Kutai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kerajaan Kutai Martadipura
350[1]–1605
Ibu kota Muara Kaman
Basa Bahasa Melayu (dialek Kutai)
Agama Hindu
Pamaréntahan Monarki
Maharaja
 - 350-375 Kudungga
 - 400-446 Mulawarman Nala Dewa
 - 1534-1605 Derma Setiya
Sajarah
 - Diadegkeun 350[1]
 - Jadi Kasultanan
 - Pindah ka Kesultanan Kutai Kartanegara 1605
Ayeuna bagian ti Bandéra Indonésia Indonesia

Karajaan Kutai atawa Kutai Martadipura nyaéta karajaan Hindu di Nusantara anu mibanda bukti sajarah pangkolotna.[2] Ngadeg mangsa abad ka-4. Karajaan ieu perenahna di Muara Kaman - Mahakam, Kalimantan Wétan .[3] Ngaran Kutai nyoko kana tempat kapanggihna prasasti anu nunjukkeun éksisténsi karajaan éta.[3] euweuh prasasti anu sacara jelas nyebutkeun ngaran karajaan ieu.[3][4]


Sumber Sajarah[édit | édit sumber]

Kapanggih tujuh yupa dina wangun tugu batu dina sabudeureun wewengkon tilas Karajaan Kutai.[3] Aksara anu dipaké nyaéta aksara Pallawa kalawan maké basa Sansekerta.[3] Salasihiji yupa silsilah raja-raja Kutai anu disebutkeun yén raja pangagungna nyaéta raja Mulawarman kalawan eusi prasasti saperti ieu di handap:[3]

Prasasti Yupa anu eusina ngeunaan Mulawarman
"śrīmatah śrī-narendrasya;
kuṇḍuṅgasya mahātmanaḥ;
putro śvavarmmo vikhyātah;
vaṅśakarttā yathāṅśumān;
tasya putrā mahātmānaḥ;
trayas traya ivāgnayaḥ;
teṣān trayāṇām pravaraḥ;
tapo-bala-damānvitaḥ;
śrī mūlavarmmā rājendro;
yaṣṭvā bahusuvarṇnakam;
tasya yajñasya yūpo ‘yam;
dvijendrais samprakalpitaḥ."[2]

Anu bisa ditarjamahkeun kana basa Indonésia saperti ieu di handap:[3]

"Sang Maharaja Kudungga yang amat mulia, mempunyai putra mahsyur, Sang Aswawarman namanya, yang seperti Ansuman (dewa matahari) menumbuhkan keluarga yang sangat mulia. Sang Aswawarman mempunyai putra tiga, seperti Api (yang suci) tiga. Yang terkemuka dari ketiga putra ialah Sang Mulawarman raja yang berperadaban baik, kuat, dan kuasa. Sang Mulawarman telah mengadakan kenduri (selamatan) emas amat banyak. Buat peringatan kenduri itulah tugu batu didirikan oleh para brahmana."

Kahirupan Masarakat[édit | édit sumber]

Kahirupan Agama[édit | édit sumber]

Dumasar kana silsilah, geus bisa dipancegkeun yén Kudungga teu acan ngagem Hindu jeung masih mertahankeun budaya asli Indonésia.[3] Mangsa Aswawarman, anjeunna geus mikawanoh ka ajaran Hindu, bisa ditempo tina ngarana.[3] anjeunna disebut salaku Wamsakarta atawa pangadeg kulawarga raja. Budaya Hindu dipimeunang tina pangaruh India ngaliwatan paniagaan.[3] Di jaman Aswawarman, mikawanoh upacara Vraryastoma, nyaéta ngabersihkeun diri sangkan meunang kasta anu diayakeun unggal aya urang Indonésia anu asup agama Hindu.[3] Pentingna pangaruh brahmana di Kutai nunjukkeun dominasi pangaruh agama Syiwa anu katempo dina upacara kurban.[3]

Ditilik tina eusi prasasti anu nyebutkeun yén:[2]

Sansekerta Sunda
srimato nrpamukhyasya'rajnah sri-mulawarmmanah'

danam punyatame ksetre yad dattam vaprakesvare dvijatibhyo' gnikalpebhyah. vinsatir ggosahasrikam tansya punyasya yupo 'yam krto viprair ihagataih.

Sang Mulawarman, raja nu mulia jeung 'kasohor, geus mere sidekah 20.000

sapi ka para brahmana anu saperti sapi, (nu tempatna) dina jero tanah anu suci (ngaranna) Waprakeswara. Pikeun (pangeling-eling) kana kahadean budi sang raja eta, tugu ieu geus dijieun ku para Brahmana anu datang ka tempat ieu.

Kahirupan Ékonomi jeung Sosial[édit | édit sumber]

Kaayaan ékonomi jeung sosial ti karajaan Kutai teu dituliskeun dina tujuh yupa.[3] Nilik kana kaayaan géografisna sarta lobana sesembahan bisa disebut yén karajaan ieu cukup.[3] Dirojong ku letak karajaan anu aya di sisi walungan bisa dipancegkeun mangsa harita kaayaan paniagaan jeung kahirupan basisir kacida rongkahna.[3]

Silsilah Raja Kutai[édit | édit sumber]

  1. Maharaja Kudungga, gelar anumerta Dewawarman
  2. Maharaja Aswawarman
  3. Maharaja Mulawarman
  4. Maharaja Marawijaya Warman
  5. Maharaja Gajayana Warman
  6. Maharaja Tungga Warman
  7. Maharaja Jayanaga Warman
  8. Maharaja Nalasinga Warman
  9. Maharaja Nala Parana Tungga
  10. Maharaja Gadingga Warman Dewa
  11. Maharaja Indra Warman Dewa
  12. Maharaja Sangga Warman Dewa
  13. Maharaja Candrawarman
  14. Maharaja Sri Langka Dewa
  15. Maharaja Guna Parana Dewa
  16. Maharaja Wijaya Warman
  17. Maharaja Sri Aji Dewa
  18. Maharaja Mulia Putera
  19. Maharaja Nala Pandita
  20. Maharaja Indra Paruta Dewa
  21. Maharaja Dharma Setia[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Krisna Bayu Aji; Sri Wintala Achmad (2014). Ensiklopedia Raja-Raja Nusantara: Menyingkap Tuntas Riwayat Hidup Raja-Raja Nusantara. Indonesia: Araska. ISBN 9786023000005. 
  2. a b c d Krisna Bayu Aji, Sri Wintala Achmad (2014). Ensiklopedia Raja-Raja Nusantara: Menyingkap Tuntas Riwayat Hidup Raja-Raja Nusantara. Indonesia: Araska. ISBN 9786023000005.
  3. a b c d e f g h i j k l m n o Wardaya. 2009. Cakrawala Sejarah. Indonesia:PT Widya Duta Grafika.
  4. Suwarno, Suwarno; P.J. (1993), Pancasila budaya bangsa Indonesia: penelitian Pancasila dengan pendekatan, historis, filosofis & sosio-yuridis kenegaraan, Jakarta: Kanisius, p. 17, ISBN 9789794139677