Konjungsi (astronomi)

Konjungsi, atawa nu disebut ogé kasagarisan nyaéta hiji kajadian nalika dua banda langit boga jarak sudut nu sarua nol darajat lamun ditingali ti bumi.[1][2] Dina widang élmu astronomi, konjungsi kajadian lamun panonpoé jeung bulan aya dina hiji garis lempeng dina bidang ékliptika nu sarua. Dina waktu-waktu tangtu, kajadian ieu bisa nyababkeun samagaha panonpoé.
Lamun dua banda langit sok katingali deukeut jeung bidang ékliptika saperti dua planét, bulan jeung planét, atawa panonpoé jeung planét éta nunjukkeun yén duanana siga katingali deukeut lamun ditingali ti bumi. Aya ogé istilah séjén nu patali, nya éta appulse, nu hartina jarak pangdeukeutna antara dua banda langit lamun katingali di langit.[1]
Konjungsi biasana kajadian antara dua banda dina Surya Mandala, atawa antara hiji banda dina Surya Mandala jeung banda séjén nu leuwih jauh, saperti béntang. Kajadian konjungsi téh sabenerna ngan ukur fénoména nu katingali wungkul tina panempo urang, sabab dua banda éta sabenerna teu deukeut di rohangan. Konjungsi antara dua banda caang nu deukeut kana bidang ékliptika, saperti dua planét nu caang, bisa katingali langsung ku panon taranjang tanpa téléskop.
Simbol astronomi pikeun konjungsi nyaéta ☌ (Unicode U+260C). Tapi dina astronomi modéren, simbol ieu geus jarang dipaké, sarta ayeuna mah leuwih sering dipaké dina élmu astrologi.
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "The Astronomical Almanac Online -- Glossary". asa.hmnao.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-29. Archived 2013-06-15 di Wayback Machine
- ↑ Meeus, Jean. Astronomical Algorithms. Virginia.