32. In the Footsteps of the Prophet:Lessons from the Life of Muhammad, By Tariq Ramadan Page 179 [1]
  33. Tafsir Ibn Kathir all 10 volumes By IslamKotob Page
  34. The Meaning And Explanation Of The Glorious Qur’an (Vol 2) 2nd Edition By Muhammad Saed Abdul-Rahman Page 241 [2]
  35. a b Abu Khalil, Shawqi (1 March 2004). Atlas of the Prophet's biography: places, nations, landmarks. Dar-us-Salam. p. 239. ISBN 978-9960-897-71-4. 
  36. a b Abū Khalīl, Shawqī (2003). Atlas of the Quran. Dar-us-Salam. p. 244. ISBN 978-9960-897-54-7. 
  37. a b Rahman al-Mubarakpuri, Saifur (2005), The Sealed Nectar, Darussalam Publications, p. 277 
  38. Muir, William (10 August 2003). Life of Mahomet. Kessinger Publishing Co. p. 458. ISBN 978-0-7661-7741-3.  A full online version of it is available here [3]
  39. Muir, William (10 August 2003). Life of Mahomet. Kessinger Publishing Co. p. 458. ISBN 978-0-7661-7741-3. 
  40. a b Nicolle 2009, p. 25
  41. Akram 2004, p. 167
  42. Walton 2003, p. 17
  43. Akram 2004, p. 178
  44. Al-Tabari 915, pp. 501–502
  45. Al-Tabari 915, p. 496
  46. Al-Tabari 915, p. 502
  47. Tabari: Vol. 2, Page no: 5
  48. (A Restatement of the History of Islam and Muslims, Ali Razwy, Chapter 55)
  49. Akram 2004, p. 183
  50. Muhammad Khalid, Khalid (2004). Men Aroud The Messenger. Islamic Book Service. p. 125. 
  51. Akram 2004, p. 188
  52. Morony 2005, p. 223
  53. History of the World, Volume IV [Book XII. The Mohammedan Ascendency], page 463, by John Clark Ridpath, LL.D. 1910.
  54. a b c Morony 2005, p. 224
  55. Morony 2005, p. 233
  56. Morony 2005, p. 192
  57. Jaques 2007, p. 18
  58. Akram 2004, p. 215
  59. Akram 2004, p. 217
  60. Morony 2005, p. 225
  61. Morony 2005, p. 230
  62. Morony 2005, p. 149
  63. a b Allenby 2003, p. 68
  64. Gil 1997, p. 40
  65. a b c d e Gil 1997, p. 43
  66. Akram 2004, p. 267
  67. Gil 1997, p. 41
  68. Akram 2004, p. 270
  69. Jaques 2007, p. 155
  70. Jaques 2007, p. 20
  71. Nicolle 1994, p. 58
  72. Jaques 2007, p. 636
  73. Nicolle 1994, p. 57
  74. a b Walton 2003, p. 28
  75. Nicolle 1994, p. 59
  76. a b c Allenby 2003, p. 70
  77. Al-Waqidi 8th century, p. 62
  78. Akram 2004, p. 305
  79. Nicolle 1994, p. 52
  80. a b Allenby 2003, p. 71
  81. Akram 2004, p. 319
  82. Akram 2004, p. 323
  83. Allenby 2003, p. 72
  84. Akram 2004, p. 338
  85. Akram 2004, p. 345
  86. Akram 2004, p. 389
  87. Gil 1997, p. 45
  88. Weston 2008, p. 50
  89. Nicolle 1994, p. 63
  90. Walton 2003, p. 29
  91. Walton 2003, p. 30
  92. Akram 2004, p. 496
  93. Gil 1997, p. 51
  94. Gil 1997, p. 53
  95. Jaques 2007, p. 491
  96. Nicolle 1994, p. 84
  97. Akram 2004, p. 429
  98. Jaques 2007, p. 28
  99. Akram 2004, p. 445
  100. Haykal 1990, p. 145
  101. Akram 2004, p. 448
  102. Akram 2004, p. 451
  103. Haykal 1990, p. 144
  104. Akram 2004, p. 453
  105. Haykal 1990, p. 146
  106. Haykal 1990, pp. 146–47
  107. Haykal 1990, p. 147
  108. Haykal 1990, p. 152
  109. Weston 2008, p. 43
  110. Gil 1997, p. 49
  111. Akram 2004, p. 481
  112. Weston 2008, p. 45
  113. Akram 2004, p. 482
  114. Gil 1997, p. 50
  115. Akram 2004, p. 487
  116. a b Akram 2004, p. 488
  117. Akram 2004, p. 493
  118. Akram 2004, p. 501
  119. Akram 2004, p. 494
  120. Ibn Qutaybah 9th century, p. 267
  121. Akram 2004, p. 303
  122. Muhammad Khalid, Khalid (2004). Men Aroud The Messenger. Islamic Book Service. p. 128. 
  123. Powers, David S. (2009). Muhammad Is Not the Father of Any of Your Men: The Making of the Last Prophet. University of Pennsylvania Press. 
  124. a b Pratt 2000, p. 82
  125. a b Pratt 2000, p. 83
  126. Akram 2004, p. 230
  127. Nicolle 2009, p. 8
  128. Walton 2003, p. 19
  129. Harkavy 2001, p. 166
  130. Malik 1968, p. 39
  131. Akram, c. 30, p. 17.
  132. Malik 1968, p. 87
  133. Malik 1968, p. 89
  134. Malik 1968, p. 90
  135. Malik 1968, p. 118
  136. Haykal 1990, p. 155
  137. Haykal 1990, p. 156
  138. Al-Tabari 915, p. 614
  139. Haykal 1990, p. 319
  140. Bukhari: Military Expeditions led by Mohammed (Al-Maghaazi), which states "Narrated Anas: The Prophet had informed the people of the martyrdom of Zaid, Ja'far and Ibn Rawaha before the news of their death reached. The Prophet said, "Zaid took the flag (as the commander of the army) and was martyred, then Ja'far took it and was martyred, and then Ibn Rawaha took it and was martyred." At that time the Prophet's eyes were shedding tears. He added, "Then the flag was taken by a Sword amongst the Swords of Allah (i.e. Khalid) and Allah made them (i.e. the Muslims) victorious."
  141. Piercing the Fog of War: Recognizing Change on the Battlefield: Lessons from Military History, 216 BC Through Today, by Brian L. Steed, p.144
  142. Badass, by Ben Thompson, p.87
  143. Al-Tabari 915, pp. 186–87
  144. Chapter Two – The incident of Khalid killing Sahabi Malik bin Nuwayrah (ra) and committing Zina with his widowCitakan:Unreliable source?
  145. Khalid bin Walid; Portrait of a War CriminalCitakan:Unreliable source?
  146. Sahih al-Bukhari Book 89 Hadith 299
  147. Sahih al-Bukhari Book 59 Hadith 628
  148. https://www.khaleejtimes.com/article/20121113/ARTICLE/311139871/1002
  149. a b c d e f g Akram 2004, p. 497
  150. a b Ring and Salkin, 1996, p.193.

Bibliograpi[édit | édit sumber]

Sumber-sumber utama[édit | édit sumber]

Sumber-sumber sekunder[édit | édit sumber]

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]