Lompat ke isi

Kuncup Kélék Daun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kuncup kélék (ditandaan warna konéng) pernahna dina sesela antara daun jeung watang tutuwuhan.

Kuncup kélék (atanapi kuncup aksilar / kuncup lateral) nyaéta kuncup émbrionik atawa organogénik nu aya dina kélék daun (pancatatan antara daun jeung watang). Unggal kuncup mibanda poténsi pikeun ngabentuk tunas anyar, sarta bisa husus pikeun ngahasilkeun tunas végétatif (watang jeung dahan) atawa tunas réproduktif (kembang). Sanggeus ngabentuk, kuncup bisa cicing dina kaayaan dorman pikeun sababaraha waktu, atawa bisa langsung ngembang ngabentuk tunas anyar. [1]

Gambaran umum

[édit | édit sumber]

Kuncup kélék nyaéta kuncup émbrionik nu cicing dina kaayaan dorman dina sesela antara watang jeung gagang daun (pétiole) hiji tutuwuhan.[2] Ieu kuncup mucunghul sacara éksogén tina lapisan luar kortéks watang.

Kuncup kélék moal ngembang jadi tunas nu tumuwuh aktif dina tutuwuhan nu mibanda dominansi apikal nu kuat (kecenderungan pikeun ngan ukur nuwuhkeun kuncup terminal dina watang utama). Dominansi apikal kajadian sabab méristém apikal pucuk ngahasilkeun auksin nu nahan tumuwuhna kuncup kélék.

Kuncup kélék bakal mimiti ngembang nalika kakeunaan leuwih saeutik auksin, misalna lamun tutuwuhan sacara alami mibanda dominansi apikal nu leutik, lamun dominansi apikal diputuskeun ku cara neukteuk kuncup terminal, atawa lamun kuncup terminal geus tumuwuh cukup jauh nepi ka pangaruh auksinna ngurangan.[3] Salah sahiji conto kuncup kélék nyaéta "panon" dina beubeutian kentang.

Pangaruh auksin

[édit | édit sumber]

Sarengna tumuwuh méristém apikal jeung ngabentukna daun-daun anyar, wilayah sél-sél méristématik katinggaleun di daérah buku (node) antara watang jeung daun. Kuncup kélék ieu biasana aya dina kaayaan dorman lantaran ditahan ku auksin nu dihasilkeun ku méristém apikal—kajadian nu dikenal salaku dominansi apikal.

Lamun méristém apikal dipiceun atawa geus tumuwuh leuwih jauh tina kuncup kélék, éta kuncup kélék bisa aktif deui (bébas tina hambatan hormon). Siga méristém apikal, kuncup kélék bisa ngembang jadi watang atawa kembang.

Kasakit nu mangaruhan kuncup kélék

[édit | édit sumber]

Kasakit tutuwuhan tangtu—terutama nu disababkeun ku fitoplasma (phytoplasmas)—bisa ngawujudkeun proliferasi dina kuncup kélék, nepi ka ngajadikeun tutuwuhan katingali rimbun pisan kawas rungkun (bushy).

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. ↑ Samiyarsih, Siti; Suwandi, Harsini; Sumarsono; Iriawati; Suradinata, Tatang; Wardini, Trimurti Hesti (2025). STBI4102 – Struktur dan Perkembangan Tumbuhan (Édisi 1). Tangerang Selatan: Universitas Terbuka. ISBN 9786342492895.
  2. ↑ Bell, Adrian D.; Bryan, Alan (2008). Plant Form: An Illustrated Guide to Flowering Plant Morphology. Timber Press. hlm. 18. ISBN 978-0-88192-850-1.
  3. ↑ Berg, Linda (2007). Introductory Botany: Plants, People, and the Environment, Media Edition. Cengage Learning. hlm. 238. ISBN 978-0-534-46669-5.