Lompat ke isi

Kigelia africana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kigelia africana
Daun Kigelia africana di Kebon Raya Cibodas, Cianjur
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Kigelia africana
Ngaran binomial
Kigelia africana

Kigelia africana atawa tangkal sosis nyaéta tutuwuhan asal Afrika nu tumuwuh di daérah iklim tropis. Tutuwuhan ieu dipikawanoh minangka spésiés nu gancang tumuwuh, kalayan waktos pikeun ngahontal umur déwasa sakitar 4–5 taun. Tutuwuhan ieu mekarkeun kembang beureum peuting-peuting sarta ngahasilkeun buah kai panjang nu khas, mirip sosis gedé nu ngagantung tina tajugna. Tangkal ieu kacida dihargaan jeung boga nilai budaya anu penting pikeun masarakat di Afrika.[1][2]

Ciri-ciri

[édit | édit sumber]

Tangkal sosis bisa tumuwuh nepi ka jangkungna 18–21 meter (60–70 kaki) kalayan tajug nu ngabentuk payung, sarupa jeung tangkal trembesi. Kulit batangna boga warna coklat jeung ketebalan sakitar 6 mm. Daunna panjangna sakitar 20 cm, mibanda tulang daun nyirip nu diwangun ku 6–10 helai dina hiji bonggol, sarta boga susunan duduk daun nu silih padeukeut.[2]

Kembang tangkal sosis tumuwuh ngagantung tina dahan, ngabentuk malai kalayan rupa-rupa warna ti oranye nepi ka beureum marun atawa bungur. Lebar kembangna sakitar 10 cm. Buahna mirip sosis kalayan warna coklat kaabu-abuan, panjangna antara 30–100 cm, lebamna nepi ka 18 cm, sarta beuratna sakitar 5–10 kg. Buah ieu ngagantung dina tangkal sarta mibanda cangkang pelindung nu warnana coklat kaemasan. Daging buahna loba serat jeung dieusi ku loba siki.[2]

Habitat jeung panyebaran

[édit | édit sumber]

Tangkal sosis tumuwuh sacara optimal di iklim tropis. Hal ieu disababkeun ku sifatna nu evergreen atawa salawasna hejo sapanjang taun, sahingga peryogi habitat nu mibanda hujan terus-terusan.Di habitat aslina, tangkal ieu bisa kapanggih di leuweung kabuka jeung tempat-tempat nu lembap, saperti sisi walungan nu mibanda taneuh aluvial. Salian ti éta, tangkal ieu ogé bisa tumuwuh di ékosistem sabana. Mimitina, tangkal sosis sumebar di Afrika Kidul, teras melebar ka Malawi, Mosambik, Zimbabwe, Eswatini, Angola, Botswana, jeung Zambia.[2]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Di Afrika Kidul, nu jadi habitat aslina, tangkal sosis jadi sumber kadaharan pikeun rupa-rupa sato liar, kayaning jarapah, antelop, gajah, babi leuweung, kuda nil, nepi ka primata. Sedengkeun pikeun masarakat satempat, buah tangkal sosis dipaké salaku ubar tradisional. Salian ti éta, buah tangkal sosis ogé mibanda poténsi pikeun dimangpaatkeun dina industri kosmétik jeung farmasi modérn. Hal ieu lantaran buah ieu ngandung senyawa saperti flavonoid, coumarin, naphthoquinone, jeung iridoid.[3]

Salian ti éta, tutuwuhan ieu ogé bisa dimangpaatkeun salaku ubar, di antarana pikeun ngubaran panyakit malaria, antibaktéri jeung antijamur, antiinflamasi jeung analgesik, bahan dasar sabun, sarta bahan kosmétik.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "NParks | Kigelia africana". www.nparks.gov.sg. Diaksés tanggal 2025-02-15.
  2. a b c d LindungiHutan, Magang Alam. "Pohon Sosis: Tak Hanya Buahnya Yang Unik, Manfaatnya Juga Tak Main-Main" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-02-15.
  3. a b A, Fauzan; M, Ghozali; T.R, Saputra; H.K, Muchtari; M.R.M, Mofa (2020). "Pemisahan Bahan Aktif dalam Buah Sosis (Kigelia africana) dengan Metode Ekstraksi Padat-Cair (Leaching)". Fluida. ; ;