Lompat ke isi

Kiswah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kiswah (ᮊᮤᮞ᮪ᮝᮂ)

Kiswah, kaén sutra hideung anu nyimbutan Ka'bah.
Ngaran Arab كسوة الكعبة (Kiswat al-Ka'bah)
Bahan Utama Sutra murni & benang emas/pérak
Warna Utama Hideung
Pabrik Kompleks Raja Abdulaziz, Mekah

Kiswah (basa Arab: كسوة الكعبة, Kiswat al-Ka'bah) nyaéta kaén panutup Ka'bah anu dijieun tina sutra hideung sarta dipapaésan ku kaligrafi ayat-ayat Al-Qur'an tina sulaman bola emas sarta pérak. Kiswah diganti sataun sakali unggal tanggal 9 Dzulhijjah (nalika jamaah haji nuju Wukuf di Arafah), sanajan ayeuna aya kawijakan anyar anu ngaganti dina tanggal 1 Muharram.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Tradisi nyimbutan Ka'bah parantos aya ti jaman sateuacan Islam.[2] Nurutkeun riwayat, jalma munggaran anu nyimbutan Ka'bah nyaéta Raja Tubba' ti Yaman.[3] Saatos Islam sumping, Nabi Muhammad saw. sarta para Khalifah neraskeun ieu tradisi ku ngagunakeun rupa-rupa jenis kaén sarta warna, dugi ka tungtungna warna hideung janten warna standar saprak jaman Bani Abbas.[4]

Bahan sarta Proses Ngadamel

[édit | édit sumber]

Kiswah dijieun ku ratusan tanaga ahli di Kompleks Raja Abdulaziz pikeun Kiswah Ka'bah di Mekah. Sababaraha fakta ngeunaan bahanna:

  • Sutra: Ngagunakeun sakitar 670 kg sutra murni anu diimpor ti Italia.
  • Emas sarta Pérak: Ngagunakeun sakitar 120 kg benang emas sarta 100 kg benang pérak pikeun nyulam kaligrafi.[5][6]
  • Ukuran: Luas totalna sakitar 658 méter pasagi, anu diwangun ku 47 potongan kaén anu dijahit jadi hiji.[3][6]

Bagian-bagian Kiswah

[édit | édit sumber]

Salian ti bagian utama anu hideung, aya sababaraha bagian husus:

  • Hizam: Beubeur kaligrafi anu ngurilingan bagian luhur Ka'bah.[6]
  • Burqu' (Sitara): Tirai panto Ka'bah anu miboga hiasan paling rumit sarta méwah.
  • Samadiyat: Kaligrafi anu perenahna di juru-juru Ka'bah.[6]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Zuhairi Misrawi, Ka'bah: Rahasia Kiblat Dunia, (Jakarta: Kompas, 2009), kaca 171. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.
  2. Syeikh Muhammad Muzhiruddin, Sejarah Mekkah, (via Archive.org), kaca 53. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.
  3. 1 2 H. Aboebakar, Sedjarah Kabah dan Manasik Hadji dina *Kumpulan Kisah Biographi Sejarah Dalam Islam*, (via Archive.org), kaca 30. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.
  4. Iwan Guntur dkk., Haji dan Umrah: Sebuah Perjalanan Spiritual, (Jakarta: PT Elex Media Komputindo, 2021), kaca 48. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.
  5. Amirulloh Syarbini, 13 Misteri Di Kota Mekkah, (Jakarta: Quanta, 2013), kaca 55. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.
  6. 1 2 3 4 "Kaligrafi Kiswah", dina Indun (via Archive.org), kaca 74. URL Digital, diaksés 3 Pébruari 2026.