Kumis ucing

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Orthosiphon aristatus
Orthosiphon aristatus
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
Divisi: Spermatophyta
Subdivisi: Angiospermae
(unranked): Eudicots
Kelas: Dicotyledonae
(unranked): Asterids
Order: Lamiales
Kulawarga: Lamiaceae
Génus: Orthosiphon
Spésiés: O. aristatus
Ngaran binomial
Orthosiphon aristatus
(Blume) Miq.

Kumis ucing atawa Orthosiphon aristatus kaasup tuwuhan ti kulawarga Lamiaceae/Labiatae.[1] Kumis ucing téh ngaran tutuwuhan anu kembangna siga kumis ucing. Ieu tutuwuhan téh tumuwuh ajeg, watangna pasagi, dina buku-bukuna aya akaran tapi teu siga akar nu dijero taneuh, tangkal kumis ucing téh jangkungna biasana nepi ka 2m.[2] Wangun daunna lonjong, tungtungna léncop, ukuranana ti 1 nepi ka 10 cm.[2] Makuta kembangna warna bungur ngora atawa bodas panjangna 13 – 27mm, di bagian luhur ditutupan ku bulu nu parondok warnana bungur atawa bodas.[2] Benang sari ukuranana leuwih panjang batan tabung kembang sarta ngaleuwihan biwir kembang bagian luhur.[2]
Kumis ucing rasana rada pait, asin, kesed, tur rada tiis.[3] Kumis ucing ngandung zat samak, minyak asiri, ortholiphonglikosida, minyak lemak, saponin, sapofonin, uyah kalium, jeung myoinositol.[3] Daun kumis ucing biasa dimangpaatkeun pikeun ubar rupa-rupa kasakit.[2] Di Indonésia daun anu garing dipaké minangka ubar pikeun ngalancarkeun kahampangan (diuretik) sedengkeun di India pikeun ubar reumatik.[2] Kumis ucing digunakeun ku masarakat minangka ubar tradisional pikeun batuk, nyeri cangkéng, asup angin sarta hésé ngising (sembelit).[2] Salian ti éta kumis ucing ogé biasana dimangpaatkeun pikeun ubar radang ginjal, wawatu, diabétés, albuminuria, sarta kasakit syphilis.[2][3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kumis ucing mangrupa tuwuhan ubar nu miboga watang baseuh jeung ajeg. Tuwuhan ieu miboga sababaraha ngaran saperti: kidney tea plants/java tea (Inggris), giri-giri marah (Sumatera), remujung (Jawa Tengah dan Jawa Wétan) jeung songot koneng (Madura). Tuwuhan kumis ucing asalna ti wilayah Afrika tropis, tuluy sumebar ka wilayah Asia jeung Australia.

Ngaran di sababaraha daerah di Indonesia[édit | édit sumber]

  • Kumis kucing (Melayu – Sumatra)
  • kumis ucing (Sunda)
  • remujung (Jawa)
  • se-salaseyan
  • songkot koceng (Madura).

Ciri-ciri[édit | édit sumber]

Kumis ucing miboga watang tegep, akaran dibagéan buku-bukuna jeung jangkungna nepi ka 2 meter.[4] Watangna segi opat aya buluan parondok atawa gundul.[4] Wangun daun na buleud atawa lonjong atawa buleud endog ti mimiti puhuna.[4] Ukuran daun panjangna 1 – 10 cm jeung lebarna 7.5 mm – 1.5 cm. urat daun sapanjang sisina buluan ipis atawa gundul, luhur daunna biasan téh totol-totol kusabab miboga loba kelenjar, panjang watang daun 7 – 29 cm. [4]Ciri khas tuwuhan ieu aya dibagéan kongkolak kembang, urat jeung puhu daunna pondok sarta buluan.[4] Biwir kembang, makuta nu sipatna terminal atawa puseur nyaéta mangrupa tandan nu kaluar ti tungtung cabang nu panjangna 7–29 cm, miboga ukuran panjang 13 – 27mm, di bagéan luhurna katutupan ku bulu pondok nu warnana bungur, nu tuluy jadi bodas, panjang watang 10 – 18mm, panjang biwir 4.5 – 10mm, lambaran kembangna léncop jeung buleud. Benang sari ukuranna leuwih pangjang ti watang kembang jeung ngaleuwihan biwir kembang bagéan luhur. Buah gelukna miboga warna coklat kolot, nu panjangna 1.75 – 2mm, gagangna pondok buluan jeung coréngcang, panjangna 1 mm nepi ka 6 mm.[4]

