Kolam Renang Sangraja
Kolam Renang Sangraja mangrupa salah sahiji cagar budaya nu aya di Kecamatan Cigasong, Kabupatén Majaléngka. Kolam renang ieu geus aya ti taun 1819. Warga Majaléngka yakin yén ieu kolam renang téh mangrupa tempat pamandian anu munggaran tur pangkolotna di Majaléngka, nu diwangun dina jaman karajaan. Kolam renang Sangraja baheulana katelah ku ngaran Tamansari. Parobahan ngaran tina Tamansari ka Kolam renang Sangraja diberlakukeun dina taun 1912, tujuanna pikeun ngaabadikeun sajarah tempat, di mana kolam renang éta mangrupa tempat kaulinan pikeun turunan raja, sakaligus dina mangsa révitalisasi éta tempat.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Baheulana kolam renang Sangraja téh ngan dipaké ku kulawarga Tumenggung Natakaria. Fungsina minangka tempat hiburan para raja jeung bangsawan. Dina mangsa kolonial Walanda, kolam renang ieu jadi tempat hiburan para pajabat Walanda lantaran lokasina deukeut jeung Bendungan Walungan Cideres. Sanggeus Indonésia merdéka, kolam renang ieu dibuka pikeun masarakat umum. Dina taun 1911-1912, kolam renang jeung tugu nu aya di dinya diropéa ku bupati Majaléngka ka-7, nyaéta RAA Sasrabahu, kaasup ditambahan pager pikeun ngajaga ieu situs bersejarah. Saterusna dina taun 1922 dirénovasi deui ku Bupati Majaléngka ka-8, nyaéta Radén Mas Aria Adipati Suriatanudibrata.[2] Taun 2010, diwangun tambahan kolam renang, tuluy dipaké pikeun budidaya lauk anu ukuranana 15x25 méter sarta jerona kira-kira 2 méter.[3]
Fasilitas
[édit | édit sumber]Aya sababaraha fasilitas nu aya di dieu nyaéta:
- 3 kolam renang: 1 kolam utama jeung 2 kolam tambahan nu diwangun dina taun 1980-an.[4]
- Joglo tempat diuk.
- Panggung leutik.
- Kamar mandi.
Galéri
[édit | édit sumber]- Gambar:Kolam_renang_Sangraja_(4).jpgKondisi Kolam renang Sangraja taun 2025
- Gambar:Kolam_renang_Sangraja_(1).jpgKondisi Kolam renang Sangraja taun 2025
- Gambar:Kolam_renang_Sangraja_(3).jpgKondisi Kolam renang Sangraja taun 2025
- Gambar:Kolam_renang_Sangraja_(2).jpgKondisi Kolam renang Sangraja taun 2025
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Darmawan, Erick Disy. "Sejarah Kolam Renang Sang Raja, Hiburannya Para Menak Majalengka". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-20.
- ↑ Usman, Siti Nahdia. "Mengulik Sejarah Kolam Renang Sang Raja, Situs Bersejarah di Majalengka yang Kini Terbengkalai - Cirebon Jawapos". Mengulik Sejarah Kolam Renang Sang Raja, Situs Bersejarah di Majalengka yang Kini Terbengkalai - Cirebon Jawapos (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-20.
- ↑ "Kolam Renang Tertua di Majalengka Semula untuk Para Raja, Kini Kondisinya Perlu Direnovasi". TribunJabar Travel (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-20.[tumbu nonaktif]
- ↑ Ekspres, Pasundan. "Sang Raja Kolam Renang Bersejarah yang Terlupakan". Pasundan Ekspres (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-20.