Lais

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Pintonan Seni Lais

Lais nyaéta kasenian anu mintonkeun kamonésan.[1] Ari kamonésanana deukeut-deukeut kana akrobat.[1] Ieu kasenian téh mangrupa salah sahiji pintonan rakyat di Jawa Barat anu mirip acrobat.[2] Pintonan anu aya di masarakat Sunda tradisional tara leupas tina kapercayaan masarakat di sabudeureunana, yén akrobatik anu dipintonkeun ku pamaén-pamaén lais téh dipercaya aya bantuan mahluk goib.[3] Kasenian ieu téh geus kasohor di luar Jawa Barat saperti Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung Sumatra.[2] Salah sahiji grup kasenian lais anu masih kénéh aya nyaéta di Désa Sayang, Kacamatan Cibatu, Garut.[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kasenian Lais dicokot tina ngaran salah saurang anu kacida jago dina naék tangkal kalapa, katelah ngarana Laisan, anu sapopoéna disebut Pak Lais.[2] Kasenian Lais mangrupa kasenian tradisional anu mintonkeun ka parigelan pamaénna.[2] Kasenian ieu jiga akrobat anu sok ditampilkeun dina acara sirkus.[2] Cara Pak Lais naék tangkal kalapa téh béda ku nu sok dawam dilakukeun ilaharna jelema naék tatangkalan, manéhna cukup sakali térékél geus bisa ngala kalapa dina sababaraha tangkal.[4] Lila kalilaan kasenian Lais téh jadi hiji pintonan anu matak ngahibur, ku sabab sakur jelema nu lalajo bisa dijieun deg-degan ku lantaran pamaén lais mintonkeun gerakan anu mangpaurkeun.[4] Sabada dipikawanoh ku masarakat, éta kasenian sok diondang keur hiburan.[4] Lais geus kawentar ti jaman Penjajah Walanda.[2] Perenahna téh di Kampung Nangka Pait, Kacamatan Sukawening.[2] Upamana dina hajatan nyunatan atawa kawinan.[4] Malah antukna mah lais téh henteu ngan kakoncara di Garut wungkul, tapi nyebar ka wewengkon-wewengkon séjénna.[1] Sasakali mah dipaénkeun dina acara kagiatan-kagiatan di luar éta saperti acara-acara kanagaraan.[4]

Pintonan[édit | édit sumber]

atraksi Lais ku budak leutik

Dina prak-prakanana pintonan Lais téh nyadiakeun dua leunjeur awi gombong diceuceubkeun dina taneuh tuluy masangkeun tali tambang dina unggal juru awi. Tali tambang téh ditalikeun kana dua juru awi anu geus di tancebkeun, tuluy tatabeuhan dipaénkeun nandakeun éta pintonan téh rék dimimitian.[5] Tukang lais gugulawingan dina tali nu ditalikeun kana dua tangkal awi.[3] Awi nu dipaké biasana awi bitung nu badag atawa gombong. Dina mintonkeun Lais biasana diadumaniskeun jeung seni kawedukan (jiga debus) ogé aya bodorna.[4] Nalika pintonan rék dimimitian, dukun (pawang) lais téh tatahar pikeun ngayakeun upacara, nyaéta nataharkeun sasajén. Bari dipirig ku tatabeuhan, mimiti menyan téh dibeuleum bari macakeun mantra-mantra.[3] Upacara ieu téh miboga tujuan nyaéta sangkan pamaén lais dibéré kakuatan, lincah jeung parigel tur salamet salila lumangsungna pintonan.[4] Baju anu dipaké ku pamaén téh baju awéwé nyaéta kabaya.[4] Pintonana téh biasana sapoé atawa satengah poé, gumantung ka nu ngondangna.[4] Waditra anu dipaké pikeun ngirig nu ngalais téh nyaéta kendang penca, dogdog jeung calung.[3] Pamaén lais téh di antarana lalaki 6 urang, nyaéta hiji pamaén laisna, hiji pawang (dukun), sésana para nayaga.[4] Pintonan lais biasana di tempat anu terbuka saperti alun-alun atawa lapangan anu legana antara 10-15 méter antara tihang awi hiji ka awi nu hiji deui.[4] Pintonan ieu lain bagian tina upacara jadi bisa di tanggap iraha waé. Pamaén lais téh biasana turun tumurun.[4] Saméméh naék ka luhur awi, nu ngalais téh ngobrol heula jeung dukun anu sacara teu langsung ditujukeun kanu ningali.[3] Paguneman na téh saperti kieu:[4]
Pawang : “Rek ka mana, Nu Geulis?”
Si Lais : “Apan rek ulin.”
Pawang : “Nyandak naon?”
Si Lais : “Ieu payung bisi panas jeung duwegan bisi halabhab.”
Pawang : “Pek atuh geura amengan.”

Bari ngigel deui, nu ngalais téh ngadeukeutan awi sanggeus kitu tuluy naék éta awi lir monyét tétérékélan.[4] Nalika nu ngalais keur gugulayunan dina tambang, éta tatabeuhan beuki lila beuki tarik sorana.[4] Sanggeus kitu nu ngalais téh rereuh sakeudeung dina awi.[4] Tuluy dukun (pawang) téh nanya deui, saperti kieu pagunemana :[4]

Pawang : “Hey, Geulis, keur naon?”
Si Lais : “Apan ieu keur senang-senang!”
Pawang : “Cing, Geulis, ngojay kawas bangkong.”
Si Lais : “Mangga,”

Tuluy éta nu ngalais téh meraktékkeun gaya bangkong nu keur ngojay.

Si Lais : “Aduh cape jeung hanaang.”

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Seni Tradisional Lais (Dicutat tanggal 13 November 2011)
  2. a b c d e f g h Darpan, Suhardiman Budi.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti kaca 107.
  3. a b c d e [Rostiyati, Ani dkk.(2004).Potensi Wisata Di Daerah Pameungpeuk Kabupaten Garut.Bandung: Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung Proyek Pemanfaatan Kebudayaan Daerah Jawa Barat.) (kaca 36)
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q Wisata Budaya Kesenian Lais (Dicutat tanggal 13 November 2011)
  5. Tetap Bertahan, Seni Lais Terancam Punah !!