Lompat ke isi

Kokoplak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kokoplak nyaéta salah sahiji situs cagar budaya di Kota Banjar, Jawa Barat, anu patali jeung sajarah Perang Pataruman dina naskah Kidung Lakbok taun 1956.

Dina Kidung Lakbok

[édit | édit sumber]

Dina pupuh 5-7 Kidung Lakbok disebatkeun:

"Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen"

Ieu nunjukkeun yén Kokoplak mangrupikeun salah sahiji medan perang antara Ratu Inggeung Buana jeung Ratu Agung Tambakbaja.[1]

Situs Cagar Budaya Embah Dalem Adipati Tambakbaya

[édit | édit sumber]

Situs ieu sacara resmi dingaranan Situs Cagar Budaya Embah Dalem Adipati Tambakbaya, tapi leuwih dikenal ku masarakat salaku Situs Kokoplak.[2]

Lokasina aya di Dusun Pananjung, Kelurahan Sinartanjung/Desa Mulyasari, Kacamatan Pataruman, Kota Banjar, lega ±1 héktare.[3] Situs ieu perenahna teu jauh ti Sungai Citanduy.[4]

Numutkeun sumber lokal, situs ieu patali jeung makam Raden Adipati Singaperbangsa II alias Dalem Tambakbaya, tokoh abad ka-17 anu dipikawanoh salaku pelopor pertanian tambak di kawasan Liunggunung.[2] Situs ieu kerap dikunjungi peziarah ti luar daerah pikeun menta berkah usaha sareng jabatan.[5]

Kuncen jeung Tradisi Lisan

[édit | édit sumber]

Dina Juni 2020, kuncen situs nyaéta Bapa Siram (80 taun), warga Dusun Pananjung Barat, Desa Sinar Tanjung.[6] Numutkeun anjeunna, kecap "Galuh" hartina uluh, weruh sedurung winara, atawa dina basa Arab ma'rifat.[6] Konon, wilayah Kokoplak duluna mangrupa wilayah anu dipimpin ku Adipati Tambak Baya.[6]

Rehabilitasi jeung Fungsi Ayeuna

[édit | édit sumber]

Dina Désémber 2021, Pamaréntah Désa Sinar Tanjung ngarencanakeun rehabilitasi sareng perbaikan jalan di lingkungan situs.[3] Situs Kokoplak ogé tos dipaké salaku sumber belajar sejarah lokal ku SMKN 2 Banjar.[7]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Prawiraatmadja, M. Karso. Kidung Lakbok. 1956. Hlm. 5-6.
  2. 1 2 Irfansyah Riza. "Situs Cagar Budaya Kokoplak Banjar Butuh Perhatian dan Sentuhan Pemerintah". Fokus Jabar, 3 Februari 2025.
  3. 1 2 Swara. "Cagar Budaya Situs Kokoplak Akan di Rehabilitasi Pemdes Sinar Tanjung Kota Banjar Jabar". Swarajabbarnews.com, 15 Desember 2021.[tumbu nonaktif]
  4. D. Iwan. "Dua Pemburu Biawak di Kawasan Keramat Kokoplak Banjar Tenggelam Saat Menyeberangi Sungai Citanduy". Kabar Priangan, 19 Januari 2023.[tumbu nonaktif]
  5. Eva Latifah. "Aroma Kemenyan di Situs Kokoplak Banjar". Harapan Rakyat, 25 Januari 2018.
  6. 1 2 3 Ngadimin. "Adipati Tambak Baya dan Asal-usul Nama Desa di Kota Banjar". Harapan Rakyat, 10 Juni 2020.
  7. Sholihah, Salma Rahmillah. "Pemanfaatan Situs Kokoplak Sebagai Sumber Belajar Sejarah". Skripsi, Universitas Galuh, 2024.