Lompat ke isi

Kumakichi Harada

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kumakichi Harada (原田熊吉) (8 Agustus 1888 – 28 Méi 1947)[1] téh saurang perwira tentara Jepang.[2] Anjeunna lahir di Désa Doi, Kabupatén Uashi, Préféktur Ehime, sarta ogé kacatet asalna ti Désa Doi, Kabupatén Naka, Préféktur Kagawa.[3] Harada boga pamajikan jeung lima urang anak. Sanggeus réngsé sakola di SMA Marugame, Préféktur Kagawa, manéhna nuluykeun diajar ka akademi militér.[2]

Kumakichi Harada nepi ka meunang pangkat Létnan Jéndral sarta kasohor minangka salah sahiji Panglima Tentara Jepang. Dina mangsa pupusna, pangkat pamungkasna nyaéta Letnan Jéndral di Angkatan Darat ka-16 Jepang. Anjeunna kaasup lulusan Rikushi ka-22 jeung Rikudai ka-28.[2]

Karir militér Kumakichi Harada dimimitian taun 1910, nalika anjeunna ngagabung jeung kesatuan infantri ka-44 di Kochi, Jepang. Ku sabab kerja teuas jeung pangabdianna, dina taun 1937 anjeunna diangkat jadi kolonél angkatan darat di Shanghai, Tiongkok. Dina ahir taun 1927, Harada dikintun ka Tiongkok daratan minangka atase militér di kadutaan. Anjeunna deui meunang kalungguhan nu sarua di Nanjing salila sataun ti bulan Agustus 1931. Dina mangsa éta, anjeunna aktip merjuangkeun Perjangjian Gencatan Senjata Shanghai minangka anggota komite gabungan.

Sanggeus meletusna Perang Tiongkok–Jepang, Harada dipercaya jadi komandan Divisi ka-35 jeung Divisi ka-27 di Tiongkok daratan. Dina Januari 1939 (Showa ka-14), nurutkeun paménta Liang Hongzhi, anjeunna diangkat jadi Pupuhu Pangluhurna ogé jadi Panaséhat Pamaréntahan Restorasi Républik Tiongkok.[1] Sanggeus Jepang hasil ngarebut Indonésia tina Walanda ngaliwatan Perjangjian Linggarjati, dina bulan Nopémber 1942 Harada ngagantikeun Létnan Jéndral Hitoshi Imamura minangka Panglima Tentara ka-16 di Pulo Jawa. Ti dinya ngaranana mimiti kasohor minangka Letnan Jéndral Kumakichi Harada.

Kontribusi keur Indonésia

[édit | édit sumber]

Salila jaman pendudukan Jepang di Indonésia, Kumakichi Harada boga peran penting dina sababaraha hal. Anjeunna ilubiung dina ngawangun organisasi militér PETA (Pembela Tanah Air) taun 1943, tuluy dina 9 Januari 1944 ogé aya dina ngadegna Jawa Hokokai. Saterusna, dina 1 Maret 1945 anjeunna ogé kalibet dina ngawangun Dokuritsu Junbi Kōsakai nu ayeuna leuwih dipikawanoh minangka BPUPKI (Badan Panalungtik Usaha Persiapan Kamerdikaan Indonésia).

Dina bulan April 1945, kalungguhanana diganti ku Létnan Jéndral Nagano. Harada tuluy dipulangkeun ka Jepang sarta diangkat deui jadi Panglima Tentara di Kochi pikeun Angkatan Darat ka-55 Jepang. Tapi sanggeus Jepang éléh ngalawan Amérika Sarikat nu aya dina pihak Blok Sekutu dina Perang Pasipik, Harada dibawa ka Singapura pikeun diadili. Anjeunna dihukum pati ku cara digantung sabab dianggap salaku palaku kajahatan perang. Pamajikan jeung barudakna sempet nulis surat ka Jéndral MacArthur pikeun ménta keringanan hukuman, tapi henteu hasil. Tungtungna, dina taun 1947, Kumakichi Harada dihukum gantung di Changi, Singapura.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Kamus Umum Angkatan Darat Jepang.
  2. a b c "Ensiklopedia Komprehensif Angkatan Darat dan Angkatan Laut Jepang".
  3. Ikhtisar Personil Umum Angkatan Darat dan Angkatan Laut Army Hen.