Sumebarna[édit | édit sumber]

Sumebarna kumis ucing nyaéta di [5]:

  • asia-Iklim subtropis
  1. Cina: Cina - Fujian, Guangxi, Hainan, Yunnan
  2. Asia Timur: Taiwan
  1. Indo-Cina: Kamboja; Laos; Myanmar; Thailand; Vietnam
  2. Malesia: Indonesia; Malaysia; Papua Nugini; Filipina
  • AUSTRALASIA: Australia: Australia - Queensland

Kagunaan sacara émpiris[édit | édit sumber]

Daun kumis ucing nu baseuh atawa garing digunakeun pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit. Di Indonesia daun nu garing dipaké keur ubar ngalancarkeun saluran kemih (diuretik), di India mah dipaké pikeun ngubaran rematik. Masarakat ngamangpaatkeun kumis ucing jadi ubar tradisional pikeun panyakit batuk, éncok, abus angin, jsb. Salian ti éta daun kumis ucing ogé miboga mangpaat pikeun ngubaran radang ginjal, batu ginjal, kencing manis, albuminuria, syphilis, reumatik jeung nurunkeun kadar glukosa dina getih.[4] Salian miboga sipat diuretik, kumis ucing ogé dipaké pikeun antibakteri.[4]

Tumuwuhna[édit | édit sumber]

Kumis ucing ijeu téh biasana tumuwuh di daérah nu:[4]

Iklim[édit | édit sumber]

  • 1) Curah hujan nu alus keur tumuwuhna kumis ucing nyaéta di daérah nu leuwih ti 3.000 mm/tahun.
  • 2) Di tempat nu kasorot ku panon poé.
  • 3) Kaayaan hawa nu alus pikeun tumuwuhan kumis ucing nyaéta di nu panas nepi ka sedeng.

Tempat Tuwuhna[édit | édit sumber]

  • 1) Tuwuhan ieu bisa tumuwuh di kebon nu miboga taneuh nu subur tur gembur.
  • 2) Taneuh Andosol jeung Latosol alus pisan pikeun budidaya kumis ucing.

Tempat tuwuh nu alus pikeun ieu tuwuhan, ditempat nu jangkungna 500 - 1.200 m dpl.

Hama jeung panyakit[édit | édit sumber]

Hama[édit | édit sumber]

Salila ieu acan aya hama nu bener-bener ngarusak tuwuhan ieu salian ti kutu daun jeung hileud daun.[4]

Panyakit[édit | édit sumber]

Panyakit nu biasana narajang kumis ucing, biasana diakibatkeun ku jamur upas (Upsia salmonicolor atawa Corticium salmonicolor). Jamur ieu ngakibatkun watang jeung dahan tuwuhan ieu teuas kawas kai.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. (en) Orthosiphon aristatus, Taxonomy
  2. a b c d e f g h Kumis kucing (id) (Diakses ping 30 Oktober 2011)
  3. a b c Hariana, Arief. 2008. Tumbuhan Obat dan Khasiatnya. Jakarta:Penebar Swadaya Hal. 65
  4. a b c d e f g h i j k Herawaty, Tety dan Ari Novianti. 2006. Kumis Kucing. Badan Pengawas Obat dan Makanan, Direktorat Obat Aasli Indonesia. Halaman 4-13
  5. (en) Orthosiphon aristatus (Blume) Miq